8
PIDATO NYERENKEUN PANGANTEN PAMEGET (TIPE 1) Assalamu'alaikum Wr. Wb. Alhamdulillahi robbil aalamin, Wabihi nasta'iinu alla umuurid dunia waddin. Was sholaatu wassalaamu alla sayydina Muhammadin khootaminnabiyyin, Wa aalihi wa shohbihii ajma-'iin. Palawargi jaler istri anu mulya utamina ka pangersa saebul bet di dieu, sim kuring atas nami kulawargi bapa ………………………………………….. rawuh rombongan, disarengan ku muji syukur ka Gusti nu Maha Agung, ngahaturkeun rebu-rebu nuhun laksa keti kabinghan kapalawargi didieu wirehna sim kuring parantos gasik ditampi enggal-enggal ditarima, dipapag di hiap-hiap ku basa anu endah someah, diawur ku kembang tanjung paselang kembang kananga, malati nu jadi saksi, tawis kaweningan galih pribumi nampi rombongan nu sumping. Estu matak tingtrim kana ati, matak betah kana manah anu nyemah. Mugia pangbagea anu dadasarna ku ikhlas kabingah nembe, tiasa jadi tatali asih panyimpay rasa anu bakal nyangreud mageuhkeun silaturahim antawis kulawargi ti …………………. Sareng kulawargi ti ………………………….., bari ginuluran sareng rido Allah Swt. Amiin. Salajengna sim kuring seja tamada wireh rumaos ngabantun rombongan teh lumayan seueurna, bari sanes mung wungkul sepuh atanapi rumaja wae nanging katambih ku murangkalih anu nuju meujeuhna baladeur, anu tangtos bakal seueur kalepatanana, utamina tata titi duduga peryogana. Kumargi kitu tawakup anu kasuhun saupami katingali aya tingkah anu kirang munasabah, kadangu aya saur anu kirang umum ti rombongan sim kuring sadayana. Palawargi anu mulya.

Pidato Nyerenkeun Panganten Pameget

Embed Size (px)

DESCRIPTION

Pidato panganten sunda

Citation preview

PIDATO NYERENKEUN PANGANTEN PAMEGET (TIPE 1)

Assalamu'alaikum Wr. Wb.Alhamdulillahi robbil aalamin, Wabihi nasta'iinu alla umuurid dunia waddin. Was sholaatu wassalaamu alla sayydina Muhammadin khootaminnabiyyin, Wa aalihi wa shohbihii ajma-'iin.Palawargi jaler istri anu mulya utamina ka pangersa saebul bet di dieu, sim kuring atas nami kulawargi bapa .. rawuh rombongan, disarengan ku muji syukur ka Gusti nu Maha Agung, ngahaturkeun rebu-rebu nuhun laksa keti kabinghan kapalawargi didieu wirehna sim kuring parantos gasik ditampi enggal-enggal ditarima, dipapag di hiap-hiap ku basa anu endah someah, diawur ku kembang tanjung paselang kembang kananga, malati nu jadi saksi, tawis kaweningan galih pribumi nampi rombongan nu sumping. Estu matak tingtrim kana ati, matak betah kana manah anu nyemah. Mugia pangbagea anu dadasarna ku ikhlas kabingah nembe, tiasa jadi tatali asih panyimpay rasa anu bakal nyangreud mageuhkeun silaturahim antawis kulawargi ti . Sareng kulawargi ti .., bari ginuluran sareng rido Allah Swt. Amiin.

Salajengna sim kuring seja tamada wireh rumaos ngabantun rombongan teh lumayan seueurna, bari sanes mung wungkul sepuh atanapi rumaja wae nanging katambih ku murangkalih anu nuju meujeuhna baladeur, anu tangtos bakal seueur kalepatanana, utamina tata titi duduga peryogana.Kumargi kitu tawakup anu kasuhun saupami katingali aya tingkah anu kirang munasabah, kadangu aya saur anu kirang umum ti rombongan sim kuring sadayana.

Palawargi anu mulya.Rupina cunduk waktuna sim kuring nedunan pamundut panata cakagara tadi, nincak mangsana balaka nguningakeun pamaksadan. Ku kituna mah kantenan, raos rek mobok magih gorowong, rek naek mendak taraje nguping pamundut panata calagara the, margi asa piraku ti .. dijugjug upami teu aya anu dipimaksud, pamohalan anggang-anggang diteang ka .. upami teu aya pamaksadan, tebih ge pasti disungsi margi aya nu dipilari.

