57

Mangle 2459

Embed Size (px)

DESCRIPTION

 

Citation preview

Page 1: Mangle 2459
Page 2: Mangle 2459

0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986

ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69

BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun

No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350

ISSN: 0852-8217

ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:

Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-

7309720

E-MAIL: - [email protected]

- facebook: Majalah Sunda Mangle

PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm),

Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG

RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi, WAKIL

PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib rata, Ny. Hana

Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendra yana, Eep Nandang

R, Dede Syafrudin, Narti. Taufik Rahayu. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRETA -

RIS RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSA NA Ayi Sundana, SEKRETARIS :

Tuti Rohimah. DOKUMENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA

RUPA/PRA CETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana,

KORES PONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun

Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega

Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,

IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai

Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.

Dina bulan Mulud atawa Robi’ul Awal, aya nudisebut muludan. Disebut muludan, lantarankalolobaan umat Islam di urang, sok ngayakeun

kagiatan kaagamaan, miéling dibabarkeunana KangjengNabi Muhammad SAW 12 Robi’ul Awal.

Tiap jalma nu miéling kana kajadian hiji perkara,tangtu lantaran boga tujuan. Saperti ngayakeun acaratepung taun, titimangsa pernikahan jeung sajabana.Tujuan ana, sangkan salamet, ngalap hikmah kahadéan(ahlakul karimah) tur syukuran ka Gusti.

Mitra Manglé,

Tah, miéling lahirna (muludan) Kangjeng NabiMuhammad SAW. ogé, di antara nu diharepkeun téhsahenteu na aya tilu udagan. Kasalametan, nambih ka-hadéan sareng syukuran. Qul inkuntum tuhibbunallah,fattabi'uni yuhbibkumulloh, wayag firlakum dunu -

bakum, wallahu gofuururrohiim. “Prak ucapkeun, sahajalma nu mikacinta ka Alloh, mangka lakonan naon-naon nu disyari'atkeun ku Kami, mangka Alloh ogébakal ngahampura maranéh, Alloh téh Maha JembarPangampura tur Maha Welas Asih. Ku kituna, sahajalma nu hoyong salamet, tambih kahadéan sarengsyukuran, nya koncina kedah toat kana syaréat nu di-candak ku Kangjeng Rosul, nyatana Alqur’an sareng ha-dits.

Margi kitu, dina miéling dibabarkeunana KangjengRosul (muludan), lain karaméan nu jadi udagan, tapimépélingan jalma nu jadi patokan. Lantaran, dinamiéling hiji acara, sahenteuna aya tilu golongan. Jalmaresep miéling tapi teu éling, jalma embung miélingjeung teu hayang éling, jalma nu miéling lantaranhayang éling. Tah, mitra Manglé mah, mudah-mudahankagolongkeun jalmi nu miéling lantaran hayang éling.Amin. ***

Miéling Sangkan Aréling

LLawangSakéténg

Page 3: Mangle 2459

BAHASAN

Asét Daérah Mangsa Otonomi Daérah

Dr. H. Endang Juhari, SH., MH.

........................................................... 8

IMPLIK-IMPLIK

Tepak Kendang Bajidor

Ngajak Nyaah ka Sarakan

......................................................... 10

PANINEUNGAN

Pangémut-ngémut ka Bapa Drs. H.

Karna Yudibrata

Nya Guru Nya Dulur nu Tepung di

Bandung

Elin Sjamsuri .................................. 48

NU MANEUH

Lawang Saketeng ............................... 1

Kaca Tilu ............................................ 3

Nyusur Galur .................................... 12

Munara Cahya ................................... 14

Tanya Jawab ..................................... 16

Gedong Sate ...................................... 42

Katumbiri .......................................... 44

Bale Bandung .................................... 50

Mangle Rumaja ................................. 51

Tarucing Cakra .................................. 55

Lempa Lempi Lempong .................... 56

5TAMU

Diah Permata Saraswati;

Panyalindungan Barudak Duafa

Po

tre

t : R

eis

ya

n

Kuring téh hirup pasisian, di kota leutik.Dilahirkeun di dinya. Meunang jodo didinya, batur sakampung. Bédana, arisalaki mah kungsi kuliah di Bandung,kuring mah henteu. Satamatna SMA

terus diajak kawin. Komo ua mah,méméh kuring tamat gé ua geus

ngagugujeg baé nitah ngaresmikeunhubungan kuring jeung putrana nu geuspakait pikir ti keur kelas hiji kénéh.......

Surat Penting

JAGAT WANGWANGAN

( 17 - 40 )

Page 4: Mangle 2459

3Manglé 2459

KKacaTilu

Palaguna

Nepi ka taun 1960-an mah dilebah alun-alun Bandungtéh masih kénéh jadi

puseurna hiburan (jeung balanja).Jalan Dalem Kaum ramé, sanajantacan heurin saperti ayeuna. Kitudeui di Jalan Asia Afrika. Ari alun-alun masih kénéh kosong. Munisuk-isuk réa kénéh tikukur nu liardi dinya. Masjid Raya nu ayeunangaranna masih kénéh MasjidAgung.

Di sisi wétan aya bioskop, nga -jajar satilu-tilu. Nu pangkalérnaElita. Di tengah aya Varia, bioskoppangedéna di dinya. Di sisi kidul ayaOriental. Meuntas ka juru kidulna,aya Radio City. Sanggeus sagalarupa nu bau-bau Walanda kudu di-nasionalisasikeun, éta bioskop nuopat téh wajib hukumna kudu gantingaran. Elita jadi Puspita, Varia jadiNusantara, Oriental jadi Aneka, ariRadio City jadi Dian.

Kadieunakeun, duka naonalesan ana, gedong bioskop nu nga-jajar tilu téh dirugrugkeun. Der wédijieun tempat balanja jeung hibu-ran. Ngaranna Palaguna Nusantara.Wahyu Wibisana nu méré ngarannatéh. Nepi ka tilu tingkat jangkungnatéh. Opat malah jeung tempatparkir. Nu di handap rupa-rupatempat balanja, aya toko kaén,kasét, geus puguheun ari nu nga-jualan baju jadi mah. Di luhureun -ana tempat dahar. Ari anupangluhurna, bioskop, ngajajar. Disisi kalér ngajegir Bank Duta, bankanu jadi cocooan kulawarga Cen-

dana.Palaguna téh mol munggaran di

kota Bandung. Tacan aya tempatbalanja modél kitu di tempatséjénna. Ramé kacida. Nu ti luarkota gé loba anu ngahajakeun balan -ja jeung lalajo bioskop di dinya.

Ngan duka naon alesan nusabenerna, beuki lila diantep sinabeuki ngarangrangan. Bioskopnatutup, nu daragangna parindah. Nutadina kungsi caang baranangan téhjadi cakueum, poék, matak sieunanu asup ka jerona.

Cenah salasahiji sababna téhlahan parkir. Ari di Bandung, apanlamun tempat parkirna jauh, jelematéh tara daék balanja di dinya. JalanAsia Afrika kuloneun alun-alun,nepi ka ayeuna narikolot téh lan-taran teu meunang parkir di dinya.

Matak lebar puguh gé. Gedongsakitu tohagana diantep sinabongkor. Mangkaning lain Palagunawungkul. Miramar gé, di jurukalérna, sarua teu diurus. Kitu deuilahan urut toko buku Sumur Ban-dung.

Kadieunakeun aya béja, cenahPalaguna rék dianyarkeun deui.Deddy Mizwar, anyaran jeneng jadiWakil Gubernur, anu pok pisan téh.Pajar cenah Palaguna bakal jadi per-pustakaan pangedéna. Tapi teumangkuk sataun ti harita, caritanageus robah. Nu bakal ngadeg didinya téh lain perpustakaan tapimol. Ngan di jerona bakal aya tokobuku. Ari perpustakaanana? Étamah geus teu disabit-sabit deui.

Saharita aya anu protés. Keurnaon maké jeung rék nyieun moldeui? Apan nu aya gé loba anu teupayu. Komo sanggeus kabéjakeunanu bakal dibongkar téh bioskopDian deuih. Ongkoh cenah éta téhkaasup heritage.

Duka bakal kumaha kajadian -ana. Ngan moal samata-mata DeddyMizwar sumanget ngutak-ngatiklahan Palaguna lamun euweuh pika-hareupeunana. Perkara manéhnalangsung poho kana perpustakaan,kaharti da pangulinanana lain didinya. Nu sababaraha kalidikedalkeun ku Deddy dina rupa-rupa kasempetan téh apan karepnahayang ngawangun gedong bioskopdi unggal kota. Ari gedong bioskopjeung perpustakaan mah apan jauhmela-melu.

Lahan di lebah dinya téh kacidastrategisna. Pasti mahal. Muna -sabah lamun réa pengusaha anukabitaeun ogé. Ari pengusaha apanapal pisan kana pangaresep pengua -sa. Kungsi aya kajadian, salasaurangpejabat di Jawa Barat katatamuanpengusaha ti Jakarta. Ngobrol én-téng waé, da niatna gé silaturahmicenah. Ngan barang tamuna geusamitan, kakara sidik dina méja téhaya konci mobil lengkep jeungsurat-suratna.

Éta téh kajadianana saméméhréformasi. Sabada réformasi geusloba nu robah. Ketua MahkamahKonstitusi ditéwak ku KPK. Kitudeui sababaraha walikota, bupatijeung gubernur ... AM

Page 5: Mangle 2459

Ngahaturkeun nuhun kaBapa H. Rully Indrawan anuparantos masihan pencera-han kana perkawis pasun-dan. Kaleresan sim kuringoge alumni ti UniversitasPasundan janten asa ayabatur ajang nyingkahkeunkamelang, wirehna kukaayaan atanapi kondisi anunyata di lapangan ngeunaanurang Sunda.

Sim kuring ayeuna tehkuli di pabrik anu hartos namikaula oge ka bangsa deu -ngeun, da panginten ieu tehsaheulaanan mah jalankanggo ngipayahan anaksareng pamajikan.

Dina acara atanapi ayapertemuan di antaraparusaha an boh dina forumresmi atanapi teu resmi,sakapeung sim kuring sokrada celemeng lamun am-prok sareng rekan ti perusa-haan lain sok langsungnaros timana kawitna. Ka-parengan mah sok atohlamun anu di taros teh si-horeng batur salemburatanapi batur sakota...bohkitu deui batur sadaerahSunda. Seueur pisanreaksina lamun eta jalmianu tadina di taros aslinateh geuning urang Sunda,tapi pas diajak ngobrolSunda angger maneh namake basa Indonesia, arisim kuring kacida micintajeung banggana jadi urangSunda... sok angger neruskeun ngobrol make basaSunda. Tujuan ana ngarahmanehna sadar lamun simkuring ngajak ngamumulebasa karuhun urang nyaetabasa Sunda.

Aya kesan era, hinajeung teu ngota lamun ngo-brol make basa Sunda,atawa lamun teu ngajawab"mong go" lamun aya baturna pami tan rek ningalkeunriungan.

Lamun di itung itung ...padahal badog atanapigarong duit rahayat di na-gara urang da paling saeutikurang Sunda anungalakukeuna. Duka pedahteu pati aya sugan pajabatna ti urang Sunda. Ku kaja-dian SKK MIGAS sim kur-ing kacida ngarasa sedihjeung kuciwa salaku urangSunda.., kakarek ge meletekaya urang Sunda anu mang-gung ... der langsung kajiretku pagawean iblis.

Sim kuring memang teuacan tiasa masihan anu ter-baik ajang lemah cai kuringieu, tapi rasa cinta jeungbangga jadi urang Sunda ...dina hate jeung diri sim ku -ring moal laas jeung moalluntur dugika sim kuringpungkas kumelendang dialam dunya.

Mugi kapayunna urangSunda sing ngarasa banggajadi urang Sunda, atuh anungagaduhan emutan yenurang Sunda teh gaduhkesan kampungan ... singenggal tiasa nalungtik deuinaon rupi kandunganatanapi palsapah urangSunda dina ngalakonanhirup jeung kahirupan.

Sakali deui hatur nuhunka Kang Acil sareng reng -renga na, anu masih suma -nget kanggo merjuangkeunharkat sareng martabaturang Sunda, sim kuring

ngiring ngadua, mugi sagalaupaya urang sadayana ayadina rido nu Maha KawasaAamiin Ya Robbal alamiin.

Cag.

BaktosIkhsan Santosa

Email :[email protected]

Ulah Kabawakeun

Assalamu’alaikum Wr.Wb.

Sampurasun!

Damang Ais PangampihMangle? Hatur nuhun atuhpami daramang mah. Etapisan nu dipiharep teh.Mudah-mudahan wae sa -terasna daramang nya.Komo dina ngeusian taunanyar 2014 mah, urang tehmeureunan kudu aya pa -ningkatan. Tah, geuningMangle oge ayeuna mah ayaparobahan ayeuna mah.

Nyi Mangle, nilik kanapajamanan ayeuna utamadina mangsa kakara nincaktaun anyar 2014, di urangteh aya kajadian ngebomdeui. Eta teh cenah polahteroris. Simkuring ge asapercaya teu percaya. Tapi,lantaran nu newakna polisi,nya percaya wae. Ngan numatak rada muriding teh,cenah urang Tasikmalaya.Nya meureunan urangSunda. Ngomongna oge kuSunda. Euh kumaha teuingnya lamun rek ngebom, tehbasana ku Sunda. Terungterang simkuring mah teumikeun tah basa Sunda di-pake basa urang teroris. Kukituna, ka wargi-wargiSunda, kade ulah kababawaku sakaba-kaba. Ulah kabita

ku polah nu bakal ngaruk-sak citra Islam.

Tah, ayeuna sasihMulud. Umat Islam seueurnu mieling dibabarkeunanaKangjeng Nabi MuhammadSAW. Niatna, tangtu ho -yong nanjeurkeun agamaIslam nu rohmatal lil’ -alamin. Tah, palebah nan-jeurkeun nu rohmatal lil‘alamin meureunan umatIslam kedah leres-leres nga-jalankeun papagon agamanu lempeng. Atuh nu mie -ling muludan oge, kedahleres-leres nepi kanahikmah muludan. Ulah se -re monial wungkul, ulahhayang ramena wungkul,tapi kudu nepi kana lampahdina sapopoe nu Islami. Nukumaha nu Islami teh? Nyanu taat ka papagon Islam.Rukun Islamna dijalankeun,hatena pengkuh kukaimanan. Henteu saba-likna, resep mieling tapi di-rina mah kalah teu eling.Cek agama ulah korupsi,tapi dina lampahna tetepkorupsi. Cek agama kuduberehan, tapi buktina koretcap jahe.

Tah, ku kituna dinamangsa muludan ieu, hayuurang ningkatkeun kasole-han sosial di papada urang.Margi upama umat Islamsorangan patojaiyah sarengpapagon agama Islam,meureuan umat agamasanes teh lain kabita hayangasup Islam, tapi sabaliknakalah ngajauhan.

Sakitu wae seratan nutiasa dikintunkeun. Hapun-ten bilih basana kirang me -renah. ***

HasbullohRajapolah

Tasikmalaya

Manglé 24594

MerjuangkeunMartabat Urang Sunda

KKoropak

Page 6: Mangle 2459

Di sakuliah dayeuh Bandungjeung kota-kota gedé sejennatinggulandang barudak jeung

rupa-rupa pamolahna, anu henteulumrah jeung umur katut kamistianngojayan kahirupanna dina umur sa -kitu. Misti sarakola, éta kaweajibananaanu utama. Perelu kénéh kaasih jeungkanyaah katut panyalindungan indungbapana. Tapi kanyataan nu gelar, dinaguruhna ombak kahirupan ti mangsaka mangsa, barudak kudu jadi korbankaayaan anu henteu méré kapastian.Husus anu dibawa ku kolotna nitip-

keun tangtung di Bandung laleumpangnuturkeun kolotna jumarigjeug kuma -reumbing kana naon nya kudungeumbing, ka saha neda bantuanjeung pitulung? ka saha?

ilaharna padumuk kota gede sapertiBandung, marentingkeun hirupnapribadi, kulawargana, teu paduli katatangga anu papa, ka dulur anu duafa.Lingkungan kulawarga nu laluhur kutagalede dunya anu hirupna bur guluburbray burinyay saolah-olah pamerantongtoneun keur anu sarwa teu bogaanu ngan wasa nyebut “itu alus …ieu

alus..iraha urang jiga batur?” Da baturjiga urang mah pamohalan, lamuniraha urang dijait ku batur, jiganaleuwih pantes. Tapi saha anu daék nga-jait nuyun tinu poék ka dunya anucaang narawangan? Babakuna keurbarudakna, generasi nu baris milungalalakon jaga, dina mangsa anubakal satang. Tangtu kudu liwatparobahan-parobahan.

Tétéla di Bandung anu ayeuna keurmeujeuhna dibebenah dipolésdipulang keun kana jujuluk Bandungkota kembang, Bandung geulis luis ku

5Manglé 2459

TTamu

Diah Permata Saraswati;

Panyalindungan Barudak Duafa

Diah sareng ibu ramana.

Page 7: Mangle 2459

Walikotana , aya hiji komunitas paranonoman harepan bangsa anu gedekapadulian ana ka lingkungan sosialmasarakat di dayeuh Bandung kotakembang ieu. Éta téh komunitas nunyebut ngaranna “Rumah Saraswati”nyutat tina ngaran pangasuhna DiahParamita Saraswati di Jl. Rasdan no19/94 Rt 01 RW 06 KelurahanNyengseret Kacamatan Astana anyar.Di tengah-tengah karamean terminal,pasar jeung lingkungan kahirupanmasarakat di lembur anu gegekpadumuk na. Nya Rumah Saraswatijeung kampung di kota Bandung ieuanu mimiti dianjangan ku RidwanKamil méméh diistrenan jadi walikotaBandung téh. Sampurasun ka rumahSaraswati ditarima ku Diahsaparakanca, rampes, mugia apanjangapunjung jadi bapa warga kota Ban-dung. Ridwan anu basajan, daréhdéhsoméah ka saha baé ogé dibageakeunku anak asuhan Diah di bumi anu basa-jan anu keur ukuran aranjeunna anumarampuh mah ngan sacangkéwoklegana gé. Ceuk barudak, sawios anupenting di dieu aya pangabetah, ayakatengtreman, hirup rukun sauyunandumasar kana tujuan ngahontalkaraharja an nu walatra, henteu pakia-kia, sami-sami fana payuneun Alloh.Kang Emil kacida katajieunana kanaketak Diah saparakanca. Malahsateras na abdi ngabantun barudak katempat binaan Kang Emil (kitu nyebut -na ka Walikota Ridwan Kamil), di BlokTempe Kopo Diah medar lalakon kaMangle basa dianjangan kamari ieu.Rumah Saraswati dilahirkeun kualpukahna Diah, Permata Saraswati,Adi Prasetyo jeung Sandi Kusnaedi, tilunonoman anu gede kamelang ka baru-dak anu sok abring- abringan ulin katerminal ka pasar, eak eakan, di lapangTegalega lamun hayang lahan anu lega,di jalan-jalan diantara pasuliwernalalulintas. Haté Diah ngarakacak.”Deudeuh barudak, maranéh geusleungi teun tempat keur ulin lantaranmaranéh hirup diantara kolot anu ku-rang pakéeun, anu lemah ekonominaanu sagala rupana papa”. Rumang -gieung di kota gede tur ramé. Nya didieu maranéh néang kasugemaan,néangan jatining karaharjaan anu di-

Manglé 24596

TTamu

Jeung barudak asuhanana

Sapopoe dirubung-rubung ku barudak anu butuh panyalindungan.

Page 8: Mangle 2459

jangjikeun ku harepan. Barudak nyak-sian pasuliwerna mobil-mobil méwah,tina jandela-jandela mobil témbongparoman barudak ti dunya anu sabalik -na jeung dunya maranéhna, dunyakaum dua’fa dunya kaum nu papa. Nutumpak mobil méwah moal sudieunngalamunken lamun maranéhna jadisabagian diantara kaum duafa… Lobapisan pamandangan sapanjang jalansakuriling lembur anu karekam kuDiah, dijawab ku hatena anu ceurikbalilihan. Paingan baheulaning baheulaPangeran Sidharta luas ngantun kara-ton jeung saniskara kamewahananalantaran katurih mamaras manahna kusajuru kahirupan papa nu kasaksianlua reun tembok karaton. Nya ti dieuBismillahna Diah jeung dua sobat geu-san méré kabagjaan ka barudak kaumduafa. Nya ngadeg Rumah Saraswati dijalan Rasdan téa, tempat mungpungnabarudak anu lawas ngaprak di dunyanaanu kulawu anu cipruk ku cimata.Rumah Saraswati mimiti dibuka taun2012, tacan lila tapi hasilna geus cukuploba geus wasa ngendag-ngendagmanah walikota Bandung anu teu bedajeung Diah saparakanca kamelangnaka barudak duafa. Umumna sarakolakénéh anu kajaring ku RumahSaraswati téh, umur SD-SMP-SMA, diantarana aya supir Angkot saurang anuménta diajakan ngagabung. Rajin pisannurutkeun Diah mah, balik nyupiransok mantuan nuyun barudak di sakolatanpa kelas, silih seblokan pangarti anusaaya- aya téa wé… pokna téh. Diahsaparakanca geten tulatén nuyun anak-anak asuhanana sanajan tanpa dibayartanpa nanaon tapi aya kasugemaan anutanpa tanding bisa nyumbangkeun asihjeung deudeuh sanajan ngan sakeclakupamana. Tétéla duit henteu nangret -keun kasugemaan anu murni sapertikieu. Di panganjrekanana anu henteulega tapi iuh jeung weweg Diah sabanpoé ngaping ngabingbing anak-anakasuhanana bari ngariung émok cabok.Sakapeung latihan kaparigelan diban-tuan ku supir anu ku Diah dianggapboga kaahlian nuyun barudak jeungenya-enya babaktina ka RumahSaraswati. Ki supir dianggap gurujeung lanceuk anu towéksa.

Diah anu sepuhna nganjrek di bukitnénggang tonggoheun makampahlawan Cikutra beulah kulon, teujauh ti pabrik kuéh Ina cukies, milihtetep tumetep di Rasdan bumi

sepuhna, nyaéta Bapa Endang Karmananggota DPR-RI. Sanajan tacan rumahtangga tapi Diah geus bisa jadi indungpikeun anak-anak asuhanana. Di dieudisebut anak asuhan lain anak asuh,sabab Diah ngan sakadar mangasuh -keun barudak anu butuh ku asuhan,asahan jeung kaasih, lian ti atikanpikeun muru kahirupan anu saruajeung sasamana. Umumna ditanya téhbarudak ngajawabna resep ririungan dibumi Saraswati téh resep pisan, munaya PR babarengan migawéna dituyunku Téh Diah ceuk barudak. Di dieu bisanambahan pangaweruh, pangabisajeung luang pangalaman. Barudak anuboga bakat gé dianteur sina nga-malirkeun bakatna, boh kana seni bohkana kaparigelan ceuk Diah téh. Ayaanu maher nyanyi, aya anu pinternyieun barang karajinan, cacak henteuaya guru husus tapi diajar ku baturrirungan di Saraswati barudak teu éléh.Sanajan aya sakola tapi henteu ayakelas na, tapi bangunna téh resep wésasakolaan di Rumah Saraswati téh,jadi wanoh ka para pamingpin nagara,ka inohong di kota Bandung, malahJadi wawuh ka bapa walikota anukungsi ngalayad ka bumi Saraswati,bapa Ridwal Kamil pokna. Ti manaboga waragad keur ngurus asuhanana?Nurutkeun Diah barudak diajar resepnyengcelengan, katingal botol cai nga-jajar dina erak eusina récéh, éta téhcéngcéléngan barudak ceuk Diah. Jadilamun barudak boga pangabutuhkayaning buku, pulpen patlot jeung pa-parabotan keur sakola teu kudu punta-pénta da boga cengcelengan. Atikanresep nyéngcéléngan terus diajarkeuntepi ka barudak jadi resep nyéngcélé -ngan. Diah miharep kagiatanana lam-bat laun bisa ngarobah perilakumasarakat . Di Rumah Saraswati ieuDiah ogé keur naratas ngadegna ForumPamuda Rasdan, malah geus aya ka-giatan-kagiatanana anu positip, diantara na lamun di Bandung ayararaméan kayaning Agustusan, ulangTaun Kota Bandung jeung sajabana,barudak dikeprik babantu, di antaranababantu mulungan runtah plastik tapihenteu identik jeung pemulung da ieumah komunitas anu puguh jugrugpakumpulanana jeung pangasuhna.Barudak diatik cara miceun runtah katempatna anu pantes anu geus disadia -keun. Bantuan-bantuan positip sarupakitu jigana anu kacida dipikabutuhna

ku nu mangku pamaréntahan kota ogé.Katingalna barudak ogé resep. Sok ra-jeun diondang ogé kana karaméan-karaméan atawa dipénta bantuananakeur miara kabersihan.

Ditingal tina umur jeung tinapangadeg na Diah Permata Saraswatimemang budak kénéh tapi ditingaltina prbadina geus leuwih dewasatinu pantes disebut dewasa. Beungharku wawasan jeung resep diajar ti pa-pada urang. Loba ide-idena anupantes pada ngarojong. Di antaranaDiah saparakanca boga niatngayakeun haul Ibu Inggit Garnasih.Naha peryogi tepang sareng Ibu Prof.Nina Lubis, Jiga na perelu. Perelutepang ogé jeung Ibu Ani pingpinanMusieum Sri Baduga sabab Haulpantes na digelar di Musieum tempatProf. Nina Lubis ngagelar Seminarbabarengan jeung Endang Karmanramana Diah.

Diah téh putra tunggal EndangKarman sareng Ibu Hedy Rukti , PaEndang mah urang Garut, ibuna mahasli Bandung. Diah ngalakonan pen-didikan ti SD tepi ka SMA di Ban-dung. Kuliah di Akademi SekertarisTarakanita Bandung PR MerrcuBuana. Kungsi didamel jadi Asistenanggota DPR RI PDIP. Taun 2009wangsul deui ka Bandung ceuk Diah,kungsi gawé di Radio Megantara.Saméméhna kungsi ngageroh Laun-dry pokna bari imut, minangka diajarusahana éta téh. Taun 2002 nyatepung jeung dua sobatna téa, tinawangkongan bet aya udagan anusarua, hayang ngasuh barudak anukalantar hirup di lingkungan kula -warga teu mampuh jeung di tengah-tengah masarakat kota anu kurangpaduli ka lingkungan ekonomi lemah.

