View
264
Download
17
Category
Preview:
Citation preview
37
BAB IV
ADEGAN KALIMAH KEDALING AMBEK
DINA KUMPULAN NASKAH DRAMA SUNDA JEBLOG
PIKEUN BAHAN PANGAJARAN GUNEMAN DI SMA
Dina ieu bab didéskripsikeun sababaraha hal anu patali jeung adegan
kalimah kedaling ambek anu ditalungtik tina (1) pilihan kecap, (2) wujudiah, (3)
papasingan, (4) adegan kalimah jeung (5) bahan ajar kalimah kedaling ambek dina
drama pikeun bahan pangajaran guneman di SMA.
4.1 Data Kalimah Kedaling Ambek dina Kumpulan Naskah Drama Sunda
Jebog
Tina panalungtikan adegan kalimah kedaling ambek dina naskah drama
Sunda Jeblog, data anu dihasilkeun aya kana 365 kalimah kedaling ambek.
Sangkan leuwih jéntré, ieu di handap diébrhkeun sababaraha contona.
001. Abdi ogé teu sieun sanaos kedah dibérok! (R/139/4)
002. Abong aing jalma sangsara! (B/89/24)
003. Abong biwir teu diwengku siah! (B/87/11)
004. Aéh-aéh, naha ari bareng ngabaso ka asup nyéléwér kitu? (B/54/15)
005. Aing apal kana kasatiaan pamajikan sorangan! (A/13/9)
006. Aing aya di dieu lain kahayang! (A/33/26)
007. Aing ayeuna rék males pati! (D/174/24)
008. Aing geus teu butuh ku itungan waktu! (A/33/36)
38
009. Aing geus teu butuh ku sora-sora nu geus taya gunana! (A/33/36)
010. Aing kapaksa! (A/33/32)
011. Aing keur ngidam! (R/100/4)
012. Aing mah can sugema saméméh nyiksa ieu ungkluk! (R/100/23)
013. Aing mah éling ti baheula ogé! (R/98/23)
014. Aing mah henteu ngabohong Ulis! (B/89/16)
015. Aing mah rék ngajar deuleu, lain rék liwar! (B/53/11)
016. Aing rék balitungan! (D/174/24)
017. Aing rék mandi heula. (B/72/17)
018. Aing ukur hayang panggih jeung jalma nu dipikanyaah ku aing. (A/33/36)
019. Akang nu téga salingkuh jeung randa eusleum! (R/98/24)
020. Aki… leupaskeun panangan abdi! (R/101/25)
4.2 Pilihan Kecap Kedaling Ambek
Pilihan kecap anu dipaké ku urang Sunda ngawengku basa lemes, basa
loma jeung basa kasar. Dumasar kana hasil analisis data, kapanggih aya dua
pilihan kecap anu dipaké dina ngedalkeun ambek nyaéta (1) basa kasar jeung (2)
basa lemes.
4.2.1 Kedaling Ambek Basa Kasar
Basa kasar nyaéta ragam basa anu dipaké dina situasi ambek, atawa
dilarapkeun ka sato. Dumasar kana hasil analisis data, kapanggih aya 361 kalimah
39
kedaling ambek (98,90%) anu ngagunakeun pilihan kecap basa kasar. Sangkan
leuwih jéntré bisa diilikan conto dina data ieu di handap.
No Kode Kalimah Kedaling Ambek
1 (311) Tah Si Kuwu, siga nu enya haat mangnyieunkeun imah ka aing,
padahal keur nutupan kawirang, ngarah rusiahna ku aing teu
diuar-uar. (B/89/33)
2 (046) Boa ngahaja silaing mah ngarah déwék ka serang setruk? (B/62/20)
3 (226) Na teu meunang mun aing ceuceub ka jalma nu geus ngahina
kolot aing sorangan? (A/33/32)
4 (270) Pantes wé, najan Si Kuwu totomplokan gé, da ngarasa
kahutangan budi ku aing. (B/70/13)
5 (303) Silaing téh kudu bisa milah-milah, mana nu kudu di tulis, mana
nu entong. (B/63/7)
4.2.2 Pilihan Kecap Kedaling Ambek Basa Lemes
Basa lemes nyaéta ragam basa anu umumna dipaké nyarita ka saluhureun
atawa kanu can wawuh. Tina hasil analisis data, kedaling ambek anu maké pilihan
kecap basa lemes, ngan aya 4 kalimah (1,09%). Kalimah kedaling ambek nu maké
basa lemes ditétélakeun ieu di handap.
No Kode Kalimah kedaling ambek
1 (001) Abdi ogé teu sieun sanaos kedah dibérok! (R/139/4)
2 (020) Aki… leupaskeun panangan abdi! (R/101/25)
3 (290) Sakali deui kantunkeun abdi nyalira, Ki! (R/103/9)
4 (291) Sakali henteu, salawasna heunteu…(R/103/2)
40
4.3 Wujudiah Kalimah Kedaling Ambek
Wujudiah kalimah kedaling ambek disawang tina unsur-unsur kalimah
dibagi jadi tilu rupa nyaéta (1) kecap, (2) frasa, jeung (3) kalimah Dumasar kana
hasil analisis data, ieu tilu wujud kalimah kedaling ambek kapanggih tiluanana.
4.3.1 Kalimah Kedaling Ambek Wangun Kecap
Kalimah kedaling ambek wangun kecap nyaéta kalimah kedaling ambek
anu disusun ku hiji kecap. Dumasar kana hasil analisis data kapanggih 34 kalimah
kedaling ambek wangun kecap (9,32 %). Sangkan leuwih jéntré ieu di handap
diébréhkeun sababaraha kalimahna..
No Kode Kalimah Kedaling ambek 1 (022) Alus, alus….! (R/97/18) 2 (037) Bangsat! (B/55/23/6) 4 (054) Cicinglah! (E/216/2/1) 5 (082) Duruk….! (R/138/18)
4.3.2 Kalimah Kedaling Ambek wangun Frasa
Kalimah kedaling ambek wangun frasa nyaéta kalimah kedaling ambek
anu diwangun ku dua kecap atawa leuwih anu henteu prédikatif, sarta nyicingan
hiji fungsi dina kalimah atawa runtuyan kecap. Dumasar kana hasil analisis data,
kapanggih 30 kalimah kedaling ambek (8,23%). Sangkan leuwih jéntré ieu di
handap diébréhkeun sababaraha kalimahna.
No Kode Kalimah Kedaling ambek 1 (094) Euh aing mah! (D/165/31) 2 (135) Indung manéh? (A/45/14) 3 (259) Nu waras! (A/29/18)
41
4.3.3 Kalimah Kedaling Ambek Wangun Kalimah
Kalimah kedaling ambek wangun kalimah nyaéta kedaling ambek anu
diwangun ku runtuyan kalimah nu mangrupa klausa. Dumasar kana hasil analisis
data kapanggih 301 kalimah kedaling ambek wangun kalimah (82,47%). Sangkan
leuwih jéntré ieu di handap diébréhkeun contona.