Ka kulawargi bapa. Sakalih, Insya Allah sim kuring seja balaka.Saperkawis sim kuring sarombongan seja nyanggakeun bari nyangreud pageuhkeun silaturahim ka parawargi sadaya di dieu, margi nya ieu pisan nu jadi bibit buit, cikal bakal sim kuring sarawuh rombongan dongkap ka ieu tempat, teu aya sanes seja jajap pun . Anu wastana kadeudeuh bapa . Sakalih, anu numutkeun selenting bawaning angin parantos lami pakait ati pacantel hate sareng neng. Putri ka asih bapa . Miwah ibu.Wartosna heubeul silih pikatineung, lawas silih pikamelang, bungbuna karujuk sepuh, samara jiad ti sobat sadaya, cindekna mah batu turun kesik naek alias itu purun ieu daek. Malihan parantos aya kasaluyuan ti sadayana reh dina dinten ieu ping .. Insya Allah sejana bade diakadan.Kumargi kitu, mugi kasaksi ku sadaya, danget ieu sim kuring atas namina kulawargi seja nyanggakeun pipanganteneun, nya ieu . Ka pangersa bapa .. sakulawargi, saur tukang pantun te mah ti luhur sausap rambut ti handap sausap dampal rambutna salambar getihna satetes napasna sadami estu mo ngagaduih-gaduh deui mugia ditampi lajeng ditikahkeun ka neng .

Panuhun sim kuring sakulawargi sabada pun anak resmi janten kulawargi di .. mugi sing sering ngageuing, ulah bosen ngawurukan ulah suda mapatahan nungtun sinareng nuduhkeun kana jalan pamaslahatan sareng pibagjaeun dunya rawuh aheratna.Nanging nyakitu geuning, teu weleh aya tambihna nyaeta mangrupi kabodoan sareng kakiranganana, kirang elmu panemuna kirang tata titi duduga peryogana kirang pangalaman sareng pamahaman tos kantenan anu disebat harta banda mah estu kirang keneh pisan margi nembe bade kokoreh, sumuhun ari pangawakan mah estu tangtung teu nambut rupa teu nyewa dedeg sampe rupa hade nanging nyakitu upami dina kai mah diangge pamikul bengkung diangge pangeret bingkeng, lumayan keur pisuluheun.Atuh salajengna boh bilih disebat wadul sim kuring nyanggemkeun teu jingjing teu bawa mah, margi ku parawargi katinggali aya nu nyandak tanggeuyan. Isin upami disebat hiji-hijina mah margi mung ukur tamba pamali tamba isin ulah ngaligincing teuing. Ari maksadna mah eta the tilam kadeudeuh tawis asih ti kanggo neng , mugi ulah ditainggal pangaosna anu estu teu pira, nanging niat suci nu maparina, saurna mah : sanes butuh keur sausum, butuh pikeun batur hirup, mun wasa saumur-umur seja nyaah salawasna, deudeuh geugeut mo ngaheuleut wedi asih salamina. Disarengan ku paneda mugia ginulur restu ginanjar rahmat sareng rido Allah Swt.

Parawargi jaler istri anu mulya. Piraku mun gunung tanpa tutugan, walungan tanpa muara, atuih piraku nu jajap ge kateterasan. Rupina urang cekapkeun sakieu kecap pangjajap sim kuring.Panutup catur pamungkas carita sim kuring atas nami rombongan ti . Nyanggakeun sewu bebendu laksa duduga ka parawargi sadaya, tos tangtos saurna kirang umum kecap kirang merenah, bobot pangayon timbang taraju, nyanggakeun ka parawargi sadaya. Panuhun sim kuring rawuh rombongan mugi agung tawakupna jembar hampurana kana sagala rupi kalepatan sareng kakirangan

Billahi Sabilil haq.

