3
Kusimkuring di pihormat Pangersa almukarom bapak…....beserta jamaah Kusimkuring di pihormat bpk ust…………………………beserta jamaah Kusimkuring di pihormat bpk ust…………………………beserta jamaah Serta para asatid.wal asatidah para hadirin bapa miwah ibu ku simkuring dipihormat Langkung ti payun sumangga urang sanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti nu maha su Alhamdulillah ku Rahmat sareng nayah manten!"a # dina danget ieu urang sadaya dipa kasehatan sareng ni$mat islam dugi ka urang sadaya tiasa kempel ngariung# patepung paamprok jonghok di ieu patempatan dina ieu acara anu ku urang sadaya diantos!anto acara………. Solawat miwah salam mugia salamina ngocor ka jungjunan urang "abi Agung %uhammad SA&# Ka kulawargina# ka para sahabatna# ka para tabi$in!tabi$ina dugi ka urang sala mugi di yaumil ahir kenging sapa$at ti manten!"a. 'adirin rohimakumullah( Sim kuring neda widi tina kaweningan galih neda jembar setra manah seja wilujeng sumping ka hadirin sadaya anu parantos kersa hadir kana ieu acara laksaket kabingahan. Sumangga lalinggih dina tempat anu parantos disayogikeun. )apak!bapak miwah ibujamaah sadayana # sateuacana pembacaan hadiah# marilah sami!sa awali dengan membaca *mmul +ur,an dengan harapan agar keluarga kita dan kita yang h pada malam ini selalu disehatkan jiwa dan badan kita# dipanjangkan umur kita# dimu dan urusan kita# dikuatkan iman dan islam kita serta selalu berada dalam lindungan amiin laa hadrotin nabii musto/aa rosulullillahi SA&# Al /aatihah........ Selanjutnya untuk pembacaan tahlil serta doa akan di pimpin oleh )apak0*st ........ kepadanya dipersilahkan. Anapon runtuyan acara tepang sono Akbar# nyaeta 1 2. Pembukaan 3. "gaoskeun ayat suci Al!+ur$an dilajengkeun solawat nabi 4. sambutan ti selaku keluarga 5. ceramah 6. 7o$a 'adirin bapa miwah ibu rawuh teteh oge kakang Alumni anu ku sim kuring dipihormat( Supados teu nyangkolong kana waktos # sumangga ieu acara urang buka ku maos basmall sasarengan# bismillahirrahmanirrahim.. %ugia ku ngalangkungan aosan basmallah ieu kagiatan kenging barokah sareng rido All

MC Pengajian

Embed Size (px)

DESCRIPTION

mudah2an bermanfaat

Citation preview

Kusimkuring di pihormat Pangersa almukarom bapak....beserta jamaah

Kusimkuring di pihormat bpk ustbeserta jamaah

Kusimkuring di pihormat bpk ustbeserta jamaah

Serta para asatid.wal asatidah para hadirin bapa miwah ibu ku simkuring dipihormatLangkung ti payun sumangga urang sanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti nu maha suci rehna Alhamdulillah ku Rahmat sareng Inayah manten-Na , dina danget ieu urang sadaya dipaparin kasehatan sareng nimat islam dugi ka urang sadaya tiasa kempel ngariung, patepung lawung paamprok jonghok di ieu patempatan dina ieu acara anu ku urang sadaya diantos-antos, nyaeta acara.Solawat miwah salam mugia salamina ngocor ka jungjunan urang Nabi Agung Muhammad SAW, Ka kulawargina, ka para sahabatna, ka para tabiin-tabiina dugi ka urang salaku umatna mugi di yaumil ahir kenging sapaat ti manten-Na. Hadirin rohimakumullah!Sim kuring neda widi tina kaweningan galih neda jembar setra manah seja nyanggakeun wilujeng sumping ka hadirin sadaya anu parantos kersa hadir kana ieu acara, sewu nuhun laksaket kabingahan. Sumangga lalinggih dina tempat anu parantos disayogikeun. Bapak-bapak miwah ibujamaah sadayana , sateuacana pembacaan hadiah, marilah sami-sami kita awali dengan membaca Ummul Qur'an dengan harapan agar keluarga kita dan kita yang hadir pada malam ini selalu disehatkan jiwa dan badan kita, dipanjangkan umur kita, dimudahkan rizki dan urusan kita, dikuatkan iman dan islam kita serta selalu berada dalam lindungan Allah SWT. amiin

laa hadrotin nabii mustofaa rosulullillahi SAW, Al faatihah........

Selanjutnya untuk pembacaan tahlil serta doa akan di pimpin oleh Bapak/Ust ......................, kepadanya dipersilahkan.Anapon runtuyan acara tepang sono Akbar, nyaeta :1. Pembukaan2. Ngaoskeun ayat suci Al-Quran dilajengkeun solawat nabi3. sambutan ti selaku keluarga 4. ceramah 5. DoaHadirin bapa miwah ibu rawuh teteh oge kakang Alumni anu ku sim kuring dipihormat!