No Kode Kalimah Kedaling ambek 1 001 Abdi ogé teu sieun sanaos kedah dibérok! (R/139/4) 2 005 Aing apal kana kasatiaan pamajikan sorangan! (A/13/9) 3 006 Aing aya di dieu lain kahayang! (A/33/26) 4 007 Aing ayeuna rék males pati! (A/174/24) 5 008 Aing geus teu butuh ku itungan waktu! (A/33/36)
4.4 Papasingan Kalimah Kedaling Ambek
Kalimah kedaling ambek bisa dipapasing-pasing dumasar kana lengkep-
henteuna kausa pangwangunna. Tina hasil analisis data, kapanggih dua wangun
kalimah dina ieu panalungtikan nyaéta (1) kalimah sampurna jeung (2) kalimah
teu sampurna.
4.4.1 Kalimah Sampurna
Kalimah sampurna nyaéta kalimah anu sakurang-kurangna diwangun ku
hiji jejer jeung hiji caritaan. Kalimah sampurna anu ka panggih tina hasil analisis
data aya 127 kalimah kedaling ambek (34,79%). Kalimah sampurna dibagi jadi
dua nyaéta (1) kalimah sampurna susunan baku (normal) jeung (2) kalimah
sampurna susunan balik (invénsi).
42
4.4.1.1 Kalimah Sampurna Susuna Baku (Normal)
Kalimah sampurna susunan baku anu kapanggih, jumlahna leuwih loba
ti batan kalimah susunan balik. Jumlah kalimah sampurna susunan baku dina
kalimah kedaling ambek aya kana 114 kalimah kedaling ambek (31,23%). Ieu di
handap aya sababaraha kalimahna.
No Kode Kalimah Kedaling Ambek
1 (017) Aki… leupaskeun panangan abdi! (R/101/25)
2 (016) Aing rék balitungan! (D/174/24)
3 (020) Aing rék mandi heula. (B/72/17)
4.4.1.2 Kalimah Sampurna Susunan Balik (Invési)
Kalimah sampurna susunan balik nu kapanggih tina analisis kalimah
kedaling ambek aya kana 13 kalimah kedaling ambek (3,56%). Sangkan leuwih
jéntré ieu di handap aya sababaraha kalimahna.
No Kode Kalimah kedaling ambek
1 (079) Dituturkeun ku aing mah! (B/53/9)
2 (166) Kumaha ieu téh? (D/163/28)
4.5.1 Kalimah teu Sampurna
Kalimah teu sampurna atawa disebut ogé kalimah minor nyaéta kalimah
anu diwangun ku kecap, frasa, atawa klausa kauger. Kalimah teu sampurna anu
43
kapanggih tina hasil analisis data ngawéngku 238 kalimah kedaling ambek
(65,21%). Sangkan leuwih jéntré ilikan sababaraha kalimah ieu di handap.
No Kode Kalimah kedaling ambek
1 022 Alus, alus….! (R/97/18)
2 055 Cicing! (R/111/21)
3 082 Duruk….! (R/138/18)
4.5 Adegan Kedaling Ambek
Adegan kalimah kedaling ambek mangrupa susunan gumulungna unsur-
unsur fungsional anu ngawangun kalimah kedaling ambek. Adegan kalimah anu
kapanggih tina analisis data didasarkeun kana analisis adegan kalimah kedaling
ambek ditilik tina lengkep henteuna klausa, nyaéta (1) adegan kalimah sampurna
jeung (2) adegan kalimah teu sampurna.
4.5.1 Adegan Kalimah Sampurna
Kalimah sampurna nyaéta kalimah anu disusun sakurang-kurangna ku
hiji jejer jeung caritaan. Kalimah sampurna dibagi dua nyaéta (1) kalimah
sampurna susunan baku (normal) jeung (2) kalimah susunan balik (invéris).
4.5.1.1 Adegan Kalimah Kedaling Ambek Sampurna Susunan Baku
Kalimah sampurna susunan baku (normal) nyaéta kalimah sampurna anu
jejerna miheulaan caritaan (J-C). Dumasar kana analisis data anu kalimah
44
sampurna susunan baku boga sababaraha pola. Pola-pola éta ditétélakeun ieu di
handap.
1) Pola Jejer-Caritaan
Ieu kalimah diwangun ku jejer jeung caritaan. Adeganna bisa
digambarkeun saperti kieu.
Pola di luhur bisa dibaca yén kalimah kedaling ambek sampurna susunan
baku diwangun ku kalimah dasar anu adeganana jejer jeung caritaan.
Dumasar kana hasil analisis data kapanggih 28 kalimah kedaling ambek
sampurna susunan baku (7,67%). Sangkan leuwih jéntré, ilikan sababaraha
kalimah ieu di handap.
No Kode Kalimah Kedaling Ambek
1 (010) Aing kapaksa! (A/33/32)
2 (011) Aing keur ngidam! (C/100/4)
3 (016) Aing rék balitungan! (D/174/24)
4 (017) Aing rék mandi heula. (B72/17)
5 (021) Aki-aki nurustunjung! (C/104/26)
Data séjénna ébréh dina nomer data: (060), (074), (075), (087), (092),
(093), (095), (108), (130), (167), (174), (189), (194),(196), (234), (235), (239),
(256), (261), (268), (297), (357), (362).
Kal SSB →→→→ J + C
45
2) Pola Jejer-Caritaan-Udagan
Ieu kalimah diwangun ku jejer, caritaan, jeung udagan. Adeganna bisa
digambarkeun saperti kieu.
Pola di luhur bisa dibaca yén kalimah kedaling ambek sampurna susunan
baku diwangun ku kalimah dasar anu adeganana jejer, caritaan, jeung udagan.
Dumasar kana hasil analisis data, kapanggih 16 kalimah kedaling ambek
sampurna susunan baku (4,38%). Sangkan leuwih jéntré, ilikan kalimah ieu di
handap.
No Kode Kalimah kedaling ambek
1 (014) Aing mah henteu ngabohong Ulis! (B/89/16)
2 (020) Aki… leupaskeun panangan abdi! (R/101/25)
3 (041) Anjiiiir sia manéh, wani-wani ka uing? (E/215/29)
Data séjénna ébréh dina nomer data: (024), (061), (085), (088), (107),
(131), (144), (170), (177), (193), (223), (310), jeung (363)
3) Pola Jejer-Caritaan-Katerangan
Ieu kalimah diwangun ku jejer, caritaan, jeung katerangan. Adeganna
bisa digambarkeun saperti kieu.
Kal SSB →→→→ J + C + K
Kal SSB →→→→ J + C + U
46
Pola di luhur bisa dibaca yén kalimah kedaling ambek sampurna susunan
baku diwangun ku kalimah dasar anu adeganana jejer, caritaan, jeung katerangan.
Dumasar kana hasil analisis data kapanggih 38 kalimah kedaling ambek
sampurna susunan baku (10,41%). Sangkan leuwih jéntré ditétélakeun sababaraha
kalimah ieu di handap.