Wasalamualaikum Wr. Wb.Po Ahad kamari,tanggal 13 Juli 2008, kabeneran kuring kudu nedunan ondangan kawinan blasteran Sunda-Padang nu ngadahup ka urang Lampung. Dina pasamoan euwuehacara adat tradisional. Wirahma nu mirig pasamoan g musik barat lain musik tradisional Sunda atawa Padang atawa Lampung. Anu katmbong nuansa tnikna th ngan dina pakan pangantn jeung kolotna hungkul nyata pakan tradisional Lampung. Kuring jadi sono hayang nyaksian upacara adat Sunda dina kawinan. Kasona rada kaubaran lantaran minggu kamari kuring kark meuli buku Panggelar Sastra karya bapa Drs. Ahmad Hadi,terbitan Pamulang Tangerang, taun 2004, dimana di jerona aya conto biantara seserahan dina adat Sunda.Kieu conto biantara masrahkeun calon pangantn lalaki th:Assalamu alaikum wr. wb.Inna hamdalillah. Nahmaduhu wa nastainuhu wa nastagfiruhu wa na udzubillahi min syururi anfusina wa min sayyiati amalina. Mayyahdzillahu fala mudzilallah wama yudlilhu fala hadiyalah.Asyhaduanla ilaha illalah wahdahu la syarikalah, wa asyhadu anna muhammadan abduhu wa rosuluhu, la nabiya badah.Puji anu janten mimiti ngamugi-mugi ka Gusti Nu Maha Suci. Puja minangka bubuka carita, urang sanggakeun ka Pangran Nu Murbeng Alam, kalayan sukur kapihatur ka Alloh Nu Maha Gofur.Alhamdulillah wa syukrillah wa ala nimatillah, dina dinten ieu anu dimulyakeun ku Alloh SWT, urang sadaya parantos dikersakeun ku Manten-na tiasa kempel ngariung dina ieu pamaksadan, dina raraga nyambungkeun tatali silaturahmi antawis papada urang salaku umat muslim. Atuh kalihna ti ta, urang ngariung th seja nyaksni kalayan ngadorong ku dua kana naon rupi anu dipimaksad ku sohibul makosid sakulawargi.Solawat sinareng salam mugi-mugi dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, habibana wa nabiyana, Kangjeng Nabi Muhammad SAW, kalayan mugi-mugi dikocorkeun og ka kulawargina, ka para sohabatna, ka tabiin tabiatna kalebet urang sadaya kaom muslimin anu tumut kana ajaranana. Pamugi urang sadaya kalebet umat anu knging syafaat di yaumil ahir. Amin.Bapa kalih Ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring!Langkung ti payun ngahaturkeun rwu nuhun ka panata acara anu parantos maparin waktos ka sim kuring kanggo cumarios dina ieu pasamoan.Hatur swu nuhun utamina kasanggakeun ka pangersa Bapa Sastra Wiguna sakulawargi anu parantos ngangken kalayan nampi ka sim kuring sinareng rombongan, ku panampian anu kalintang nyugemakeunana. Abot nyuhun abot nanggung abot narimakeunana. Teu aya anu tiasa dipisanggem iwal ti seja menekung ka Nu Maha Agung, ngamugi-mugi ka Gusti Nu Maha Suci, pamugi rupining kasaan Bapa Sastra Wiguna sakulawargi sing janten amal solh anu dipirido ku Alloh SWT. Amin.Bapa miwah ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring, sakumaha anu kauninga ku urang sadaya, wirhna pun anak Cp Tata dongkapna ka dieu diwuwuh ku parasepuh, duriung ku wargi-wargi, dijajap ku pirang-pirang pidua, kantenan sans lantung tambuh laku sans lntang tanpa bja. Nanging aya maksud kolbu nu dituju, aya maksad manah anu diseja. Wirhna kapungkur sabadana pun anak, Cp Tata, patepang anu munggaran sareng Nng Titi, rupina ngaraos kapetik ati kapentang asmara cinta. Bubuhan Nng Titi apan sakitu sieupna. Saur juru pantun mah geulisna bawa ngajadi ndahna bawa ti kudrat. Dedeg samp rupa had. Gadona endog sapotong, beungeutna ngadaun seureuh, irungna kuwungkuwungan, tarangna teja mentrangan. Diteuteup ti hareup sieup disawang ti tukang lenjang. Pantes saupami Cp Tata teras kagmbang kapngpongan. Atuh kaleresan diwuwuh ku batu turun keusik nak, itu purun ieu dak, dugi ka pasini jangji hoyong cacap jatukrami.Dina danget ieu, Cp Tata th rupina seja maheutkeun jangji pasinina, gaduh maksud hoyong mungkas alam lalagasan, ngancik di alam rimbitan, teteg jejem rk muru ka bal nyungcung, manawi aya rido ti Gusti Nu Maha Agung.Dina ieu kasempetan, kalayan kasaksni ku wargi-wargi, og diwuwuh ku para