Piwuruk Pikeun Atikan Barudak
Kumpulan Dongéng
Yanuarti Utama
©2012
1
PANGJAJAP
Puji sinareng sukur panyusun sanggakeun
ka hadirat Gusti anu Maha Suci, lantaran berkat
rahmat sareng hidayah ti manten-Na panyusun tiasa
ngaréngsékeun ieu buku salaku pancén tina mata
kuliah Penulisan Kreatif. Sholawat miwah salam
urang sanggakeun ka jungjunan urang sadaya, Nabi
Muhammad SAW, ka kulawargana, para
sohabatna, kalih urang sadaya salaku umatna dugi
ka ahir jaman. Amin.
Ieu buku téh mangrupi kumpulan dongéng
anu ngandung téma “Piwuruk Pikeun Atikan
Barudak”. Panyajian anu aya dina ieu buku nyaéta
mangrupikeun dongéng-dongéng anu aya patalina
sareng atikan barudak.
Tujuanna salian keur nyumponan pancén
mata kuliah Penulisan Kreatif, nyaéta pikeun
ngawuruk barudak dina atikan anu saluyu jeung
2
norma nu aya di masyarakat. Ogé ngembangkeun
kanyaho urang kana atikan barudak.
Tungtung basa, panyusun ngahaturkeun
nuhun anu kasuhun ka pihak-pihak anu parantos
ngabantosan. Ka Gusti anu Maha Suci, ka pun bapa
kalih pun biang, sareng sadayana pihak-pihak anu
teu tiasa di sebutkeun hiji-hiji.
Buku kumpulan dongéng “Piwuruk Pikeun
Atikan Barudak” ieu murni hasil pamikiran
panyusun, kusabab kitu sadaya eusi anu
dicantumkeun dina ieu buku tiasa
dipertanggungjawabkeun.
Mugia ieu buku tiasa mangfaat kanggo
sadaya pihak anu maca. Sarta bisa dijadikeun
pedoman kanggo karya anu salajengna.
3
Sumedang, 4 Mei 2012
Panyusun
4
Mutiara Cimata Kerang
Dihiji laut aya sakadang kerang anu kacida
bangor jeung picarékeunana. Pagawéanana ulin
jeung ulin, indit isuk balik sore. Manéhna teu
ngagugu pisan kana panyaram nu jadi indung.
Boboraah daék mantuan kolot, pagawéan
sapopoéna ngan dahar jeung ulin waé.
Tapi sok sanajan adat anakna kitu, indung
kerang mah teu weléh nyaah jeung leukeun
mapatahan manéhna. Teu weléh sabar
nyanghareupan anakna, tara ngarasula, mana komo
ambek-ambekan nyarékan anakna mah.
Dina hiji poé sakadang kerang téh ceurik
eueurihan nahan kanyeri. Nu jadi margana mah
lantaran aya batu karang anu seukeut asup kana
awakna. Unggal poé ceurik, sabab ti saprak harita
manéhna teu bisa usik maceuh kaditu kadieu.
Sakadang kerang ngomong ka indungna
bari ceurik, “Duh… Ema… teu kuat pisan ieu
5
nyerina. Kudu dikumahakeun atuh ieu téh?” ningali
anakna ceurik, teu tega ningali kaayanaan budakna
anu nahan kanyeri. Indungna teu eureun-eureun
ngupahan jeung narékahan sangkan batu karang
dina jero awakna téh leungit. Sok sanajan budak téh
rada lenger, ari kanyaah nu jadi indung mah moal
lantis-lantis. Deudeuh jeung asihna moal
kagantikeun kunaon waé ogé.
“Ujang sing sabar anaking. Da Gusti Allah
mah gening teu méré leungeun ka bangsa urang téh.
Tapi sok sanajan kitu, ulah petot-petot neneda ka
anjeun-Na mah, sangkan musibah téh gancang
leungit,” indungna tuluy ngupahan, bari teu weléh
ngalimba ku cisoca.
“Ema nyaho éta téh peurih jang. Sing sabar
wé anaking. Matakna engké mah tong maceuh
teuing mun ulin téh. Kudu tarapti jeung ati-ati.
Kudu ngagugu kana papatah jeung panyaram Ema
téh.”
6
Sabada ngadéngékeun peupeujeuh
indungna, sakadang kerang téh ngarasa kaduhung.
Saharita sipatna téh tuluy robah, ayeuna mah jadi
tarapti jeung ati-ati. Leuleumpangan ogé lalaunan,
sok sanajan nyeri karasana, tapi ditahan sangkan
teu ceurik. Manéhna nyaho, lamun nepi ka ceurik
kanyenyerian bakal leuwih karasa kabina-bina.
Lila kalilaan mah, kanyerina téh mimiti
suda. Batu karang anu aya dina awakna téh teu pati
nojosan teuing, malah karasana ngareunah tur
plong kanyerina téh. Batu karang anu aya dina
awakna téh, horéng rubah jadi mutiara anu kacida
éndahna. Kanyerina geus leungit, sanggeus kitu
tuluy buru-buru nepungan indungna bari mamawa
mutiara.