No Kode Kalimah kedaling ambek
1 (001) Abdi ogé teu sieun sanaos kedah dibérok! (C/139/4)
2 (006) Aing aya di dieu lain kahayang! (A/33/26)
3 (013) Aing mah éling ti baheula ogé! (R/98/23)
Data séjénna ébréh dina nomer data: (005), (008), (009), (012), (015), (018),
(019), (025), (029), (030), (086), (127), (168), (169), (150), (152),(154), (155),
(156), (164), (190), (191), (195), (220), (272), (299), (302), (303), (311), (312),
(317), (355), (356), (358), jeung (359)
4) Pola Jejer-Caritaan-Caritaan
Ieu kalimah diwangun ku jejer, caritaan jeung caritaan. Adeganna bisa
digambarkeun saperti kieu.
Pola di luhur bisa dibaca yén kalimah kedaling ambek sampurna susunan
baku diwangun ku kalimah dasar anu adeganana jejer, caritaan, jeung caritaan.
Kal SSB →→→→ J + C - C
47
Dumasar kana hasil analisis data, kapanggih 1 kalimah kedaling ambek
sampurna susunan baku (0,27%). Sangkan leuwih jéntré ilikan sababaraha
kalimah ieu di handap.
No Kode Kalimah kedaling ambek
1 (047) Boa saréréa nganggap aing owah, nganggap aing sarua gélona. (B/89/25)
5) Pola Jejer-Caritaan-Udagan-Katerangan
Pola ieu kalimah diwangun ku jejer, caritaan, udagan, jeung katerangan.
Adeganna bisa digambarkeun saperti kieu.
Pola di luhur bisa dibaca yén kalimah kedaling ambek sampurna susunan
baku diwangun ku kalimah dasar anu adeganana jejer, caritaan, udagan, jeung
katerangan.
Dumasar kana hasil analisis data kapanggih 1 kalimah kedaling ambek
sampurna susunan baku (0,27%). Sangkan leuwih jéntré ilikan kalimah ieu di
handap.
No Kode Kalimah kedaling ambek
1 (192 ) Manéh kudu ngajawab sakur pananya di imah! (R/117/16)
Kal SSB→→→→ J + C + U + K
48
6) Pola Jejer-Katerangan-Caritaan
Ieu kalimah diwangun ku jejer, katerangan, jeung caritaan. Adeganna
bisa digambarkeun saperti ieu.
Pola di luhur bisa dibaca yén kalimah kedaling ambek sampurna susunan
baku diwangun ku kalimah dasar anu adeganana jejer, katerangan, jeung caritaan.
Dumasar kana hasil analisis data kapanggih 1 kalimah kedaling ambek
sampurna susunan baku (0,27%). Sangkan leuwih jéntré ditétélakeun sababaraha
kalimah ieu di handap.
No Kode Kalimah kedaling ambek
1 (007)
Aing ayeuna rék males pati! (D/174/24)
7) Pola Katerangan-Jejer-Caritaan
Ieu kalimah diwangun ku katerangan, jejer, jeung caritaan. Adeganna
bisa digambarkeun saperti kieu.
Pola di luhur bisa dibaca yén kalimah kedaling ambek sampurna susunan
baku diwangun ku kalimah dasar anu adeganana katerangan, jejer, jeung caritaan.
Kal SSB →→→→ K + J + C
Kal SSB →→→→ J+K+C
49
Dumasar kana hasil analisis data kapanggih 12 kalimah kedaling ambek
sampurna susunan baku (3,29%). Sangkan leuwih jéntré, ilikan sababaraha
kalimah ieu di handap.
No Kode Kalimah kedaling ambek
1 (023) Angger di urang mah, maén bal téh maké leungeun. (E/196/11)
2 (027) Apan ti tadi gé aing téh rék ka pasar! (B/73/5)
Data séjénna ébréh dina nomer data: (059), (076), (078), (276), (278),
(289), (293), (349), (361), jeung (365)
8) Pola Katerangan-Jejer-Caritaan-Katerangan
Pola ieu kalimah diwangun ku katerangan, jejer, caritaan, jeung
katerangan deui. Adeganna bisa digambarkeun saperti kieu.
Pola di luhur bisa dibaca yén kalimah kedaling ambek sampurna susunan
baku diwangun ku kalimah dasar anu adeganana katerangan, jejer, caritaan, jeung
katerangan.
Dumasar kana hasil analisis data kapanggih 4 kalimah kedaling ambek
sampurna susunan baku (1,10%). Sangkan leuwih jéntré ditétélakeun sababaraha
kalimah ieu di handap.
Kal SSB →→→→ K + J + C + K
50
No Kode Kalimah kedaling ambek
1 (052) Ceuk Ceu Emin kamari, Akang kaperego pisan keur ngabaso jeung
Guru Mimin! (B/54/13)
2 (100), Gara-gara sia, aing ditundung ku salaki! (R/125/11)
Data séjénna ébréh dina no data: (138) jeung (143).
9) Pola Katerangan-Konjungsi-Jejer-Caritaan
Ieu kalimah diwangun ku katerangan, konjungsi, jejer, jeung caritaan.
Adeganna bisa digambarkeun saperti kieu.
Pola di luhur bisa dibaca yén kalimah kedaling ambek sampurna susunan
baku diwangun ku kalimah dasar anu adeganana katerangan, konjungsi, jejer,
jeung caritaan.
Dumasar kana hasil analisis data kapanggih 2 kalimah kedaling ambek
sampurna susunan baku (0,55%). Sangkan leuwih jéntré, ilikan kalimah ieu di
handap.
No Kode Kalimah kedaling ambek
1 (109)
Memang bener buukna panjang, imah urang cétna biru, deukeut warung nu cétna héjo, tapi indung urang tara ka hotél! (A/32/16)
2 (201) Meunggeus, tong ngaléok deui ka dinya! (D/152/7)
Kal SSB →→→→K + Konj + J +C
51
10) Pola Caritaan-Konjungsi-Jejer-Caritaan
Ieu kalimah diwangun ku caritaan, konjungsi, jejer, jeung caritaan.
Adeganna bisa digambarkeun saperti kieu.
Pola di luhur bisa dibaca yén kalimah kedaling ambek sampurna susunan
baku diwangun ku kalimah dasar anu adeganana carita, konjungsi, jejer, jeung
caritaan.
Dumasar kana hasil analisis data kapanggih 1 kalimah kedaling ambek
sampurna susunan baku (0,27%). Sangkan leuwih jéntré, ilikan kalimah ieu di
handap.
No Kode Kalimah kedaling ambek
1 (123)
Heueuh ngarti aing gé, tapi manéhna nyebut-nyebut ngaran indung aing! (A/29/34)
11) Pola Konjungsi-Jejer-Caritaan-Katerangan
Ieu kalimah diwangun ku konjungsi, jejer, caritaan, jeung katerangan.
Adeganna bisa digambarkeun saperti kieu.
Kal SSB →→→→ Konj + J + C + K
Kal SSB →→→→ C + Konj + J + C
52
Pola di luhur bisa dibaca yén kalimah kedaling ambek sampurna susunan
baku diwangun ku kalimah dasar anu adeganana konjungsi, jejer caritaan, jeung
katerangan.
