4
LEMBUR KURING Karya: RIYADUL MAISAH Ditilik dirasa Lembur kuring anu ėndah Upluk- aplak pasawahan Tinggarupay tatangkalan Sėahna cai walungan Hiliwirna angin Matak tiis kana ati Lembur kuring… Tipeuting jempling Kur sora gang anu rėang Matak betah tumaninah Pamanggih Ayatrohaedi Salapan bulan ngakandung Moal aya hiji jalma leuwih ti indung micinta indung gudang hampura Salapan bulan dikandung Moal aya hiji jalma leuwih ti anak rumasa anak gudang dosa Salapan bulan ngakandung Pinuh rasa jeung rumasa Salapan bulan dikandung Pinuh dosa jeung rumasa KAĖNDAHAN ALAM Karya: RIYADUL MAISAH Cahaya panonpoė Nyaangan kana ati Hiliwirna angin Mawa tiis kana ati Tatangkalan tinggarupay Nambah ėndahna alam Lemah cai negeri nu can ku polusi Alam ėndah nu merenah Ulah nepi ka punah Ku urang kudu dipusti Supaya tetep asri lestari DINTEN MINGGU Karya: RIYADUL MAISAH Dinten Minggu… Nyaharita urang ngawitan patepang Dinten Minggu… Geuning katresna mekar ati Teu walakaya kasiksa diri Antukna silih kedalken eusi ati Kota Serang jadi saksi Urang duaan silih kedalken katresna Kota Serang kota kaasih Jadi saksi urang duaan silih tamplokeun kasono Dinten Minggu… Urang duaan silih pikanyaan EMAK Karya: RIYADUL MAISAH Anjen jalmi nudipika deudeuh Pengorbanan teu mėnta wales jasa Kanyaah emak moal bisa dipohokeun Jasa emak teu aya tungtungna Doa emak nu ku abdi dipenta Bungah emak nu diharepkeun Emak… Mudah- mudahan emak bagja dunya aherat Abdi nyaah pisan ka emak PANEJA Etti RS Di antara rajegna gedong saligrong kuring micangcam saung jangkung pikeun nyawang ka sakuriling tangtung di antara gurilapna sarwa permata kuring hayang ali suasa keur sosoca mun diri keuna ku bahla Gusti, tan wilangan renebna pangeusi dunya ngan sahiji nu ku kuring dipiseja: kasakten ngayonan napsu durjana! Tanah Sunda Hikmat Sadkar Kahirupan Mak Anah Eddo Sy

LEMBUR KURING.doc

Embed Size (px)

Citation preview

Page 1: LEMBUR KURING.doc

LEMBUR KURINGKarya: RIYADUL MAISAH

Ditilik dirasaLembur kuring anu ėndahUpluk- aplak pasawahanTinggarupay tatangkalanSėahna cai walungan Hiliwirna angin Matak tiis kana ati

Lembur kuring…Tipeuting jemplingKur sora gang anu rėangMatak betah tumaninah

PamanggihAyatrohaedi

Salapan bulan ngakandungMoal aya hiji jalmaleuwih ti indung micintaindung gudang hampuraSalapan bulan dikandungMoal aya hiji jalmaleuwih ti anak rumasaanak gudang dosaSalapan bulan ngakandungPinuh rasa jeung rumasaSalapan bulan dikandungPinuh dosa jeung rumasa

KAĖNDAHAN ALAMKarya: RIYADUL MAISAH

Cahaya panonpoėNyaangan kana atiHiliwirna anginMawa tiis kana atiTatangkalan tinggarupayNambah ėndahna alamLemah cai negeri nu can ku polusiAlam ėndah nu merenahUlah nepi ka punahKu urang kudu dipustiSupaya tetep asri lestari

DINTEN MINGGUKarya: RIYADUL MAISAH

Dinten Minggu…Nyaharita urang ngawitan patepangDinten Minggu…Geuning katresna mekar atiTeu walakaya kasiksa diriAntukna silih kedalken eusi atiKota Serang jadi saksiUrang duaan silih kedalken katresnaKota Serang kota kaasihJadi saksi urang duaan silih tamplokeun kasonoDinten Minggu…Urang duaan silih pikanyaan

EMAKKarya: RIYADUL MAISAH

Anjen jalmi nudipika deudeuhPengorbanan teu mėnta wales jasaKanyaah emak moal bisa dipohokeunJasa emak teu aya tungtungnaDoa emak nu ku abdi dipentaBungah emak nu diharepkeunEmak…Mudah- mudahan emak bagja dunya aheratAbdi nyaah pisan ka emak

PANEJAEtti RS

Di antara rajegna gedong saligrongkuring micangcam saung jangkungpikeun nyawang ka sakuriling tangtungdi antara gurilapna sarwa permatakuring hayang ali suasakeur sosoca mun diri keuna ku bahlaGusti,tan wilangan renebna pangeusi dunyangan sahiji nu ku kuring dipiseja:kasakten ngayonan napsu durjana!