Bari jeung loba rencana keur baru-dak asuhanana Diah PermataSaraswati teh taun ieu milannyalonkeun diri keur anggota DPRDkota Bandung.

Manawi we, ari ngiring ilubiung didewan mah tiasa nyoarakeun kahayangsareng harepan anu di handap kalebetanak asuhan abdi” ceuk Diah. Henteudijurung-jurung ku pun bapa,sumawon na dipaksa kedah Nyaleg mahpokna teh. Henteu loba nyaritakeunharepan-harepan atawa visi misinaDiah oge, kuma behna we jigana teh,kakara semet kampanyeu dina hate.***HRS

7Manglé 2459

Page 9: Mangle 2459

Asét daérah téh keur karahar-jaan pangwangunan daérahjeung masarakatna. Hartina

éta asét kudu méré kontribusi kanapangwangunan daérahna.

Keur ngokolakeun pamaréntahdaérah, pungsi pamaréntah daérahbakal laksana kalayan onjoysaupama dina ngokolakeunana téhbener-bener teu leupas tina sum-ber-sumber devisa nu cukup keurdaérah luyu sakumaha undang-un-dang no. 32 taun 2004 ngeunaanpamarentah daérah jeung undang-undang no. 33 taun 2004 ngeuna -an perimbangan kauangan antarapamaréntah puseur dan pamarén-tah daérah.

Pamaréntah daérah salila ieugeus dibéré hak keur meunangsumber pendapatan daérah keurnedunan kauangan daérah dinararaga nyumponan kaperluandaérahna. Saperti kagiatan mungutpajak jeung rétribusi daérah sartaboga hak meunang bagi hasil tinasumber daya nasional nu aya didaérah, ogé dana perimbanganséjénna.

Undang-undang no. 32 taun2004 ngeunaan pamaréntahdaérah ogé, geus méré luang kadaérah provinsi hususna, ogé kadaérah kabupaten/kota keurngatur, ngurus ogé ngalaksana -keun rumah tangga sorangan. Ki-tuna téh sangkan pamaréntahdaérah bisa leuwih mandiri jeungbisa nyukupan sagala pangabutuh -na kalawan tanggung jawab keurkaraharjaan daérahna.

Sacara yuridis mah mémangkitu. Ayeuna nu jadi per-tanyaanana, kumaha kaayaan didaérahna sorangan? Dina buktina,singhoréng kaayaan di daérah mahsarwa kawatesanan. Kaayaan kitu,tangtu kadituna mah bakal manga -ruhan kana kaunggulan pamarén-

tah daérah nu diharepkeun.Saperti na waé masalah kawatesa -nan waragad, SDM, téhnologi,perangkat hukum ogé kalembaga -an.

Ku kituna, luyu jeung harepancara ngokolakeun pangwangunannu éféktif, éfésién, aspiratif, leuwihdémokratis sarta palayanan nuleuwih gampang diaksés, sabener -na bisa diungkulan ku cara bener-bener ngokolakeun asét nu aya di

daérah. Dina harti, ngaliwatanngokolakeun aset daerah, upaya-upaya keur mekarkeunpangwangu nan saterusna mah bisangaliwatan strategi jeung polapengelola an asét daérah nu beber-bener bisa leuwih mangpaat.

Perluna ngokolakeun asétdaérah téh kudu bener-bener keurngungkulan pasualan di daérah.Kituna téh lantaran salila ieu,pamarén tah daérah sorangan

Manglé 24598

BBahasan

Dr. H. Endang Juhari, SH., MH.

Asét Daérah dina Otonomi Daérah

Ku Dr. H. Endang Juhari, SH., MH.

Page 10: Mangle 2459

sabenerna rélatif baroga asét nusumebar sacara ‘sporadik’ tapi mé-mang tacan ‘produktif’, nepi kabisa disebut asét nu ‘idle’. Malahanbisa jadi beban anggaran keurngabiayaan éta asét.

Di antarana asét-asét nu kitutéh, nyaéta asét nu dikawasa kupamarén tah daérah ngaliwatanNasionalisasi Perusahaan Belanda,Keputusan Penguasa PerangDaerah, Peraturan Presidium Kabi-net Dwikora Republik IndonesiaNomor 5/Prk/1995 ngeunaanpenegasan status rumah/tanahboga na badan-badan hukum nu di-taringgalkeun ku diréksi jeungpangurusna. Kitu deui ngaliwatanpangadaan/pembelian, sumba -ngan, hibah atawa nu dikawasa du-masar kawenangan sakumahaundang-undang Pembentukan Pe-merintah Daerah, saperti situ-situatawa kantor-kantor.

Umumna asét-asét éta boganiléy ékonomi nu gedé. Ngan han-

jakal, asét éta can bisa dimangpaat -keun kalayan hadé.

Luyu jeung tujuan ayana asétsarta dina raraga ningkatkeun hasilguna éta asét, mangka pamaréntahdaérah sabenerna geus ngalak -sana keun sababaraha program diantarana gawé bareng jeung pihakkatilu atawa nu ngokolakeun étaasét. Tapi palebah dieu, tacan tém-bong hasilna nu matak nyugema -

keun. Dina harti, asét éta tacanméré kontribusi kana pendapatanasli daérah, atawa teu sabandingjeung niléy asétna. Malahan, asététa ngajadikeun beban APBD lan-taran kudu terus dipiara.

Masalah asét daérah bisadigolong keun kana opat jinis.Kahiji asét daérah nu dikokola -keun, dimangpaatkeun, diurussarta dibiayaan ku pamaréntahdaérahna. Kadua, asét daérah nudipisahkeun dina Badan UsahaMilik Daerah (BUMD), bohbentuk na Perusahaan Daerah (PD)atawa nu bentukna Perseroan Ter-batas (PT). Palebah dieu mah,pangu rus kudu tanggung jawabsagalana kana éta asét. Katilu, asétdaérah nu dipisahkeun dina yaya -san nu aya dilingkungan pamarén-tah daérah. Atuh nu ngokola keun anasarta waragadna ogé jadi tanggungjawab pangurus éta yayasan. Nukaopat, asét daérah nu digunausaha -keun dina pausahaan swasta.***

9Manglé 2459

KURSUS SAJARAH JEUNG BUDAYA SUNDAGawé bareng

Majalah MANGLÉ, Mangle-Online jeung YAYASAN MASYARAKAT SAJARAWAN INDONÉSIA CABANG JAWA BARAT

Waktu Kursus/Pematéri:

1. Sajarah Tatar Sunda ( Prof. Dr. Nina H Lubis, M.S.)2. Dinamika Basa Sunda (Drs. H. Elin Sjamsuri)3. Aksara jeung Naskah Sunda (Dr. Undang Ahmad Darsa, M. Hum.)4. Dinamika Sastra Sunda (Dian Héndrayana, S.S, M.Pd)5. Diajar Nulis Puisi Sunda (Soni Farid Maulana)6. Historiografi Sunda (Miftahul Falah, SS, M.Hum)7. Diajar Nulis Sajarah Populér (Hana Rohana Suwanda)8. Diajar Nulis Artikel (H. Usép Romli)9. Metode Sajarah (Dr. Mumuh Muhsin Z., M.Hum)

Tempat jeung WaragadnaWaktu : 15 Fébruari 2014, 22 Fébruari 2014, sareng 1 Marét 2014Tempat : Museum Sri Baduga Maharaja Jl. BKR No. 185 Bandung Waktos : 08.30 – 15.30Waragad : 300.000,- (tilu ratus lima puluh rébu rupiah)Daftar ka : Tuti Rochimah (Mangle) Tip. (022) 7303438, Hp. 085721307232

Waragad kursus ditransper ka Rek. BCA 233 159 4719 a.n Anjani Dyah ParamitaSalila kursus pamilon baris meunang: makalah, sertipikat sareng tuang siang.

Perluna ngokolakeunasét daérah téh kudu bener- bener keur ngung kulanpasualan di daérah. Kitunatéh lantaran salila ieu, pa-maréntah daérah sorangansabenerna rélatif barogaasét nu sumebar sacara‘sporadik’ tapi mémangtacan ‘produktif’, nepi kabisa disebut asét nu ‘idle’.

Page 11: Mangle 2459

Manglé 245910

IImplik-implik

Langit Batawi, saperti lebahTaman Mini, enya ceudeum, dapuguh usumna hujan. Ti beu-

rang kénéh hujan miripis, dibarunghiliwir angin. Tapi, kaayaan hawa kitu,teu mangaruhan ka nu arulin di Anju -ngan Jawa Barat (AJB) Taman MiniIndonesia Indah (TMII) mah. Malah,tirisna hawa téh kaubaran ku haneu -

teun ana kaayaan dina panggung numintonkeun Parade Kendang Bajidor.

Bangplakna sora kendang, patém-balan jeung gedutna sora bedug. Nungabarandungan gé milu patingrariyegnuturkeun wirahma tatabeuhan. Peu -ting éta, pungkasan taun 2013 mapagpajar 2014, lir ‘péstana’ para tukang ken-dang nu némbongkeun momonésna.

Ngaran-ngaran tukang kendang nuasalna ti dua kota, Karawang jeungSubang, lir adu manis. Komo deui daarinyana mah, geus manukna dina sualngendang pangpangna dina bajidoranmah. Atuh, najan asalna ti dua kotakalayan jolna ti lingkung seni anubéda, tetep némbongkeun seni nudalit, ngahiji.

Ngahirupkeun jeung HuripnaMun ngadéngé kecap bajidor, inge-

tan téh bakal eunteup di Karawangatawa Subang. Tah, di dua tempat ieuseni bajidor téh hirup pinanggih hurip.Jadi sarana hiburan jeung kareueus

masarakatna. Matak, teu anéh mundina rupa-rupa kariaan, gé éta seni téhteu weléh jadi tongtonan.

Seni bajidorna, hirup di masarakat.Ku lantaran kitu, pihak Disparbud gé,nalingakeun pisan kana kaseniankawas kitu téh. “Hirupna seni guman-tung ka masarakatna. Parbud,masilita san sangkan éta kasenian tiasahirup sareng huripna,” ceuk Drs.Nunung Sobari, M.M.,KadisparbudJabar dina hiji kasemptan sawatarawaktu ka tukang.

Kasenian-kasenian nu pinunjul didaérah, ceuk Dra. Hj. Ine Hermina,M.Si., Kepala AJB TMII, bisa mintondi AJB TMII, étalase Jawa Barat nudiperenahkeun di Ibu Kota. Ngan,cenah, tangtu wé bagilir, lantarankasenian di Jawa Barat téh loba pisannu masing-masing gé boga kapunjulantur payus dipintonkeun di éta tempat.“AJB gaduh kawajiban kanggo ngiringmiara tur ngamekarkeun kasenian nujanten kareueus masarakat Jawa

Barat,” pokna.Para tukang kendang nu ilu-biung

dina éta kagiatan, ngarasa bungah bisaminton di AJB téh, lantaran ku carakitu, cenah, kasenian ti daérah téh bisakalalajoan ku jalma-jalma ti

Parade kendang Bajidor,ngotrétkeun tapak. Eta seni jadi ciri,saban lembur boga kapunjulan. Kitutéh, saperti Karawang jeung Subang,senina boga ciri mandiri. Ngan,kumaha ketak Disparbud Jabar dinamiara jeung ngamumulé senidaérah?***

Tepak Kendang BajidorNgajak Nyaah ka Sarakan

Dra. Hj. Ine Hermina, M.Si., Kepala AJB TMII

Momonés panari bajidoran

Page 12: Mangle 2459

11Manglé 2459

wewengkon séjén. Enya, apan batawimah pamungpungan. Atuh, nudaratang harita bari mapag taun anyartéh, loba nu ngahajakeun milih AJBTMII ari warga Jabar nu dumuk atawakabeneran keur araya di Jakarta mah.

Kalénder kagiatan AJB TMII, mé-mang jinek. Lian ti pintonan maneuhnu lumangsung ‘sumebar’ di sapanjangtaun, ogé aya pintonan husus ahirtaun. Lian goongna kagiatan kasenian,dina tutup taun mah, da biasana gépintonan-pintonan petingan, nu nga-haja disuguhkeun keur balaréa. Kitunatéh, saban ahir taun, saperti nu biasakasaksén dina pungkasan taunsaméméhna.

Sababaraha kagiatan saban ahirtaun, di antarana, Hariring BéntangPriangan, Parade Béntang Tembang,jeung Réngkak Tandang Tari KréasiJawa Barat. Dina ahir taun 2013, nukagiliran jadi ‘goongna’ kagiatankasenian di AJB téh, Parade KendangBajidor. Nu ngadeudeul éta kagiatantéh, para tukang kendang pinilih tiKarawang jeung Subang téa, saperti H.Suwanda, Bah Naim (Karawang), Bejo,Darwin, Uding Gejos, Upar Gejos,Eng kus badag Enjum, jeung Wawan(Subang).

Kasenian, boga ciri nu mandiri.Kitu deui bajidoran. Atuh, mangpaatnagé lain ukur keur hiburan, lantarantina kasenian mah, bakal loba rambat-kamaléna jeung gedé mangpaatna.Lain ukur keur nganteur karesep, tapideuih ‘ébréhna’ jiwa nu ngamuarakana rasa luyu jeung budaya

masarakatna. Ku lantaran kitu, ceukKepala AJB, mekarna kasenian di hijilembur atawa di hiji daérah, bakal jadipangrojong kana kamekaran étadaérah.

Pagelaran-pagelaran kasenian diAJB TMII, ceuk Hj. Ine, mémang bogamaksud jeung tujuan anu jinek.Maksud na, apan éta kagiatan téh geu-san leuwih ngawanohkeun éta kase -nian ka nu leuwih jauh jeungpakalangan nu leuwih lega. AJB nuayana di Batawi, gampang kanyahaoanku nu ti mana waé, kaasup urangmanca nagara. Tina wanoh bakalbogoh, nu ahrina teu mustahil étakasenian téh bakal jadi pangirutan nuahirna hayang aya kereteg hayangdatang ka lembur tempatna éta kase -nian. Cindekna, ku mintonna di AJBtéh jadi ajang ‘promosi’ keur daérahna.Lian ti kapunjulan pintonan seni, AJBTMII gé, ceuk Hj. Ine negeskeun,“Insya Alloh, taun 2015, AJB TMIIbaris ngagaduhan étalase/wangunanhusus (mangrupi miniatur), kanggomintonkeun rupa-rupa kapunjulanseni jeung karajinan (tawis soca) tisaban kabupaten kota nu aya di JawaBarat.” pokna nepikeun kareueusna.

Ngalap MangpaatPintonan, lain ukur keur hiburan.

Aya mangpaat nu nyamuni, nu tumalijeung kapentingan nu leuwih lega.Seni, ceuk Kepala AJB, bisa jadipangjurung sumanget dina mekarkeundiri. Hartina, deuih bisa jadi cukanglantaran mekarna karancagéan. Dina

seni, aya olah pikir, jeung olah rasa, nuadumanisna ngajanggélék jadi pinto-nan nu matak ngirut.

Mun éta kasenian bisa mekar dilemburna, hartina ogé bisa jadi asétkeur daérah, nu bisa ngarojongmekarna kahirupan masarakat.Upama ditumalikeun jeung tujuanwisata, apan lain ukur semetnyuguhkeun éndahna alam tatar JawaBarat, tapi deuih momonés atawa bu-daya masarakatna.

Kasenian gé, saterusna mah bisajadi cukang lantaran geusan hirupjeung huripna. Da, seni téh lian tihirup, oge ngahuripkeun palaku seni -na. Tina seni ogé bakal aya mangpaatséjén nu sipatna ékonomi. Apan, tong-tonan téh teu weléh ngirut nu lalajo, nuhartina deuih bakal aya lolongkrangusaha saperti nu daragang, bohtuangeun boh barang-barang karaji-nan séjénna.

Atuh, nu teu éléh pentingna,kase nian téh bisa jadi pamager dirimasarakat, tina pangaruh-panga -ruh deungeun. Da, masing-masingkase nian téh boga palsapah jeungajén-inajén. Paripolah masarakat,ceuk Hj. Ine mah, di antarana bisaébréh tina kasenian ana. “Seni bogaciri nu man diri, masing-masingsélér bangsa boga cara dinangébréhkeun dirina. Nga -langkungan kasenian masing-ma -sing daérah, tiasa mageranparipolah balukar pangaruh deu -ngeun nu méngpar tina budayamasarakatna,” pokna. ***

Kepala AJB TMII (tengah) jeung seniman dina acara tutup taun 2013 Para Maestro kendang tatar Sunda

Page 13: Mangle 2459

Manglé 245912

NNyusur Galur

Studi arkeologi saenyana henteu diwatesan kungarekonstruksi yen dina paradigmapanganyar na, disiplin arkeologi dipentes kudu

mampuh ngaformulasikeun hukum jeung dinamikabudaya ti mangsa ka mangsa. Kitu nurutkeun LutfiYondri Arkeolog - Peneliti Utama. Mahasiswa prog -ram doktoral Kajian Budaya FIB Unpad 2013. Dinahal ieu studi arkeologi diharepkeun bisa jadi salah-sahiji wahana poko pikeun nangtukeun paradabananu bisa jadi geus kakubur mangabad-abad lilana.Sabenerna gagasan saperti kitu jauh samemehnanyaeta dina taun 1960 geus dieceskeun ku Sir Mor-timer Wheller ku jalan nyebutkeun yen naon anu di -pigawe ku arkeologi, diucapkeun ku Kalimah “We arenot digging up things but people”.

Liwat panalitian barang-barang budaya titinggalmasarakat baheula, para arkeolog (panaliti arkeologi)metakeun upaya pikeun mahaman kumaha kahiru-pan masrakat jaman baheula liwat barang-barangtiting gal budaya jaman baheula anu kapangihna.

Saterusna Lutfi Yondri nebutkeun yen kalimahanu diucapkeun ku Sir Mortimer Whiller upamadikaitkeun jeung punden umpak Gunung PadangCianjur anu keur jadi bahan kacapangan kiwari, di-antara tokoh aya anu ngaragukeun punden GunungPadang titinggal budaya jaman baheula, aya anunyebut keun oge yen Gunug Padang teh titinggal anu‘seksi” sabab geus mampuh nyedot perhatian jalma-jalma. Terus aya deui kalangan anu rada teu padulikana ayana punden umpak Gunung Padang sabab di-anggap susunan batu anu ngahaja dijeun keur nutu-pan hiji titinggal budaya keroeunana anu jauh leuwihluhur ajenna. Malah henteu kapalang, rupa-rupasangkaan, diantarana nyebutkeun yen anu kakuburjeroeun gunung Padang teh aya emas anu gedena luarbiasa cenah. Nu leuwih matak guyurna mah beritaanu nyebutkeun aya piramid nu diwangun ngaguna -

keun semen purba titinggal jaman 13.000 taunsamemeh Masehi. Wawangunan bentuk kujang. Ahir-ahir ieu aya deui isu atawa beja selentingan ngeunaanaya wangunan reaktor hydroelectric, kacida fantatis -na cenah ieu mah jauh leuwih kolot nyaeta 23.000taun samemeh Masehi. Lutfi ngaku geus lila kataji kueta isu-isu, saterusna ku Lutfi eta isu-isu tehdiperenah keun dina kebatna kamekaran kabudayaannu kungsi aya di Nusantara hususna di Tatar Sunda.Dumasar kana hasil kajian di lapangan jeung hasil ka-jian kapustakaan tetela kacida sulitna pikeun di-lakukeun jeung kacida sulitna pikeunngabuktikeunna sabab euweuh hiji oge bukti budayapikeun ngabuktikeun eta isu-isu. Conto anu bisaditetelakeun nurutkeun Lutfi nyaeta hasil panalitianarkeologi nu geus dilakonan ku Lutfi sorangan, jeunglamun diukur anggangna dina garis anu lempeng,perenahna teu jauh ti punden umpak GunungPadang, nyaeta titinggal guha anu kapanggih dikawasan Rajamandala. Tina hasil pananggalan kar-bon (karbon dating), kana kahirupan manusa jeungbudaya nu kungsi lumangsung jaman baheula di etaguha. Umur pangkolotna nyaeta 9500 BP. jeung pro-duk budaya man grupa paparabotan tina tulang,pakakas keur meulahan naon we anu sakira sokdibeulahan contona kai suluh jeung sajabana, ayasesa perhiasan tina kerang jeung taring sasatoan. Ayadeui perkutor, batu paneunggeul tina andesit,manusa na hirup tina hasil moro jeung ngumpulkeunbahan katedaan. Jadi, pamohalan manusa di TatarSunda 23.000 taun anu geus kaliwat barisa nyieunReaktor keur pembangkit tenaga listrik atawawawangu nan anu dijieun tina semen purba nudisebut keun ngahaja dikubur terus dirimbunan kustruktur punden umpak saluhureunana anu cenahtujuan na keur nutupan kebesaran budaya jaman ba-heula nu kungsi dipibanda ku bangsa Indonesia. Ti

Punden Umpak Gunung Padang

Page 14: Mangle 2459

13Manglé 2459

kalangan ahli geologi “sesuatu” anu kapanggih di Gu-nung Padang teh dikumpulkeun mangrupa sesa ka-giatan gunung api purbaa anu kungsi aya di kawasanGunung Padang jutaan taun anu geus kaliwat. Perha-tian para ahli kana pundek umpak Gunung Padangsaenyana lain ayeuna bae atawa kamari, tapi ti pulu -han taun ka tukang. Taun 1914 situs punden GunungPadang teh geus dicatet ku N.J.Krom, eta teh titinggalbudaya jaman prasajarah ceuk Krom anu dicutat kuLutfi Yondri . Sabadana, geus rada lila taun 1979 situsgunung padang diadu renyomkeun deui ku parapanaliti, sabada ieu situs kapanggih deui ku BapaEndi, Soma jeung Abidin, kapanggih pipinding anuluhur jeung susunan batu-batu mangrupa balok tinaruyuk nu barala di bukit Gunung Padang. Sabada di-laporkeun ka pa Edi Penilik kabudayaan KacamatanCampaka, satersna babarengan jeung R.AdangSuwanda Kepala Seksi kebudayaan Departemen Pen-didikan dan Kebudayaan Kabupaten Cianjur, nya tiharita kagiatan panalitian, panalingaan, pangukiranjeung pametaan dilakukeun ku Pusat Penelitian Arke-ologi Nasional ( ayeuna mah pusat Arkeologi Nasio -nal), jeung Direktorat Perlindungan dan Pem binaanPeninggalan Sejarah dan Purbakala (ayeuna mah Di-rektorat Cagar Budaya dan Permusieuman) sarta

unit-unit palaksan teknisna, nyaeta Balai ArkeologiBandung katut Balai Cagar Budaya. Situs GunungPadang Umpak oge jadi sarana pembelajaran lainkeur para mahasiswa ti rupa-rupa disiplin elmu tiuniversitas wungkul, tapi oge para pasarta pen-didikan ti tingkat panghandapna tepi ka tingkat pen-didikan menengah umum.

Tepi ka ayeuna euweuh hiji oge para ahli anu nga-bantah yen punden umpak Gunung padang teh pro-duk budaya anu dijieun atawa disusun ku sakolompokmasarakat nu ngawangun eta punden umpak jamanbaheula ti kolompok masarakat budaya megalit.Perkampungan megalitik jaman baheulana nutur -keun taksiran perenahna di patempatan anu sulitnyaeta di daerah pagunungan atawa bukit. Kahirupanmasarakat kacida gumantungna kana paktor alam,sarta kaitanna teh jeung pamujaan ka arwah paralulu hur, anu dipercaya bisa nangtayungan jeung merekahirupan anu raharja keur anu hirup jeung mere ka-suburan tanah (Asmar 1975-22-23). Dina kagiatan re-ligi, dumasar kana bukti arkeologis, masarakatmegaliti jaman baheula ngadegkeun monumen-monu men ukuranna kacida gedena jeung lega, malahaya anu diwangun ngagunakeun balok-balok batu anubeuratna ratusan rebu kilogram. *** (Hanca)

Page 15: Mangle 2459

Manglé 245914

MMunara Cahaya

Saéstuna, konci suksésna Kang-jeng Rosul Muhammad SAWaya dina akhlak nu sampurna,

kecap tur réngkak paripolahna numatak nyugemakeun, dibarung kusikep nu kalintang wijaksana.Dawuhan Alloh, "Lakod kaanalakum fii rosulillahi uswatunhasanah, liman kaana yarjulloha walyaoumal akhiro wadakarollohakatsi iro." Hartosna : Saéstunasalawasnna keur maranéh aya contoanu hadé dina diri Rosululloh,pikeun jalma-jalma anu miharepAlloh jeung poé ahir turta anu lobaaringet ka Alloh.

Ayat di luhur ngajelaskeun,sangkan kaum muslimin nga-jadikeun Muhammad SAW téh jadiconto, jadi suri tauladan, jadi idoladina sagala widang. Dina omongan,dina gaul papada manusa, kitu deuidina sikep jeung tingkah laku. Kukitu na, sangkan urang bisa ngamal -keun sifat-sifat Rosul SAW, teu ayadeui iwal diajar kana sajarah kahiru-pan Rosululloh SAW.

Ibnu Katsir nyebatkeun,Rosulul loh SAW panutan umat, lan-taran sabab aya tilu sikep. Di-antarana : Kahiji, fii aqwaalihi (dinacariosanana). Rosululloh SAW taranyarios dina perkara nu teu perlu.Cariosan Rosululloh SAW mahbabari kaharti. Kitu deui cariosanRosululloh mah dumasar tinaqolbu na. Dawuhan Rosululloh SAWnu diriwayatkeun ku Bukhari Mus-lim: "Man kaana yu'minu billahiwal yaumil akhiri falyakul khoironao liyasmut." (Saha jalma nu imanka Alloh jeung poé ahir, mangkamanéhna kudu nyarita nu hadé

atawa jempé.) Nu kadua, fii Af'aalihi (dina

padamelanana). Maksudna,Rosulul loh kedah jadi panutan dinapadamelanana. Cariosan jeungpadamelanana téh tara patojaiah.Teu wungkul pinter dina nyarios,tapi ogé bener-bener dilaksanakeun.Nalika Rosul nganjurkeun sangkanmanusa kudu hadé ka papadamanusa, Rosululloh masihan contoti payun. Kitu deui upami Rosulnyarék kana nu dilarang, Rosul ogéméré conto ku jalan teu ngalakonannaon-naon anu dicaram.