Dumasar kana hasil analisis data kapanggih 3 kalimah kedaling ambek
sampurna susunan baku tina (0,82%). Sangkan leuwih jéntré, ilikan sababaraha
kalimah ieu di handap.
No Kode Kalimah kedaling ambek
1 (181)
Lamun pamingpinna geus teu boga ajén diri, rék dikumahakeun atuh nasib ieu nagara? (D/154/23)
2 (182)
Lamun silaing kumawani nyarita teu uni, mangka silaing ogé bakal milu dibérok! (D/140/5)
3 (314) Tapi éta leungeun nini lesotkeun, kuring rék balik… (B/60/9)
12) Pola Katerangan-Jejer-Caritaan-Udagan-Katerangan
Pola ieu kalimah diwangun ku katerangan, jejer, caritaan, udagan, jeung
katerangan. Adeganna bisa digambarkeun saperti kieu.
Pola di luhur bisa dibaca yén kalimah kedaling ambek sampurna susunan
baku diwangun ku kalimah dasar anu adeganana katerangan, jejer, caritaan,
udagan, jeung katerangan.
Kal SSB →→→→ K + J + C + U + K
53
Dumasar kana hasil analisis data kapanggih 1 kalimah kedaling ambek
sampurna susunan baku (0.27%). Sangkan leuwih jéntré, ilikan kalimah ieu di
handap.
No Kode Kalimah kedaling ambek
1 (034) Ayeuna kula rék ngarebut kakawasaan tina leungeun andika. (D/183/11)
13) Pola Caritaan-Konjungsi-Jejer-Caritaan-Katerangan
Ieu kalimah diwangun ku caritaan, konjungsi, jejer, caritaan jeung
katerangan. Adeganna bisa digambarkeun saperti kieu.
Pola di luhur bisa dibaca yén kalimah kedaling ambek sampurna susunan
baku diwangun ku kalimah dasar anu adeganana caritaan, konjungsi, jejer,
caritaan, jeung katerangan.
Dumasar kana hasil analisis data kapanggih 3 kalimah kedaling ambek
sampurna susunan baku (0,82%). Sangkan leuwih jéntré, ilikan kalimah ieu di
handap.
No Kode Kalimah kedaling ambek
1 (090) Enya, tapi aing rudet ku kalakuan manéh. (A/26/27)
2 (126)
Heueuh, tapi sirah aing nu nyerina, unggal poé kudu nambahan eusi pabéasan. (B/71/26)
3 (273)
Pantes wé, najan Si Kuwu totomplokan gé, da ngarasa kahutangan budi ku aing. (B/70/13)
Kal SSB →→→→ C + Konj + J + C + K
54
14) Pola Caritaan-Konjungsi-Jejer-Caritaan-Udagan-Katerangan
Ieu kalimah diwangun ku caritaan, konjungsi, jejer, caritaan, udagan,
jeung katerangan. Adeganna bisa digambarkeun saperti kieu.
Pola di luhur bisa dibaca yén kalimah kedaling ambek sampurna susunan
baku diwangun ku kalimah dasar anu adeganana caritaan, konjungsi, jejer,
caritaan, udagan, jeung katerangan
Dumasar kana hasil analisis data kapanggih 1 kalimah kedaling ambek
sampurna susunan baku (0,27%). Sangkan leuwih jéntré, ilikan kalimah ieu di
handap.
No Kode Kalimah kedaling ambek
1 (091) Enya…, karék kapikir ayeuna, Ema téh teu mikanyaah kuring sakumaha kuduna hiji indung ka anak…. (A/24/14)
15) Pola Jejer-Caritaan-Panglengkep
Ieu kalimah diwangun ku jejer, caritaan, jeung panglengkep. Adeganna
bisa digambarkeun saperti kieu.
Kal SSB →→→→ C + K + J + C + U + K
Kal SSB →→→→ J + C + P
55
Pola di luhur bisa dibaca yén kalimah kedaling ambek sampurna susunan
baku diwangun ku kalimah dasar anu adeganana jejer, caritaan, jeung udagan.
Dumasar kana hasil analisis data kapanggih 1 kalimah kedaling ambek
sampurna susunan baku (0,27%). Sangkan leuwih jéntré titénan kalimah ieu di
handap.
No Kode Kalimah kedaling ambek
1 (165) Kula teu butuh ku dongéng! (D/183/28)
16) Pola Konjungsi-Jejer-Caritaan-Katerangan
Ieu kalimah diwangun ku konjungsi, jejer, caritaan, jeung katerangan.
Adeganna bisa digambarkeun saperti kieu.
Pola di luhur bisa dibaca yén kalimah kedaling ambek sampurna susunan
baku diwangun ku kalimah dasar anu adeganana konjungsi, jejer, caritaan, jeung
katerangan.
Dumasar kana hasil analisis data kapanggih 2 kalimah kedaling ambek
sampurna susunan baku (0,55%). Sangkan leuwih jéntré titénan kalimah ieu di
handap.
Kal SSB →→→→ Konj+ J + C + K
56
No Kode Kalimah kedaling ambek
1 (137) Jadi manéh téh méré sakujur awak manéh ka salaki aing! (R/97/32)
2 (313) Tapi aing teu narima dipitnah salingkuh jeung Si Kadés!
(R/124/23)
17) Pola Jejer-Caritaan-Katerangan jeung Jejer-Caritaan-Udagan
Ieu kalimah diwangun dua klausa. Klausa ka hiji diwangun ku jejer,
caritaan, jeung katerangan. Klausa ka dua diwangun ku jejer, caritaan, jeung
udagan Adeganna bisa digambarkeun saperti kieu.
Dumasar kana hasil analisis data kapanggih 1 kalimah kedaling ambek
sampurna susunan baku (0,27%). Sangkan leuwih jéntré, ilikan kalimah ieu di
handap.
No Kode Kalimah kedaling ambek
1 (169) Kuring teu paduli rék disebut gering rék disebut naon
waé gé, na saha nu bisa ngahalangan kanyaah kuring ka
nu jadi indung? (A/47/7)
4.5.1.2 Adegan Kalimah Kedaling Ambek Sampurna Susunan Balik
Kalimah sampurna susun balik (invénsi) nyaéta kalimah sampurna anu
jejerna tukangeun caritaan (C-J). Dumasar kana anaalisis data anu kaasup kana
Kal SSB →→→→ J + C + K – J + C + U
57
kalimah sampurna susunan baku boga sababaraha pola. Pola-pola anu kapanggih
éta ditétélakeun ieu di handap.
1) Pola Caritaan-Jejer
Ieu kalimah diwangun ku caritaan jeung jejer. Adeganna bisa
digambarkeun saperti kieu.
Pola di luhur bisa dibaca yén kalimah kedaling ambek sampurna susunan
balik diwangun ku kalimah dasar anu adeganana caritaan jeung jejer.