Demi nu jadi indung, ningali anakna cageur
sabihara-sabihari deui, bungah nu liwa saking.
Indungna tuluy ngucapkeun sukuran ka Gusti Nu
Maha Suci. “Tuh ujang, buah tina kasabaran jeung
7
katawekalan mah teu weléh amis tung-tungna.
Dodojo jeung musibah mah ulah sakali-kali dijieun
ngarasula, singhareupan ku sabar. Peujeujeuh ti
Ema mah, ayeuna mah kudu leuwih tarapti dina
saréngkak saparipolah,” ceuk indungna ngalimba
ku cimata kabungah.
Kerang ogé anu tadina bangor jeung lenger,
eyeuna mah teu weléh nurut kana papatah nu jadi
kolotna. Saréngkah sapalipolahna teu mungpang
tina papatah indungna. Lamun rék ulin tara
kamalinaan, indit bébéja heula ka indungna. Saban
poé ogé sok ngaluangkeun waktuna keur mantuan
nu jadi indungna.
Ti harita kerang di laut teu weléh
ngaluarkeun mutiara nu kacida éndahna, éta téh
buah tina kasabaran jeung kalakuan hade kerangna.
Indung jeung anak hirup bagja nepi ka ahir. ***
8
Putri Rihanna jeung Hileud Bulu
Jaman baheula aya putri karajaan nu
ngaranna Rihanna. Manéhna putri karajaan anu
kasohor ku kageulisanana. Kabéh rahayat nyaho ka
putri Rihanna téh. Malahan mah loba pisan nu
bogoheun ka manéhna. Rahayat mah puguh loba
pisan, komo deui raja-raja atawa putra karajaan nu
lainna. Salain geulis, putri Rihanna mah bageur
pisan ka batur téh. Alus budi. Teu ningali jalma
miskin atawa jalma beunghar.
Dina hiji poé éta putri Rihanna téh jalan-
jalan ka leuweung, caritaana mah rék néangan
kukupu. Kaitung geus lila jalan-jalan di éta
leuweung téh, tapi kusabab manéhna can manggih
waé éta kukupu kapaksa kudu tuluy leuleumpangan
di éta leuweung. Sieun sabenerna mah, sabab poé
geus mimiti sore jeung putri Rihanna kudu
ngaliwatan jalan satapak anu loba tatangkalan anu
sakitu gedéna. Putri Rihanna ngan sosoranganan di
9
jero éta leuweung. Pangawalna teu nuturkeun putri
Rihanna ka jero leuweung, sabab putri Rihanna teu
resep mun pangawalna milu. Sok loba ngomong
pajarkeun téh.
Tapi émang dasar geus jadi nasib, ditengah
jalan putri Rihanna dipegat ku bégal. Putri Rihanna
reuwaseun pisan, sabab si bégal na geningan mawa
péso anu sakitu seukeutna.
“Heh putri! Lamun putri hayang salamet,
buru seurahkeun éta perhiasan manéh!” bégal
nyentak.
Putri Rihanna bingung. Lamun ngalawan da
pasti teu mungkin, sabab sieun ku pésona. Lamun
manéh na nyerahkeun perhiasanna, kudu ngomong
kumaha ka indung jeung bapana.
“Aduh ampun juragan, tong siksa abdi.
Abdi hoyong uih ka karajaan” putri Rihanna
ngomong bari sieun ku éta bégal.
10
“Teu paduli manéh rék balik ka karajaan,
atawa rék kaman mana ogé. Pokona mun hayang
salamet, seurahkeun éta perhiasan ka déwék!” ceuk
bégal bari nyentak.
Sajoréning kitu, putri Rihanna néangan akal
kumaha carana sangkal salamet ti bégal. Putri
Rihanna ngadoa tina jero haténa, ménta pitulung ka
gusti. Teu lila, pluk! Hileud bulu murag tina
tangkal kana baju éta bégal. Si bégal ngarasa ateul
kacida, nepikeun ka manéhna teu kuat nahan
ateulna. Buru-buru éta bégal muka baju terus
lulumpatan ménta tulung bari gagaro.
Putri Rihanna buru-buru néang éta hileud
bulu, tuluy pok ngomong, “Nuhun hileud tos
nyalametkeun simkuring, hatur nuhun hileud” ceuk
putri Rihanna ka hileud bulu.
“Aéh, naha putri téh teu sieun ku abdi?”
Tanya si hileud bulu.
11
“Naha maké kudu sieun sagala? Nya
heunteu atuh matak simkuring nyarios ka anjeun
ogé. Hatur nuhun pisan tos nyalametkeun
simkuring.” Tembal putri Rihanna bari seuri.
“Pan batur mah sarieuneun ka abdi téh
putri. Padahal mah da kuring mah teu pikasieuneun.
Pédah matak ateul wungkul. Tapi da kuring mah
tara niat jahat ka manusa” si hileud nyarita.
Putri Rihanna langsung ngusapan hileud
bulu, “Sawios hileud, da sadayana makhluk Gusti
Allah mah tos aya kodratna nyalira-nyalira. Keun
wé manusa teu resep ka anjeun oge, da gening
anjeun tiasa ngabuktoskeun yén anjeun téh bisa
nulungan kuring”.