Dina masalah ibadah solat nu di-wajibkeun ogé, Rosululloh nyontoanheula. "Sollu kamaa ro'aetu munniusolli." Hartosna: Prak geura solat,sakumaha maranéh nempo solatkawula. (HR. Bukhari Muslim).

Katilu, fii ahwaalihi (ahlaksareng tingkah lakuna). Ahlak Rasu-lulloh kénging pujian Alloh SWT,sakumaha dina surat Al-Qalam ayat4 :

Hartosna: “Jeung saéstuna enya-enya ahlak anjeun (Muhammad) téhagung”.

Ku kituna, urang salaku umatna,micinta ka Nabi Muhammad SAW.geus jadi kawajiban. Saha jalma numicinta Nabi Muhammad SAW,pastina bakal meunang tempat disawarga nu kholidan fiiha. Rosulul-loh ngadawuh: "Man ahya sunnati

faqod ahabbani wa man ahabbanikaana ma'iya fi jannati." Hartosna :Saha jalma nu ngahirupkeun sunahkawula, mangka saéstuna manéhnamicinta ka kawula, jeung saha jalmanu mikacinta ka kawula, mangkamanéhna bakal babarengan engkédi sawarga. (HR. As-Sijzi ti Anas).

Metik Hikmah

Nalika Rosululloh SAW ngawi-tan da'wah, nyebarkeun agamaIslam, Alloh SWT ngadawuh "YaaAyyuhannasu", nu hartina "Yeuh,manusa." Saperti dina surat Al-Arafayat 158 : "Qul yaa ayyuhannasuinni rosuulullohi 'ilaikum jami'an.Alladzii lahuu mulkus samaawaatiwal ardi." Hartosna : "Pok carita -keun : "Yeuh manusa! Saéstunakaula téh Rosul Alloh ka arandikasaréréa, nyaéta Alloh anu kagungankarajaan langit katut bumi."

Dina ayat séjén, Alloh ngadawuh: Wama arsalnaka illa rohmatal lil'alamiin (Jeung Kami henteu ngutusmanéh [Muhammad] anging jadirohmat pikeun satungkebing alam).

Ku margi kitu, dina raragamiéling mauludan, umat Islamkedah panceg dina élmu, yén urangmiéling mauludan téh kedah duma -sar kana dawuhan Alloh sakumahakaunggel dina surat al-Araf ayat 157:

Kangjeng Rosul Muhammad SAW,

Panutan Umat nu Moal Luntur

Page 16: Mangle 2459

15Manglé 2459

Nu hartosna : “(Nyaéta) anunarurut ka Rosul, Nabi anu ummianu (jenenganana) ka unggel dinaTaurat jeung Injil nu nyampak dimaranéhna. Anjeunna (Nabi) nitahmaranéhna kana ngalampahkeunanu ma'ruf jeung nyegahmaranéhna tina laku lampahmunkar.”

Ku kituna, naon nu kudu dipetiktina mauludan téh :

1. Istiqomah. Kaum musliminkedah ngagaduhan istiqomah dinapamadegan. Panceg iman ka Allohjeung ka Rosululloh, éta nu leuwihutama. Teu tiasa dipungkir deui, co-coba, ujian nu karasa ku umat Islam.Rék masalah atikan, masalah fitnahterorisme jeung masalah siyasah,atawa khilafah (kapamingpinan).Masalah atikan, umat Islam kalebetkaum nu barodo. Ieu nu kudu buru-buru dirobah. Urang kudu istiqo -mah, umat Islam kudu jadi umat nupalinter. Kitu deui, dina pancegkayakinan ka Alloh, kiwari teu sa -eutik, umat Islam sorangan nungarasa ragu kana ajaran Islam.Lamun geus kitu, saha deui nu waninanjeurkeun Islam di kalanganumat Islam sorangan. Teu ayasanés, iwal urang nyalira.Tingkatkeun élmu Islam, tingkat -keun ibadah, sareng riyadoh nubener-bener. Rosululloh tosngabuktikeun salaku rohmatal lil'alamin, jadi rohamt pikeun sadayaalam. Kitu deui, dina milih paming-pin, umat Islam kedah panceg kanapamingpin nu nyaketan kana sifatRosululloh SAW.

2. Ukhuwah Islamiyah. Kaummuslimin nu sarua ngagaduhankayakinan ka Alloh jeung ka RosulAlloh, teu aya deui alesan, lamunkaum muslimin paburencay, silingjongklokeun, silih goréngkeun komosaling fitnah mah. Geus jadi contodina sajarah Islam, kumaha akibattina saling fitnah kaum muslimin,ahirna ancur saréréa. Ku kituna,tokoh Islam atanapi para Ulamakedah leres-leres salaku warasatul

anbiyya. Nya éta pewaris nabi. Ulahsabalikna, disebut ulama Islam tapidina prakna patojaiah sareng sifat-sifat Rosululloh SAW. Di dieu,ukhuwah Islamiyah perlu nakerpikeun umat Islam. Sanajan bédawarna, béda gambar atawa bédapendidikan, ukhuwah Islamiyahkudu jadi nomer hiji.

3. Ta'awun. Perkara ta'awunpikeun kaum muslimin sakumaha di-contoan Rosululloh SAW, tacan mak-simal ieuh. Buktosna di urang kaummuslimin loba kénéh nu masakat, nufakir. Padahal kasauran Rosul, "kadalfakru ayakuna kufro" (jalma fakirmah bakal deukeut kana kufur).Na'udzubillahimindalik. Mudah-muda han, kaum muslimin teukagolong keun kana jamma nu fakirjeung kufur. Ku kituna, silih tulunganpapada kaum muslimin sakumahaRosululloh SAW geus jadi kawajibanurang sadaya. Ayana zakat, masingjadi dasar kawajiban pikeun kaummuslimin dina ngalaksana keunta'awun. Ta'awun ogé sanés wungkuldina masalah harta, tapi dinamasalah pamikiran. Seueur partéy

Islam atawa organi sasi Islam nutacan maksimal. Insya Allohngalaksana keun ta'awun lain karasamanusa, tapi karana Alloh Swt.

4. Tawekal. Sanajan masih lobapanyakit umat Islam nu ngabalieur -keun ajaranana, tapi pikeun umatIslam nu bener-bener nyekelagama na, ahirna kedah tawekalsakumaha dicontoan ku RosulullohSAW. Rosul upami tos usaha numaksimal tapi teras-terasan kéngingujian, ahirna diserahkeun deui kaAlloh. Ieu pisan, umat Islam diurang kirang tawekal. Lamun umatIslam di uji, kalolobanana mahsanés tawekal ieu, tapi sok kalahnyalahkeun kana ajaran Islam sora -ngan.

Ku kituna, mauludan ieu, hayuurang sing papinter-pinter dinangamal keun ajaran Alloh jeungRosulul loh. Mudah-mudahan urangkalebet kana golongan nu bakaldisalamet keun dina syafaat Rosulul-loh engké di yaomul qiyamah sartamudah-mudahan urang salaminamasing dipaparin kani'matan sarenghidayah Alloh SWT. Amien. ***

internet

Page 17: Mangle 2459

Manglé 245916

TTanyaJawab

Patarosan:Assalamu’alaikum Wr. Wb. Badé tumaros perkawis modél

nu anyar-anyar ieu jadi obrolan dimasarakat ngeunaan nikah misyar.Naon saleresna nikah Misyar téh?Sareng kumaha hukumna numut -keun ajaran Islam? Hatur nuhunkana waleranana.

Wassalam,

Pa Jaja Husen Ti Jati Tujuh Majalengka.

Waleran:Hatur nuhun kana per-

hatosanana. Ngabandungan kaja-dian di kiwari, mémang rupa-rupanikah baris jadi perhatianmasarakat, sapertos nikah mut’ah(nikah kontrak), nikah sirri, nikahgantung jeung sabangsana. Malihaya deui istilah nikah Misyar.

Nu kapendak, nikah misyar téhnyaéta hiji lalaki ngalakukeun akadnikah sareng hiji awéwé, kalawansanggeus jadi salaki-pamajikan,lalaki éta henteu boga kawajibannganafakahan istrina. Henteu ci -cing babarengan saimah, jeunghenteu aya kawajiban nyadiakeunimah (ngimahan). Istrina anggercicing jeung kulawargana, nyakitudeui salakina tetep cicing di bédatempat. Papanggihna mung beu-rang wungkul, henteu aya jatahkilir dina waktu peuting. Malih ayaogé anu nyebutkeun wiréh dinaakad nikah misyar, pihak awéwéhenteu narima mas kawin (mahar),

ogé henteu ngabogaan hak waris tiéta salaki, saupama papisah atawasalakina maot.

Nu jadi sabab ayana nikahMisyar téh, ieu, di antarana lan-taran loba parawan kolot atawarangda-rangda anu memang butuhsalaki atawa saukur boga statusnikah sok sanajan henteu nikahsapurati na. Aya ogé anu ngaguna -keun nikah misyar ieu mungsakadar pikeun hura-hura atawasenang-senang wungkul, keurngalajur hawa nafsuna wungkul.

Ku kituna, nu kapendak, nikahmodel kieu henteu luyu sarengtuju an nikah sacara syar’i. Ku ki-tuna, jumhurul ulama ngagaduhanpamadegan yén nikah misyarhukumna haram, lantaran hanteupernah kajadian atawa diconto -keun ku Rasululloh SAW. Nurut -keun sajarah, nikah misyar pernahaya di Mesir ti mimiti taun 1825 M,kalawan aya fatwa ti SyekhMuhammad Sayid Tantawi, nyaetadina taun 1999 M. Nyakitu deui ki-wari pamarentahan Arab Saudi

dina fatwana ngemeunangkeunnikah Misyar ieu sacara sah. Fatwaieu didugikeun ku Syekh AbdulAzeez ibn Abdullah ibnu Baaz. Kitudeui aya nu ngameunangkeunnikah misyar, lantaran sacara syar’isarat jeung rukun nikah sacarasyar’i kacumponan. Di antaraulama anu ngameunangkeun nikahmisyar ieu nyaeta: Syaikh AbdulAziz bin Baz; Syaikh Abdul Aziz AluSyaikh; Syaikh Abdullah bin Mani’Syaikh Sayyid Thantawi jeungsajaba na.

Anapon ulama anu nga-haramkeun nikah misyar, lantaranjinis nikah ieu henteu kantos aya dizaman Nabi SAW masih jumeneng.Nyakitu deui jinis nikah ieudeukeut pisan kana lawangkadoliman ka pihak awéwé, lan-taran pihak salaki, henteu bogakawajiban méré nafkah atawangimahan, jeung kawajiban-kawaji ban lianna anu sifatna mate -ril ka pihak awéwé, henteu sapertinikah dina umumna.

Dumasar kana pedaran di luhurtiasa disimpulkeun, wiréh nikahmisyar sanajan cumpon saratsacara nu lima, tapi tujuan mawad-dah warohmahna leungit. Ku kitu -na, saéna urang tebihan modélnikah kieu mah. Hukum nikahmisyar nurutkeun hukum Islam,aya ulama anu ngaharamkeun, ayaogé ulama nu ngameunangkeunsakumaha nu tos dipedar di luhur.Tapi tetep nu jadi patokan mah,dina sual illatna (nu jadi sababna),naha darurot atanapi henteu. Wal-lohu ‘alam. ***

Nikah Misyar

Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan), sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS

Nyakitu deui jinis nikah ieu

deukeut pisan kana lawang

kadoliman ka pihak awéwé, lan-

taran pihak salaki, henteu boga

kawajiban méré nafkah atawa

ngimahan, jeung kawajiban-

kawajiban lianna anu sifatna

mate ril ka pihak awéwé, henteu

saperti nikah dina umumna.

Page 18: Mangle 2459
Page 19: Mangle 2459

Manglé 245918

CCarita Pondok

Sagalana éstunyampak.Hayangdahar kariam, hayangnginum kari

rot. Sakuduna mémangngarasa senang hirupdikawulaan ku bangsa

manusa téh. Tapi éta téhceuk sangkaan sato nulian, da nu puguh mahasa kasiksa kudu dika -rang kéng téh. Nu biasabébas gegeleberan ka dituka dieu, ari ieu bet kududisengker ku kandang nusakieu heureutna.

Karék sabulan kuringngeusian ieu kandangtéh. Harita téh keur néan-gan parab budak nu ga -ruméndol meujeuhnagedé dahar, bet ku ayamilik ningali kadaharansakitu ngaleuyana dinasalah sahiji dahan kai.

Barang eunteup asa ayanu aneh, rek kana sukubet tuluy rapet kana étadahan kai. Teu lila ti ha -rita, terekel aya bangsamanusa nu naék kanatangkal kai. Kuring geusteu bisa kukumaha, najantanaga geus dikalurkeunkabéh pikeun hiber, awakdipaksa-paksa hayangleu pas tina leugeut, lainkalah bisa leupas tapikalah beuki pageuh.

Sanggeus katéwak,tuluy kuring diasupkeunkana tempat nu heureuttur paroék, tayohna mahnya kandang manuk téa.Geus kitu karasa dibawaleumpang sakitu jauhna.Bari sungut mah teurépéh jejeritan nyambat-nyambat dua anak ku -ring, tapi da lain kalahdiparilé ku nu manusatéh, anggur jongjon waéngagidig leumpang ru-rusuhan. Gurupak-gara-pak gegeleberan hayangleupas ogé kalah nyareriawak, getih ngalémbéréhlebah sungut jeung jang-jang mah geus teu dirasa.

Sajajalan teu eureun-eureun ceurik, utamanamah inget ka dua budaknu masih kénéh garumé -ndol, ka si Uci jeung siUcu sajodo, saha nu rékméré nyatuna? Aya ogésalaki tapi da sok teu patimaliré ka anak sorangantéh, komo da salaki mahtukang jaramah. Keurjongjon dibawa leum -pang, nu néwak téh eu-reun. Tuluy kadéngéngagerendeng. Istirahatmiceun kacapé tayohnamah.

“Boga milik gedé yeuh,

Anis KembangCarpon Taufik Rahayu

Page 20: Mangle 2459

19Manglé 2459

nu kieu meureun nu dise-but kagunturan madukaurugan menyan putihtéh!” ceuk manéhna barikadéngé hah-heh-hoh.“Poé ieu mah untungpisan teu balik lengong,malah meunang ma nuk -na oge Anis Kembangdeuih, Juragan Lurah nunananyakeun ti sabulankatukang kénéh téh. Munteu wanieun sayuta kaluhur mah, awas moaldibikeun siah, kajeun rékditatawarkeun ku sorang -an ka dayeuh.”

Sabada sababarahabelas menit eureun. Tuluynu néwak kuring téhkarasa nuluykeunleumpangna. Teuing geussabaraha tanjakan jeungpudunan nu diliwatantéh. Sigana mun kuringleupas ayeuna ogé moalbisa balik deui nepungansi Ucu jeung si Uci, moalapal jalan jeung kuat hi-berna.

Teu lila ti harita kadé -ngé sora nu nyalukan.

“Hey Dayat, hasilteu?” ceuk nu ngageroan.

“Lumayan waé tambaléngoh teuing mah, meu-nang hiji manuk garaba-gan jeung dua anakna nukarék bulu kanyéré!” ceuknu mawa kuring.

“Kadieu atuh ngopijeung ngaroko heula.Manuk naon éta nu ga -rabagan?” ceuk nu nanyasari-sari panasaran.

“Manuk Piit keur pa -rab heulang uing,” ceukmanéhna ngabohong di-tungtungan ku ngahéhéh,“Sok waé tingali. Cing Ibi,Ji Sam Su-na sabungkus,tong poho kopi hideung -na!”

“Nya ari meunangmilik gedé mah, tongngantep kahayang.” ceuksora awéwé, meureun nu

disebut Ibi téa.“Anyir ... ieu mah anak

Kanari, cing kami méntahiji!” ceuk nu nanya deui.

“His ... gagabah. Teubisa Lur, sajodo éta téh.Meunang hayang puguhgé, rék ngamimitian dia-jar diternakeun. Capékudu ngalaan waé manukka gunung téh, jeungdeuih kiwari mah beukilangka manukna ogé.”

“Enya beuki langkatéh, da ditéwakan kumanéh,” ceuk sora si Ibi,“Yeuh kopi, tah jeungbala-bala haneut geura,dijamin pedo!”

“Ari ieu manuk naon?”ceuk sora nu nanya mimi -ti bari tuluy mukakeunkaén nu ngahalangankuring.

Karasa serab. Manusanu mukakeun panghalangtéh olohok sakedapanningali kuring nu gegele-beran hayang ka luar tinakandang téh.

“Ke ... ke ... ieu téhAnis Kembang téa, ti gu-nung mana manéh meu-nang ieu manuk?” ceuknu olohok.

Nu ditanya kalahseuri, bari tuluy nyuruputkopi ditema ku ngenyotroko, haseupna disere -bung keun ka luhur. Tapiteu lila pok manéhnanémbalan.

“Atuh ari ngébréhkeunrusiah dapur mah, kuriakuing moal beubeunangandeui,” cenah bari nga -héhéh. “Ibi, bon heulanya... ke balikkeun tiJuragan Lurah rék dipa-nyer.” Kituna téh barituluy indit deui.

Teu pati jauh dibawaleumpangna ayeuna mah.Geus kitu tuluy kuring di-jual ka Juragan Lurah.Rada kagét manahoréngimah lurah téh agréng

kacida, asa patukang-tonggong pisan jeungimah-imah di lembur éta.Di buruanana nyampakaya sababaraha hiji ku-rung manuk nu aya eu-sian. Aya Anis kembangnu sarua jeung kuring,Kenari, Murai, Wambi,Kacer, jeung Punglor.

Geus cungcréng diba-yar mah, kuring dipin-dahkeun kana kandangnu teu pati heurin teuing,rada agréng sigana kan-dang téh ieu mah. Jari-jina ku awi pinilih, kainaogé seungit kai jati.

Dijerona geus disadi-akeun kadaharan karesepkuring, aya ogé endogkararangé nu lengkepjeung caina.

Ari nu néwak kuringmah tuluy waé mulang,bari kaciri pasemonna téhbéar marahmay. AnakKanari nu dua mah siga -na téh henteu dijual, datuluy dibawa ku manéh -na. Malah teu kungsi di -sabit-sabit acan, boh kumanéhna boh ku Lurahnu meulina.

Sadipindahkeuana ogékuring mah teu daék ci -cing, tuluy gegeleberanhayang leupas tina kan-dang. Malah beurangningali cahaya mahleuwih rosa kuring ha -yang kaburna ogé. Soksanajan meureun ceukukuran bangsa manusamah kandang kuring téhnu panghadé-hadéna,tapi da lain kalah matakbetah, nu aya hayanggeura leupas tina ieu kan-dang.

Geus ampir sabulankuring aya dina kandang.Awak nu tadina lintuhjeung seger téh ayeunamah nyirorot pisan. Kukituna mah kaharti da so-rangan téh teu daék

dahar. Dina daékna ogébarangdahar ukur tibasarat lapar da teu mirasa.Pikiran keukeuh manténgka gunung, ka si Ucujeung si Uci nu diting-galkeun. Juragan Lurahnu ayeuna jadi dunungankuring téh cenah pang -beungharna di ieu lemburmah. Éta téh ceuk Kacernu aya digigireun kuringwaé nu nyaritakeunana,da kuring mah teu nyahonanaon bubuhan satoanyar. Kaharti dina ki-tuna mah, da tina dede-gan imahna ogé sakieuagréngna, buruan legamatak pikabetaheun.Tapi da ari keur kuringmah, sabetah-betahnaogé di tempat manusa,angger waé leuwih betahdi leuweung.

Masih ceuk si Kacer,majarkeun cenah JuraganLurah téh kolektormanuk, saban sabulansakali mah cenah Keceratawa koleksi manuklainna téh sok dibawa kaluar pikeun dikontéskeunjeung papada manukséjénna. Kadang meu-nang, tapi mindeng ogééléh.

Juragan Lurah téh pa-gawéanana jadi Lurah dilemburna, geus dua pri-ode, ayeuna paméakan.Tapi cenah ceuk manuk-manuk nu aya digigireunkuring téh, sok tara kacirigawéna. Da sapopoénatéh ngurus manuk waébeurang peuting. Nganaya béja ogé cenah ceukmanuk-manuk séjén pa-jarkeun Juragan Lurahtéh juragan nu purahngarecah duit nagara nudisalurkeun pikeun pang-wangunan désa, duitnakalah dipaké keur ka -pentingan sorangan.

Teu pati teuing dipiki-

Page 21: Mangle 2459

Manglé 245920

ran ku kuring mah, da nudipikiran ku kuring mahhayang bisa leupas ning-galkeun ieu kandang,hayang balik deui ka gu-nung tempat matuh,hayang nepungan anakkuring nu dua, hayangngabéwarakeun ogé kadulur-dulur di leuweungyén kudu ati-ati kabangsa manusa nu réknéwakan. Teu paduliJuragan Lurah mah, soksanajan teu nginjeumceuli teu nginjeum panonJuragan Lurah téh ka -lékéd mun rék indit kakantorna, kalah habenwaé ngomé manuk, dinainditna ogé teu lila téhsok geus jol deui.

Aya tujuh kandang,tapi kuring mimindengnangobrol téh jeung SiKacer bubuhan kandang -na pagigir-gigir. Salian tiéta osok ogé jeung SiMurai Batu nu aya dikatuhueun kuring. AriMurai nu aya digigireunmah nasibna téh teu jauhjeung kuring, garabaganmeunang néwak kuposong, séjén deui jeungSi Kacer nu cenah teunyaho ari leuweung téhkumaha? Da ti saprakmanéhna inget téh geusdikukut ku manusa tikeur guméndol kénéh.

“Kuring mah ...” ceu-nah ceuk Murai Batu,“basa ditéwak ku bangsamanusa sarua sabot nya -tuan, ngan nu pikaketir -eunana téh. Kuring mahditéwak téh bareng jeungpamajikan nu keur nying -leungleuman endog ...”teu nepi ka tuluy Muraitéh nyaritana da saterus -na mah ngagukguk ba -ngun nu kanyenyerian.

Kaharti ku kuring ogékumaha rasana kudu di -pisahkeun jeung buah

haté, tuluy kudu hirupdina tempat nu sakieuheuretna. Sok sanajanlubak-libuk loba kahaka-neun ogé keur naon? Dakabagjaan téh lain ngansakadar cukup ku barang-hakan, tapi nu leuwih tiéta, bisa bébas kalawansabébas-bébasna, laincara ayeuna.

Murai ogé ngabéjaan,cenah lamun kanyahoanmanuk téh bikang, soktuluy deui di jual. Siganasib pamajikanana. DaJuragan Lurah téh teuresep cenah ka manukbikang mah. Manukbikang mah euweuh har-gaan, sorana henteu galé-cok jeung ngocéh kawasmanuk jalu. Mun geus di-jual cenah manuk bikangmah sok ngadon diter-nakeun atawa di ka kebonbinatang. Malah munkeur sué mah sok kalahdipaké parab sato séjén.Rada muringkak ogé ku -ring barang ngadéngé di-paké parab mah. Komopan kuring mah manukbikang.

Hiji poé mah bet bédasarina. Kaayaan alamalum béda ti sasari.

Langit ogé teuing kuterus-terusan angkeub.Juragan Lurah nu biasa -na geus nangkring gé cankatémbong. Malah asanatéh geus ampir saming-guna siga nu teu nyagapka manuk-manuk kadeu -deuhna. Ayana mah ayadi imah téh, da kadéngésora hoakna mah, boh kapamajikanana boh kabadégana. Kuring saba -tur-batur ogé diurusnatéh ku badéga-badégana.

Teu lila ti harita betaya nu ngabring.

“Polisi!” Ceuk manuknu lian téh pating haré-wos.

“Rék naon polisikadieu?” Ceuk manukséjén.

Heuleut sabarahamenit, bring ogé uranglembur ngariung imahJuragan Lurah.

“Duruk ... Duruk ...Duruk!!!” kadéngé nugogorowokan.

“Taranjangan ...Taranjangan ...!!!” ceuknu séjén deui patém-balan.

Teu lila ti haritakatémbong juragan Lurahkaluar, ngan kacirina téhbangun nu tas ceurik.

Leungeunna dibareng -kos ka tukang, diiring -keun ku nu tadi anyarandaratang. Nu ngagarim-bung beuki loba, kadéngépating kecewis.

“Kumaha rék teulubak-libuk, da hartanaogé meunang korupsi!”

“Paingan jalan téh teuanggeus-anggeus, daduitna dihakan ku so -rang an!”

“Lebok siah!”“Miskinkeun tuman,

sita hartana kabéh!”“Dipenjarana ogé

kudu saumur hirup Lurahgarong kitu mah!”

Sajungna JuraganLurah dibawa, kadéngéJuragan istri saanak-anakpating jarerit careurik.Malah mah Juragan istribasa rék nyusul, geuskaburu kapiheulaan teuinget dibumi alam ningalidiburuan masarakat nungarariung mah.

Heuleut sababarahajam ti kajadian éta. Lem-bur téh asa réhé combrék.Ngan masih kadéngé tijero imah juragan istri nunginghak, kitu ogé putra-putra juragan Lurah nujejeritan nyambat-nyabatngaran bapa nu teuing dibawa kamana. Ngan ce -

nah ceuk manuk séjénmah, Juragan Lurah téhunggah baléwatangan.Leuheung bangsa manukcenah, dikarangkeng téhdipikanyaah ku dunung -an, dibéré dahar tara elat,dimandian unggal isuk,séjén deui caritana jeungbangsa manusa nu asuppanjara mah.

Tapi keur kuring mahangger waé nalangsana.Sok sanajan dikandanganku emas ogé, da hirupkuring mah lain di dieu,lain dina jero kandang nusing sarwa heureut baricuang-cieung euweuhbatur sasama. Tapi diditu tuh, di leuweunggonggong nu masihkénéh pinuh ku kakayon.Tapi da kuring mah ngansaukur mahluk leutik, teubisa ngalawan ka bangsamanusa nu nya gedé nyapinter jeung boga akal.

Bangsa manusa nga -déngé kuring galécokjeung ngocéh unggal isukteh, meureun nyangkanamah kuring sabatur-baturteh bungah jeung senang.Pedah kaciri wae bangunanu resep jeung betahmun pareng kuring di -sada teh. Padahal bisi teunyaho mah lain kitu. Ku -ring sabatur-batur téhlain galecok bungah, tapigalecok ku sedih, sapan-jang poé ceurik midang-dam sarakan sorangan.Ceurik hayang balik deuika leuweung, hayangtepung jeung anak katutdulur-dulur di ditu. Ku -ring hayang leupas ti ieukandang.***

Bandung,Désémber 2013

# sabada macakumpulan carpon “TalagaMalihwarni” — karyaAam Amalia

Page 22: Mangle 2459

21Manglé 2459

CCarita Pondok

Kuring téhhirup pa-sisian, dikota leutik.Dilahirkeundi dinya.