Dumasar kana hasil analisis data kapanggih 7 kalimah kedaling ambek
sampurna susunan balik (1,92%). Sangkan leuwih jéntré ditétélakeun sababaraha
kalimah ieu di handap.
No Kode Kalimah kedaling ambek
1 (079) Dituturkeun ku aing mah! (B/53/9)
2 (166) Kumaha ieu téh? (D/163/28)
3 (301) Siksa wé, Pa Kadés! (R/111/19)
Data séjénna ébréh dina nomer data: (318), (329), (330), jeung (331)
2) Pola Caritaan-Jejer-Udagan
Ieu kalimah diwangun ku caritaan, jejer jeung udagan. Adeganna bisa
digambarkeun saperti kieu.
Kal SSI→→→→ C+J
58
Pola di luhur bisa dibaca yén kalimah kedaling ambek sampurna susunan
balik diwangun ku kalimah dasar anu adeganana caritaan, jejer, jeung udagan.
Dumasar kana hasil analisis data kapanggih 1 kalimah kedaling ambek
sampurna susunan balik (0,27%). Sangkan leuwih jéntré ditétélakeun sababaraha
kalimah ieu di handap.
No Kode Kalimah kedaling ambek
1 (111) Hayang dicabok ku aing, sia téh? (A/29/30)
3) Pola Caritaan-Jejer-Katerangan
Pola ieu kalimah diwangun ku caritaan, jejer, jeung katerangan.
Adeganna bisa digambarkeun saperti kieu.
Pola di luhur bisa dibaca yén kalimah kedaling ambek sampurna susunan
balik diwangun ku kalimah dasar anu adeganana caritaan, jejer, jeung katerangan.
Dumasar kana hasil analisis data kapanggih 5 kalimah kedaling ambek
sampurna susunan balik (1,37%). Sangkan leuwih jéntré, ilikan kalimah ieu di
handap.
Kal SSI→→→→ C + J + U
Kal SSI →→→→ C + J + K
59
No Kode Kalimah kedaling ambek
1 (333) Teu sudi teuing aing kudu boga maru! (R/97/8)
2 (240) Naon hartina urang kumawula ka raja anu geus teu boga harga diri, komo bari diémbohan ku bodo! (D/153/24)
Data séjénna ébréh dina nomer data: (046), (269), jeung (214).
4.5.2 Adegan Kalimah Kedaling Ambek teu Sampurna
Adegan kalimah teu sampurna nyaéta kalimah anu diwangun ku kecap,
frasa, atawa klausa kauger. Adegan kalimah teu sampurna boga sababaraha pola,
ieu di handap urang tétélakeun.
1) Pola Caritaan
Ieu kalimah diwangun ku caritaan hungkul. Adeganna bisa digambarkeun
saperti kieu.
Kalimah di luhur bisa dibaca yén kalimah teu sampurna ngan diwangun
ku kalimah dasar caritaan hungkul.
Dumasar kana hasil analisis data, kapanggih 105 (28,77%) kalimah
kedaling ambek teu sampurna pola kalimah caritaan. Sangkan leuwih jéntré bisa
dititénan sababaraha kalimah kedaling ambek teu sampurna pola caritaan.
Kal TS →→→→ C
60
No Kode Kalimah kedaling ambek
1 022 Alus, alus….! (R/97/18)
2 055 Cicing! (R111/21)
3 082 Duruk….! (R/138/18)
4 099 Gandéng. (A/26/8)
5 134 Indit!!! (R/124/26)
Data séjénna ébréh dina nomer data: (003), (022), (036), (037), (038), (039),
(040), (064), (065), (066), (067), (068), (069), (070), (071), (072), (073), (080),
(083), (084), (094), (101), (110), (112), (113), (114), (115), (116), (117), (118),
(119), (122), (128), (129), (135), (136), (141), (145), (148), (158), (162), (172),
(173), (178), (179), (185), (186), (187), (188), (197), (199), (202), (205), (211),
(212), (227), (228), (229), (230), (231), (232), (233), (234), (244), (249), (250),
(251), (252), (254), (258), (259), (270), (284), (263), (264), (265), (266), (274),
(287), (288), (294), (295), (298), (300), (309), (316), (320), (322), (324), (327),
(334), (335), (336), (337), (339), (343), (345), jeung (353)
2) Pola Caritaan-Katerangan
Ieu kalimah diwangun ku caritaan jeung katerangan. Adeganna bisa
digambarkeun saperti kieu.
Pola di luhur bisa dibaca yén kalimah kedaling ambek teu sampurna
diwangun ku kalimah dasar anu adeganana caritaan jeung katerangan.
Kal TS →→→→ C+K
61
Dumasar kana hasil analisis data kapanggih 68 kalimah kedaling ambek
teu sampurna (18,63%). Sangkan leuwih jéntré ditétélakeun sababaraha kalimah
ieu di handap.
No Kode Kalimah kedaling ambek
1 (004) Aéh-aéh, naha ari bareng ngabaso ka asup nyéléwér kitu?
2 (032) Ari teu boga pikir rangkepan téh, bodo téa, lin? (D/153/7)
Data séjénna ébréh dina nomer data: (026), (028), (033), (035), (042), (045),
(048), (049), (050), (051), (053), (057), (077), (089), (103), (104), (106), (120),
(121), (125), (133), (142), (146), (147), (149), (157), (163), (171), (175), (180),
(200), (204), (206), (207), (208), (209), (210), (215), (216), (217), (219), (224),
(305), (307), (321), (323), (325), (328), (338), (342), (350), (360), (225), (226),
(238), (245), (253), (257), (262), (267), (271), (276), (277), (283), (289), (292),
jeung (296)
3) Pola Caritaan-Udagan
Pola ieu kalimah diwangun ku caritaan jeung udagan. Adeganna bisa
digambarkeun saperti kieu.
Kalimah di luhur bisa dibaca yén kalimah teu sampurna anu diwangun
ku caritaan jeung udagan.
Kal TS →→→→ C + U
62
Dumasar kana hasil analisis data, kapanggih 45kalimah kedaling
ambek teu sampurna (12,33%). Sangkan leuwih jéntré bisa dititénan sababaraha
kalimah kedaling ambek teu sampurna ieu di handap.
No Kode Kalimah kedaling ambek
1 (043) Béjakeun ka sakabéh nu aya di luar! (A/33/36)
2 (056) Cik atuh mikir sia téh, Isah! (B/71/11)
Data séjénna ébréh dina nomer data: (043), (051), (056), (096), (097), (098),
(063), (132), (140), (151), (153), (159), (161), (176), (173), (176), (184), (203),
(237), (241), (242), (246), (247), (248), (255), (260), (281), (304), (306), (308),
(315), (326), (332), (346), (348),(351), (326), (332), (346), (348), (351), (354),
jeung (364).
4) Pola Caritaan-Udagan-Katerangan
Pola ieu kalimah diwangun ku carita, udagan, jeung katerangan.
Adeganna bisa digambarkeun saperti kieu.
Dumasar kana hasil analisis data, kapanggih 5 kalimah kedaling ambek
teu sampurna (1,10%). Sangkan leuwih jéntré bisa diilikan kalimah kedaling
ambek teu sampurna ieu di handap.