Ningali putri Rihanna anu sakitu bageur na,
hileud bulu jadi éra sorangan. Putri Rihanna buru-
buru néangan jalan keur kaluar ti éta leuweung bari
mawa hileud bulu. Kusabab hileud bulu geus
nulungan manéhna, hileud bulu dijadikeun
12
babaturanna jeung langsung dibawa ka karajaan
harita kénéh ogé.
Hileud bulu ngarasa bungah geus panggih
jeung putri Rihanna. Manéhna bungah geus boga
babaturan. Sabab geus lila hileud bulu téh teu boga
batur, da gening pada teu raresepeun ka manéhna
gara-gara manéhna sok matak ateul ka batur.
Padahal manéhna teu boga niat jahat ka sasaha.
* * *
13
Sakadang Monyét jeung Sakadang
Cacing.
Dina hiji poé aya si monyét keur néangan
kadaharan. Manéhna ti kamari can manggih
kadaharan, ngan bisa néangan kaditu kadieu bari
jeung teu manggih. Ditengah jalan, monyét
manggihan tangkal cau anu sakitu leubeutna. Teu
loba mikir, si monyét buru-buru naék ngala éta cau
anu keur meumeujeuhna pikabitaeun. Si monyét
tuluy ngadaharan cau, teu sieun kanyahoan ku nu
boga na. Cangkang cau geus patulayah di
handapeun tangkalna. Geus maling téh si monyét
kalah ngabala dikebon batur.
Si cacing anu karék kaluar ti jero taneuh,
ngahaja leuleumpangan. Manéhna reuwas ningali
cangkang cau anu patulayah dimana mana. Si
cacing néang saha anu ngabala, miceun cangkang
cau dimana waé. Ari ningali ka luhur, geningan aya
si monyét nu keur cacamuilan ngadaharan cau.
14
“Heh monyét, manéh sing balég dahar téh!
Mani patulayah kieu ieu cangkang cau!” carék si
cacing.
“Gandéng manéh cacing! Ngaganggu pisan
kanikmatan batur” témbal si monyét bari terus
ngadaharan cau anu aya dina tangkal. Si cacing
keuheul ka si monyét anu teu bisa dicarék. Si
cacing tuluy leuleumpangan, manéhna ogé keur
néangan kadaharan. Ti kamari can manggih anu
matak wareg. Geus leuleumpangan kaditu kadieu,
sic acing teu manggihan kadaharan nanaon.
Daripada capé leumpang, mending ménta cau wé
ka si monyét, si cacing ngomong dina jero haté.
Si cacing balik deui nyampeurkeun si
monyét anu keur di luhur tangkal cau. Pok si cacing
ngomong, “Monyét! Cing atuh urang ménta cau,
urang can dahar. Lapar pisan,”. Si monyét anu keur
ngadahar cau anu sakitu loba na, jongjon waé
ngadaharan cau. Api-api teu ngadéngé aya sora
15
cacing anu keur kalaparan ménta cau. “Aduh aduh
si monyét, ari manéh mani pedit. Urang ménta ogé
mania api-api teu ngadéngé,” si cacing asa hayang
ngabalédog ka si monyét. Ari si monyét ngan
cacamuilan ngadaharan cau bari teu nawaran-
nawaran acan ka si cacing.
Si cacing ngarasa keuheul ka kalakuan si
monyét. Kalakuan anu embung babagi ka sasama.
Padahal mah urang sakabéh makhluk Gusti Allah,
aya kawajiban keur babagi ka sasama. Kabéh gé
aya babalesna, da Gusti Allah mah Maha Adil.
Bakating ku keuheul, si cacing abus deui ka jero
taneuh.
Sanajan lapar, si cacing ngan bisa sabar
nahan kalaparan. Manéhna tuluy waé
leuleumpangan, susuganan aya kadaharan anu
matak wareg. Teu lila si cacing di jero taneuh, si
cacing ujug-ujug ngadéngé sora anu ceurik
gogoakan. Kadéngé na mah sora si monyét éta téh,
16
ceuk si cacing dina jero haténa. Buru-buru si cacing
kaluar tina jero taneuh. Katingali si monyét keur
ceurik bari nyekelan beuteungna, bari di
gigireunana aya cau saturuy. Si cacing buru-buru
nyampeurkeun si monyet anu keur kokoséhan bari
ceurik eueurihan.
“Kunaon manéh monyét?” Tanya si cacing
bari olohok ningali kaayaan si monyét.
“Aduh… cing… nyeri pisan ieu beuteung
urang cing... nyeri!” ningali si monyét anu keur
ceurik, si cacing kalah seuseurian bari mawa cau
anu aya digigireun si monyét.
“Tuh nya, ceuk urang ogé naon… tong
sarakah manéh téh monyét! Karasa pan ayeuna
babalesna kumaha? Teu pira urang ménta cau hiji,
da moal matak béak!” si cacing tuluy ngadahar cau
anu ti tatadi dipikahayang ku manéhanana. Teu
paduli ka kaayaan si monyét anu ménta tulung
kanyenyerian.
