2
Tari Ketuk Tilu TALITHA FARAH K XII MIIA 7 Tari Ketuk Tilu nya éta salah sahiji budaya anu aya di Sunda. Tari Ketuk Tilu mangrupakeun tarian dasar tina tari-tari modern nu populér di Jawa Barat., diantarana Jaipong. Awalna tarian ieu digunakeun dina upacara adat keur nyambut panén, mangrupa wujud rasa syukur ka déwi Sri anu dipercaya sabage déwi pané ku masyarakat Sunda. Tapi kadieunakeun mah Ketuk Tilu téh jadi tarian hiburan. Dina tarian ieu, gerakan-gerakan ngabogaan ngaran sorangan- sorangan nya éta dépok, bajing luncat, oray-orayan, engkah opat, ban karet, jsb. Ari ngaran Ketuk Tilu mah ngabogaan harti tilu iramanu dikeluarkeun tina alat music pangiringna. Irama-irama na nya éta irama rebab, kendang idung, jeung kulanker. Aya lagu wajib nu kudu dipaké dina Tari Ketuk Tilu ieu, saperti tunggul, kendang, sorong, kaji-kaji. naék geboy, kembang beureum, sonténg jeung sajabana. Lian ti éta, aya lagu-lagu nu dibawakeun spontan waktu pertunjukan. Ketuk Tilu bisa ditarikan ku lalaki jeung awéwé. Kostum nu dipaké ku lalaki nya éta baju kamprét, calana pangsi, iket, beubeur kulit jeung pakarang.

Tari Ketuk Tilu

Embed Size (px)

DESCRIPTION

Artikel Tari Ketuk Tilu

Citation preview

Page 1: Tari Ketuk Tilu

Tari Ketuk Tilu

TALITHA FARAH K

XII MIIA 7

Tari Ketuk Tilu nya éta salah sahiji budaya anu

aya di Sunda. Tari Ketuk Tilu mangrupakeun tarian dasar

tina tari-tari modern nu populér di Jawa Barat., diantarana

Jaipong. Awalna tarian ieu digunakeun dina upacara adat

keur nyambut panén, mangrupa wujud rasa syukur ka

déwi Sri anu dipercaya sabage déwi pané ku masyarakat

Sunda. Tapi kadieunakeun mah Ketuk Tilu téh jadi tarian

hiburan.

Dina tarian ieu, gerakan-gerakan ngabogaan ngaran sorangan-sorangan nya éta dépok,

bajing luncat, oray-orayan, engkah opat, ban karet, jsb. Ari ngaran Ketuk Tilu mah ngabogaan

harti tilu iramanu dikeluarkeun tina alat music pangiringna. Irama-irama na nya éta irama rebab,

kendang idung, jeung kulanker.

Aya lagu wajib nu kudu dipaké dina Tari Ketuk Tilu ieu, saperti tunggul, kendang,

sorong, kaji-kaji. naék geboy, kembang beureum, sonténg jeung sajabana. Lian ti éta, aya lagu-

lagu nu dibawakeun spontan waktu pertunjukan. Ketuk Tilu bisa ditarikan ku lalaki jeung

awéwé. Kostum nu dipaké ku lalaki nya éta baju kamprét, calana pangsi, iket, beubeur kulit

jeung pakarang. Sedangkeun awéwéna maké kabaya, sinjang/samping, lengkeup jeung geulang,

karembong, beubeur jeung kongkorong.

Salaku masyarakat Indonesia, kheuseusna urang

Sunda. Urang kudu ngamumulé Tari Ketuk Tilu ieu,

sebab tina tari ieu diciptakeun tarian kreasi anyar téh.

Carana nya éta ku di ajar, nampilkeun, ngenalkeun ka

nu lian jeung sajabana. Lamun Urang bisa ngamumulé,

bakal loba wisatawan nu katarju ku tarian ieu. Hal ie

Page 2: Tari Ketuk Tilu

bisa jadi salah sahiji cara pikeun ngajaga kabudayaan luluhur ngarah henteu punah jeung diakui

ku sakuliah dunya.