Kal TS →→→→ C+U+K
63
No Kode Kalimah kedaling ambek
1 (081) Diwejek siah ku aing! (B/55/24)
2 (221) Na ari manéh, Ésih, timburu téh kamalinaan teuing. (B/53/11)
Data kalimah séjénna: (285), (286), (347), jeung (222).
5) Pola Caritaan-Katerangan-Udagan
Pola ieu kalimah diwangun ku carita, katerangan, jeung udagan.
Adeganna bisa digambarkeun saperti kieu.
Dumasar kana hasil analisis data, kapanggih dina aya 1 kalimah
kedaling ambek teu sampurna (0,27%). Sangkan leuwih jéntré bisa ilikan kalimah
kedaling ambek teu sampurna ieu di handap.
No Kode Kalimah kedaling ambek
1 (044) Beunang ayeuna mah siah, badog! (R/136/25)
6) Pola Katerangan-Caritaan-Udagan
Pola ieu kalimah diwangun ku katerangan, caritaan, jeung udagan.
Adeganna bisa digambarkeun saperti kieu.
Kal TS →→→→ C+K+U
Kal TS →→→→ K+C+U
64
Dumasar kana hasil analisis data, kapanggih 3 kalimah kedaling ambek teu
sampurna (0,82%). Sangkan leuwih jéntré bisa diilikan kalimah kedaling ambek
teu sampurna ieu di handap.
No Kode Kalimah kedaling ambek
1 (183) Lebah dieu cupetna pikiran ilaing mah. (A/11/31)
2 (290) Sakali deui kantunkeun abdi nyalira, Ki! (R/103/9)
3 (035) Bakal leuwih laluasa ngahéroan Si Iswari! (R /125/4)
7) Pola Katerangan-Caritaan-Udagan-Katerangan
Pola ieu kalimah diwangun ku katerangan, caritaan, udagan, jeung
katerangan. Adeganna bisa digambarkeun saperti kieu.
Dumasar kana hasil analisis data, kapanggih 1 kalimah kedaling ambek
teu sampurna (0,27%). Sangkan leuwih jéntré bisa dititénan sababaraha kalimah
kedaling ambek teu sampurna ieu di handap.
No Kode Kalimah kedaling ambek
1 (031) Ari tadi pabuburit, rék nanahaon salaki aing nganjang
ka gogobrog manéh? (R/97/13)
Kal TS →→→→ K + C + U + K
65
8) Pola Katerangan- Konjungsi-Caritaan
Pola ieu kalimah diwangun ku katerangan, konjungsi (kecap
panyambung), jeung caritaan. Adeganna bisa digambarkeun saperti kieu.
Dumasar kana hasil analisis data, kapanggih 1 kalimah kedaling ambek
teu sampurna (0,27%). Sangkan leuwih jéntré bisa diilikan kalimah kedaling
ambek teu sampurna pola katerangan caritaan ieu di handap.
No Kode Kalimah kedaling ambek
1 (124)
Heueuh saréréa gé apal, tapi lain hartina urang bisa
ménta hal-hal anu teu saluyu jeung kanyataan nu geus
aya. (A/11/33)
9) Pola Katerangan-Caritaan
Ieu kalimah diwangun ku katerangan jeung caritaan. Adeganna bisa
digambarkeun saperti kieu.
Dumasar kana hasil analisis data, kapanggih 9 kalimah kedaling ambek
teu sampurna (2,73%). Sangkan leuwih jéntré bisa dititénan sababaraha kalimah
kedaling ambek teu sampurna ieu di handap.
Kal TS →→→→ K + C
Kal TS →→→→ K + Konj + C
66
No Kode Kalimah kedaling ambek
1 (058) Éh, ari silaing naha bet kalah ngacapruk ngomong téh.
(A/25/3)
2 (062) Da sia mah teu nyaho lalakonna, Érté. (B/70/13)
Data kalimah séjénna: (102), (139), (146), (213), (275), (279), jeung (341).
4.6 Ambahan Bahan Ajar Kalimah Kedaling Ambek di SMA
Pangajaran basa jeung sastra Sunda mangrupa hasil tina sawangan yén
basa Sunda téh mangrupa alat komunikasi pikeun masarakat pamakéna.
Komunikasi basa, diwujudkeun ngaliwatan maké basa lisan (ngarégépkeun,
nyarita) jeung tulisan (maca, nulis) anu disebut kaparigelan basa.
Kaparigelan basa anu ngawengku ngaregepkeun, nyarita, maca jeung
nulis boga pancén sorangan-sorangan. Kaparigelan ngaregepkeun mangrupa
kagiatan nyangkem jeung maham wacana lisan ngaliwatan prosés ngadengékeun
lambang-lambang sora omongan. Nyarita mangrupa kagiatan nepikeun pesan
(pikiran, rasa, jeung kahayang), sacara lisan. Maca mangrupa kagiatan maham
jeung nyangkem wacana tinulis dina bacaan. Nulis mangrupa kagiatan nepikeun
pesan (pikiran, rasa, jeung kahayang).
Ieu panalungtikan bisa dipaké pikeun bahan ajar anu patali jeung aspék
nyarita atawa gueman di SMA kelas XII, museur kana kaparigelan nyarita,
ngawéngku kana SKKD (Standar Kompetensi-Kompetensi Dasar). SK-na nyaéta
mampuh nyarita pikeun ngedalkeun eusi pikiran, rasa, jeung kahayang dina
67
wangun paguneman, panata acara, mingpin sawala, sawala atawa seminar, jeung
biantara. KD-na nyaéta paguneman (ngaragakeun drama).
Tuajuanna ieu pangajaran nyatéa pikeun ngaronjatkeun kamampuh
siswa waktu ngalakukeun campur gaul di masarakat. Sacara praktis, ieu bahan
pangajaran bisa ngajadikeun siswa nyaho jeung bisa maké basa anu luyu jeung
tatakrama basa atawa bisa milih jeung milah pilihan kecap waktu ngedalkeun
omongan, nyaho pamakéan undak usuk basa dumasr kana lemes-loma-kasar basa
anu digunakeun boh keur sadirieun atawa jalma séjén waktu ngalakukeun
komunukasi. Sacara téoritisna, siswa bisa dibekelan kamampuh anu patali jeung
pangaweruh kabasaan nyaéta kumaha wujudiah wangun omongan anu
dikedalkeun, jeung papasingan kalimahna.
Bahan ajar mangrupa salasahiji hal anu penting pisan dina pangajaran.
ku kituna, bahan ajar anu rék diajarkeun ku guru ka siswa kudu dijieun dina
wangun silabus, rarancang pangajaran, jeung évaluasi, anu engkéna jadi léngkah-
léngkah pikeun guru dina ngalakukeun pangajaran.