17
Si monyét teu bisa nanaon, ngan ukur bisa
nyekelan beuteung anu kacida nyerina. Si cacing
tuluy ngomong deui bari samutut ngadahar cau,
“Matakna tong sarakah manéh monyét. Hirup téh
kudu bisa babagi ka batur. Tong pedit, da rejeki
mah pan geus aya nu ngatur. Tah ayeuna manéh
pedit ka urang, ieu balesan ti Maha kawasa téh”.
Teu lila ngadéngé sic acing ngomong kitu,
si monyét tuluy ménta hampura ka si cacing,
“Heueuh hampura urang cing, urang geus sarakah.
Hampura cing!,” si monyét ngomong ménta
dihampura bari ceurik eueurihan. Si monyét
ngarasa kaduhung ku kalakuan manéhna sorangan
nu embung babagi kadaharan ka batur. Ayeuna
manéhna kudu sabar narima babalesna tina
paripolah goréngna.
Ti saprak harita, si monyét geus tara
sarakah deui. Unggal boga kadaharan, ku manéhna
sok dibagi ka si cacing atawa ka babaturanna nu
18
séjén. Manéhna sadar, da jadi makhluk sarakah
mah moal aya untungna.
* * *
19
Sabungkus Roti
Di hiji karajaan aya saurang raja anu teu
kapalang bageurna, ngaranna Raja Biber. Loba nu
resepeun ka éta raja téh, sabab sipatna anu bageur
tur bijaksana dina mimpin rahayat. Boh kitu deui
rahayat anu dipimpin ku raja Biber téh ngarasa
makmur jeung sejahtera pisan. Si raja tara sombong
siga raja anu séjénna, tara mawa kaputusan
sosoranganan, jeung nyekel pisan kana amanat
rahayat.
Dina hiji poé, raja Biber indit ka leuweung
rék daun jati keur ubar budakna anu keur gering.
Manéhna indit sorangan, embung dikawal da
hayang jongjon néangan ubar na. raja Biber
leumpang di tengah leuweung anu sakitu
pikakeueungeunana, diditu didieu pinuh ku
tatangkalan gedé. Sasakali aya sora manuk-manuk
anu ting ngageroan. Raja Biber tuluy wé leumpang
néangan daun jati. Euweuh rasa kasieun, euweuh
20
rasa keueung, manéhna yakin yén Gusti Allah
bakal ngalindungan manéhna.
Geus lila raja leumpang néangan tangkal
jati, manggih ogé daun jati téh. Basa rék ngala
daunna, si raja ngadangu aya nu ngomong tapi
euweuh wujudna, “Pék bawa daun téh raja, geura-
geura balik, karunya budak anjeun,”. Si raja luak-
lieuk néang saha éta anu ngomong téh, tapi
geningan euweuh wujudna. Di éta leuweung ngan
aya manéhna wungkul rarasaan mah. Pas ningali ka
tangkal jati anu sakitu gedéna, raja ningali aya
sireum gedé. Pok raja téh ngomong, “Naha manéh
anu ngomong téh sireum?” ceuk raja bari
ngadeukeutan ka éta sireum.
“Muhun raja. Enggal candak daunna,
karunya budak anjeun!”
Langsung waé raja naék kanu tangkal jati,
buru-buru di ala daunna. Teu saeutik nu di ala ku
raja, salian keur ubar, ogé paparantieun bisi butuh
21
jadi teu kudu ka leuweung deui. Geus menang éta
daun, raja turun tina tangkal lalaunan. Tuluy raja
ngomong deui ka éta sireum, “Hatur nuhun”, saur
raja bari néwak sireum tuluy dicicingkeun dina
dampal leungeunna.
“Ayeuna kuring kudu balik deui ka
karajaan, naha anjeun arék milu jeung kuring?” raja
Biber anu sakitu bageurna, hayang pisan mawa
sireum ka karajaan manéhna. Ditingali ku
manéhna, éta sireum téh bageur jeung hormat ka
manéhna nu jadi raja.
“Hatur nuhun raja, tapi da kami mah betah
kénéh didieu,” tembal sireum.
“Sumangga ari kitu mah. Manéh hayang
dibéré naon ku kuring?”
“Kami ngan ménta sabungkus roti waé raja,
éta roti keur kadaharan kuring satauneun,” raja anu
ngadangu jawaban sireum ménta sabungkus roti,
22
buru-buru néang kanu kantongna. Manéhna inget
yén tadi saméméh indit, dibekelan sabungkus roti
ku pamajikanana. Raja mikeun sabungkus roti ka si
sireum. Roti disimpen dihandapeun tangkal, tuluy
sireum disimpen di luhureun roti.
“Ieu roti keur satauneun lin? Ké lamun geus
satuan, kuring rék balik deui kadieu. Rék mawa
sabungkus deui roti keur manéh,” ceuk raja ka
sireum.
“Sumangga raja, hatur nuhun anu kasuhun,”
Ningali kaayaan sireum anu bungah ku
sabungkus roti, raja buru-buru balik ka karajaan.
Inget budakna anu keur butuh daun ubar. Sanepina
di karajaan, raja langsung ngubaran budakna. Tapi
raja ogé inget waé ka sireum anu panggih jeung
manéhna di jero leuweung.