sepuh, sim kuring seja nyanggakeun pun anak, Cp Tata, ka ramana Nng Titi, pangersana Bapa Sastra Wiguna kanggo ditikahkeun dina danget ieu.Atuh ka Bapa Sastra W iguna sarimbit, hususna ka Nng Titi, ti danget ieu Bapa sareng Ibu salaku sepuhna nyanggakeun Cp Tata, ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal, ti tengah tina pangkonan. Nyanggakeun rambutna salambar, getihna satts, ambekanana sadami. Nyanggakeun ti luhur saujung ketu, ti handap saujung sapatu, di tengahna anu kitu, anu sawaktos-waktos sok jiga surutu.Kalihna ti ta, Cp Tata dongkapna ka dieu th stuning henteu jangjang henteu jingjing. Mung ieu w saurna nu dibantun th mung sarupi, nyata nu ngaringkuk kawas kuuk, nu bosongot kawas marmot, nu ngarngkol osok ngompol.Numawi Cp Tata teras ngarka sisindiran:Karta nyorang tanjakanjalanna maju ka kidul.(Wios) Cp Tata teu cacandakan,asal tana bedegul.Saur Cp Tata, ta nu bedegul lir doran pacul th tos ngukuntit ti aalit, dicacandak ti bubudak, nanging stu teu acan pisan digolangkeun. Bubuhan dipak pamikul bengkung, dianggo pangrt bingkeng, dianggo tihul teu hurung. Numawi teras dibantun w ka dieu. Manawi di dieu mah tiasa dimangpaatkeun ku Nng Titi, dianggo geusan nyiptakeun kabagjaan lahir batin. Jadi pamatri asih laki rabi dina ngambah sagara rumah tangga.Bapa kalih ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring!Sateuacanna nampi kana ieu pamaksadan, pamugi kauninga utamina ku Nng Titi, wirhna Cp Tata th mung jangkung luhur salirana wungkul. Ditilik tina harti sareng hartana mah stuning sepi harti tuna harta, suwung ku kaweruh. Atuh ditilik tina rigigna sans rigig santri, dirrt tina lggna sans lgg Bapa Leb, masih knh meryogikeun pangatik sareng pangdidik ti para sepuhna, malah mandar tiasa ngawangun rumah tangga sakinah sakumaha anu dipiharep ku urang sadaya.Bapa kalih Ibu, dongkapna sim kuring sareng rombongan ka ieu tempat th katingalna mah ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat nyatang pinang. Nanging ngaleut th henteu leubeut ku tanggeuyan, ngembat th teu rbo ku cacandakan. Ngabringna henteu rimbil ku jingjingan. stuning keupat eundang ngadaleungdang, indit sirib ngaligincing. ta cenah aya nu kajingjing sakedik, kabantun bari ngalangkung, duka naon. Duka artos sapsr duka kan sacewir. ta mah haturan wa kanggo Nng Titi, tamba isin ngaligincing.Minangka pangjajap pangjurung laku ka Cp Tata sareng Nng Titi, hidep duaan th mangrupi sekar munggaran anu mekar mangkakna pinuh ku harepan. Bbr layar tarik jangkar, ngarancana mungkas mangsa lalagasan, sapuk rk muru ka bal nyungcung. Mugi-mugi pamaksadan hidep duaan sing tiasa tinekanan. Sing teteg henteu galideur dina nyorang paneka rumah tangga.Sabada diwalimahan, mugi-mugi hidep duaan sing tiasa ngawangun rumah tangga nu ngarunggunuk kawas dukuh, ngarandakah kawas manjah, ngarndkh kawas srh. Sing ayem tengtrem kutaraharja. Runtut raut sauyunan, sareundeuk saigel sabata sarimbagan sabobot sapihanan. Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak. Ka cai sing getol mandi, ka darat sing getol solat. Sing tiasa silih simbeuh ku kadeudeuh, silih kojayan ku kanyaah, titih rintih mupusti rasa kaasih, tebih tina hiri dengki anggang tina pacngkadan. Sing jauh tina salingkuh, guyub akur sauyunan, ngawangun rumah tangga nu sakinah mawadah wa rohmah.Bapa miwah ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring, rupina pisanggem sim kuring urang cekapkeun sakitu wa. Mugi agung cukup lumur, jembar hapuntenna anu diteda, bilih langkung saur bah cark. Bilih aya budi anu kajingjing ti tepis wiring, basa anu kacandak ti padsaan. Bilih aya nu kabadug kalbu kagedag manah, kabentur tuur kabntar taar, kababuk punduk kapangkk klk, kaciwit imbit katajong tonggong sareng bobokong. Hapuntenna anu kasuhun.Pamungkas pisanggem, hatur swu nuhun kana sanskawis perhatosanana.Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalamualaikum wr. wb