Meunang jodo di dinya,batur sakampung. Bédana,ari salaki mah kungsi kuliahdi Bandung, kuring mah hen-teu. Satamatna SMA terus di-ajak kawin. Komo ua mah,méméh kuring tamat gé ua

geus ngagugujeg baé nitahngaresmikeun hubungankuring jeung putrana nu geuspakait pikir ti keur kelas hijikénéh. Tapi kuring mugen.Da hayang ngadagoan KangAhmad lulus jadi sarjana.Atuh sanggeus lulus ayakénéh tanjakan téh, ngada -goan heula Kang Ahmad me-unang gawé.

Ayeuna kuring geus bogaanak dua. Kang Ahmad geus

jadi dosén. Tapi kuring tetepngabantuan ua di pabrikkonveksi kagunganana numroduksi baju muslim jeungmukena bordel. Lain pabrikgedé. Tapi produksina geustepi ka mancanagara.

Kuring dipercaya ngurusadministrasina. Kalan-kalankudu iang ka Tanah Abangnguruskeun pemasaranana.Enya, ari ku mindeng gauljeung dunya bisnis mah teu

burung bisa ngigelanana. Pa-gawéan kuring kaanggo, bohku ua istri boh ku ua pame -get. Tepi ka tamplok kaper-cayaan ka kuring.

Kuring dibéré wewenangnyieun kawijaksanaan keurkamajuan ‘perusahaan ua’.

"Ih ari taeun téh ulahkitu. Ari pabrik ieu engkékeur saha? Da apan ua mahteu boga deui turunan salianti Ahmad. Hanjakal Ahmadteu daék ngokolakeunana.Kalah resep digawé di batur.Naha sabaraha ari gajihdosén? Jadi wayahnaNunung kudu soson-sosonngurusna da engké ogé moalkeur saha."

Enya ari soal panghasilanjadi dosén mah henteu bisadibandingkeun jeung pang-hasilan ti pabrik. Ua henteuuningaeun, Kang Ahmadmah ngarasaeun bagja bisanépakeun pangaweruh kamahasiswa. Bawaning resepKang Ahmad daria nakerdina ngajalankeun tugasna.

Saban peuting KangAhmad ngadekul hareupeunkomputer. Aya waktu luangdipaké maca. Alhamdulillah,

aya barokahna. Karir di kam-pus nérékél, tina dosén jadiwakil dékan. Malah diajang-ajang bakal ngaganti dékananu sakedap deui pangsiun.Tapi kasempetan éta téhhenteu kungsi dimangpaat -keun, lantaran kaburu meu-nang sponsor keur nerus keun pandidikan di luarnegri. Meunang dua taun to-labul ilmi di nagri deungeun.

Surat Penting

CarponNaneng Daningsih

Page 23: Mangle 2459

Manglé 245922

Kungsi dua kali balik. Ma-jarkeun rék ngahangkeut -keun supaya buru-buru lulus.Geus lulus mah balik deui kaalmamaterna, neruskeunhanca jadi dosén.

Kamari balik ti kampusKang Ahmad ngajak kuringngadeuheus ka ua. Padahalkuring téh keur riweuh dipabrik. Penting! Pokna.Payuneun ua Kang Ahmadnyarios yén anjeunna ditarikkedah ngalih tugas kaJakarta. Sanajan pangkatnaék, ua henteu panujueun.Kang Ahmad ngahuleng.Haténa sabil, ka ditu kumahaka dieu kumaha.

"Bah, posisi ieu téh ku nusanés mah dipikahoyongmalih diparebutkeun. Aya nuwantuneun mayar sagala.Sareng deui apan ieu téhmangrupi kahormatansareng penghargaan ti pa-marentah kanggo urang,"cenah mani anca. Kuring ogébingung meunang béja kitutéh.

"Naha atuh mani dadak-dadakan kieu, Kang?" ceukkuring. Ceuk Kang Ahmadberita ieu téh sabenerna mahgeus lila malah geus dua kaliditolak, tapi kamari datangsurat deui. Lain surat per-mintaan, tapi surat paréntahlangsung ka rektor, anutangtu moal bisa ditolak.

Ua tetep teu panujueun.Komo basa uningaeun ku -ring jeung barudak kudumilu mah. Malah ua istrimah merebey cisocaan. Ku -ring noél Kang Ahmad nga-jak asup ka kamar. Keun uasina rada tenang ulah diteragteuing.

Unggal aya kasempetanpanggih jeung ua, pang-pangna mah ua istri sok hu-mandeuar baé. Kituna téhlamun Kang Ahmad geus kakampus, ari ua pameget mahbisa nyumputkeun semu.Kuring sok ngaleler ua bariméré bongbolongan.

Basa ngariung deui sikepua rada leuleuy. Malah geusngidinan Kang Ahmad indit

ka Jakarta, tapi henteu jeungkuring atawa barudak. Ku -ring ngiceupan Kang Ahmadsupaya nurut. Tapi dina em-prona mah geuning henteubisa kitu. Da kuring ogé sa -laku istri pimpinan, kudungabina anggota DharmaWanita, anu kudu dipertang-gung jawabkeun langsung kaIbu Mentri salaku ketua. Ka-paksa kuring ngalelemu deuiua. Ari anu jadi bangbaluh uatéh kumaha pabrik lamunditinggalkeun ku kuring.Ceuk Kang Ahmad, kuringmah tetep bisa ngurus pabriktapi salaku agen di Jakarta.Malah ayeuna mah leuwihpraktis teu kudu pulanganting Tasik - Jakarta. Geusbabadamian panjang lebar,ahirna Ua satujueun kuringmilu ka Jakarta tapi barudakmah henteu dibikeun. Jeungdeui apan barudakna keursakola kakagokna, rék ujian.

Geus di Jakarta mah uajadi sering sumping baringin tun barang. Barengjeung Mang Apud sok ngén-dong aya kana dua wengina.Mun sumping téh ua mahbari ngaroris kaayaan rumahtangga kuring, tetelepéksagala ditaroskeun, sagala di-cawad. Tapi da kuring geusapal kana sipat jeung adat ua.Dienyakeun baé bari seuri.Da ua mah ulah dibantah.Sepuh téa hambur congcotmurah bacot. Dina soal duitpabrik ogé administrasina nuku kuring dicekel kudu béréskudu tartib. Aya géséh saeu-tik ogé sok ditaroskeun.

"Butuh duit mah pékpaké tapi kudu puguh lapo-ranana. Enung salaku ketuaDharma Wanita ulah nepi kangérakeun salaki, kudu bisamawa diri. Ulah kaciri kam-pungan. Ulah kaciri rudin,"saur ua. Da saenyana kuringdibéré kabébasan maké duitpabrik henteu diwatesanan.Tapi apan kaperluan kuringgeus ditangkes tina hasilgawé Kang Ahmad nu leuwihti cukup keur hirup duaanmah. Imah gedé, inventaris

kantor lengkep jeungmebeulerna. Aya dua pilihanbasa dibéré imah inventaristéh nu di Kreo atawa nu diJatinegara. Kuring milih nudi Jatinegara, sanajan aya dilingkungan kampung tapideukeut ka kantor tibatan nudi Kreo anu sakitu jauhnapasti unggal poé kudu papu -ket jeung macét.

Tapi basa ua pamegetsumping, anjeunna henteupanujueun kuring cicing dicinya téh.

"Piraku pangkat direkturcicing di daerah kumuh sigakieu? Asa kurang hadé ceukAbah mah. Ahmad téh kudungajaga wibawa. Kumahalamun Bapa Dirjen kadieuatawa aya tamu urang asing,piraku kudu susulutukan kapasar jangkrik?"

Teu lila kuring pindah kadaerah perumahan nu alus,kénging ngagaleuh ua. lmahnu heubeul dipaké gudangbarang jeung panampunganlamun aya dulur ti Tasik. Diimah anyar ogé kamarkosong mah aya sababarahahiji. Tapi apan kuringna taraaya di imah.

Di Dharma Wanita Ke-mentrian, kuring kapapancé-nan jadi wakil ketua seksiékonomi. Disérénan pancénngokolakeun kantin, nungahimpun nu daragang.Basa gedung Kementriangeus réngsé jadi gedongluhur ngalanglaung jadi 15lanté, séksi ékonomi dibérésalanté di basement deukeuttempat parkir, keur kantin.Salian makihikeun nu dara-gang séksi ekonomi ogé kudungabina nu daragang soalkabersihan jeung jenis daga -ngan anu dijualna. Salian tidahareun teu meunang da-gang di dinya jeung harganaogé dikontrol. Ulah tepi kangabeuratkeun nu meuli,tapi oge ulah ngarugikeun nudagang. Tah ieu tugas kuringdi seksi ekonomi téh.

Jadi kuring ogé jeungsasama pangurus seksiekonomi kudu indit unggal

poé nalingakeun kantin. Nudagang aya waé nu bedegongmah nu ngarempak palatu-ran jeung nu hésé mayariuran. Nu daragang di dinyatéh lain hiji dua, tapi ayakana limapuluhna.

Kuring tara aya di imah.Ua ogé tara lami mun ngén-dong. Kitu deui basa ku uadikintun lanjang keur nga-bantuan kuring jeung supirkatut mobilna, teu lana dateu baretaheun. Ukur dititahnungguan imah kosong.Supir gawéna ngelapanmobil wé sanajan mobil teukotor, apan kuring mah ung-gal poé ogé milu jeung KangAhmad nu geus aya supirkantor.

Basa supir kintunan ua tilembur balik henteu pohodibahanan oléh-oléh paméréstaf di kantor. Sanggeus diJakarta loba nu ngirim oléh-oléh ti daérah ogé ti staf kan-tor Kang Ahmad nu balikngontrol proyék pembangu-nan di unggal propinsi. Oléh-oléhna ogé rupa-rupa munhenteu karajinan daérah, nyadahareun. Nu mindengngirim mah Pa Darmaji, étamah méh unggal minggu kadaerah téh da anjeunasabagé pimpro.

Mobil mah ditinggalkeundi garasi, sanajan kitu kuringteu wani maké da can apaljalan, sieun kalangsu. Tung-tungna mah mobl téh dipu-langkeun deui ka Tasik.

Duka kumaha nyaritanaKang Ahmad téh, da teu lilaua pameget sumping.Sakalian ngintun barangnyaosan pesenan ti Brunai.Tara-tara anjeunna keresaangkat ku anjeun ka dieu,henteu sareng ua istri.

"Tabuh sabaraha Ahmaddatangna?" pokna ka kuringbarang sumping téh.

"Wengi rupina, da badéaya peresmian festival heulasareng Pa Mentri, badé ayanaon Wa?"

Dijawab kitu téh ua nitahsupir supaya nurunkeunbarang di garasi. Terus nga-

Page 24: Mangle 2459

23Manglé 2459

jak kuring indit. Ari ua dekka mana? Ceuk kuring dinahaté. Da tara atuh ua mahmaké jalan-jalan di Jakartamodel kieu. Kapan biasanaogé gurung gusuh atawa culléos, saurna téh teu betah didieu mah hareudang.

Mobil eureun di daerahPecenongan. Di hareupeunshowroom mobil. Kuring di-titah milih hayang warna nukumaha da ari jenis jeungmérekna mah anjeunna nunangtukeun.

"Kanggo saha Wa? Daabdi mah teu peryogi mobil."

"Keur Nunung. Bisihayang mobil weuteuhngarah henteu ngagangguAhmad nu keur dines,"

Enya kuring téh sokngadagoan Kang Ahmad dikantor lamun geus bérésngurus kantin. Mun KangAhmad loba tugas nepi kapeuting nya kuring ogé balikteh peuting. Balik gaganca -ngan ogé kateuteuari. Diimah euweuh sasaha. Teu,kuring mah teu perlu mobil.Tapi atuh na saha nu bisangahulag ua? Kuring bogapikiran meureun ieu téhmangrupa beungkeut kadeu -deuh simpay kanyaah ua kakuring, asa pamohalan arikudu di tolak téh.

Geus apal jalan mah kakantor téh kuring indit so-rangan tara bareng jeungKang Ahmad. Salsé baé dakantin kakara buka tabuh sa-puluh. Kitu deui balikna bisabeurang kénéh lamun di kan-tin euweuh masalah mahatawa bisa badami jeungpangurus séjén silih genté-nan. Geus aya di imah, bisabébérés jeung masak. Kitudeui lamun kudu ka TanahAbang, biasana langsung tikantor da deukeut.

Jadi mindeng ayeunamah ka Tanah Abang.Ngontrol barang jeungngadon silaturahmi jeungagén. Nyatet kakuranganjeung saran-saran sangkanbarang nu diproduksi ku uabeuki alus, luyu jeung seléra

pasar.Kitu deui lamun Kang

Ahmad ditugaskeun ka luarnegri, kuring sok milu barisakalian silaturahmi jeungagén nu aya di dinya. Atawanéangan pasar nu anyar. Al-hamdulilah ku jalan kitu pe-masaran barang-barang uabeuki dieu beuki lancar. Tapihal ieu téh ku kuring disi-dem, urang kantor mah hen-teu aya nu nyahoeunkagiat an kuring di TanahAbang. Keun baé aranjeunnamah nyahoeunana téh kuringibu rumah tangga biasa. Étasababna kuring tara ngin-

jeum supir Kang Ahmadmun ka Tanah Abang.

Tapi hal kitu teh geuningaya mamalana. Dina hiji poé,kuring ka kantor KangAhmad di lantai salapan.Dina lift aya nu asup opatandi antarana aya saurangbawahan Kang Ahmad anuhenteu sadareun kuring ayatukangeunana. Maranéhnangobrol bangun pogot, siganyaritakeun hal nu penting.Teu pati jelas naon jejer cari-tana. Ngan di antarana kadé -ngeé nu saurang ngomong kaanak buah Kang Ahmad.

"Ah gedebul siah, soksuci. Bapakmu can aya sa-taun pindah ka dieu, hirupnageus menteréng kawas kitu.Rumah baru di daerah anumentéréng. Mobilnya grésmani kinclong. Sikapnya sajakayak urang désa. Méntalnyamah podo waé, amburadul.Apa perlu dinas keluar negribawa-bawa istri segala, kayak

mau piknik aja."Lift eureun di lantai lima.

Nu tiluan téh kalaluar.Sigana mah maranéhna téhpagawé di kantor dirjén. Arinu saurang deui eureun dilantai salapan siga kuring.

Barang sup ka dinya pa-gawé tingrariung sababarahabubuhan. Euweuh nu bara -nggawé; paromana taya numarahmay. Kabéh bangkenubangun nu nyidem amarah.Ningali kuring datang ogéukur unggeuk tamba henteunanya bae. Rét kana jandélakaca jeung panto di unggalruangan pinuh ku keretas nu

ditarulisan. Aya ogé gambarkarikatur. Boh tulisan bohgambar kabéh ngahujat kaPingpinan. Aya naon atuh?Geus aya deui baé nu sigakieu téh.

Basa kantor heubeul di -tinggalkeun, barang-barangkantor heubeul téh, bari hen-teu aya idin pingpinan hari-deng pada nyarokot kupagawé-pagawé. Pangrasanabarang inventaris kantor téhanu manehna. Atuh peutingsaacan pindah, buruan kan-tor téh pinuh ku mobil nungakutan barang-barang téa.Aya nu mawa lomari, méjatulis,pompa air jeung naonku hanteu. Tah harita ayadémo téh ti pagawé-pagawéanu henteu kabagéan na -naon. Padahal aya nu mawabarang-barang leuwih timisti.

Ayeuna aya deuidémo,kuring asa-asa rékasup ka rohangan KangAhmad téh. Sieun keur rapat.Tapi basa panggih jeung BuSuji, salah saurang sekretarisKang Ahmad kakara kuringnyaho kana persoalanana.Kang Ahmad téh disangkakorupsi. Malah pasoalan ieuteh geus tepi ka Bapa Dirjenjeung geus dilaporkeun kapulisi. Sakedapan mah ku -ring ngahuleng. Asa aya nunonjok kana dada. Peurih.Euh karunya teuing KangAhmad, digawé soson-sosontéh bet kieu tungtungna.

Nu disangka kuring bakalmanggihan Kang Ahmadkusut murusunu atawarungsing pusing, da pantesnateh kitu, tapi ih geuning hen-teu. Barang rét ka kuringkalah nitah diuk dina korsihareupeun méjana.

"Kumaha di kantin?"pokna bangun teu aya naon-naon.

Naha ari Kang Ahmad kutenang-tenang teuing. Sakitukuring mah asa teu pararu -guh kieu.

"Ah tenang baé Nung. Ieumah pasoalan biasa teukedah ngiring ngemutan.Anggur geura uih bilih badéngasakan guramé ti MangUdin téa di pesmol nya,"pokna. Sapanjang mulangkuring teu weléh gegebegan.Kumaha mun Kang Ahmadtéh enya korupsi? Tapi dika-manakeun duitna? Da kuringmah asa teu nyaho. Salila ieuduit nu dibikeun ka kuringasa wajar-wajar bae. Jeungdeuih lamun enya butuh duitapan kuring ogé nyekel duitpabrik. Kari pupulih ka ua,moal burung teu dibikeun.

Maké boga pikirangoréng. Boa boa KangAhmad téh.. Ah piraku dasalila ieu asa euweuh codékananaon.

Kumaha mun KangAhmad geus aya nu ngala-

Nyambung ka kaca 38

"Piraku pangkat direktur cicing didaerah kumuh siga kieu? Asa kuranghadé ceuk Abah mah. Ahmad téh kudu

ngajaga wibawa. Kumaha lamunBapa Dirjen kadieu atawa aya tamu

urang asing, piraku kudu susulutukanka pasar jangkrik?"

Page 25: Mangle 2459

Usaha kuring balantikembé. (Di kuringmah domba ogé

disebutna embé baé). Geustaya nu bireuk, Ki Pernatatukang embé urang Ben-dungan. Lain baé kajojo kubatur salembur, tapi kuurang lembur séjén ogé.Méméh ka nu lian, boh nurék ngajual boh nu rékmeuli, daratangna téhtangtu ka kuring heula. Daéta cenah Ki Pernata mahgedé tinimbanganana, tarangamumurah pédah nyahonu rék ngajualna butuhpisan ku duit, tara ngama-halkeun pédah nyaho nurék meulina perlu pisanmaké. Éta kapercayaan nuréa kitu, ku kuring dijagapisan. Ma’lum réa saingan,da réa deui tukang embétéh, komo di Langséh jeungdi Cinagara mah, galituk.

Ari pasar embé anubaku, tempat pajemuhantukang embé ti mana-mana,jeung tempat karumpulnaanu rék meuli, nyaéta dipasar Kuningan, unggal poéSenen isuk-isuk, biasananepi ka jam sawelas. Méhunggal poé Senén, kuringogé kudu baé masar kaKuningan téh. Jauhna kaKuningan ti lembur kuringaya salapan kilométerna,lalakon tilu jam leumpangbari ngagiringkeun embémah. Lantaran kudu muruisuk-isuk geus aya di pasarKuningan, atuh indit ti lem-bur téh unggal-unggal ogésok janari baé, pukul tilupukul opat. Malah ari réa

embéna, da sok kendor,sakapeung pukul dua peu -ting ogé geus miang. Bi-asana tara sorangan ari indittéh, sok babarengan jeungbabaturan, pada-padatukang embé batur salem-bur, Ki Jaya jeung Ki Karta.Mun maranéhna kabeneranteu mariang, kuring sokngahaja mawa Si Armad,anak tatangga, pikeun baturkeueung di jalan jeungbabakuna pisan mah pikeunmantuan ngagiringkeunembé-embé, kajeun olokngupahan jeung ngajajanan.

Sakali mangsa baturkuring duaanana teu mari-ang, turug-turug Si Armadgering deuih. Ari teu miang,asa lebar, da maréma rékLebaran Haji. Usum kur-ban, usum ku nu perlu embépikeun kurban. Mangkaningkuring geus ngumpulkeunembé jalu kabéh, maniraranggah, aya kana sapu-luhna. Sabataé pimucek-ileun. Keueung-keueungogé, ah rék miang baé. Inge-tan téh batur keueung mahengké ogé di jalan papang-gih jeung Ki Wira, tukangembé urang Ciawigebanganu biasana unggal-unggalogé sok paamprok diOlécéd.

Piisukeun rék indit,hujan terus-terusan ti isukmula, malah ka sorénakeunmah pohara gedéna. Raat-raat téh kira-kira pukulsawelas peuting. Cisandécaah mani unggar-ung-garan.

Pukul dua peuting ku -

ring miang téh. Embé nu sa-puluh téa henteu dibawakabéh, ukur dibawa lima.Ingetan téh bisi ripuh teuingdi jalanna. Éta embé-embéanu lima, ku kuring dikan-tétkeun malar henteu bisapaburencay.

Nepi ka Olécéd, Ki Wiratacan kasampak, didagoansaiheung-iheung teu jol baé.Kapaksa indit deui soran-gan. Keueung mah nataku,mangkaning ngaliwatankuburan.

Rada ripuh leumpangtéh, da kudu jigjrig baé, lan-taran lain kuring nu nung-tun embé, tapi malah kuringnu ditungtun ku embé jalusalima-lima. Ripuhna pisan,éta mun Si Jalu nu lima téhdipareng béda kahayang.Nu sawaréh hayang terus nusawaréh deui hayang balikatawa hayang nyatuanheula. Atuh pagunyeng-gu -nyeng.

Rék ngaliwatan kuburanpisan, awak geus ruy-rey.Inget kana béja. Cenah ba-heula Ki Sukandi bangsatgerot anu kakunang-ku-nang, aya nu maéhan. Ma -yitna gugulayunan digantung di éta kuburan.Kacipta matana buncelik, lé-tahna elél-elélan. Mangkan-ing harita téh poék bulan,caang ukur reyem-reyem.Rey muringkak sabulu-bulu.

Naha atuh keur sakitukeueungna téh, ana léok téhSi Jalu kabéh sauyunanméngkol ka lawang kubu-ran, bus abus saréréa. Pan-gacian kuring geus ka mana

boa, tapi inget ari digugurmah, da tambang téhdibeulitkeun kana beuteung.Teuing rék naraon Si Jalumaké arasup ka kuburantéh. Dina tangkal caringin,katingal remeng-remengpatinggulayun mayit KiSukandil aya puluhan.Panonna patingpolotot, lé-tahna patingarabay, han-dapeun jelema harideungpatingalajrag igel-igelan.Jerit kuring ngajerit ... lesteu inget.

Inget-inget téh geus ayadeui di jalan gedé, geus dibirit Desa Pagundan. Étaogé bané aya nu celuk-celukngageroan di tukang.

“Pernataaa! Pernataaaa!Dagoaaan!”

Ingetan téh moal salahKi Wira. Bari ngararasakeunkanyeri urut digugusurjeung tidadalagor, sakuat-kuat kuring nahan Si Jalu.Teu lila nu didagoan téhgeus puncengis. Ku lantaranpoék teu katingal be-ungeutna, teu katingal saha-sahana. Pok ku kuringditanya.

“Ki Wira tatéh?”Nu ngabelegedeg teu

ngajawab pananya kuring,kalah ka pokna téh.

“Ieu embé andikatinggaleun hiji!”

“Embé kaula?” ceuk ku -ring bari nyarasan tambangmilang embé. Tetela ayakabéh limaanana ogé.

“Ah, lain embé kulatamah, da nu kula mah ayakabéh lima.”

Bari teu némbal sake-

Manglé 245924

PPuridingPuringkak

EmbE Kuring Ditambahan Jurig

Ku Ki Umbara

Page 26: Mangle 2459

mek, Si Anyar pinanggih téhngaleos ka nu poék, lesngiles. Éta mah da mun teukagusur ku Si Jalu, kawasnakuring ngayekyek di dinyanepi ka beurang.

Ti kajauhan katingalkelap-kelip cahya lantéraanu digantungkeun sisijalan hareupeun alun-alundésa Pagundan. Kuringhayang buru-buru muru kadinya, angkanan téh rékngadagoan beurang baé dialun-alun, kajeun kabeu -rangan datang ka pasarKuningan. Sukur-sukur gémun Ki Wira kaburudatang.

Tapi ... orokaya, teu bisahayang buru-buru nepi kanu caang téh, da Si Jalu betjadi ribut, silih teunggarpada baturna, kawas aya nudiparebutkeun. Awak asaremek kabuntang-banting,da tambangna dibeulitkeunkana beuteung téa. Ari rékdilésotkeun sieun kabur,mangkaning poék. Pikiranteu weléh héran, ku naonjadi kitu, jadi teu akur,padahal tadi mah bangunlalayeut naker. Jeung ting-harohoh deuih, kawas nungarambeu bikang.

Barang nepi ka nucaang, paingan ... da geu -ning embé anu anyar téhdanten démplon pisan.Horéng nya sato ogé teubina jeung manusa ...!

Maksud rék ngadagoanbeurang di alun-alun téhhenteu kalakon, da ... kulantaran Si Danten téh padamarebutkeun baé, padangudag pada ngajagangan,keuekeuh nu maraksakeukeuh nu embung, nganbelenyeng baé Si Danten téhlumpat miheulaan. Beretek,beretek .. Si Jalu rampakngarudag. Nu ripuh kuringdeui baé kagusur. Alun-alungeus jauh kaliwatan. Nepi ka

hulu dayeuh, ka lebahpengkolan ka Garawang-wani, kuring geus béakeuntanaga, bru rubuh, tapi ka-gusur terus, teu meunangampun. Les teu inget ...

Inget-inget deui téhgeus beurang, geus ampirnepi ka pasar. Tapi lainpasar Kuningan atawa pasarAncaran, teuing pasar dimana. Éta baé boh tukangembé boh jelema-jelema nungagimbung rék mareuli ...saurang gé teu apa nuwawuh. Kakara kuringmanggih pasar anu sakituraména ku nu balanja jeungku nu daragang; kawas dipasar malem baé. Étameureun duméh marémanyanghareupan LebaranHaji.

Sanajan awak pareurih

lantaran daradas urut ka-gusur, teu dirasa ieuh, dakaupahan ku mucekilnakauntungan. Kumaha teurék mucekil, da nu mareulitéh teu nalawar deuisapanawaran kuring ... bro-bro baé dibalayar. Paosong-osong bangun nu sarieunteu kabagéan, da meureunpada perlu pikeun kurbantéa. Si Danten ogé payu ....