Supados teu nyangkolong kana waktos , sumangga ieu acara urang buka ku maos basmallah sasarengan, bismillahirrahmanirrahim..Mugia ku ngalangkungan aosan basmallah ieu kagiatan kenging barokah sareng rido Allah SWT.Salajengna, sim kuring ngahaturanan ka saderek ..... kanggo maoskeun ayat suci Al-Quran dilajengkeun mingpin solawat nabi. Sumangga dihaturanan!

Hatur nuhun ka saderek ...... anu parantos ngaoskeun ayat suci Alquran sareng mingpin solawat nabi, Tos lami acara tepang sono ieu di antos-antos, urang sadaya paturay tineung saparantos sakola tilu taun lamina nungtut elmu di SMA 2. Emut ka sakola, emut ka rerencangan saparakanca, emut ka bapa sinareng Ibu guru. Tangtos moal hilap.Acara Salajengna nyaeta biantara pangbagea ti bapa pupuhu sakola. Sumangga kersana Bapa H. Endang Rachmat A. M.Pd. dihaturanan......Hatur nuhun ka Bapa H Endng Rahmat anu parantos ngadugikeun biantara pangbageana. Pamugi rupi-rupi piwejang sareng pepeling anu nembe didugikeun ku anjeuna, sing janten ranggeuyan mutiara, pibekeleun urang sadaya enggoning ngawangun kahirupan anu dipikahoyong.

Salajengna sumangga urang ngabandungan deui biantara pangbagea anu bade didugikeun ku pupuhu osis. Sumangga saderek Yogi K.P dihaturanan.

.........

Hatur sewu nuhun ka pupuhu Osis SMA n DUA Ciamis anu parantos ngadugikeu biantara kalayan singget mung teges maksadna.

Acara salajengna nyaeta biantaa pangbagea ti wawakil Alumni. Sumangga kersana bapak Sudrajat, dihaturanan.Hatur sewu nuhun ka Bapak Sudrajat anu parantos ngadugikeun sababaraha kecap anu janten wawakil eusi tina manah alumni.Hadirin sadaya hormateun sim kuring!Saparantos ngabandungan biantara pangbagea, urang kupingkeun hariring nasyid anu bade dipintonkkeun ku group nasyid SMA Negeri 2 Ciamis anu janten kareureueusan di sakola SMA Negeri 2 Ciamis. Sumangga dihaturanan!........Hatur nuhun ka group nasyid SMA Negeri 2 Ciamis anu parantos maparin hariring nasyid anu kacida halimpuna. Alhamdulillah Group Nasyid ieu teh tos janten pinunjul dina lomba Nasyid sapriangan Timur. Mugia group Nasyid SMA Negeri 2 Ciamis langkung mekar, nyandak nami SMA Negeri 2 Ciamis langkung seungit. Amin ya Allah ya Rabbal alamin.Hadirin sadaya, sateuacan nincak kana acara inti, urang susun heula panitia forum Alumni dilajengkeun bewara hasil panyusunan. Sumangga pupuhu forum Alumni, Bapa sudrajat dihaturanan!.....Alhamdulillahirabbil Alamin panitia forum Alumni parantos diwangun, ku kituna tiasa langkung gampil upami ngayakeun deui acara reuni.Hadirin sadaya, cunduk waktosna kana acara anu diantos-antos ku sadayana nyaeta sawala antawis alumni pikeun kenging hiji kamufakatan anu bade dipingppin ku moderator. Sumangga kersana ibu Ramni dihaturana!

.......

Hatur nuhun ka Ibu Ramni anu paratos mingpin sawala, alhamdulillah urang sadaya parantos kenging hiji kamufakatan.

Bapa miwah ibu, kalih hadirin alumni sadaya anu sami rawuh!Alhamdulillah acara demi acara parantos lekasan. Minangka acara pamungkas nyaeta ramah tamah. Nanging sateuacana urang pungkas heula ieu acara ku dua. Sumangga bapa Ustad Mahmud Ramli dihaturanan kanggo mingpin dua............Hatur nuhun ka kersana bapa Ustad Mahmud Ramli anu parantos mingpin dua, mugia dua urang sadaya di kobul ku AllaH swt. Amin. Sumangga ieu acara urang pungkas ku aosan hamdalah. Alhamdulillahirabbil alamin.Ti simkuring, rupina sakitu anu kapihatur. Sim kuring ngahaturkaeun nuhun ka rerengrengan panitia OSIS anu parantos ngabantosan tina sagala rupi hal pikeun ngalancarkeun acara ieu, mugia kasaean sareng bantosan pangurus OSIS SMA Negeri 2 Ciamis di wales ku Alloh SWT. Amin. Hapunten bilih aya basa anu lkirang merenah. Bobo sapanon carang sapakan, luhur saur bahe carek, mugia kersa ngahapunten. Billahi taufik wal hidayah wassalamualaikum wr.wb.