Geus sataun lila na.
23
Raja balik deui ka éta leuweung. Leuweung
tempat panggihna raja jeung sireum anu teuing
asalna timana. Raja leumpang kaditu kadieu
néangan kaayaan sireum. Aya kira-kira geus
sababaraha jam lila na raja ngurilingan leuweung,
ahirna panggih ogé jeung sireum. Ditingali téh
rotina masih kénéh aya sapotong deui, geningan
can béak.
“Naha geuninga roti téh can béak? Pan geus
sataun!” raja ngomong bari diuk dina dadaunan anu
geus murag tina tangkalna.
“Ieu téh keur jaga-jaga raja, bisi raja hilap
ka janji raja anu baheula. Cenah lamun geus sataun,
raja rék balik deui ka leuweung ieu. Matakna ku
kami teu dibéakeun éta roti téh.”
“Tapi ayeuna manéh ningali pan, kuring
balik deui kadieu. Yeuh, kuring mawa deui
sabungkus roti keur manéh,” raja ngasongkeun
sabungkus roti deui keur éta sireum. Sireum
24
ngarasa reueus ka raja Biber anu geus nepatan janji
ka manéhna. Raja mawa sireum tina roti, langsung
dicicingkeun dina dampang leungeunna. Nepi ka
diusapan ku raja.
“Pun samapun raja, kami nyungkeun
dihapunten. Tos salah sangki ka anjeun,”
“Kuring geus janji ka anjeun, moal mungkin
ku kuring poho ka éta janji. Nu ngaranna janji mah
sarua jeung hutang. Kuring embung boga hutang,
bisi kabawa maot,” ningali sipat raja anu bageur,
sireum beuki reueus ka éta raja. Manéh na
ngucapkeun sukur ka Gusti Allah bisa panggih
jeung raja anu bageur tur bijaksana. “Teu salah
anjeun jadi raja, da geningan anjeun téh pamimpin
anu jujur” ceuk sireum bari nyuhun ka raja Biber.
Ti harita, sakumaha janjina raja unggal taun
sok datang ka éta leuweung keur méré sabungkus
roti keur sireum. Raja sok embung poho kana
sagala janji anu geus diucapkeun ku manéhna,
25
sabab janji téh saur raja mah hutang. Pami hutang
teu dibayar, dosa. Kitu deui janji, pami urang poho
kana janji, urang ogé bakal dosa. Sipatna anu
bijaksana, jujur, jeung bageur, ngajadikeun raja
Biber hirup bagja dina karajaan.
***
26
Pitbul
Dina hiji poé, Ipit keur jamedud waé
hareupeun wadah sampah anu aya disisi jalan.
Teuing aya naon, katingalina mah siga nu boga
masalah anu beurat jeung pikakeuheuleun ka batur.
Keur kitu, Ibul babaturan Ipit ngaliwat ka
hareupeun si Ipit. Ibul anéh ningali si Ipit anu
jamedud waé dideukeut wadah sampah.
“Heh Ipit! Keur naon ari manéh? Jamedud
teu pararuguh,” ceuk Ibul bari cicing digigireun
Ipit.
“Teu kunanaon bul,” tembal di Ipit anu
kacida judesna. Ningali babaturanna anu jamedud
teu pararuguh, kalah jadi bosen ka Ibul. Ibul jadi
horéam maturanna ogé. Kusabab kitu, Ibul
ninggalkeun Ipit sorangan di deukeut wadah
sampah sisi jalan. Ibul bingung, naha si Ipit bet asa
judes pisan, padahal mah asa teu boga salah, Ibul
tanya-tanya ka dirina sorangan. Ipit anu
27
ditinggalkeun sorangan ku Ibul ngan tuluy waé
jamedud. Embung ditanya ku sasaha.
Poé isukna, Ipit ngahaja néang si Ibul.
Manéhna niat rék ménta maaf ka babaturanna,
sabab kamari geus ngajudesan teu pupuguh. Ipit
néang kaditu kadieu. Ahirna panggih ogé jeung si
Ibul.
“Bul, hampura kamari urang geus judes
pisan ka manéh. Da manéh mah émang teu boga
salah bul,” ceuk Ipit ménta dihampura ka
babaturanana.
“Teu nanaon pit, kalém waé. Naha atuh ari
manéh téh kunaon? Aya masalah jeung saha?”
tanya si Ibul panasaran.
Ipit ngarénghap panjang saméméh niat rék
nyarita ka si Ibul. Tuluy waé si Ipit diuk dina hiji
batu anu aya dideukeut manéhanana. “Keuheul bul
urang téh, naha lembur urang téh mani kotor-kotor
28
teuing nya bul, pantesan mani bau diditu-didieu.
Teu betah bul urang mah di lembur anu kieu téh!”
si Ipit nyarita.
Ibul nu jadi babaturan si Ipit, ngadéngékeun
caritaan babaturanna. “Geura nya bul, ayeuna
runtah aya dimana-mana. Sidikna teu diunggal juru
ayeuna mah loba runtah,” Ipit tuluy nyarita.