***

Ngandek tilu poé tiharita, sanggeus kuringéling bener, ngadéngé ti pa-majikan, yén harita téh poéSenén isuk-isuk, kuring ka-panggih ku nu ngaliwat nye-lap dina dapuran awi sisicai. Tambang anu meulitkana beuteung kari sapo-

tong, tayohna, awak kuringnyelap dina dapuran awi, ariSi Jalu harayang terusngudag ... bret baé tambangtéh pegat.

“Karunya,” ceuk pama-jikan téh. “Si Jalu li-maanana, ka panggihbangkéna ngarambang dileuwi hilireun jambatankalereun Oleced. Tapi sakituogé untung kénéh, cobalamun si jurig awéwé téhngarupakeun jelema ... moalandika anu ngambangbungkiang di leuwi téh!”

Ngadéngé pamajikanbanyol téh boro-borohayang seuri, baluas baé nuaya.***

(Dimuat deui tina Mangle No. 257)

25Manglé 2459

Page 27: Mangle 2459

CCarita Heubeul

Cara bareto NyiHaji jeung KiHaji Samsudinteu kadugaeuncampur jeungjalma rea lan-

taran era, ayeuna oge Nyi De-mang jeung Ki Demang,indung bapa Aom Usman nyakitu bae, wiwirang di kolongcatang nya gede nya panjang.Malah Nyi Demang mah sa-datang “ngontrog” ti NyiRapiah tea oge beunang dise-butkeun teu hudang deui lir nutas keuna baraya tuluy kalajon.

Haji Abdul Raup jeung bo-jona lalajona di loteng tokoSangkuriang. Nyi Haji teu lobacarita, tapi hatena mah rame:“Emh, Aom, sing sadrah tu-marima kana hukuman.Meureun eta teh sabagian mahwawales tina nganyenyeri anakIbu Nyi Rapiah. Geus kieumah geuning teu aya nu bisanulu ngan.”

Ari Nyi Rapiah nu lalajonagigireun indungna, nenjopopotonganana nyandangrante teh ngan ngaheruk bae.Ari nenjo kitu mah hatena

ngaleketey, watir. Nyeri peurihanu karandapan ti Usman tehpoho, puyar. Hatena rido pisanngahampura teu aya nu jadikekeling ati. Beungeut NyiRapiah pias sepa nahan ba -luas, ngageunteu cara arca teusari hirup. Gawena ngajengjenteu obah-obah. Buuk anu ku-musut kaanginan ge teu di-tolih. Rarasaanana asa baal,asa teu ngarasa naon perbawalelembutan anu ngelewing,badan asa ngalongkewang.

Aom Usman kaluarna tipangberokan teh ilahar carasakitan nu lian bae, dibaju cele,buukna digundulan mani bole-nang, leungeun dibelengguleumpangna, dihapit ku pulisi,jaba nu ngiring ti tukang,kabeh samagrang pakarangna.

Nu lalajo mani saheng,tingharewos tingtaroel padabaturna.

Ceuk nu saurang: “Nubareto nya kasep nya gagah tehari geus jadi sakitan mah batimatak karunya euy.”

“Moal olo-olo ari geus kitumah!” tembal nu kungsi meu-nang kateu ngeunah.

“Ayeuna mah parawanjeung pamajikan batur getangtu araman,” ceuk nukungsi eleh payu.

“Dosa sakitu gedena, makengan 20 taun,” omong nubareto hayang puas mulang -keun kanyeri, tapi teu wanipek.

“Sakitu ge pikeun menakmah leuwih ti beurat,” ceuk nubiasa kumereb.

“Teu menak teu cacah,salah mah kudu dihukum,”ceuk nu boga cita-cita karaya -tan.

“Ari jelema piawewe mahtigubragna teh sok ku awewedeui,” omong ruruntuk palacu-ran.

“Orokaya nu dipakemahugina duit rayat,” tembalnu dilicikan takeran kopi.

“Aeh kutan, apan bejanaduit nagara, aprekin kamantri-mantri gudang,” ceuknu lolong kana urusan nagara.

“Heueuh apan eta teh hakrayat, dicalikong,” tempas pa-gawe kantor nu jujur.

“Hukumulah, babales tiUjang Kusen,” ceuk nu taram-taram kana kabatinan.

“Ongkoh jelema bae jahat,Usman mah,” walon ahli bukti.

“Tapi teu panasaran, nyaeuy! Geus maehan Walanda!”cek nu sok ngarempod ku hot-

perdam.”“Lebah kitu mah dewek ge

daek mantuan ngabasmi,”tembal nu ngandung jiwa pa-triot.

“Asa ku teu-teu ari, nga-belaan pamajikan ngaranjedka sinyoh,” celengkeungna nuteu karoohan.

“Puguh bener, dipodaranheula baragajulna,” di lempasku nu nyaho di harga diri.

Cindekna, jalma anumang rebu-rebu teh masing-masing pada boga pamendak,aya nu kedal, aya nu disidem.Awewe-awewe oge, boh pase -saan Aom Usman boh nu teukungsi wawuh-wawuh acan,rupa-rupa aromongna. Sobat-sobatna, awewe-lalaki, nubareto jaman Usman keur jayatur nanjung sok milu weureuseubeuh, sakuah-sakokoh,milu kahibaran hurung nang-tung siang leumpang, ari geuskitu mah rea nu werat ngupat,milu ngagogoreng ngabubu -suk, aya ku dua nulungan,ngalalajoan ge ti anggangnaatawa najan deukeut ge nyalin-dung tukangeun tonggongbatur.

Mungguh jalma kawilanggeus galib, ka nu nanjungatawa keur jaya, osok misobatmihade, komo mun pangkat

{ 28 }

Ku M.A. Salmun

Manglé 245926

Page 28: Mangle 2459

luhur, jeung mun pareng jadinu sugih, deungeun ge miba -raya, pipilieun ngaku, da ayaanu diarah, milu seubeuh barimihapekeun diri, sakapeungsok leletak.

Tapi lamun ku kersaningGusti, nu jaya teh ragragtikosewad, harkatna turunngagejret, anu tadi mupun-jung, rea anu tibalik atik, ki-langbara nulungan, deukeutoge embung, malah tegamoyok ngupat, ngagorengkeunmupuas jeung sindir sampir,leungit anu hadena.

Ari Usman pribadi, geusbororaah kaduga rurat-reret,mun meunang mah leumpangge hayang bari meungpeunawahing ku era.

Teu dicatur diembarkeundi pasar, dideugdeug ku re-buan jalma, kocapkeun Usmangeus dikongkorongan rante,dibawa miang, ngajugjugSurabaya.***

10Di pangbuian nu galede

cara di Kalisosok, Surabaya,baheula mah geus kalampah,pagawean kantor anu entengtur teu ngandung rasiah mahsok dijalankeunkeur ku sakitannu baris nulis, dipilih ti antaranu enteng hukumanana jeungbageur kalakuanana.Saperkara ngirit-ngirit duitgeusan ngagajih, ka duana ba-heula mah pohara arangna nubarisa nulis teh, sumawonnanu beres tulisanana mah. Daharita mah can aya mesin-tik.

Ujang Kusen popotonganNyi Rapiah oge, kaselir jadi ju-rutulis, tur pohara kapakena,tulisanana beres, gawena apikjeung utekna calakan, dipap-atahan sakali ge jalan. Arisababna nu matak dipercayajadi juru-tulis, malah huku-manana dipotong sataun, lan-taran boga jasa nyegahrurusuh di palabuhan, waktuparantean arek ngaraponanmandor Hatebessy.

Lantaran pagaweanana en-teng jeung nyugemakeun sipir,kasartaan ku hate sadrah jeungkalakuan bageur, sipir jeung

mandor-mandor teh, malahjaksa mani geus cara ka pa-gawe pareman bae, malahsipirmah teu asa-asa unggal isukmere cikopi jaba kalan-kalanmere deungeun sangu “par-tikulir” teh. Cacakan lamunUjang Kusen daekeun mah,rek dipodrah supaya daek jadijurutulis, jadi pagawe paremanjaba ti diampun hukuman tehdibere gajih bulanan, tapiUjang Kusen teu daekeun arijadi pagawe mah.

Hiji mangsa Ujang Kusendigawena getol pisan beda tisasari, sabab bari ngajar MasCokro, pagawe paremankakara asup, keur dipalajarbakal ngaganti Ujang Kusen,nu sapuluh poe deui bariskaluar, lantaran beak hu -kuman ana.

Keur getol-getol, kurutrakHatebessy asup, leumpangnarada pinced urut ditinggangbeusi ku Si Gomar bareto tea,irungna ge pisek; barang geuscageur, teu dibere pagawean diluar deui, bahya, sina di jerobae jadi “Piket”. Najan geuspinced ge ari galakna mah ayakeneh bae.

“Jurutulis!” cek Hatebessyku basa Malayu, aya jalma

anyar ti Bandung, penjahatgerot, wani maehan bangsakuring, orang kulit ... kulit ...kulit.” (maksudna rek nyebutorang kulit putih, ari retHatebessy kana kuiltna pribadibet geheng, atuh rada kaeraan,boro sok reureu jadi “Wa-landa” teh).

Kusen imut leutik nenjopolah nu kaisinan, tapi api-apibae. Hatena rada ngagebegmake ti Bandung ti Bandungkitu. “Moal si Arsali di hukumdeui mah?”

“Sina ka jero atuh,” ceukKusen.

Kakara ge balem, AomUsman geus disuntrungkeunku upas ti luar mani meh ti-jongklok.

Ujang Kusen teu jol-joltenget ka Aom teh, saperkaramake papakean sakitan jeungnya gundul nya kuru, ka duanadumeh teu boga sangkameueus-meueus acan yen pan-taran Aom Usman kudu jadiparantean.

Sabalikna ari Usman mahbarang gok barang tenget kaKusen teh, da meh teu ayarobahna ti bareto, ma’lumdibui ge pagawean enteng,dahar cukup manehna mah.

Salat-ngajadi taratinggaleun. Ku sipir jeung pa-gawe sejen, sumawonna sokdirangket atawa dicarekan,tara disentak-sentak acan.Nyaho Usman ge yen Kusenjadi parantean, tapi ari rek gokjeung Kusen jadi jurutulis mahteu boga sangkan saeutik-eutikacan, malah parantean anumimiti papanggih di buiSurabaya teh bet Kusen!Bawaning heran. Usman olo-hok.

Hatebessy anu nya galaknya kasar ucap-rengkaknangahaok bari hoena ngababukbirit: “Nagog sia babi! Teunyaho di adat sia, di hareup -eun menak sia bet cologog, si!”

Usman digebug kuHatebessy teh nya kaget nyanyeri, jaba ti ngagurubug tehmani ngajol. Hadena baeKusen gancang ngahuitHatebessy, pokna: “Keun baetuan, entong digebug karunya,jigana mah jelema gering. Diukbae tuan mah di juru itu.”

Ari Usman ngusapan biritbari nyengir jeung panonnamendeleng bae kana hoeHatebessy.

Eta mandor bengis, aneh,ari ka Kusen mah bet nurut,basana rumasa kahutangannyawa, mun bareto teu ayaUjang Kusen mah ceuksareatna, Hatebessy teh paehdikoroyok ieuh. Bari kukulutusSi Pincang teh diuk di juru dibalik panto; ari Ujang Kusentuluy nenjoan “rol” nya etasurat-surat ti Bandung nudibawa ku nu nganteurkeunUsman, digulung jadi hiji, di-wadahan kana ruas, minangkaamplop jeung wadah sabab di-amplopan biasa mah bisi soehdi jalan, kawantu lalakon saki -tu jauhna.

Ana gebeg teh UjangKusen ngarencag; kakara sidikayeuna mah, yen eta jelemadibaju cele, dicukur bulistir,kumis jeung janggot rarogok,panon celong pipi kemong teh,enya Aom Usman nu nga -gerejud pamajikanana.***

(hanca)

27Manglé 2459

Page 29: Mangle 2459

Manglé 245928

Bagian

190

CCarita Nyambung

SajongjonganAmjad jeungAsad ukur pa -tingharuleng.Teu ngartikana talajak

bendahara nagara nuleuwih mentingkeun ku-dana batan buru-burungalaksankeun pancénna.Padahal, ceuk pikir étaputra raja mah, leu pas kudahiji mah teu kudu jadi sual,lantaran aya kénéh kudaséjén nu bisa ditungangankeur balik engké.

“Halabhab rayi, kakangmah!” ceuk lanceuka.

“Sami wé,” pokna.Beuki lila, rasa hanaang

téh beuki pohara mataknyiksana. Dina kaayaankitu, Amjad mah makéngarasa hanjakal sagalabendahara ngudag kudanatéh. Da, ceuk pikirna, mundirina geus palastra meu -reun moal ngarandapan

tunggara, moal ngarasanyeri jeung halabhab anupohara.

Ngadéngé omonganlanceukna kitu, satékahpola jadina ngabeberah.Pokna téh, jodo, pati, bagja,jeung cilaka mah anging ka-gungan Gusti Nu Mahasuci.Cindek na, naon waé nu tu-miba ka dirina, éstu raran-cang Nu Mahakawasa.Atuh, kitu deui lantarananamaranéh na masih kénéhhirup, taya lian ti ku kaka -wasaanana Pangéran.

Satutas guntreng sake -dapan, adi jeung lanceuktéh patingharuleng. Teukungsi lila adina mérébong bolongan. Cenah,mending ngudar tali boro-godna heula wé. Ngadéngéomongan adina, Amjadpanujueun.

Najan teu gampangmuka tali leungeun adina,ahirna mah teu burung

lesot. Geus kitu, giliranadina muka tali nu ngaba -kutet leungeun lanceukna.Geus kitu, jung narangtung,sarta cacarita pipetaeun.

“Kumaha ayeuna?”“Urang nyusul paman

bendahara wé!”Jung duanan indit ru-

rusuhan. Kituna téh, sang -geus nginum asal teutuhu reun teuing tikoro. Nuduaan téh laleumpangmuru tujuan nu disorang kubendahara téa.

Anjog ka sisi leuweung,nu duaan téh pating -rarengkog. Kitu téh, lantranceuk taksiranana, benda-hara téh mubus ka leu -weung ngudag kuda téa.Ngan, ka mana? Da puguhbisa waé salah nyusul lan-taran teu aya pituduh jalan.

Nu duaan ngajantengneuteup ka lebah leuweung.Ku lantaran remen moro,arinyana masih kénéh bisanempo tanda-tanda nuanyar kaliliwatan ku jalmajeung sato. Kituna téh, lan-taran ieu adi jeung lanceuk

téh, loba pangalamanapangpangna dina waktumoro mileuweungan.

Blus Amjad jeung Asadka leuweung. Teu kungsi lilakadéngé maung ngagaur.Lanceukna, ngenyangAmsad, tapi nu nu dike -nyang mah, angger wénoyod bangun teu singgimir. Atuh, kapaksalanceukna gé nuturkeunbari nyekel pakarang.

Asad nu leumpang ti-heula, ngalugas pedang bo-gana bendahara téa. Apan,tadi téh méméh ngabele -yeng lumpat, bendaharangalungkeun heula pedang -na. Meureun, ngarah teungaganggu lumpatna,angkananan mah. Horéng,éta pakarang téh kacidapentingna, da geuning ukurlemor teu mawa pakarangmah, teu bisa majar ku ma -ha, nyanghareupan maunggé ukur ngayekyek reuwas!

Anjog ka lebah maungngagaur, Amjad jeung Asadkacida kagétna. Sidik, nukeur didekeman téh benda-

Page 30: Mangle 2459

29Manglé 2459

hara nu rék mateni manéh -na. Tapi, da hate nonomannu duaan téa mah, teu singgindi pikir, ka nu rék ma -téni gé teu sing ngéwa. Lan-taran, ceuk pikirna, paman na mah ukur darma ngalak-snakeun tugas.

Ningali kaayaan kitu,Asad ngagebah maung.Atuh, pudug wé éta sato téhreuwaseun, malik ka nuanyar datang sarta langsungnarajang. Ngan, Asad mah,teu sing gimir. Komo teulemor, da mawa pakarang,pedang. Nu ngarontok téh,dipapag ku tunjelan pe -dang. Gabres pakarangniruk beuteung maung,koléang ragrag, sesegorjeung kerejetan. Tina lebahbeuteungna ngaburial getih.

Amjad muru bendahara.Horéng kapiuhan, da dite -pak-tepak pipina gé teu lilir.

Tapi, sabada haben digu -yah-guyah sarta diceuceuh -an ku cai, nyah pamanbendahara beunta. Lang-sung ngorejat bari nga rang -kul ka Amjad.

“Hampura, paman,kasep,” pokna bari tipe pe -reket ngarangkul nonomannu duaan téh.

“Ih, teu sawios paman!Margina, abdi nyusulpaman gé wiréh hariwangbilih kumaha onam,”pokna. Ti dinya, bendaharadiiringkeun ku Amjad jeungAsad balik deui ka tempatmimiti. Harita, kénéh,Amjad ménta sangkan di-rina gancang-gancang dite-lasan. Ku cara kitu, pasulanréngsé jeung deuih paman -na réngse ngalaksanakeunpancén.

Ngadéngé omonganputra raja kitu, bendaha

ngusap dada. Ngahelasngarasa kagagas ku ka-soléhan haté dununganana.Ngan, tangtu wé, bendaharagé boga rasa jeung rumasa.Cenah, ti danget éta, dirinateu boga karep nelasan patianak dununganana.

Peuting ka-226Keukeuh nu hayang

geura ditelasan pati, numugen embung gé keukeuh.Antukna, sajongjongan mahpatingharuleng néangancara nu hadé geusankasalametan saréréa.

“Anaking, mamangmoal téga maténi hidepduaan. Da, puguh paman géboga rasa jeung rumasa.Lian ti eta, tangtu hidep téhteu salah, da buktina, teungarasa gimir ku hukuma -na. Ku lantaran kitu, pék wéayeuna mah rék ka mana

rék ka mendi gé asalsalamet. Didoakeun kupaman sing mulus rahayu,taya halangan harungandina nyorang lalamapahan,”pokna.

“Kumaha tanggel walerpaman engké?”

Daradad wéh bendaharatéh nyarita. Cenah, keurpiandel dunungan mah,Amjad jeung Asa kudu mas-rahkeun papakeanana. Lianti éta, nu duaan téh sinangawadahan getih maungkana botol. Tah, éta téhkeur bukti yén bendaharageus ngalaksanakeun pan-cen nelasan putra raja.

Asad balik deui kaleuweung, ngusian botol kugetih maung. Song wéhdibikeun ka bendahara.Geus kitu mah, bendaharakalayan diiring ku saba -baraha urang pangawalnamulang ka istana.

Geus cukup bukti keurpiandeleun, bendahara mu-lang ka nagara, sarta lang-sung muru tempat raja.Atuh, raha téh gancang pa-pariksa. Teu hésé da geusaya buktina, Raja téh ngan-del pisan!

“Aya amanat ti tuangputra,” pokna.

“Kumaha cenah?”Sakumaha nu diucap-

keun ku Amjad jeung Asad,ditepikeun ka ramana.Intina, duanan gé nari-makeun kana hukuman.Ngan, cenah, dirina mah,sumerah ka Nu Mahaka -wasa. Nadéngé kekecapanputrana nu ditepikeun kubendahara, raja ngaheruk.Paromanna alum, kakarakapikir, bisa jadi anakna téhteu salah. Ngan, bongan di-rina nu teu asak sasar, ukurnganteur napsu nu kasun-dut ku garwana. ***

(Hanca)

Page 31: Mangle 2459

Manglé 245930

BBahasan

ina taun1970-1980-an SeniS u n d a

Gamelan Degung kungsi haneuteun. Méhunggal nu hajat sok nanggap degung, jabakasétna ngaleuya di mana-mana. Nuharita kasohor téh di antarana, DegungPurbasasaka, Dewi Pramanik jeung Sa -saka Domas. Malah aya degung anu pang -rawitna téh sakabéhna istri. Ieu kasenianSunda téh ngagunakeun waditra bonang,saron, kempul, goong, suling, jengglongjeung kendang. Taun 1990-an degungmimiti coréngcang, malah nepi ka jem-péna pisan, tara aya manggung deui. Kitudeui kasétna, raat. Kungsi maluruh kasababaraha urang ahli karawitan, tacanmanggih nu bisa nerangkeun kalawanpasti, naon sababna. Lantaran bisa jaditacan aya panalungtikan anu enyaan.Kakara semet “kawasna” jeung “manawi”.

Aya selenting bawaning angin, cenahMamah Dasimah panembang senior ayeu -na keur mitembeyan deui ngawih dipirigku degung. Mamah téh salahsahji jurukawih degung anu kasohor. Geus heubeulMamah teu pati kasebut-sebut dina page-laran, iwal milu ngeuyeuban rampak sekar(layeutan swara), ti Pangauban KawihSunda, pingpinan Eka Gandara. Padahaldina taun-taun saméméhna Mamahremen manggung, jeung carogéna DidinBadjuri (alm).

Loba nu nyebutkeun sora Mamah téhsawarna jeung sora Euis Komariah (almh).Malah ku Euisna gé diaku. OngkohMamah gé di antarana kungsi guguruTembang Sunda Cianjuran ka jenatna.Pikeun nétélakeun béja téh, “Manglé” nga-haja nepungan Mamah Dasimah. Sanajanbari semu nyumputkeun, ku Mamah diakuyén ayeuna keur mitembeyan deui ngawihdipirig ku gamelan degung.

“Kawitna mah tepang sareng KangTeddy, nuju acara siraman di Jakarta. An-jeunna ngajak rekaman degung. Ku abdidisanggeman wé, sanaos rada reuwas.Keur mah tos sono kana degung téh, ari ieuaya nu ngajakan,“ pokna.

Teddy téh produser ti Dian Record anu

kungsi ngarekam soraMamah dina sababarahakasét, tembang jeung kawih,sababaraha waktu kaliwat.

Kulawarga SenimanMamah Dasimah dila -

hirkeun di Bandung 5 Maret1952, ti kulawarga seniman,putra kadua ti 16 sadulur,tilu di antarana ngantun -keun. Ramana, Adis (alm),guru kasenian di Konserva-tori Karawitan (Kokar),ayeuna mah SMKN 10, turahli ngagésék rebab. Ariibuna, Kartini, sindén anukakoncara, sajaman jeungUpit Sarimanah, Titim Fa-timah, Imik Suwarsih, IarWiyarsih, jste. Kartini kate-lahna Arnesah Muda. Ari Ar-nesah téh sinden anu kacidakasohorna dina jamansaméméh perang kamerdé-kaan. Ibuna Mamah kungsijadi murid kadeudeuh Arnesah. Ngan han-jakal cenah Kartini téh sering orokan, nepika kasempetan manggung sering kahalan-gan. Kartini jumeneng kénéh. Ayeuna mahloba nu kataji ku anjeunna téh, mun ngaosQuran.

Pantes lamun Mamah ti SD kénéhgeus resep hahariringan. Ongkoh deui PaAdis ngadegkeun Lingkung Seni Mayang -sari. Anggotana sakulawarga wé. Lamunmanggung téh nu maénna teu nguyang kabatur, Mamah jeung adi-adina wé. Dapuguh sadudulur resep kana seni. Di an-tarana, Nunung Sobari, Sani Suparni,Yuyun Sulastri, Ahmad Sungkawa jsté. Ayakabiasaan Pa Adis, lamun para putranamanggung tara meunang narima honor.Malah duit nu geus kakeupeul gé kududipulangkeun ka nu boga hajat.

“Saur pun bapa, ulah waka wawuhkana duit,“ cék Mamah.

Sanajan geus katara boga bakat, tur di-ipuk kana seni ku ibu ramana, Mamah ogéguguru ka Euis Komariah, Apung S. Wirat-madja (alm), Engkos (alm), Bakang Abu -

ba kar (alm), Rahmat, jrrd . Katambah-tambah ku sepuhna disakolakeun kaKokar. Bakatna beuki kaasah. Basasakolana di SMP kénéh, Mamah geusngagabung ka Lingkung Seni Dewi Pra-manik pingpinan Euis Komariah. Sakaliséwang, lamun Euis ngawih Mamahnyekel bonang jeung sabalikna.

Taun 1972, sabada ngarangkep kaDidin Badjuri, jorojoy kahayang Mamahboga grup sorangan. Mimitina méntaheula bongbolongan ti Pa Adis. Ramananyaluyu an. Malah ngahatéan pisan, da an-jeunna rumaos geus sepuh, can karuhanbisa terus ngasuh putrana. Terus Mamahgé pupulih ka guruna, Euis Komariah. Ieugé nyaluyuan pisan. Niat Mamah téh diro-jong ku Didin, pokna gé urang lahaola wédiajar wani. Mamah jeung Didin mitem-beyan ngadegkeun Lingkung Seni SasakaDomas, nu hirup nepi ka ayeuna.

Ti taun 1974, Mamah mimiti rekaman,di antarana di Tropic, Wishnu, Dian jeungHidayat recording. Aya kana 29 volumedegung, di antarana anu judulna Salam

DD

Page 32: Mangle 2459

31Manglé 2459

Tepang, Girimis Kasorénakeun, Roman-tika, Anjeun 1 , Anjeun 2, jeung Ajeun 3.Éta kasét nu tilu téh “meledak”. Rekamandeui lagu-lagu, di antarana, Tepang Na Im-penan, Nyawang Gunung, Cacandran, jsté.Sabada méh kabéh rékaman téh payu,Mamah dipénta ngarekam deui lalaguankarya Nano S, Suwarna, Amas Tamaswara,Yoyo jeung Atang Warsita. Ayeuna mahkasét lalaguan Mamah téh geus ampir teunyésa. Ayana kalah di Jepang, Belanda,Inggris jeung Amerika.

Ti harita mah LS Sasaka Domas téhterus ngajaul. Ondangan manggung jeungpangajak rekaman mungguh murudul.Hanjakal basa Didin mimiti teu damang -an, Mamah geus carang rékaman deui.Salila ieu Mamah sok “duét” waé jeungDidin téh, jadi basa Didin teu séhatMamah gé milu “teuleum” nepi ka ayakana opat taunna. Pisabaraha bulaneundeui ka Didin ngantunkeun, aya nu méntaMamah rékaman deui jeung Didin, ka-paksa ditolak, da kumaha atuh, sora Didingeus mimiti kaganggu. Anu tadina sakituhalimpu jeung gagahna téh, sora Didin jadirobah. Sanajan kitu ari manggung mahDidin angger marengan.