68
4.6.1 Silabus
SILABUS
Mata Pelajaran : Bahasa dan Sastra Sunda
Satuan Pendidikan : SMA/MA
Kelas/Semester : XII/2
Nama Sekolah : SMP Negeri
Standar Kompetensi : Mampuh nyarita pikeun ngedalkeun eusi pikiran,
parasaan, jeung kahayang dina wangun kagiatan
paguneman, panata acara, mingpin sawala, sawala
atawa seminar, jeung biantara
Kompetensi Dasar
Materi Pokok
Indikator Pengalaman Belajar
Penilaian Alokasi Waktu
Sumber/Bahan/
Alat Jenis
tagihan Bentu
k Instrumen
Contoh Instrumen
1 2 3 4 5 6 7 8 9 12.2.1 Ngaraga-keun drama atawa paguneman
Drama
• Bisa nyebutkeun wangenan drama jeung unsur-unsurna.
• Bisa nyebutkeun eusi drama kalawan bener.
• Bisa nyebutkeun maksud eusi jeung wangun tiap omongan nu aya dina drama.
• Bisa ngaragak
• Siswa bisa nyebutkeun wangenan drama jeung unsur-unsurna.
• Siswa bisa nyebutkeun eusi drama kalawan bener.
• Siswa bisa nyebutkeun maksud eusi jeung wangun tiap omonga
Tugas kelompok Tugas individu
Ngaragakeun/lisan Uraian
Pék ragekeun drama Randu Jalaprang karya Tatang Sumarsono ku kelompok hidep! Tiap kelompok diwangun ku 12 urang, pikeun merankeun tokoh-tokohna!.
3 jam pelajaran (1Xpertemuan)
Tata Basa Sunda Kiwari Kamus Undak Usuk Basa Kamus Umum Basa Sunda
69
eun drama kalawan hade.
• Bisa nyebutkeun pilihan kecap kedaling ambek anu dipaké dina éta drama, kalawan nyébutkeun undak usukna.
• Bisa nyébutkeun wangun kalimah kedaling ambek.
n nu aya dina drama.
• Siswa bisa ngaragakeun drama kalawan hadé.
• Siswa bisa nyebutkeun pilihan kecap kedaling ambek anu dipaké dina éta drama, kalawan nyébutkeun undak usukna.
• Siswa bisa nyébutkeun wangun kalimah kedaling ambek.
70
4.6.2 Rarancang Pangajaran
RENCANA PELAKSANAAN PEMBELAJARAN (RPP)
Nama Sekolah :SMA
Mata Pelajaran :Bahasa Sunda
Kelas/Semester :XII/2
Alokasi Waktu : 3x lawungan (6 jam pelajaran)
I. Standar Kompetensi
Mampuh nyarita pikeun ngedalkeun eusi pikiran, parasaan, jeung
kahayang dina wangun paguneman, panata acara, mingpin sawala,
sawala atawa seminar, jeung biantara.
II. Tujuan Pembelajaran
Sabada ngalakukeun kagiatan pangajaran, dipiharep sangkan siswa
bisa:
• nyebutkeun wangenan drama jeung unsur-unsurna;
• maham kana téks drama atawa paguneman anu diragakeun;
• maham maksud eusi jeung wangun tiap omongan nu aya dina
drama;
71
• ngaragakeun drama kalawan hadé;
• nyebutkeun pilihan kecap kedaling ambek anu dipaké dina éta
drama, kalawan nyébutkeun undak usukna;
• nyébutkeun wangun kalimah kedaling ambek tina tiap omongan.
III. Kompetensi Dasar
12.2.1 Ngaragakeun drama atawa paguneman
IV. Indikator
• Bisa nyebutkeun wangenan drama jeung unsur-unsurna.
• Bisa nyebutkeun eusi drama kalawan bener.
• Bisa nyebutkeun maksud eusi jeung wangun tiap omongan nu aya
dina drama.
• Bisa ngaragakeun drama kalawan hade.
• Bisa nyebutkeun pilihan kecap kedaling ambek anu dipaké dina
éta drama, kalawan nyébutkeun undak usukna.
• Bisa nyébutkeun wangun kalimah kedaling ambek.
V. Materi Pokok
A. Teks Drama
(Terlampir)
B. Drama
72
Drama nyaéta wacana anu midangkeun carita atawa lalakon
ku paguneman (dialog), diajangkeun pikeun diragakeun ku pamaén
(aktor) dina pagelaran. Unsur-unsur drama:
1. candraan biasana aya di awal babak. Eusina nerangkeun kaayaan
latar, suasana, kajadian, caritaan, jeung palaku;
2. pertélaan palaku ku cara nataan ngaran jeung katerangan
ngeunaan palaku
3. babak mangrupa hal anu ngabagi-bagi karangan drama;
4. paguneman mangrupa kalimah atawa omongan langsung ti para
palakuna anu diucapkeun silihtempas.
5. Prolog jeung épilog mangrupa babagian drama anu aya di awal
jeung di ahir carita.
C. Kedaling Ambek dina Drama
Paguneman mangrupa bagian anu penting dina drama,
malah mah jadi ciri drama. Tina paguneman urang bisa mikanyaho
eusi caritaan drama, omongan naon anu keur dibahas, sarta urang gé
bisa nyaho kumaha kaayaan jalma anu keur nyarita.
Paguneman téh réa rupana, aya paguneman anu nuduhkeun
kedaling bungah, nalangsaan, atawa ambek. Paguneman kedaling
ambek biasana sok aya dina eusi drama, utamana waktu carita drama
ngalaman konflik. Kedaling mabek téh nyaéta omongan atawa
caritaan anu kedal dina wangun lisan, timbul lantaran rasa keuheul,
73
teu panuju, teu dihargaan, jeung sajabana. Lentongna na gé biasana
osok leuwih tarik. Lolobana mah diwangun ku basa kasar, contona/
Manéh mah gedé wadul!
Kecap manéh kedaling ambek anu ngagunakeun basa kasar. Kecap
manéh téh numutkeun undak usuk basana téh nyaéta manéh (basa
kasar)-manéh (basa sedeng)–anjeun (basa lemes)-sia (basa kasar
pisan).
Tapi teu salawasna kitu, aya ogé kedaling ambek anu teu
ngagunakeun basa kasar, biasana diébréhkeun ku cara ngomong dua,
nyungkun, malah mah aya ku ngomong seukeut.
Conto: Énjing-énjing teuing atuh angkat ka sakola téh, sok ayeuna
mah tungguan di luar kelas.
Basa anu dipaké ngomong dina kalimah di luhur kawas sopan, kecap
éta téh mangrupa salasahiji ébréhan tina kedaling ambek anu di
samunikeu. Ku kituna, dina ngaragakeun drama atawa ngalakukeun
paguneman urang kudu bisa maham kana eusi basa atawa omongan,
nepi ka henteu salah napsirkeun, nu kuduna kaluar kedaling ambek,
ari nu dilakukeun kedaling nalangsa.