Tanah SundaHikmat Sadkar

Kawih tingtrim nu kamarisuling jeung jentreng kacapihaleuang paku sarakan galindeng bujang jeung lanjangkiwari geus ilang musnageus tilem ku mangsa

Kahirupan Mak AnahEddo Sy

Mak Anah tukang surabisore subuh satia nganti nu meulisatuhu usaha ngadago rijkiceuk paribasa najan ngan payu sasiki

Ma Anah dagang surabiteuing geus ngaliwatan pirang rewu janari

Page 2: LEMBUR KURING.doc

Guruminda Sangkuriang geus jauh ti kacapanganpohaci jeung widadari lir impian nu geus bari

aheng keneh dongeng sabrangdatang ti pentas lautan

deudeuh tanah gumelarti taun ka taun kalantar

aya rame aya sepikauntungan heunteu pasti

“Ema oge lin teu hayang jiga baturema yakin rijki mah aya Nu Ngaturku kituna heunteu kudu jadi caturgede leutik ema tetep ngucap sukur”

Ma Anah tukang surabisatia usaha nganti nu meulirek rame rek sepitetep sumujud ka Gusti.

QADHA JENG QADHARKarya: RIYADUL MAISAH

Takdir teu bisa dipungkir Qadha jeng qadhar teu bisa di takarJelema lir ibarat wayangGerakna kumaha dalangUmur panjang teu bisa hayangLamun geus kuduna mulangKa gusti nu Maha SuciCimata kur bisa ngeclakWakca Apa tilar dunya

IndungAyatrohaedi

Iuh tanjung seungitna marganing wuyungliuh indung perbawa nu cadu nundungmun di dunya ngan aya indung jeung bapabakal bisa ngawasa sajagat rayaNgan indung memeh miang dielingan,“Lamun hirup ngan ngumbar karep sorangantemahna poho ka indungkaduhung nunggu di tuntungnya hanjakal bakal jadi incu cikal.”

NA TETELAR TAUN ANYAREtti RSNaon deui nu rek digalindengkeun ku urang ayeunalagu cinta, lagu liwung, atawa hariring cikahuripan ?antara rasa jeung mangsasihoreng taya lalangse nu masinikeun poeatawa antara tangtung jeung wukuukur kaitung ku ketugna jajantung

Naon deui nu rek digurit ku urang `na tungtung langitsanggeus bentang nu tingkaretip nungtut laleungitasmarandana, maskumambang, atawa durma?sabab antara karisi jeung tiiran wancilir angin jeung hiliwirnaantara subaya jeung cidralir kadeudeuh jeung geugeutna

Mending urang nganggit dangdingbari ngaroris caangna bulannu ngempray 'na peuting tingtrimsusuganan urang weruhmun kalebuh di laut nu liuhatawa urang nataan rumpakanu patoleksak dina kaca-kaca mangsasusuganan urang salsesabada tipoporose ti poe ka tungtung poe

Naon deui nu rek digalantangkeun ku urang ayeunasanggeus raga dibabandan kala?

Lagu PujaYous Hamdan

Gusti,Ingkeun ieu kalbu sina ngalagungawihkeun kangen ka AnjeunTiap renghap sadami-sadamidihejah asma Anjeun hiji-hiji

Ya Rohman, Ya RohimYa Basyir, Ya HakimYa Wahid, Ya MajidYa syahid, Ya Rosyid

Dina Angin di Pucuk-pucuk daunKakuping lirih galindeng dawuhAbdi tanggah neuteup pamenteu gaibDina ramat cahaya burit

Ya Gofar, Ya QohharYa Jalil, Ya KarimYa Zahir, Ya BatinYa Awwal, Ya Ahir

Dina kangen abdi sumujudJero kangen abdi nyaluuhBari ngedeng bari diukBiwir ngunyem panon kucup.

Page 3: LEMBUR KURING.doc

HIJI DUNYAEtti R.S.

Kuring hayang cicing di hiji dunyadina kasatiaan laut jeung katiginan langit;nu surti nampa cinyusu jeung kolomberan,nu ayem kasaput mega jeung reueukantara ombak rohaka jeung hiliwir anginsaestuna aya geter angen-angenari mega hideung jeung gumilang bentangtepung dina ringkang jeung kahayang

Kuring hayang cicing di hiji dunyadina kaihlasan tur kaasih bumi;nu nebarkeun sugrining binih tutuwuhan,nu sadrah nadah sarwaning tapakantara kuring jeung tutuwuhansaestuna ukur nganti kaasih Pangeranantara kuring jeung pirang-pirang tapaktepung 'na pirang-pirang talajak

Kuring hayang cicing di hiji dunyanu ngagumulungkeun bentang, ombak, jeung tapakkuring hayang cicing di hiji dunyasamemeh nohonan panggupay Anjeunna

Sumber : http://www.karyapuisi.com/2010/06/sajak-sunda-hiji-dunya.html#ixzz3SI0ysSgS