Mamah kacida rumawatna ka ling -kung senina téh. Nepi ka sababarahakasempetan ka luar negri kapaksa bolay,lantaran geus boga jangji di Bandung. Diantarana waé ka Amerika jeung Tati Saleh(almh), ka Jepang jeung Nano.S. Mamahtigin kana jangji, henteu bisa kitu waéngabolaykeun acara. Kapaksa Didin wé nunohonan ondangan manggung di Jepang.Mamah di dieu, nguruskeun acara. AyeunaMamah sok ngajar tembang ka muridna,di antarana Hetty Restuti, Enur, jeung EuisPurnama, nu barétona anggota degung,tur geus remen manggung bareng.

“Sanés ngajar panginten, latihan kitulah, da isin disebat ngajar mah, siga nungaraos tos jago,“ pokna mamandapan.

Lain wungkul ngabolaykeun ondanganka luar negri, tapi ogé nolak tawaran gawé.Ku cintana kana lingkung seni, sababarahakali Mamah ditawaran ngajar di Kokar,kalawan lemes ditolak. Atuh ku raina gé di-

naha-naha, kasempetan sakitu hadéna di-tolak. Tapi ahirna mah Mamah narimatawaran ngajar. Ari pék téh jol peraturananyar, guru di Kokar kudu sarjana. Mamahteu bisa ari kudu kuliah di Solo mah, dalingkung senina keur meujeuhna loba nubutuheun. Ahirna Mamah ditempatkeunngajar di SMP. Saterusna Mamah diangkatjadi PNS di Pemda Kabupaten Bandung,nepi ka pangsiun.

Suka-duka Nyekel Lingkung SeniLoba kabungah nu karasa ku Mamah

salila ngarumat Lingkung Seni SasakaDomas téh. Sanajan kitu aya ogé kasedih -na. Henteu ari loba mah katugenah jadipingpinan téh, ngan keur Mamah sok jadicatetan. Upamana kungsi aya nu nye-butkeun mahal teuing. Ari taeun sabadanyaksian hasilna nu nyebut mahal téh jadibangun isineun. Atuda Mamah geus biasamawa pamaén petingan. Boh nu tari, bohnu ngawih tara seniman atah-atah, éstungahaja nu enyaan geus mapan. Kitu deuidina kostum, Mamah teu wani nga-songkeun nu asal waé.

“Nanging alhamdulilah, seuseueurnamah sugemaeun tur nganuhun keun,”pokna.

Salian ti Mamah nu sok ngahaja mro-mosikeun lingkung senina, loba ogé nungondang maén téh sabada ngadéngékeunkasét Mamah. Tina kataji ku sora Mamah,loba nu hajat ngahaja ngondang Mamah.

Ngahirupkeun Deui DegungMamah kacida bungahna aya nu nga-

jakan rekaman degung téh, Eukeur mahgeus jadi cita-cita hayang ngahirupkeundeui degung, ayeuna ujug-ujug aya nu nga-jakan. Puguh wé dibagéakeun. Atuda teurék kitu kumaha, da titik pamianganMamah tina ngawih degung. Bisa tembangsotéh pédah harita keur sakola di Kokaraya ujian tembang. Buru-buru Mamah di-ajar ka Euis Komariah.

Ti harita Mamah terus diajar tembangka sababaraha urang guru, nu sokkukumpulan di Jugalana Euis Komariah

jeung Gugum Gumbira. Malah Mamah wawuh ka Didin ogé di

bumina Euis Komariah. Harita Euis keurlatihan jeung Didin, Mamah kataji ku soraDidin. Tina remen tepung bari diajar tem-bang, binih-binih asih teh datangna.Mamah kajodokeun ka Didin, dina taun1972, tur putraan dua sajodo, DodiHamidi, jeung Ina Kustina.

Ku tina kabiasaan tembang babaren-gan jeung Didin, nepi ka aya sababarahaurang anu nawaran rekaman, henteu di-tarima. Da asa teu genah ari nembang ny-orangan téh. Sok dijawab ku Mamahengké wé tos Kang Didin séhat pisan.

“Duka atuh, da asa teu puguh, tos biasaduaan waé,”pokna rada dareuda.

Tapi Mamah sadar kana papastén.Sanggeus aya taunna ngaheruk, suma -ngetna mimiti nyay-nyayan deui. Sanajanteu mindeng, Mamah sok manggung deui.

Nu baréto kungsi ménta Mamah reka-man téh ayeuna nagih. Puguh wé Mamahasa meunang panghormat. Mamahdibarengan ku Ujang Supriatna, JuaraDamas jeung Hetty Ristuti, juru kawihna,ngagalindengkeun salapan lagu, MulasCinta (Ubun Kubarsyah), Parahyangan(Atang Warsita), Asih Urang (Yoyo Risya-man), Kembang Cinta (Gilar) jsté. Ieu téhrekaman munggaran Mamah, sabada sak-itu lilana reureuh. Lalaguan nu salapan téhdipirig ku para wiyaga, Endang Alit (ken-dang), Achmad (bonang), Ade Suparman(saron 1), Uyep (saron 2), Apek (jengg-long), Panji (kacapi), Iing (goong). Aripanata gendingna, Atang Warsita jeungAde Suparman SSn, tur pengamat MochAim Salim SSn.

Mun ieu rekaman geus jadi, tangtubakal dibagéakeun ku nu mikacinta de-gung. Moal boa nu sono kana sora Mamahgé bakal kaubaran ku réngséna ieu réka-man.

“Piduana wé ka nu micinta degung, su-pados ieu rekaman abdi nu munggarandeui téh pada ngabagéakeun,” poknamungkas obrolan.***

(Aam Amilia)

Degung Mamah DasimahNgungkung Deui

Page 33: Mangle 2459

Manglé 245932

CCarita Nyambung

Cindekna mahharita téhsatengah di-jailan, dijang-jaruhkeun kupanitia. Lebah

ngistrénana ogé loba nupikasebeleun. Contona sapertihuap lingkup, nyaéta silihhuapkeun tarasi sacomot.Atawa disumpah yén bakalsilih akod tug ka pakotrékiteuk. Tuluy wéh disahkeun,dibanjur ku cai saémbér. Nuséjén gé laju nurutan miluwar-wur ngabanjur minangkatawis kabingah. Teu wudu ji-breg saawak-awak, lir nu tashanjat ti walungan. Jam dala-pan peuting kikituan di leuwe-ung anu hawana tiis, puguhwé mucicid kabulusan. Un-tung teu tuluy brek gering ogé.

Teu ukur semet dinya.Pangantén téh tuluy dis-ilibkeun, teu meunang dibatu-ran ku nu séjén. Acarasosonoan sebutanana mah.Prak-prakanana nyaéta diukngaréndéng dina batu, radaanggang ti lebah palatarantempat ngumpul. Salila sajamteu meunang waka cengkat.

Anu ngeunah nya batur, bogalalajoaneun haratis. Jabadeuih nu lalajo mah diwe-nangkeun ngoméntaran.Lebah koméntarna gé réa anupikasebeleunana, tug ka nuséjén saleuseurian. Palias,mancalaputra jeung mancala-putrina mah ukur wasa be-lenyah-belenyéh, da dipahingnémbal ku panitia.

Lantaran dicarékngomong téa, antukna kuringngobrol téh jeung anu di gi-gireun. Duaan gegerendengan.Heueuh, da asa kaluman arihayoh pataket-taket mah.Ongkoh kasebutna jeung ba-baturan. Maenya wé teu silihtanya. Najan can lila wawuh,ari geus dijalanan mah teuwudu uplek duaan. Manéhnagé teu kaciri tumarumpangdeuih.

Ari sugan téh moal man-jang. Horéng dina kabuk-tianana mah bet nuluysesebutan mancalaputra man-calaputri téh, pangpangna tibabaturan sakelas. Jeungtangtuna gé nungtung kanangajangjaruhkeun téa. Geuralebah kuring kasampak keur

ngobrol jeung manéhna, barijeung bukurna ukur pasualanénténg, tingkecewisna nu lianmah séjén deui. Abong enyahawara biwir. Pinter pisanbarudak mah ngaruka-rékacarita téh.

Kuring sorangan saenyanateu resep dikitu-kitu. Sok ra-jeun ngagebés malahan mahlamun aya nu celetak-celetuktéh. Tapi ari manéhna mahkacirina teu ieuh opénan. Teukungsi ngarasa kasinggungatawa éra, deuih. Cindekna di-mangsabodokeun.

Anu pikahémengeun, kur-ing sorangan antukna betkungsi papacangan jeungmanéhna téh. Sasatna kat-uliskeun jurig téh enyaanpisan. Tina tadina “dipangan-ténkeun”, laju manjang sok di-jodo-jodo ku babaturansorangan.

Tapi duka naon saenyanaanu nyangkaruk dina hatékuring jeung manéhna harita,maké daék ngaenyakeunpangjodo ti barudak. Kamanéhna sorangan kuring teukungsi naléngténg, naonsababna bet daék reureujeun-gan jeung kuring. Siganakecap “reureujeungan” anupangmerenahna mah. Lan-taran ti salah sahijina gé –bohti kuring, boh ti manéhna- teukungsi kedal ucap bogoh.Lebah pasipatan gé apankacida patukang tonggongna.Ampir dina sagala rupa hal étatéh. Atawa nurub cupu téakitu kasebutna, pariuk mang-gih kekeb? Lamun enya,meureun manéhna anu remenjadi turub pangekeb téh. Daari diri sorangan mah sidik réa

kakurangna.Nu matak salila reureu -

jeungan, nya kuring pisan anusok digeunggeureuhkeun kumanéhna téh. Heueuh, ru-masa tuda, kalakuan téh réacarékeunana. Kumaha baéprahna budak lembur nusérab ku baranangna lampukota. Kuda leupas ti gedogan.Asa jauh ti panitén kolot,temahna kadalon-dalon.

Tapi lebah nyanghareupankuring mah manéhnasalawasna dina paroman anuayem. Sakumaha basangkalnakuring, manéhna tara ném-bongkeun ulat sengit. Dukalamun disidem jeroeun haténamah. Tara nerag deuih lebahnyarita gé. Cukup ku basa nulantip, lir meunang ngarautan.

Wajar saupama jeungmanéhna téh teu kungsingalaman paséa. Paréa-réaomong gé ukur sakali dua kali.Heueuh, da itu anu sok lobangéléhan. Cara dina sakalimangsa, manéhna manggihbotol inuman dina lomari.Mangkaning aya kénéh eusiansaeutik, urut peuting kama-rina. Sugan téh rék tuluynyarékan. Ari hég ukurdiréspon ku kalimah pondok.

“Saéna tong disimpen nukitu mah. Awon katingalna,”cénah.

Hanas geus deg-degan,sieun tuluy dibalédogkeun!

“Sahenteuna wé atuh kaYudi mah...”

Kekecapan manéhna anudipokkeun tadi beurang asanongtoréng waé dina sirah.Leuwih jauhna bet tuluyngahudang karumasaan dirisorangan. Da geuning

Layung Ngempurdi Kampus Bungur

Ku Lugiena De

33

Page 34: Mangle 2459

33Manglé 2459

manéhna mah aya kénéh ka-haat ngaragangan, najan enyakasebutna ka popotongan.Teu leungit horéng lebahdinyana mah. Manéhnaangger dina sipatna nu kawaskitu, leuwih ngaheulakeunhaté batur tinimbangperasaan sorangan. Ku kuringsorangan diaku, nya dina haléta punjulna Astri téh.

Atawa nyindiran kitusaenyana mah? Da tadi gébarang ngadéngé éta ungkarati manéhna, kuring tuluy rus-ras kana kalakuan sorangan.Pangpangna dina bab anu ayapatalina jeung manéhna. Ru-masa, salila reureujeungan téhremen nganyerikeun. Nepi kabretna pegat ogé muklis alatantalajak kuring, lain ti manéhnaatawa ti batur.

Bet ngalangkang deui,basa harita putusan téh anjogkana milih jalan séwang-séwang. Manéhna indit barirambisak. Sedengkeun kuringmah anggur damang-damangwaé. Boro-boro ngarasula, teusedih-sedih acan. Dalah ung-gal poé panggih di kelas gé,angger wé ari lebah nyaritamah sok saperluna. Sakape-ung manéhna sok maling-ma-ling rérét, saupama diuk téhrada sajajar. Tara ieuh malesdirérét. Tonggoy wé kahareup, api-api teu nyaho.Malah pamustunganana mahsok ngahajakeun diuk ditukang. Hayang nyaho, nahadaékeun ngalieuk atawa hen-teu. Atawa naha manéhnatuluy nurutan diukna pindahka tukang.

Éta gé kadéngé aya hawar-hawar neumbleuhkeun tibarudak sakelas. Tapi ku ku -ring sok dihualkeun, bongansaha baheula nu ngajalanan.Kuring mah darma nurutkana omongan maranéhna.Da saupama baheula teudiadu-adu mah biheung teu-ing.

Dina anggapan kuring,reureujeungan jeungmanéhna téh teu bina tiheuheureuyan. Sasat tadinaogé apan teu kungsi kedalkecap bogoh téa. Nepi kaayeu na diaku kalawan jujur,

yén kuring mah teu kungsienya-enya bogoh ka manéhna.Malah kalan-kalan sok nalékdiri sorangan: enya kitu bogohka manéhna téh?

Timbulna pananya sarupakitu, lantaran pikeun kuringmah lebah ngajalananana asabiasa waé. Cindekna taya nuistiméwa. Rék kitu téa mahpantes atuh. Da tadina géapan ukur ladang dijang-jaruhkeun téa. Ongkoh deuihda cék anggapan sorangan,

kalakuan ngajangjaruhkeunbatur atawa resep dijang-jaruhkeun mah nyeplés budakanu kakara méntér begér.

Alhasil, kuring jeungmanéhna bisa tuluy kitu téhlantaran dirojong ku kaayaan.Faktor silih pikaresep mahboa nomer sabaraha. Komomikiran lebah cocog atawahenteuna mah. Asal payuskasebutna, asal aya rupaan,nya enggeus wé jeung nu éta.Kitu cék pertimbangan kuringharita. Heueuh, ngaranna gépikiran budak tingkat hijituda. Moal jauh bédana jeungpantar budak SMA.

Tapi éta hasil pikiranbudak tingkat hiji téh teu bu-rung manjang aya kana sa-taunna. Hanjakal, ku lantaran

ukur hasil pikiran budaktingkat hiji téa, bubarna gélantaran kuring nu bubu-dakeun. Nalika rék naék katingkat tilu, basa kaayaankampus mimiti harénghéng,kuring tepung jeung nu séjén.Teu kungsi mikir panjang,bret waé manéhnadipegatkeun.

Cinta monyét, kalakuanpolos budak rumaja, teu ieuhmaké pikir rangkepan. Tapihoréng manéhna mah teu

kitu. Saprak sapuk dipungkas,saprak kuring hahadéan jeungawéwé séjén, manéhna anggersok maling-maling rérét dijero kelas. Nepi ka tadi beu-rang kitu pisan pok-pokanana.

Nalika balik ka pangan-jrekan wayah isa, tatanggakosan tuluy laporan.

“A, tadi sonten aya istri kadieu. Ngantosan aya kanasatengah jamna.”

“Saha?”“Astri. Teu nyarios nanaon

deui da. Ukur masihkeunnomer hapé wungkul,” poknabari ngasongkeun keretassacewir.

Basa Si Lukman norojol kajero téh kuring keur gugun-tayangan di luhur.

“Yud, aya nu nyusulan

manéh ka dieu. Turun heula,”pokna satengah ngagorowok.

“Saha? Sina ka dieu waélah.”

“Teuing teu wawuh.Awéwé euy.”

Kuring ngarandegsakeudeung. Saha nya? Asatara-tara ti sasari aya nu sasal-susul.

“Ngadagoan tuh di luar,embungeun diajak ka jero.Karunya, bisi digembronglaleur mantén,” pokna deui.

“Ah siah! Heueuh sina kajero atuh. Cék uing ka dieuwaé, kituh. Ieu kagok téréhbérés,” témbal kuring ti luhurrada ngagorowok.

Manéhna ngaléos deui kaluar.

Sot wé lampu nu keur di-pasangkeun mah dileu-paskeun. Awak tuluy malik,ngarah rada sidik meueusanka lebah lawang asup. Teuwaka jut turun. Da cék ijirantéh bisi perluna sakeudeung.Hanas engkéna geus jonghokdi handap, ari hég urusananateu penting-penting teuing.Horéam kudu naékna deui.Sakitu hésé bélékéna tadi gé.Ongkoh deuih karisababaraha hiji deui nu can di-pasangkeun téh.

Teu nepi ka samenit nudidagoan téh muncengis.Barang bréh, kuring teu wudurada reuwas ogé. Euleuh, Nitageuningan! Bet maké nya-hoeun ka dieu sagala.

“Tuh, Néng. Alimeun bieudipiwarang turun gé. Saurnanuju parusing. Hoyong niiscenah saminggu waé mah diluhur,” omong si Lukman barinuduhkeun ka luhureun pang-gung.

Nita nyéréngéh. Lucumeureunan, ningali kuringbadis sakadang monyét keurngala nangka.

“Sok énggal lungsur, Cép.Tong janten bunuh dirina, datos tepang ieuh ayeuna mah,”si Lukman ngagonjak.

“Gandéng siah ah! Tu-luykeun atuh tah, ku manéh.Saeutik deui,” cék kuring baricat kana tihang. ***

(lajengkeuneun)

Page 35: Mangle 2459

Ngaranna gébudak leutikgeus kitu adat -na bangorngoprek saga -

la ditanyakeun, kurang-ku-rangna kolotna sabar mahsok matak rungsing, komodeui budak kuring nu bungsunu umurna kakara lima taunnyakitu sarua mun aya ka-hayang teh kudu gancang di -tedunan teu bisa diengkeengke kajeun dibebenjokeuntetep ngaeh menta kahayangmanehna.

Mun kuring keur migawenanaon si Kasep mah biasamantuan bapana cakah cikihsagala di cekel sagala di ta -nya keun kabeh dioprek, sa -kapeung mah bosen nga ja wabna, tapi da nya kitumun can ka jawab teh teruswae nananyakeun teu kaurgawe. Sakapeung mah sokaya keselna mun pakakas rekdipake ku si Kasep ulaheun,kajeun di olo kumaha wae getetep ulah ari dipaksa kalahka ceurik bari jeung gogole -ran sagala.

Meneran keur pere gawegeus lila niatna mah rekngarombak bupet leutik jadirak buku, ngarah susunanbuku alus katempona jeungrapih mun neangan buku nupenting teh gampang ka-panggih tinggal nempo kanasusunan alphabetna. Ari ahlimah henteu juan-jieun bupetatawa lomari tina kai ngan

lahlahan we ieu mah susuga -nan jadi da ukur ngarombakieuh jeungna deui pakakastukang kayu rada kumplit, timimiti sugu, ragaji, kampakjeung palu ngahaja meuli dasawaktu-waktu mah perelu.Kabeh pakakas tukang kayugeus sayagi di dinya ngarahgampang ngarongkongnamaksud teh.

Basa kuring keur antengnyugu ngarah papanna rata,biasa si Kasep ngarewong ng-injeum sugu nu keur di pakemeni maksa pisan padahalmah kakara bieu pisan nyo -nyoo palu jeung ragaji, atuhpatulayah pakakas teh.

“Pa nambut suguna sake -dap weh, Kasep bade nyugupapan nu itu!” pamentanabari curukna tutunjuk. Ku-lantaran keur kagok teu didenge ieuh jongjon we nerus -keun maksud teh hayanggancang anggeus da ti tatadingarewong terus nginjeumitu ngajewang ieu teu kaurpisan rek dek di gawe

“Sugu Pa ...’’ ngomong ki-tuna teh bari merenyengpedah teu di denge.

“Ke sakedap nya Sep,Bapa keur kapameng!’’ jawabteh rada nyentak. Sakedapanbudak murungkut sieuneunmeureun anu saterusnaundur-unduran bari ngaje -wang ragaji terus nyalingkerka tukangeun, sihoreng pa -pan nu geus rata meunangnyugu jadi raca di ragajian ku

si Kasep.“Beu ..., na ari maneh

kacida teuing bangor teh!”ceng teh bari mireungeuhkana papan nu geus raca

Budak teh tuluy ngajeng -kat bari ngabeubeutkeun ra-gaji. Ku kuring di polototanbakating ku keuheul, kumahamun eta ragaji keuna ka ku -ring. Rada salse di gawe tehpedah si Kasep teu ngaga -nggu, teuing diajak kamanaku indungna sigana mah dibebenjokeun meuli cocooan.Rak buku geus jadi ngan karimalitur, pedah nyieun pali-turna mah geus ti kamari sir-lakna di keueum ku sepirtusdi na keler urut wadah rang-ginang. Sanggeus di dempultuluy dihampelas ngarahlemes mun dipalitur teh ha -silna jadi herang. Palitur nudina keler geus nyampak didinya ngahaja diangkut nga -rah babari ngarongkong nanyakitu deui koasna ge weu-teuh keneh anyar meuli basasakalian meuli palitur.

Sabot kuring mindah -keun rak buku ka nu radapanas sangkan katojo kupanon poe ngarah hasil pali-turanana alus, kurunyungwae si Kasep datang barilumpat nyampeurkeun kakuring, dina leungeunna ranggem ku cocooan momobilanlaleutik aya ka na opatna,moal salah deui indungna numangmeulikeun. Basa kuringngalieuk, katempo si Kasep

keur ngocekan keler nu dieu -si ku palitur, cocooanana ka -beh aya na jero keler. Kuringreuwas pedah dampal leung -eunna lamokot ku palitursedengkeun ngumbahna gekudu ku sepirtus.

Sanggeus mireungeuhkitu mah gancang di deukeu-tan, teuing pe dah kuring keurambek jeung handeueul ni -ngali ka na ka ayaan kitu, siKasep kageteun, na atuh arijuralit teh keler nu dieusi pal-itur tiguling kadupak leunge-unna replek pisan atuheusina kabeh tamplok ka nataneuh.

Ku ring ukur bisa ngahu-leng, ret ka si Kasep dipelongsalila-lila kalaka rempahrempih merenyeng nusaterusna hing wae ceurikbari kokosehan. Ngadengebudak nu ngade ngek ceuriklol pamajikan kaluar ti pantodapur, gurung gusuh nyam-peurkeun si Kasep.

“Alah Bapana ..., kunaonieu si Kasep meni lamokot kupalitur kieu?!” ngomong ki-tuna teh bari ngarawu siKasep anu saterusna di-pangku dibawa ka jero.

Pamajikan nanya kitu,kuring teu ngajawab ukurmirengkeun ka na urut pali-tur anu bahe.

Puguh ari keselna mahkesel ngan rek di kuma-hakeun atuh, ukur bisa ngu-rut dada.

***

Abong BudakKu Ayi Sopandi

Manglé 245934

Page 36: Mangle 2459

Cai Panas

Sabada kawin mah kuring cicing heuladi imah mitoha, di Soreang. Di Sore-angna teh di Batukarut, tepel wates

jeung Ciwidey, sok sanajan kaasup di Sore-ang, ngan ari kaayaanana ampir sarua jeungdi Ciwidey, tiris kacida.

Tempo mandi isuk-isuk sok rada seung-gah teh, da atuh tong bororaah mandi subuh,mandi tengah poe ereng-erengan oge anggerkarasa tirisna teh. Di imah mitoha teh ayamesin pemanas, ngan kabeneran keur ruksakjeung can diomean. Mun hayang mandi tehwayahna wae kudu naheur heula ku cipanas.

Harita subuh-subuh jam opat kuringgeus hudang, geus biasa da muru indit katempat gawe di Bandung. Lantaran sieunkapegat macet di Kopo, sok indit nyubuhsabada solat Subuh jeung sasarap. Geus hu-dang tuluy naheur cai ku sorangan, sakalianjeung nu pamajikan dipangnaheurkeun.Sabot kuring mandi, cai nu keur pamajikanpanas.

Cai panas teh diasupkeun kana ember,geus kitu mah langsung mandi. Ari kabiasaankuring mah samemeh mandi teh sok ngumah(ngabanjur) suku heula, ngarah tiisna cai tehteu langsung ngareuwaskeun awak ari kanasuku heula mah. Kabiasaan kitu teh horengmawa salamet harita mah.

Duka kulantaran tunduh keneh jeungperbawa lulungu, duka memang poho. Cai nuna ember teh langsung wae disiuk tuluydibanjureun kana suku, ari kuring langsungngoceak bakat ku panas. Pamajikan jeungmitoha oge nepika harudang bakat kureuwaseun bisi kumahaonam.

Arek teu panas kumaha, da cai anu dinaember teh acan dicai tiisan. Cai ngagolaklangsung dibanjurkeun kana suku, untungteu molotok oge. Pamajikan jeung mitoharareuwaseun pisan, jeung katembongmelangna. Ngan sanggeus diterangkeun ka-jadianana jeung kuring teu kunanaon mah,kalah tuluy nyeungseurikeun. Kuring wae nungutruk dina jero hate, keur cilaka teh kalahnyaleungseurikeun.

“Untung teu dibanjurkeun langsungkana sirah atawa awak cai panasna,” ceuk mi-toha bari terus seuseurian. Pamajikan ogesarua seuseurian. Kuring oge sarua seuri,padahal dina hate mah rada keuheul, keheulka sorangan nu teu tarapti, keuheul oge dakalah diseungseurikeun.

Taufik RahayuKp. Batukarut Ds. Cikoneng

RT 02/06 SoreangKab. Bandung

Nundutan

Eh, lain nundutan ketang, nu puguhmah ngaguher wae sare. Harita tehkeur nganjang ka lembur sorangan,

mawa pamajikan ngawanohkeun ka dulur-dulur kuring di Garut, da basa kuring kawinteh teu bisa ngilu nganteur seserahan, aya nuboga kaperluan sejen, aya oge nu teu kuattumpak mobil sok mabok wae.

Nepungan dulur-dulur teh isukna, nepika sapoe teh beak wae dipake nganjang. Lan-taran dulur-dulur teh imahna henteu sagem-plek, tapi ancal-ancalan jeung aya nu bedakampung. Nepungan dulur-dulurna oge kuleumpang da di lembur kuring mah jalanmobil oge can aya.

Geus beres nepungan dulur-dulur mahtuluy wae ka imah deui. Pas magrib teh ku -ring mah ka masjid. Da di lembur mah geusilahar lalaki teh solat magribna di masjid.