Sanajan Ipit ngan sakadang sireum, tapi Ipit paduli
pisan kana kabersihan lingkunganna. Komo
lemburna sorangan. Matak Ipit mah sok ambekkeun
mun aya manusa anu miceun runtah sakahayang
manéhna waé, cingcirining éta téh ngarusak
lingkunganna sorangan.
“Heueuh nya pit, asa ku kotor gening
lembur urang téh. Béda jauh jeung baréto.” Ceuk
Ibul.
“Deuh nya puguh pisan atuh bul. Baheula
mah lembur urang téh teu kotor, runtah teu
patulayah dimana waé. Éta da manusa jaman
29
ayeuna mah ku arégois, miceun runtah sakahayang
maranéhna waé. Ari geus aya musibah mah geura
nyalahkeun pamaréntah bul!” Ipit ngomong bari
jeung keuheul.
Ibul ngan bisa cicing ngadéngé caritaan si
Ipit anu sakitu mikacinta kabersihan. Kabersihan
anu bersih, euweuh runtah dimana waé, matak
pikabetaheun nu cicing di éta lembur. Boh manusa,
boh bangsa sireum. Sanajan bangsa sireum ngan
saukur sato leutik, tapi Ipit jeung Ibul sok teu betah
mun aya dilingkungan anu kotor siga lemburna
ayeuna. Maranéhna néangan idé, kumaha carana
sangka lemburna bisa pikabetaheun kawas baheula.
“Bul, manéh daék teu ngabantuan urang?”
tanya Ipit.
“Nya heueuh atuh pit, apanan urang téh
babaturan. Jadi kudu saling membantu ceuk guru
PPKN baheula ogé,” témbal si Ibul.
30
Ningali babaturanna anu sumanget
ngabantuan, Ipit jadi sumanget oge berbagi rencana
na ka batur. Manéhna yakin yén si Ibul pasti daék
mantuan manéhna. “Jadi kieu bul, urang hayang
ngurangan runtah anu aya dilembur ieu téh ku cara
operasi semut!”. Ngadéngé caritaan Ipit, Ibul
langsung reuwas. Manéhna ngagoréjag saking
reuwasna.
“Naon gening make operasi sagala pit?
Embuh ah, urang mah embung di operasi!” ceuk
Ibul bari sieun.
“Haha. Nya lain kitu maksud urang mah
bul. Operasi semut téh lain manéh nu dioperasi,
abong-abong manéh sireum. Tapi maksudna kieu,
urang kudu rajin miceun runtah kana tempatna.
Sakabéh runtah anu aya dideukeut urang, kudu
daék miceun. Teu paduli rék runtah urut saha waé
ogé, kudu dipiceun!”
31
“Ih sugan téh urang rék dioperasi! Nya ari
kitu mah hayu atuh pit, sumanget urang mah kana
nu kieu mah. Tapi ieu téh ngan urang duaan?”
tanya ibul bari colohok.
“Nya heunteu atuh bul, ajakan bangsa
sireum nu lainna. Urang babarengan ngayakeun
operasi semut. Urang kudu bisa ngabersihkeun
lembur urang sorangan sangkan jad lembur anu
pikabetaheun batur,”
“Siap pit lah, hayu urang sumanget ari kieu
mah!”
Ibul jeung Ipit seuri bari silih tingali. Komo
deui sumanget Ibul asa ngabantuan pisan ka Ipit
anu tadina teu yakin bisa mawa batur keur
ngabersihan éta lembur tina runtah-runtah anu bisa
nimbulkeun panyakit keur saréréa.
“Pokona isukan kudu diumumkeun ka
sireum-sireum anu aya dilembur urang, mudah-
32
mudahan wé maranéhna bisa ngabantuan urang bul.
Beuki loba nu ngadukung, beuki loba ogé harapan
keur sukses ngawujudkeun kahayang urang,” ceuk
Ipit pinuh ku sumanget.
Isukna, Ibul jeung Ipit ngumumkeun ka
kabéh sireum keur ngayakeun nu ngaranna operasi
semut. Sakabéh sireum daék jeung satuju pisan
kana pamadegan si Ipit anu hayang ngabersihan
lemburna anu sakitu éndahna. Ahirna sireum-
sireum ti harita langsung operasi semut, miceunan
runtah kanu wadah runtah, bener-bener teu paduli
runtah urut saha waé ogé nu penting kudu dipiceun.
Da bersih mah lain ngan saukur keur diri sorangan,
tapi keur batur ogé.
***
33
Budak Raja anu Sombong
Di hiji karajaan, aya sapasang raja jeung
ratu anu keur bungah nu liwa saking. Sanggeus di
tungguan sababaraha taun, raja jeung ratu ayeuna
geus boga budak. Budakna lalaki, ngaranna Jaka.
Saking ku bungahna, raja jeung ratu nepi ka
ngondang sakabéh eusi karajaan keur sukuran
lahiran budakna anu cikal. Raja jeung ratu ménta
dipangdoakeun ka sesepuh karajaan sangkan Jaka
téh jadi budak anu bageur, sholéh, tur bijaksana.
Kitu deui sakabéh rahayat ngarasa ngilu bungah ku
ayana Jaka salaku putra karajaan anu engkéna bakal
ngagantikeun bapa na jadi raja.