D. Undak usuk basa
Undak usuk basa atawa tatakrama basa téh jadi hiji sistem
ngagunakeun ragam basa (hormat-teu hormat) anu raket patalina
jeung kakawasaan, kalungguhan, kaakraban, jeung kontak antara
74
panyatur jeung pamiarsa katut jalma anu dicaritakeun. Wangun
undak-usuk basa Sunda téh dibagi jadi tilu rupa. Ieu di handap
ditataan hiji-hiji.
a. Basa lemes
Basa lemes nyaéta ragam basa anu umumna dipaké nyarita ka
saluhureun atawa kanu can wawuh. Ékspresi ragam lemes
(hormat) téh bisa katitén wujudna dina wangun lisan,
pasémon, rengkuh jeung peta sarta lentong. Contona:
1. Abdi mah bade wangsul wéh, daripada kieu mah.
2. Iraha atuh sumpingna Pa Kadés téh, barudak tos ngantosan
lami.
b. Basa Loma/wajar
Basa wajar nyaéta ragam basa anu dipaké dina situasi biasa
digunakeun kababaturan anu geus loma. Conto:
Kuring mah rék balik wéh, lami pisan atuh.
c. Basa kasar
Basa kasar nyaéta ragam basa anu dipaké dina situasi ambek,
atawa dilarapkeun ka sato. Conto:
Ari teu bérék mah montong nyanggupan baréto téh!
E. Papasingan Kalimah
Dumasar kana lengkep henteuna unsur klaus pangwangunna
kalimah dibagi jadi dua nyaéta:
75
1. kalimah sampurna
kalimah sampurna nyaéta kalimah anu diwangun ku sakurang-
kurangna hiji jejer jeung hiji cartan. Contona/
Urang/ulin
J C
2. kalimah teu sampurna
Kalimah teu sampurna nyaéta kalimah anu diwangun ku kecap,
frasa, atawa klausa kauger. Contona:
Indit!
VI. Media dan Sumber Pembelajaran
6.1 Media Pangajaran
Naskah drama
6.2 Sumber Pangajaran
• Buku Tata Basa Sunda kiwari
• Kamus Undak Usuk Basa Sunda
• Kamus Umum Basa Sunda
VII. Desain Pembelajaran
7.1 Pendekatan Pembelajaran
• Pendekatan kompetensi
• Pendekatan kontekstual
• Pendekatan kompetensi komunikatif
76
7.2 Metode Pembelajaran
• Metode langsung
7.3 Tehnik Pembelajaran
• Téhnik papancén
• Téhnik latihan
VIII. Langkah-langkah Pembelajaran
8.1 Persiapan (10 menit)
• Guru jeung siswa silih tanya.
• Ngondisikeun siswa pikeun ngalakukeun kagiatan pangajaran.
• Siswa dibéré motifasi.
• Apersepsi.
8.2 Kegiatan Inti (50 menit)
• Guru ngajelaskeun matéri ajar paguneman atawa ngaragakeun
drama kalayan singket jeung mundel.
• Siswa mairan matéri ajar anu geus ditérangkeun.
• Guru nyadiakeun naskah drama anu kudu diragakeun ku siswa
di hareupeun kelas.
• Siswa dibagi jadi sababaraha kelompok pikeun ngaragakeun
paguneman tina naskah drama nu geus disadiakeun
• Siswa ngaragakeun drama kalawan ucapan, lentong, wirahma
jeung réngkak/peta anu merenah.
77
• Siswa nyebutkeun pilihan kecap anu dipaké dina éta drama,
kalawan nyébutkeun undak usukna.
• Nyébutkeun wangun kalimah tina tiap omongan.
8.3 Kegiatan Penutup (10 menit)
• Siswa jeung muri nyimpulkeun matéri nu geus dibahas.
• Siswa dibéré kasempatan keur nanya.
• Ngayakeun postés
• Ngajelaskeun kagiatan pangajaran anu saterusna
• Mungkas pangajaran.
IX. Penilaian
9.1 Lisan
1. Pék ragakeun drama Randu Jalaprang karya Tatang Sumarsono ku
kelompok hidep! Tiap kelompok diwangun ku 12 urang, pikeun
merankeun tokoh-tokohna!
9.2 Tulisan
1. Pék tuliskeun kedaling ambek naon waé anu aya dina éta drama!
2. Pilihan kecap naon waé anu dipaké dina éta drama? Tuliskeun
undak usuk basana!
3. Éta kedaling ambek kaasup kana kalimah naon? Tuliskeun polana!
9.3 Kinerja
Evaluasi dilaksanakeun sapanjang kagiatan diajar-ngajar lumangsung.
78
Sasaran Aspek Kriteria Skala Basa a. Ucapan (Artikulasi) Jentré 5-20
b.Lentong (Tekenan, wirahma, randegan)
Merenah 5-20
Kedaling (éksprési)
a. Téhnik pidangan Alus/lancar 5-10 b. Réngkak/peta Saluyu 5-10 c. Dangdanan* Alus/sopan 5-10
Eusi a. Ngajiwaan eusi Ngajiwaan 5-15 b. Napsirkeun eusi Paham 5-15
Jumlah 35-100 Kacindekan peunteun:
Alus : 90-100
Meujeuhna: 70-89
Kurang : 50-69
9.3 Unjuk Kerja
Siswa bisa maham eusi drama anu diragakeun, siswa bisa
ngaéksprésikeun ragam gunéman kalayan bener, siswa bisa ngajiwaan
watek tokoh nu diragakeun.
9.4 Portofolio
Guru mariksa hasil tugas siswa, jeung méré niléy saluyu jeung
katangtuan anu geus ditetepkeun.
.
X. Evaluasi
Pancen!
79
1. Pék ragakeun drama Randu Jalaprang karya Tatang Sumarsono ku
kelompok hidep! Tiap kelompok diwangun ku 12 urang, pikeun
merankeun tokoh-tokohna!
2. Pék tuliskeun kedaling ambek naon waé anu aya dina éta drama!
3. Pilihan kecap naon waé anu dipaké dina éta drama? Tuliskeun undak
usuk basana!
4. Éta kedaling ambek kaasup kana kalimah naon? Tuliskeun polana!
4.6.3 Évaluasi Pangajaran Kedaling Ambek
Évaluasi mangrupa alata nu diguakeun pikeun mikanyaho hasil-henteuna
diajar siswa, anu dilaksanakeun pikeun nyumponan rupa-rupa tujuan anu patali
jeung prosés diajar. Évaluasi kudu dilakukeun dumasar kana tujuan anu kudu
dihontal.
Évaluasi anu digunakeun dina pangajaran kedaling ambek nyaéta maké
tés lisan jeung tulisan. Tés lisanna nyaéta ngaragakeun drama. Tés tulisanna
nyaéta ngajawab pananya nu mangrupa uraian.
Pancen
a. Lisan
1. Pék ragakeun drama Randu Jalaprang ku kelompok hidep! Tiap kelompok
diwangun ku 12 urang, pikeun merankeun tokoh-tokohna!
b. Tulisan
1 Pék tuliskeun kedaling ambek naon waé anu aya dina éta drama!
80
2. Pilihan kecap naon waé anu dipaké dina éta drama? Tuliskeun undak usuk
basana!
3. Éta kedaling ambek kaasup kana kalimah naon? Tuliskeun polana!
Recommended