Beres solat magrib kuring henteu tuluybalik, tapi cicing wae di mesjid ngadagoanisa, kagok pikir teh, tuluyna mah kalah ngajijeung dikir. Di masjid oge masih rea barudaknu keur ngaraji. Ngahaja teu tuluy balik tehbongan sok hayang dug wae sare ari geus diimah mah. Komo poe ieu mah da tos ngan-jang ka dulur-dulur bari kudu leumpang sa -kitu jauhna, awak cararape.

Sabot nungguan Isa, teu karasa nundu-tan nepi ka teu inget nanaon. Inget-inget tehdiguyah-guyah ku Mama Ajengan, kuringposisi awak lain sila siga tadi tapi geusngagoler. Kuring balaham-belehem kaeraan.Rarat-reret ka sabudeureun geus euweuhsasaha. Geus kitu mah kuring oge tuluy balikbareng jeung Mama Ajengan. Sabot leum -pang asa aya nu tinggaleun, dipikir-pikirhoreng kuring acan solat Isa.

Kapaksa wae solat isa teh di imah, najanera-era oge ku Mama Ajengan. Isuk-isukbarang dicaritakeun ka pamajikan, manehnameuni ngehkey seuseurian nepi ka ciram-bayan. Lain nungguan Isa, tapi ngadon sarewae eta mah. Nu kabayang teh eta baturkabeh solat berjamaah, ari kuring kalahngaguher kerek.

Basa di jalan ditanyakeun ka MamaAjengan teh, tos digugahkeun cenah ku santritapi kalah dug deui-dug deui sare. Kuring asameunang wirang harita mah. Meureun bakatku cape nepi ka kituna sare. Embung kudungalaman hal sarupa kitu deui.

Taufik RahayuKp. Batukarut Ds. Cikoneng

RT 02/06 SoreangKab. Bandung

Tepang di Mangle

Rebun-rebun poé Kemis, si BiruSmash geus dipanaskeun, ngadududmeupeuskeun kasimpé.

Rap jékét kulit, sup dompét, blus hélemkalawan missi deuk nohonan “pertemuanrahasiah” anu bruk-brak. Kuring, Tuti Mang lé katut Téti Esnat .Pancén téh nyaéta ngalobi Aceuk Teti Esnat,punten ngaaceukkeun da memang salu -hureun sagala rupana sangkan dina poeSaptu pagetona teu incah balilahan ngade -keman panglawungan 13.

“Kang, omat olo ku Akang, atuh riunganurang teu diluuhan ku TeH Teti mah pasticaliweura, katara teu kompakna teh.” Kitusms Tuti Mangle net deui net deui.

“Ke ke na ha merlukeun ngolo sagala,pan biasa ge sok hideng nyalira?” tembal tehngaliwatan sms deui.

“Moal tiasa hadir cenah, bade ngaluuhangempungan para pengarang senior di Lim-bangan,”

Beu, kacau atuh teu diluuhan ku seniorsapantar Aceuk Esnat mah. Tet tet nga-smslangsung ka jinisna, teun teh enya cenah poeSaptu teh moal hadir.

“Matak wayahna tugas Akang sakeurngolona.” sms Tuti ngagebray deui. Meureunterus rasa ka si Aceuk Esnat, bray sms-na.

“Tepang heula we atuh di Mangle dintenKemis, urang ngobrol segi tiga.

” Tah tah aya lolongkrang geusanmetakeun jurus rayu-merayu yeuh sanajanberesiko uculan eusi dompet, bae lah malaurpupuhu hakim ge jegudna teh alpukah ruketreujeung dunya sogok-menyogok. Rebun-rebun, siet ka jalan bepass, gilek ka BuahBatu, leok ka jalan Lodaya, srog ka buruanMangle. Teu sapanyeupahan, jebul AceukEsnat,

“Aceuk, ari di Limbangan mah nudarongkapna para pangarang senior demiari panglawungan tilu belas pan terangkuanjeun, boa can ngalangsu-ngalangsuacan,” ceuk kuring ngalengis tehnis, dieng -klokan ku Tuti Mangle anu nundutananapikawatireun.

Tetela Teti Esnat wijak tur leah manahdeukngaluuhan Panglawungan 13 di panga-jrekanana Bu Hj Ati, kajeun bedo ka Lim-bangan.

Nu leuwih ngundeur ajen pleus horengbageur pisan da eta we basa sasarap badagbareng-bareng di warnas wetaneun Manglenu nraktir teh nya manehna, kuduna mahkuring nu mawa missi dan visi rayu-marayu.Nyaho bageur kitu mah ti mimiti atuh di-jieun pupuhu koprasi pinjam tanpa simpan.Cag!

Emha Ubidillah

35Manglé 2459

Page 37: Mangle 2459

Soal Ujian SDJawab ieu soal kalawan BENERjeung TEPAT.Budak kelas 4 SD tuluy nga gutrutngeusian soal.“1. Saha ngaran presiden Indone-sia kahiji? BENER.”“2. Ngaran ibu kota provinsi JawaBarat? TEPAT.”“3. Sabaraha jumlah provinsi di In-donesia? TEPAT.”“4. Bandung Lautan Api kajadi-anana dina tanggal? BE NER.”Barang dipariksa ku guru,manehna meunang peunteun nol.

Basir H. SjamsiKp. Cikondang Ds. Cinyasag

RT 05 RW 09 Majalengka

AKI AKI (3)Aya aya aki aki kakara boga HPngobrol jeung incunaAki: “Aki teh boga HP ngan pul-sana asa hambur pisan babaribeak.”Incuna: “Upami hoyong teu ham-bur pulsa mah kedah nganggoSMS ki. Tiasa aki nyerat nganggoSMS?”Aki: “Bisa sih bisa ngan aki tehera.”Incuna: “Naha geuning make isin

sagala.”Aki: “Nyaeta pan tulisan aki mahgoreng patut.”

H.TaufikJl. Bima V No. 11 Bekasi Selatan

Leuwih Murah“Yu ah urang balanja barang-barang impor?”“Embung ah, mararahal. Teu bogaduit kami mah.”“Marurah ieu mah, leuwih murahmade in urang.”“Barang impor timana?”“Ti Cina.”

Basir H. SjamsiKp. Cikondang Ds. Cinyasag

RT 05 RW 09 Majalengka

Beda CainaUtad: “Nguseup di balong jeungnguseup di laut mah, beda atuhTed!”Ated: “Ah ari ceuk urang mahsarua, papada kudu make eupannu hade!”Utad: “Lain sual eupan, tapicaina!”Ated: “Ari cai laut?”Utad: “Asin!”Ated: “Mun cai balong?”Utad: “Inum we ku maneh! Cing

tah kumaha rasana?”Ated: “Embung teuing urang mah!Geuleuh!”

Ayi SopandiPasar Gardu

Jl. Makmur No. 84 Rt 003/76Lubang Buaya - Jaktim 13810

Cinta ButaUdin: “Ceuk batur mah cintatéh buta…”Ujang: “Ceuk saha cenah étatéh? Lamun cinta téh buta,maenyaawéwé bisa ngabedakeun manalalaki nu apel maké ojeg, jeungmana lalaki anu maké mobil Jazz.”

Iqbal Maulana SuryanaDesa Cigugur Girang

Kec. Parongpong Kab. Bandung Barat

SMA Negeri 15 Bandung

Puisi Hari Ibu“Ma, Néng aya puisi sepésialkanggo ema.”“Sok, pangmacakeun atuh!”“Ehem!Ibu, anjeun téh gula pikeun sagalapapait hirupAnjeun téh sagalanaIbu… bapa…. Abdi tulunganBatin peurih, haté nalangsa….”“Euh sugan téh nyaan…”“Hehehe…”

Iqbal Maulana SuryanaDesa Cigugur Girang

Kec. Parongpong Kab. Bandung Barat

SMA Negeri 15 Bandung

IsukanAdun : Pa isukan téh taun barulain?Apa : Ceuk saha?Adun : Seuk si Udung.Apa : Ulah kabawa ngaco ku siUDung, isukan mah lain taunbaru, tapi poé rebo.

SuryanaJl. Kebon Kopi No. 111 Cimahi

CikopiUdin : "Pangnyieunkeun cikopinya, da geulis."Nyai : "Mangga, kang."Udin : "Naha nyieun cikopi teh betmake cai tiis?"Nyai : "Mubadir cai panas mah.Saban-saban dipangnyieunkeuncikopi pasti ditiupan heula sinatiis."

SuryanaJl. Kebon Kopi No. 111 Cimahi

TingalMimi : A cobi tingal.Aa : Naon?Mimi : "Tuh buah asak, konengnajiga waos Aa!Aa : Euuhhhh!!!

Amelia CahyatiJl. Cicukang No. 76 Bandung

Tukang RotiOdo : Roti naon mang?T.dgng : Roti tawar jang!Odo : Oowh, sabarahaan?T.dgng : Lima rebu sabungkus.Odo : Meuni mahal, dua rebu lah

Manglé 245936

Page 38: Mangle 2459

nya? (nawar)T.dgng : Teu tiasa atuh, tos hargapas...Odo : Yey..., cenah roti tawar, tapiteu bisa ditawar.

Amelia CahyatiJl. Cicukang No. 76 Bandung

Di AsutraliUcup : Halo..., ieu uing keur diAustrali.Dudu : Gaya euy maneh keur diluar negri, taun baruan di Australinya?Ucup : Lain siaahh!!! Tulunganuing ka bawa ku ombak keur ngo-jay di pangandaran!

Ratnasari N.Jl. CIenteung 23 Tasikmalaya

KabeuratanRina : Aa, nyai anteur ka pasarnya? Gitu juga kalo Aa ga keber-atan.Aa : Sidik Aa teh keur kabeuratannyi! (Bari nyabak beuteung,ngabecir ka pancilingan)

Ratnasari N.Jl. CIenteung 23 Tasikmalaya

SampingRina : Kata nyah Aa akan selalu be-rada disamping akuh?Aa : Rek kumaha Aa bisa selaludisamping kamu, sedengkeunkamu nyah sajah tara disasamp-ing.

Roro DewiJl. Pasirkoja No. 90 Bandung

BedanaNunu : "Naon bedana indomiejeug nu botak?Nana : "Eta naon?Nunu : "indomie mah kari ayam,mun nu botak mah kari neke.

Roro DewiJl. Pasirkoja No. 90 Bandung

Tukang Es+ Bapa nyai tukang es nya?- ning Aa terang?+ Ladieukeun ah pamulanganana500 perak deui, tadi uing meuli eska si bapa.

Ridwan IrawanJl. Arjuna No. 12

BibitOjo : Kumaha bibit lauk ti urangteh geus dipelak din?Udin : Enggeus.Ojo : Geus baranahan,? lobameureun ayeuna mah nya?

Udin : Boro-boro! Harita dipelak,isukna geus euweuh dikoreh ucing.Hanas ku uing rek dicebor.Ibro : Hooor! (Colohok)

Ridwan IrawanJl. Arjuna No. 12

AKI AKI (1)Aya aki aki keur diriung ku incu in-cuna, teu lila ari “peletus” teh ayanu disada ti handapeun si aki. Teutarik tapi bauna kamana manaIncuna: “Duh aki mani bau kieu.Naha tuang naon atuh aki tehmani meledek kieu.”Aki: “Heueuh maraneh mah nganukur bau, aki mah nya bau nyapeureus.”

H.TaufikJl. Bima V No. 11 Bekasi Selatan

Dadali jeung GarudaAted: “Tad ari manuk dadali jeungGaruda, sarua teu?”Utad: “Beda atuh!”Ated: “Bedana?”Utad: “Ari dadali mah sok mantingti peuting, cek darso tea mah.”Ated: “Ari garuda?”Utad: “Di dadaku! Lagu yel-yelpersepakbolaan Nasional urang!”Ated: “Siga nu bener, tapi heueuh!”

Ayi SopandiPasar Gardu

Jl. Makmur No. 84 Rt 003/76Lubang Buaya - Jaktim 13810

AlmenakUtad: “Ted, yeuh keur maneh ha-diah taun baru!”Ated: “Geuning alenak?”Utad: “Ihhh ... tong salah, bisi ka-pake sataun!”Ated: “Nuhun atuh, mudah-muda-han loba tanggal beureumna!”

Ayi SopandiPasar Gardu

Jl. Makmur No. 84 Rt 003/76Lubang Buaya - Jaktim 13810

Mana nu Bener?Ani: “Béda guru, béda pamanggih.Lieur ah!”Susi: “Lieur kumaha?”Ani: “Ari ceuk guru sajarah mahnu disebut resi téh pandita atawatukang tatapa. Tapi ari ceuk guruékonomi mah cenah keretas tandabukti. Mana nu bener?”

Séna SF - Bandung

Nu LalieurKaamanan: “Silaing mabok nya?”Pamuda: “Henteu. Naon buk-tina?”

Kaamanan: “Ari éta botol urutsaha?”Pamuda: “Urut sayah. Tapi pansayah mah teu mabok?”Kaamanan: “Maenya béak sabotolteu mabok? Tong ngabobodo dabaheula ge sayah téh tukangmabok.”Pamuda: “Bener henteu. Sababsaméméh nginum téh sayahngadahar heula obat anti mabok.”

Séna SF - Bandung

AKI AKI (2)Aya aki aki leungiteun dompetdina beus, terus nyarita ka incu in-cuna.Aki: “Puguh aki teh leungiteundompet aya nu nyopet dina beus.”Incuna: “Dimana disimpennadompet aki teh.”Aki: “Dina saku tukang.”Incuna: “Naha teu karaos kitu ayanu rumpu rampa kana saku aki.”Aki: “Karasa sih karasa ari suganteh leungeun aki anu rumpurampa kana saku teh.”

H.TaufikJl. Bima V No. 11 Bekasi Selatan

NgahinaAsta: “Silaing tadi dipoto nya kuturis bulé?”Hiam: “Enya. Keur nanahaon nyamaké moto déwék sagala?”Asta: “Ari kitu silaing teu apal nyahmaksudna?”

Hiam: “Nyaéta henteu.”Asta: “Ceuk déwék mah potosilaing téh rék dibawa ka imah SiTuris. Sabab cenah di nagaramanéhna mah loba nu can apaleunkumaha rupana ... orang utan.”

Gina ApsariSMA 26 Bandung

Teu BalégNini: “Manéh mah can gé dibukaujian sakola téh geus miheulaanléwéh.”Incu: “Atuda sieun teu lulus, Nini.”Nini: “Kumaha kitu mun teululus?”Incu: “Nya meureun moal tulus di-pangmeulikeun sépedah ku SiBapa.”

Gina ApsariSMA 26 Bandung

IstiméwaAki: “Naha Jang bandrék téh asalada-lada teuing ieu téh?”Nu dagang: “Tah Aki ieu anudisebat bandrék istimewa téh.”Aki: “Istiméwa kumaha sakitubaham Aki panas kieu, panon genepi ka cirambay?”Nu dagang: “Muhun biasanamah ladana téh ku jahé sarengcabé areuy, tah ieu mah kucéngék.”

Gina ApsariSMA 26 Bandung

37Manglé 2459

Mapag Taun Anyar ku Ladang Hahahaha

Ganti taun muga mawa kamajuan - Ganti taun ngawujudkaraharjaan... jst.Kitu tah harepan Mang Koko dina lagu Ganti Taun,sababaraha puluh taun ka tukang. Kiwari nya kitu kénéhharepan urang téh. Harepan kénéh, harepan deui. Unggalgenerasi terus wé ngarep-ngarep hadiah Hahahahhah ti PaDadang Mulyana – Dékan FKIP Unpas Bandung.Tah ku kituna, sihoréng nu geus nepi kana harepanana téhteu jauh ti urang, nyaéta dulur urang baraya urang anu terasngintunkeun Hahahahah ka Manglé, sanés tukang arengwungkul anu untung rugi teu weléh keprok ...hahahahaha-hahahaha... panjang hahahahna da taun anyar pan!Cindekna, tina Hahahahaha anu midang dina bulan panutup2013, Désémber, alias ti no 2453 – 2457, nu kénging hadiahRp 125.000,- (Saratus Dua Puluh Lima Rébu Rupiah) téhnyaéta, ka-1 ULANGAN, dina no. 2454, kénging M. Kodir Is-mail, Jl. Ciharegem No.23 RT 05/04, Bandung, ka-2 PANTO,dina no. 2455, kénging Rahmia Khoerunnisa, Sastra SundaUnpad, Jatinangor- Sumedang, ka-3 BIAYA SAKOLA, dinano. 2457, kénging Iqbal Maulana Suryana, Ds. Cigugur Gi-rang, Kec. Parongpong, Kab. Bandung Barat, SMA Negri 15Bandung. Hadiahna candak ka Redaksi Manglé bari nyaran-dak KTP masing-masing. Nyanggakeun***

Page 39: Mangle 2459

Manglé 245938

SSambungan ti kaca 23porkeun ka KPK? Emh munnepika kitu teh tada teuingwirangna tada teuing erana,kumaha kudu nerangkeun kaua di lembur? Ké ah moalwara nelepon ka ua samé méhnyaho kaayaan anu sabener -na.

Basa Kang Ahmad datangtéh geus peuting pisan.Ditawisan tuang henteukeresa, teu kaburu ditanya dablus baé ka kamar kerjana.Duka nepi ka tabuhsabaraha? Subuh-subuh basakuring hudang téh geus ayagigireun.

"Sigana mah rada dariaieu persoalan téh. Aya géséhduit proyék gedé naker.

Ayeuna Akang kudurapat deui jeung staf heulasamemeh ngariung deuijeung Pa Dirjen. Mamah tos tikantin mah langsung baé mu-lang. Da sigana Akang bakalriweuh," pokna basa rék inditka kantor.

Di kantin kuring teupuguh cabak. Démo geusnerekab ka mana-mana.Rarasaan téh mun aya nu pa-teuteup jeung kuring asangécé karasana. Asa sinis.Kuring pupulih rék balik.Mending cicing di imah,ngarah henteu pateuteupjeung jelema. Komo basamobil kaluar ti tempat parkirkadéngé aya nu ngomong,“Pantes atuh mobilna alus,imahna mentéréng.”

Datang ka imah langsungnelepon ka ua. Barabat dica -ritakeun naon anu kajadiandi dieu. Soréna méméh KangAhmad datang, ua geus aya diimah. Hariweusweus tatanyateu puguh alang ujurna ari uaistri mah biasa juuh cimata.

"Ua ngadidik budak tehasa bener. Piraku bet me-lengkung bekas nyalahan?Naha sabaraha atuh butuhduitna mun enya nepi ka kitutéh? Mun perlu mah aset-asétua pék jual da apan banda téhtatalang raga. Geus kieu mah

susah sararéa," bari ngageuri.“Aya duit sabaraha dina

rekening Nunung?" poknadeui ka kuring.

"Wa teu kedah hariwang,da teu acan tangtos KangAhmad lepat. Urang antosanbaé wartos anu saleresna,"ceuk kuring nenangkeun.

Tapi teu burung arirekening bank mah ditingali.Terus dijumlahkeun jeungduit nu aya dina rekening Ua,jumlahna lumayan loba. Ta -dina mah éta duit téh sawa -réh geus diancokeun keurmayar pagawé jeung meulibahan baku da ari pajeg mahgeus dibayar bulan kamari.

"Cik tingali duit nu aya diluar sabaraha? Jeung tagi-heun mana baé anu téréhjatuh témpo?" saurna,”Kumpulkeun asét anu gam-pang dijualna da ari tanahjeung pabrik mah moal bisadijual gancang-gancang. Munperlu wayahna mobil Enunggé dijual."

Kuring ukur unggeuk.Basa Kang Ahmad

datang, héraneun aya ua téh."Abah damang? Iraha

sumping?" pokna bari nyo-longkrong sasalaman.

"Mamah nya nu nga war -tosan Abah? Padahal teu acanperyogi da masalahna ogé teuacan jelas. Hawatos abah jadingiring répot," pokna baringarérét ka kuring.

"Lain kitu Jang. Ari bogakarerepet ulah disidem ku so-rangan. leu masalah téh lainperkara énténg-énténg. Ieutéh wiwirang di kolongcatang, lain antepeun," saurUa.

Lantaran masalah di kan-tor Kang Ahmad can karuhanpamustunganana, meunangtilu dinten Ua di Jakarta téh.Méméh mulih dokumenpabrik ditinggalkeun ka ku -ring. Kaasup kabéh sertifikatkagungan Ua, lengkep jeungpembukuan, “Pék paké keurngajait Ahmad. Tong lebar

beak ogé teu panasaran keurngabélaan anak mah. Munperlu séwa pengacara nu pin-ter."

Béja nu panganyarna,sanggeus aya pemeriksaanjeung geus diaudit, enya duitkantor téh géséhna aya pu-luhna milyar. Kapanggihnatina pembangunan gedung-gedung jeung sarana keurkantor nu aya di unggalpropinsi. Harga proyék téhdiundakkeun dua atawa tilukali lipet. Pantes karugian na-gara sakitu gedéna ogé. Dinahal ieu aya kacurigaan KangAhmad kalibet salian stafkantor nu nyekel proyék.

Mun enya Kang Ahmadnepi ka kitu, naha dikamana -keun duitna?

Isukna datang patugasKPK nu ngagaradah imahkuring. Sababaraha beundeulfile diringkid kaasup file nudikantunkeun ku ua.

Dina pamariksaan KangAhmad ogé dibéré sababa -raha pertanyaan ngeunaankantor anu dipingpinna. Soalimah jeung mobil. Untungdokumen nu ditinggalkeunku Ua bisa méré jawaban.Malah pembukuan pabrikanu dicekel ku kuring, jéntresacerewelena, aya rengkolna.Ayeuna tinggal neangan di-mana jurig bungkeuleu kan -ana.

Sanajan kitu Kang Ahmadcan waka meunang balik. Ayahiji dokumen nu aya dikantorKPK, nu nétélakeun sagalahal ngeunaan proyék nu geusditéken ku Kang Ahmad.Kaasup kwitansi anu jum-lahna gedé pisan.

Kuring tetep dines di kan-tin sanajan aya pakewuhsaperti kieu lantaran ieu téhsalah sahiji kawajiban nu jaditanggung jawab kuring.

Nya kitu di kantin ogé teupuguh cabak. Ka laci-lacidibukaan. Dina locker ka-panggih aya amplop gedéwarna coklat. Pirajeunan

dibuka. Gebeg, kuring kakarainget ieu téh amplop nu dipi-hapekeun ku Pa Darmaji keurKang Ahmad, supaya ditéken.Aya salambar cék nu jum-lahna matak muriding bulupunduk.

Basa néang Kang Ahmadkuring dibaturan ku ua. Ku -ring teu bisa nyanghareupanmasalah ieu sorangan. Ari ayaua mah kuring reugreug. Uageus siap-siap nyandak jum-lah artos kagunganana keurjaga-jaga bisi aya perluna.

Surat jeung cék ku kuringdibikeun bari ménta diham-pura rada telat mikeunna,kapopohokeun di kantin.

"Alhamdulilah. Mamahieu bukti anu penting pisan.Du’akeun Bah mugi-mugi ieutéh jalan kanggo kasalametanabdi," ceuk Kang Ahmad barisujud kana pangkonan ua.Surat langsung dipasrahkeunka KPK.

Kabuktian surat nu persissarupa kitu aya dina salahsahiji file nu dibawa ku KPKti ruangan Pa Darmaji. Tapisurat nu ieu mah geus leng -kep aya cap jeung tanda ta -ngan Kang Ahmad. Ku KangAhmad tangtu baé disanggahbari nyodorkeun bukti suratnu aya di kantin tea. SartaKang Ahmad ménta supayatanda tangan nu aya dina étasurat ditaliti kaabsahanana,lantaran henteu rumasananda.

Saminggu kaluar hasilpenelitian. Hasilna, tandatangan nu aya dina surat téhlain tanda tangan KangAhmad.

Alhamdulilah. Gustimasih kénéh nangtayungan.Kang Ahmad dibébaskeuntanpa sarat. Ngan teteplamun sidang mah kududatang sabagé saksi keurjalma-jalma nu kalibet dinamasalah ieu.***

Bandung Desember 2013

Page 40: Mangle 2459

DDongéngAkiGuru

24. Peucang jeungBangkong

Aya peucang keur nga -riung, réa pisan baturna. Étapeucang téh keur ngobrolnakahariwangna, lantaran teupetot-petot manggih kasusahlantaran dibuburak ku anjing.Nu saurang pok ngomong.

“Batur-batur, kumahaatuh urang téh, teu petot-petot manggih kasusah,dibuburak ku musuh urangnu taya ras-rasan. Urang geusdianggap teuteundeunananabaé, wenang dihakan sakarepmanéhna. Ceuk déwék mahurang mending paéh barengbaé, manan hirup susahsaumur-umur. Hayu urangnguncunglkeun manéh ka situbabarengan, di dinya mi-nangka kuburan urang.”

Baturna kabéh nyatujuan.Haténa geus pada ihlas, réknueluemkeun manéh ka situnu deukeut ti dinya. Tuluypada lalumpatan muru kasitu, tangka ngagurung pa -tingkorosak, matak kagétbangkong nu aya di dinya.Bari giras bangkong téh lalun-catan tingaracleng kana cai.

Barang ngadéngé sorapatingkecemplung dina cai,salah sahiji peucang nyarita,“Héh batur-batur, nya soranaon éta patingkecemplung,kawas aya sato nu sarieuneunku urang?”

Baturna ngajawab, “Bang -kong laluncatan, siga siieun -eun ku urang. Ari urang panteu boga maksud nyingsieun -

an nya. Boa-boa urang gébarorangan siga bangkong,mastikeun anu tacan tangtu,nepi ka boga niat maraéhanmanéh lantaran sieun di-paéhan ku batur. Jadi alusnamah urang sabar baé bari ati-ati, sangkan ulah nepi kakabongohan ku musuh.”

Hartina ieu dongéng:Salilana hirup téh kudu ati-ati,ulah nepi ka nyorang prihatin.Tapi lamun geus manggih numataak prihatin, atawa meu-nang kasusah sakumahagedéna ogé, ulah pegatneneda ka Nu Kawasa. Jeungmasing inget, tangtu aya nuleuwih prihatin ti batanurang.***

25. Tangkal Gebangjeung Waluh

Areuy waluh ngarambatka tangkal gebang. Teu lilaogé geus nepi ka puncakna.