Waktu teu karasa nyérélékna. Ayeuna Jaka
téh geus umur lima taun. Jaka jadi putra karajaan
anu dibanggakeun pisan ku raja jeung ratu. Tapi
sanajan Jaka dibanggakeun pisan ku raja jeung ratu,
boh rahayat boh pangeusi karajaan teu raresepeun
ka si Jaka. Budakna sombong tur embung éléhan,
34
egois pisan. Manéhna embung ulin jeung budak
rahayat biasa, ulin téh kudu jeung putra raja deui
waé.
Dina hiji poé, Jaka ulin ka taman karajaan
anu ayana di tukangeun wangunan karajaan. Basa
Jaka datang ka éta taman, di taman téh keur loba
barudak saumuran manéhna keur arulin. Jaka
ngarasa ambekkeun pisan, sabab anu keur ulin téh
budak rahayat-rahayat biasa. Buru-buru Jaka
lumpat, tuluy ngagorowok, “Hey! Keur naraon
manéh didarieu? Kaditu geura arindit! Ieu mah
taman anu kuring!”. Barudak anu keur arulin
lalumpatan, sarieuneun ku Jaka. Ningali barudak
anu lalumpatan, Jaka kalah seuseurian bari
ningalikeun kasombonganana.
Ningali kalakuanana anu sombong, kabéh
rahayat teu raresepeun ka budak Raja. Ti harita,
barudak anu sok ulin di taman karajaan geus tara
arulin deui didinya. Malahan putra-putra karajaan
35
anu séjénna ogé teu raresepeun ka sipatna Jaka.
Kusabab kitu, euweuh anu daék jadi babaturan si
Jaka. Ayeuna si Jaka sok ulin sosoranganan, tara
aya pisan anu ngabaturan iwal ti pangasuh
karajaan.
Lila kalilaan, Jaka ngarasa bosen sorangan
waé. Tapi Jaka bingung, saha anu daék maturan
manéhanana ulin iwal ti pangasuhna. Pok Jaka
ngomong ka ratu, “Ibu ratu, naha batur siga nu
ngaréwaeun ka kuring? Naon salah kuring téh?
Kuring ngaraos sedih teu gaduh rencang,” salaku
nu jadi indung, ratu ngadeukeutan budakna. Di
tangkeup bari diusapan pinuh ku kanyaah.
“Anaking, anjeun ayeuna tos ageung.
Lamun anjeun bisa ngarubah sikap, pasti bakal loba
batur anu ngabaturan anjeun. Tong sombong, tong
égois, Gusti Allah waé tara ngabédakeun manusa
nu hiji jeung liana, kabéh ogé sarua anaking…”
ceuk ratu bari ngusapan rambut budak na.
36
Jaka ngarasa kaduhung. Manéhna sadar yén
salila ieu manéhna salah. Sipatna anu sombong
jeung égois ngajadikeun manéhna jadi jalma anu
teu boga batur, dimusuhan ku saréréa.
Poé isukna, Jaka maréhtahkeun ka
pangawal karajaan titah ngumpulkeun barudak anu
sok ulin ditaman. Jaka ménta hampura, Jaka janji
moal sombong jeung égois deui ka batur. Ayeuna
taman karajaan téh sok pinuh ku barudak anu
ngahaja ulin bareng jeung putra karajaan.
“Ayeuna mah saha waé anu rék ulin ka
taman karajaan, moal diulah-ulah ku kuring. Hayu
urang ulin babarengan,” ceuk Jaka. Sakabéh
barudak anu aya didinya langsung émprak.
Manéhna ogé bungah, ayeuna putra karajaan téh
teu sombong kawas baheula.
***
37
Kuya Panengah
Di hiji leuweung aya sakadang kuya anu
karék boga budak. Budakna tilu, nu kahiji ngaranna
Eta, nu kadua ngaranna Eti, nu katilu ngaranna Etu.
Tiluanana hirup akur tara paraséa. Indung kuya
ngarasa bagja pisan boga budak anu silih
mikanyaah, tara paraséa, jeung teu arogoan.
Malahan mah sok babantu ka indungna lamun
indungna keur ripuh.
“Bagja pisan Gusti boga budak téh
geningan balalageur, teu nyusahkeun saeutik-eutik
pisan,” ceuk indung kuya bari ngucapkeun sukur ka
Gusti Allah.
Ayeuna Eta, Eti, jeung Etu geus galedé.
Kusabab anak indung kuya kabéh awéwé, éta nu
tilu téh geus daréwasa. Malah mah geus mimiti
paraséa hal-hal anu teu penting, geus katingali
pasipatanana masing-masih. Eta mah anak kuya
anu sarakah, babari ngambek, embung éléhan,
38
jeung kumaha aing. Lamun Eti, anak kuya anu
sabar, hirup saayana, tara loba protes ka indung
bapana. Etu, anak kuya anu bungsu boga pasipatan
anu ogoan. Lamun digeunggeureuhkeun téh pasti
ngomong “baé wé da anak bungsu” cenah.
Sakali mangsa, Eta anak kuya anu cikal
hayang sapatu anu alus jeung mahal. Indung kuya
anu geus apal sipat anakna anu babari ngambek,
langsung wé mangmeulikeun sapatu anu alus keur
anak cikalna. Eta ngarasa senang geus boga sapatu
anu alus kabina-bina. Ningali lanceukna
dipangmeulikeun sapatu, Etu anak indung kuya anu
bungsu asa kapanasan. Etu ménta hayang
dipangmeulikeun kalung anu alus. Indung kuya
langsung mangmeulikeun kalung anu alus jeung
mahal keur anakna anu bungsu. Etu langsung
ngomong ka lanceuk-lanceukna yén manéhna boga
kalung anyar anu alus. Ari anak kuya anu
panengah, si Eti teu ménta nanaon. Ngan bisa seuri
wé ningali kabungahan adi jeung lanceukna.
39
“Ari Eti hayang naon atuh?” tanya indung
kuya bari nyampeurkeun anak tengahna.
“Ah teu hoyong nanaon Ma, engké wé
lamun aya rejekina,” tembal Eti.
Lila kalilaan, indung kuya méré naon waé
anu dipikahayang ku anak cikal jeung anak
bungsuna. Eti ogé ngarasa beuki dieu téh naha
manéhna mah asa tara dibéré nanaon. Heunteu sirik
mah, amit-amit atuh kudu sirik ka dulur sorangan
mah. Ngan mani asa teu adil teuing keur urang
mah. Caritaan Eti tina jero haténa.
Eti indit ka walungan sorangan. Bari jeung
sasakali ramisak ceurik. Aya rasa ambek, ngan
teuing kudu kasaha ngambekna. Maskok, salaku
lauk anu aya di éta walungan asa ngadéngé sora
anu ceurik. Ari ditingali téh geningan aya si Eti,
anak kuya. Maskok nyampeurkeun Eti anu keur
jamedud waé di sisi walungan.
40
“Naha kunaon manéh Eti? Jamedud waé
ditingali téh?” tanya si Maskok.
“Keuheul kuring téh! Abong kuring anak
kuya panengah, asa tara diperhatikeun ku si Ema,”
ceuk Eti bari tuluy jamedud. Ningali babaturanna
jamedud pinuh kakeuheul, Maskok kalah
seuseurian.
“Haha, sirik nya ka si Eta jeung Etu?”
“Paralun Maskok, amit-amit ari kudu sirik
ka dulur sorangan mah. Ngan nya da kuring mah
ngarasana kitu. Teu adil, teu adil!” carita si Eti bari
ceurik.
Maskok ngan bisa cicing ningali Eti anak
kuya ceurik.
Geus sababaraha poé Eti jarang panggih
jeung indungna. Indungna bingung, teu biasa na Eti
kawas kieu. Isukna indung kuya panggih jeung Eti,
digeroan titah nyampeurkeun. Eti nyampeurkeun
41
bari rada judes jeung pinuh kakeuheul. “Naha
kunaon anak panengah téh? Ti kamari ngan cicing
wé jeung jamedud pagawéan téh,” ceuk indung
kuya.
Eti ngan bisa cicing, bingung rék ngomong
naon. Kieu salah kitu salah. Pok Eti ngomong,
“Ma, lain sirik lain naon ieu téh. Atuh da Ema mah
siga nu pilih kasih ka Eti téh. Ari ka Eta jeung Etu
mah Ema téh mani sagala méré, ari ka kuring mah
abong kuring teu ménta mani teu méré nanaon.
Naha teu nyaah Ema ka kuring téh?” Eti nyarita.
Indung kuya cicing, tuluy ngadeukeutan Eti
anu keur keuheul. “Paralun anaking. Ema mah tara
ngarasa pilih kasih, da kabéh anak Ema téh sarua.
Dipikanyaah, dipikadeudeuh pisan ku Ema,”
“Nu ngaranna indung mah moal aya basa
pilih kasih, da kabéh anak ogé sarua. Tong sirik ka
nu jadi lanceuk, tong sirik ka nu jadi adi. Kudu bisa
sabar, da kabéh ogé aya bagéanna,” ngadangu
42
indung kuya ngomong kitu, Eti ceurik. Eti ngarasa
salah geus ngomong kitu ka indungna.
Eti ménta dihampura ka indungna sabab
geus ngomong kitu, geus nyangka indungna pilih
kasih ka lanceuk jeung adina. Eti sadar, bener ceuk
indungna yén nu ngaranna indung mah teu boga
basa pilih kasih, kabéh budak ogé sarua.
***
43
Piwuruk Pikeun Atikan Barudak
© Dési Yanuarti
Hak cipta ditangtayungan ku undang-undang
All rights reseved
Wedalan PT Yanuarti Utama
Jalan Raya Paséh No. 05, Sumedang 45381
Telp. (0261) 203 397
Surat-é: [email protected]
Situs: yanuartiutama.blogspot.com
Rancangan Jilid: Tim Kréatif Yanuarti Utama
Gambar Jilid: Dési Yanuarti
Nomer: 001/YU/2012
Citakan ka-1, Yanuarti Utama,
Juni 2012.
44