Areuy waluh nyarita, “Nyaanéh kacida sakanyaho kamimah. Ceuk nu ngaromong ieuumur tangkal gebang téh geussaratus taun. Ari kuring tacansaratus poé geus bisa nyusuljangkungna ieu tangkalgebang.”

Tangkal gebang ngajawab,“Enya téréh. Tapi tumpurnaogé sarua deuih téréh.Saméméh usum ngijih béak,tangtu daun manéh kabéhtuhur.”

Aruey waluh nanya deui,“Ari nu matak manéh bisanaksir kitu téh, ti saha gugu-runa?”

Ku tangkal gébang di-jawab deuim “Nyaho tinangalaman sorangan baé. Kamigeus nyorang usum ngijihsababaraha kali. Ari areuywaluh nu ngarambat ka ku -ring siga manéh geus loba nuaradigung sarta téréh paéhnacara manéh.”

Hartina ieu dongéng: Ulahsok suaban ari ngomong téh,jeung ulah takabur duméhbisa téréh naék. Ari sabab, nutéréh naékna téh sok téréhdeui ragragna.

26. Gagak jeung Gen-tong

Aya dua gagak nu keur ha-labhab, hayangeun nginum.Duanana pada néangan cai,pada hiber. Nya manggih hijigentong, caina loba. Tapi gen-tong téh téh kacida jeronasarta gagak teu bisa asup kadinya. Ari rék digolérkeun teukaduga. Rék dibeulah kitudeui. Antukna, gagak nu hijimah pundung sarta tuluyhiber.

Kari hiji deui, néanganakal, bawaning ku hanaang.Tungtungna éta gagak mang-gih akal. Manéhna macokanbatu jeung cadas, dikecem-plung-kecemplungkeun kanajero gentong. Lila kalilaan caidina gentong téh naék kaluhur, sarta teu kungsi sate -ngah jam éta gagak bisa ng-inum bari seubeuh.

Hartina ieu dongéng:sagala pagawéan, mun aya

héséna, ulah dipaké wegah.Keureuyeuh baé, ulah sieunku hésé. Ulah pegat-pegat niatngaggeuskeun pagawéan. Nutadina ditaksir mustahil diga -wéan, ku dikeureuyeuh mahtangtu bérés.

27. Beurit jeungCubluk Aya hiji beurit nungadéngé béja ngeunaanpibahayaeun keur manéhnajeung batur-baturna kabéh.Ari sabab aya ucing jeung sa-bangsana, babakuna manusanu jadi musuh panggedéna,loba akalna. Hiji peuting, étabeurit leumpang sorangan.Ari heug manéhna manggihcubluk tataheunan.

Di jero éta cubluk ayadééng ssakeureut.

Beurit téh ngomong,“Moal, kami moal kagodangadahar éta dééng. Tapi aridiambeuan mah meureunmoal matak kukumaha.

Beurit tuluy ngadeukeutancubluk, seja rék abus kanatataheunan ukur keur ngam-beuan dééng. Tapi lila kalilaanirungna antél kana sesentiltataheunan, atuh tutup cubluktéh ninggang, sarta beuritasup kana tataheunan.

Hartina ieu dongéng:Sagala rupa pagawéan goréngtéh omat sama sakali kududisingkahan. Ulah wani-wanideukeut bisi kagoda. Mun teukitu nyaho-nyaho urang geuskajiret.

(hanca)

PieunteungeunKénging: R.H. Muhammad Musa

39Manglé 2459

Page 41: Mangle 2459

Manglé 245940

KKomik Nyambung

Ku U. Syahbudindi Sundakeun ku Agus Mulyana

Page 42: Mangle 2459

41Manglé 2459

Berita Mangle 2456 kaca.44-45ngeunaan panalungtikan TTRMdi Gunung Padang jauh tina

fakta nu sabenarna. TTRM ngalaksana -keun panalungtikan sacara ilmiah, tayapakuat-pakaitna jeung mistik, teu makemetoda nu matak ngaruksak, jeung teungarempak prosedur hukum. Faktanapanalungtikan TTRM kacida dirojong -na ku masarakat jeung pihak pa-marentah, kaasup Mendikbud,Kemen trian PU, Menparekraf jeungPemerintah Provinsi Jawa Barat sartaPemda Cianjur. Hasil-hasil riset TTRMnu geus remen diseminarkeun jeungdipublikasikeun dina media massakabuktian geus ngajadikeun Situs Gu-nung Padang kaceluk ka awun-awun kakoncara ka sakuliah dunya, padangadeudeul ku sakabeh jalma. Efekpositif lianna ku ayana situs GunungPadang masarakat nu tadinangamomore keun kana sajarah jeungtiting gal purbakala jadi antusias.Rupa-rupa kontroversi teu sakabeh nanegatif tapi kaala mangfaatna pikeunpembelajaran dinamika riset.

Seminar Gunung Padang nulumangsung ping 9 Desember 2013di Kantor Pikiran Rakyat katitenna‘janggal’ sabab para ahli nu hadirharita sabenerna diondang jeungsakuduna mah datang( tapi teudatang) dina semi nar Gunung Padangdina rengre ngan acara KonferensiInter nasional Kebudayaan GotraSawala di Hotel Homann jeungGedung Merdeka tilu poe saacannasahingga bisa ‘nyaraksian’ heula papa -ran lengkep TTRM kakara bisa gunemcatur/berdialog atawa adurenyom/berdebat sacara ilmiah, lain malah‘menghakimi’ sacara sapihak tanpakahadiran TTRM. Pemaparan hasilriset TTRM dina acara Gotrasawala nudiluuhan ahli manca nagara, kaasupahli sejarah Prof.Dr. Anthony Reid,Prof Dr. Robert Schoch ahli geologiUSA, jeung Mr. Graham Hancock tiInggris; menang respon nu kacidapositif, taya saurang ge nunganiley/nganggap TTRM mengpartina aturan, sebalikna loba nu kataji -

eun jeung milu reueus sarta nganggapyen Situs Gunung Padang bogapotensi jadi situs cagar budaya pang-pentingna di dunia. Seminar ieu gedimimitian ku ekskursi ka GunungPadang nepi ka para ahli bisa lang-sung ngadiskusikeun fakta-faktailmiah na di lokasi.

TTRM ngawengku para ahli‘papan atas’ dina rupa-rupa disiplinilmu kaasup widang arkeologi, geo -logi, geo fisika, jeung arsitektur nutihot hat nalungtik Gunung Padangsacara inten sif ti mimiti Oktober 2011kalayan ngagunakeun metoda-metoda survey mutahir nu sok biasadipake di dunia internasional.Utama na Tim ngawanohkeun aplikasimetoda geo logi jeung rupa-rupateknik geofisika keur nalungtik struk-tur ‘ bawah permukaan’ nyaeta kujalan nyokot sampel bor, survey geo-radar, geolistrik, geomagnet, jeungseismik tomografi pikeun ngadelinia -si bentukan fitur wawangunan kunonu kapendem ku taneuh. Sakabehmetoda aman kacida jeung teungaruksak. malah penggalian arkeo -logi dilaksanakeun ana di luar pagersitus. Salah kacida lamun aya nunuduh nagunakeun ‘dinamit’ tapingan saukur nyieun ‘ledakan kecil’tina bahan mercon berdiameter 5 cmnu dikubur 1 meter dina jero taneuhanu sorana diguna kan pikeun sum-ber gelombang sora dina survey seis-mik tomog rafi. Metoda ieu 100%aman jeung teu ngaruksak sartapama kean merconna geus saijin ka-pulisian, aparat jeung masarakatsatempat. Tim salila ieu digawetanpa bayaran jeung teu ngaguna -keun waragad/dana pama ren tah keurbiaya operasionalna, tapi ku waragadti para donatur jeung tina pesak se-wang-sewangan.

Timuan TTRM segemblengnaduma sar kana akumulasi data nukacida komprehensifna jeung dianal-isa kalayan imeut jeung sahade-hadena saluyu jeung standar ilmiah.Timuan Tim geus meunggaskeun /menepis anggapan yen situs ngan

saukur struktur megalitik basajan/ -sederhana nu legana 3 hektar disaluhureun pasir, tapi sihoreng mang -rupa struktur megalitik ‘pundenberundak’ nu kacida gedena jeung to-haga nu ngalimpudan/ ngawengkujungkiringna/badan pasir nu luhurnaminimal 100 meter jeung legana nga-hontal 15 hektar. Nu leuwih ahengayana bukti nu kacida kuatna nunuduhkeun yen disahandapeun situsmasih keneh aya manglapis-lapisstruktur bentukan(dijieun) manusajeung material nu sarua nyaetasusunan batu-batu kolom andesit-basalt nepi kedalaman 15 meteran.Batuan alamiah geologi kakara ka-panggih di handapeunana dina‘kedalaman’ mang rupa ‘bukit batuanmasif lava’ nu kandelna 15-20 meternu ‘diuk’ dina luhureun lapisan tufagunung api purba nu umurna jutaantaun. Nu leuwih aheng deui, ‘datacitra bawah permukaan’ geus nunjuk -keun yen pasir/ bukit lava alamiah ieuge katingalna geus meunang mahatjelema mangrupa bagean tinawawangu nan. Saterusna, nu leuwihteu asup akal mah nyaeta hasil analisalaboratorium keur nangtu keun umurlapisan-lapisan nu ngagunakeunmetoda “carbon-dating” di BATANjeung BETA Analytic USA yangngaindikasikeun yen struktur pang-handapna sihoreng dijieunna saacan10.000 taun katukang, laju sabadanaeta di saluhureunana terus-terusandibangun lapisan nu leuwih ngoranyaeta dina zaman sabudeureun6500-7000 tahun katukang, 2500-3500 tahun katukang jeung terusdirombak deui dina perioda nu leuwihngora. Panutup, lamun sakabeh ieugeus kaungkab jeung kabuktiansakabeh na, Insya Allah Situs GunungPadang bakal jadi monumen fenome-nal sajarah paradaban manusa nubakal ngarobah paradigma sajarah,geuning sihoreng paradaban ki Sundateh kacida luhungna, jadi geussapantes na jadi kareueus sarta jadikokojo/andelan Jawa Barat jeungsakumna rayat Indo nesia. ***

Dr. Danny Hilman NatawidjajaPanalungtikan Tim Terpadu Riset Mandiri (TTRM)

di Gunung Padang Ilmiah jeung Teu Ngaruksak

Page 43: Mangle 2459

Manglé 245942

GGedong Saté

Disahkeunana RancanganUndang-undang Desa kuDPR RI dina Desember

2013, meredih aparatur desasangkan leuwih hade dina ngokola -keun pamarentahan jeunganggaran desa. Sabab, kudisahkeun ana éta undang-undang,unggal desa bakal narima “danaperimbangan” ti APBN anu lang-sung asup ka rekening pamarentahdesa.

Anggota Komisi A DPRD JabarAep Sulaeman netelakeun,aparatur desa kudu nyekel kanaprinsip-prinsip pamarentahan anuhade (good government) dinangalaksanakeun pangwangunandesa. Kusabab kitu, nurutkeun Aepaparatur desa kudu jelas jeungtransparan dina ngalaksanakeunpangwangunan, sarta kudu leuwihtelik dina nalingakeun potensijeung pangabutuh desa.

"Perencanaan, palaksanaan,pangawasan, sarta pembukuan(accoun ting) kedah jelas sarengtransparan, dina ngarojong Un-dang-undang Desa, Komisi ADPRD Jabar bakal ngusulkeunRancangan Peraturan Daerahngeuna an Kriteria Kepala Desasareng Perangkat Desa. " ceuk Aepnetelakeun.

Lian ti eta, raperda ieu disusunminangka lengkah munggaran dinanyiptakeun kualitas aparatur desaanu alus, kusabab kepala desajeung perangkat desa mangrupa“ujung tombak” dina numuwuh -keun paekonomian di padesaan.

"Kepala desa téh gaduhkawena ngan dina ngokolakeunpangwangunan sareng paekonomi -

an desa. Kumargi kitu kepala desakedah gaduh kamampuan,pembina an, sareng bintek (bimbin-gan teknis). Dina prak-prakanana,tangtosna oge kedah didamel atu-ran tambihan dina wangun perdaanu jentre ngeunaan kualifikasikepala desa sarng perangkatna,"ceuk Aep jentre.

Salila ieu loba anggaran anu di-

pake pikeun pangwangunan desatéh hasilna henteu maksimal. Salahsahiji balukarna nyaeta kualitasaparatur desa anu tacan optimal.

"Urang tingal we, salami ieuanggaran seueur dikamalirkeunkanggo pangwangunan desa. Tapimasih seueur keneh desa anu lebetkana kategori desa tertinggal,"pokna.

Kondisi ieu ngabalkarkeunpaekonomian desa teu bisa mekarsakumaha anu diharepkeun.

"Pamarentah miharep ku ayanaperda kriteria aparatur desa, pang-wangunan desa bakal maksimal,desa-desa nu aya di Jabar maju turmandiri, tangtosna oge bakalngarojong kana kamajuan kaca-matan, kabupaten, kalebetprovinsi," pokna pinuh harepan.

Sakabeh desa di Jawa Barat

bakal meunang bantuan dana tipama rentah puseur, provinsi,jeung pamarentah daerah satem-pat nu totalna Rp1 miliar dina taun2015. Ku ayana waragad bantuanieu tiap desa dipiharep bakal jauhlewih maju dina sagala aspek.

"Dina 2015 bakal aya danapengelola an desa (ti pamarentahpuseur) ageungna Rp750 juta (perdesa)," ceuk Ahmad Heryawan.

Lian ti eta, dana keur desa bakalkaluar ti Pemprov Jawa Barat diantarana kira-kira Rp100 juta pertaun plus dana ADB ti pamarentahdaerah satempat.

"Jadi bantosan anu bakalkatampi teh rata-rata Rp1 miliarper desa dina sataunna," pokna.

Pamakean dana ieu diharep-keun bisa dipakeu pikeun ngawa -ngun infrastruktur jeung hal-halanu mangpaat anu bisa ngarojongkana paekonomian desa ke arahanu leuwih hade.

"Harepan anu kedah kahontaltéh nyaeta infrastruktur desa sae,paekonomian desa kadongkrak.Anu balukarna masarakat desatiasa raharja," pokna deui.

Dina Pangwangunan infrastruk-tur desa, Pemprov Jawa Baratngalokasi kan anggaran Rp100 jutaper taun pikeun sajumlah desa.Tiap taun, pamarentah puseur ogengamalirkeun bantuan keur Prog -ram Pembangunan InfrastrukturDesa (PPID) anu asalna tipamaren tah puseur.

Ti taun 2005 nepi ka 2013, numeunang bantuan PPIP teh 3.379desa. Éta téh, kira-kira 63,5 persenti 5 rebuan desa nu aya di JawaBarat.*** (AS)

Ngawangun DesaNgarahajakeun Masarakat Tatar Jabar

"Harepan anu kedah kahontal téh nyaeta

infrastruktur desa sae,paekonomian desakadongkrak. Anu

balukarna masarakatdesa tiasa raharja,"

Page 44: Mangle 2459

43Manglé 2459

Demokrasi nu dimekarkeun diIndo nesia dima’naan salakupanga turan kalembagaan keur

ngahontal kaputusan-kaputusan pulitikdina individu-individu ngaliwatan per-juangan marebutkeun soara pamilih,meunang kakawasaan keur nyieunkaputu san. Pama’naan nu nyoko kanademokrasi prosedural ala Schumpeterianieu mandang penting 3 (tilu) elemendasar demokrasi, nyaeta kahiji, partisi-pasi pulitik nu ngalibetkeun warga nu sa-loba-lobana dina pamilihan pamingpinatawa kawijakan, nu dilaksanakeunngaliwatan pemilihan umum nu lumang-sung sacara reguler jeung adil, sarta teungamomorekeun hiji kolompok. Kadua,kompetisi nu seurieus jeung narekab diantara individu-individu jeung kolompokorganisasi, utamana partey pulitik, keurmarebutkeun jabatan-jabatan pama -rentahan nu ngamilik kakawasaan efek-tif, dina jangka waktu nu reguler jeungteu ngagunakeun daya paksa. Katilu,ayana jaminan kabebasan sipil jeungpolitik mangrupa kabebasan cumarita/ -berbicara, kabebasan pers, kabebasankeur ngawangun jeung jadi anggotaorgani sasi, nu cukup ngajamin integritaskompetisi jeung partisipasi pulitik.

Sacara prosedural, eta tilu elemennu utama teh dilembagakeun dinapamili han umum jeung lembaga perwak-ilan. Pemilu mangrupa arena kompetisikeur nangtukeun pajabat-pajabat publikdi eksekutif jeung legislatif. Partey pulitikjeung parlemen mangrupa dua institusipulitik utama nu jadi wadah artikulasijeung agregasi kapentingan publik. Titiktekan nu kaleuleuwihi kana dimensiprosedural ieu bakal ngogan kritik sababdina praktikna dimensi-dimensi liannadina demokrasi kayaning dimensikabebasan sipil, budaya pulitik, jeunglegiti masi demokrasi, bakal kaluli-luli.

Sacara instrumental (Dahl, 1989)demokrasi ngadorong kabebasan ngali-watan tilu cara, kahiji, pemilu nu bebasjeung adil nu sacara inheren nyaratkeunhak-hak pulitik tertentu keurngaekspresi keun pamanggih, berorgani -sasi, oposisi, sarta hak-hak pulitik men-

dasar nu jiga kieu moal bisa hadir lamuntaya pangakuan kana kabebasan sipil nusalega-legana.

Kadua, demokrasi ngamaksimalkeunlolongkrang keur nangtukeun nasib sora -ngan, dimana unggal individu hirup dinaaturan hukum nu dijieun ku sorangan.

Katilu, demokrasi ngadorongotonomi moral, nyaeta kamampuh ung-gal warga nagara dina nyieun/nang-tukeun pilihan-pilihan normatif, nepi kadina tingkat nu pangjerona, demokrasingadorong kamampuh sangkan bisamarentah sorangan.

Oportunisme demokrasi proseduraldina nyiptakeun kapastian-kapastiannyieun konsep ieu ngamomorekeun fak-tor-faktor di luar dimensi pemilu jeungpartey pulitik, kayaning budaya pulitikjeung legitimasi demokrasi (Diamond,2003). Budaya pulitik aya pakaitna jeungpola kayakinan, ajen-inajen, ide-ide,senti men, jeung sikep-sikep hijimasarakat ngeunaan sistem pulitiknegri na jeung peran individu sewang-sewa ngan dina eta sistem. Sedengkeunlegitimasi demokrasi ngawengku duatingkatan, kahiji, kayakinan yendemokrasi bentuk pamarentahan pang-hadena. Kadua, kayakinan kanademokrasi lain salaku pamarentahanideal tapi salaku pilihan nu dipikaresepdibandingkeun sistem lianna nu pernahdicoba.

Nu jadi sabab tacan dilembagakeun -ana demokrasi di Indonesia lantarantayana kayakinan yen demokrasimangrupa keun hiji-hijina bentuk pa-marentahan panghadena nu bisa dilarap -keun. Nerapkeun demokrasi proseduralnu condong artifisial ge jadi sabab teukabentukna konsensus ngeunaandemokrasi di sakabeh kalanganmasarakat. Gagalna demokrasi prose-dural dina ngeceskeun medalna bentuk-bentuk partisipasi jeung kompetisi semusarta kunaon demokrasi teu langsungbisa ngawujudkeun karaharjaan ge jadialesan tacan kabentukna kayakinanmasarakat kana hal demokrasi.

Mengparna praktik demokrasi, aki-bat demokrasi prosedural nu geus nga -

momorekeun kondisi-kondisi struktursosial-ekonomi nu sipatna midua:ngawatesanan pilihan-pilihan pulitikelite prodemokrasi atawa justru sabalik -na. Dina ranah ekonomi, ku YushihiroKunio, dualisme ekonomi ieu teh disebutkapitalisme semu atawa ku Tornquist(1990) disebut kapitalisme rente. Dualis -me ekonomi ieu katilik diantarana dinakabentukna struktur ekonomi berbasisetnis. Sedengkeun dina ranah pulitik,dualis me ieu nuju kana fenomena balikdeuina nagara patrimonial jeung pulitikidentitas dina tata pulitik Indonesia mo -dern. Nasikun (1998) nilik fenomenaekonomi-politik Indonesia ieu mangrupabentuk perkawinan antara dua watak nupangdasarna dina dua sistem ekonomi,nyaeta kapitalisme jeung feodalisme.Fenomena perkawinan antara demokrasimodern, kapitalisme jeung feodalismeieu tangtu wae ngabalukarkeun sajumlahkaraguan, naha demokrasi bisa di-lahirkeun ngaliwatan ‘rahim’ kapitalis -me-feodalistik. Atawa, sabalikna,demokrasi justru ngalahirkeun/nyabab -keun panguatan/kuatna feodalismejeung ‘pembajakan’ institusi jeung prose-dur demokrasi ku kakauatan pulitik nuboga akar feodalistik.

Tina sisi aktor, gagalna demokrasidigambarkeun ku Tornquist mangrupafenomena ‘pembajakan’ demokrasi.Tornquist ngajentrekeun kumaha ruangpublik nu dibuka ngaliwatan liberalisasi,demokratisasi, jeung desentralisasi gam-pang ‘dibajak’ ku jalma-jalma nu ‘tayakamau’ pikeun ngawangun akuntabilitasjeung transparansi.

Bentuk demokrasi di Indonesiamangsa kiwari, nu dijabarkeun ku Torn-quist mangrupa ‘demokrasi kaum penja-hat’ nguntungkeun para pajabat, kaumelite, jeung para koruptor lokal, jalma nusok disebut salaku ‘status quo’. Nudipikahayang ku panguasa heubeul jeungpara hardliners nyaeta hiji nagara nu‘lemah’. Nya dina konteks ieu, ‘dinastipulitik’ bakal tumuwuh hirup subur. Quavadis demokrasi di Indonesia.***

*) Guru Besar Ilmu PemerintahanUnpad

‘Pembajakan’ DemokrasiKu Dede Mariana

Page 45: Mangle 2459

Manglé 245944

KKatumbiri

Rofik Hikmayana A.Md,warga Dusun BanjasariKacamatan Banjarsari

Kabupatén Ciamis, kapilih jadiKapala Désa Banjarsari période213-2019. Pilihan kapala Désa

Banjarsari nu dilaksanakeuntanggal 23 Désémber 2013 téh di-iluan ku tilu clon, nyaéta HaDudung Zulkarnaén, Rofik Hik-mayana A.Md, jeung EniNuaraeni A.Md, tiluanana tiDusun Banjarsari. Tina jumlah2.240 suara H. Dudung Zulkar-naen meunang 913 suara, RofikHimayana A.Md 1.183 suara,Sarta Eni Nuraeni 144 suara.

Ditanya ngeunaan rencana kahareupna, Rofik anu ogé KetuaPPDI (Persatuan Perangkat DesaIndonesia) wilaya Jawa Baratjeung Ketua KNPI KacamatanBanjarsari, nétélakeun, dirina rékmémérés di jero heula, rékngawangun infrastrukturpadésaan, ngaronjatkeun kara-harjaan aparat désa jeungmasarakat désa. Geus kitu réknarékahan sangkan Désa Ban-jarsari bisa jadi Désa Perconto-han Taun 2020 jeung PusatPerekonomian Désa. Dina nga-jalankeun pancén minangka ka-pala désa, ieu carogé KurniatiRahayu jeung ramana YufikaThearsa Mayana katut Yafi Arkantéh ngémbohan, kudu ayakakompakan ti aparat désa, sartapangrojong ti masarakat désa.

“Tanpa éta dua hal, naon anudirencanakeun téh moal tiasangawujud. Sim kuring teu tiasakukumaha,” pokna.***

Dédas

Rofik HikmayanaKapilih Jadi Kapala Désa Banjarsari Kab. Ciamis

Rofik Hikmayana A.Md, Kapala Désa Banjarsari

Rofik jeung aparat Désa Banjarsari

KORESPONDEN: Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Dede Syafrudin, Enung, Den Jaya (Kab. Bandung); Uun

Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista (Pandeglang); Dali

Sumarli, S.Pd. (Sumedang). Distam (Brebes)

Page 46: Mangle 2459

45Manglé 2459

Kekecapan “Punten kapayu-nan” nu mangrupa gambarantina rasa optimis , PD, jeung

boga kamampuh, kiwari mémangperlu digedurkeun deui dinasakumna masarakat Sunda nu salilaieu sok ngéléhan, leutik haté /pesi -mis ngaharib-harib kana éraan sababngarasa teu boga kamampuh,“Mangga wé ti payun/ka payun”cenah gé. Kekecapan éta gé keur tréndi kalangan para gegedén atawa ino-hong Sunda nu rék milu “nyalon” jadicaprcs/cawaprés dina taun 2014 ieu,kaasup kekecapan Moh. Jumhur Hi-dayat basa ngajawab pananyawartawan ngeunaan kasiapan anamiluan “hajat nasional” lima taunan,di kampus Unpas Jalan Setiabudhi193 Bandung, sawatara waktu kali-wat (23/12).

“Urang Jawa Barat mah kedahsiap dina sagala hal, pami teu kitubakal tinggaleun teras. Tah abdiayeu na nuju diajar ka Unpas, ulahMangga ti payun tapi kedah‘ Punten,punten pisan kapayunan’, sanes kituPa?” pokna, bari ngarérét ka RéktorUnpas, Prof. Dr. Ir. H. Eddy JusufSp., M.Si., M.Kom.

Prof. Eddy minangka akademisiboga kamandang, Jabar mangrupasalah sahiji leuit soara pangbuncir -na/ panglobana kadua satutasnaJateng jeung Jatim. Tapi ulah nepi kaukur jadi lumbung soara nu nganukur bakal dikerid ku batur, tapiurang Jabar gé kudu aya nu mang-gung di tingkat nasio nal, da pasti réapisan poténsi nu kudu diangkat katingkat nasional.

Harita Denci (nénéhan Jumhur)hadir ka Unpas méré Kuliah Umumjeung Orasi Budaya. Éta kagiatanhasil gawé bareng Unpas jeungPaguyuban Pasundan téh, gé nga-hadirkeun pangjejer Dr.Acep Iwan

Saidi (AIS)-Pengamat Gestur TV-One, jeung Drs. Yayat Hendayanakalayan dimoderatoran ku MC-Artismoyan Joe P. Project. Para maha-siswa nu hadir kuat ka metet minu -han aula Unpas.

Ceuk pamanggih Jumhur,sabener na bangsa urang beungharku budaya jeung satemenna harti bu-daya kacida legana lain ngan ukur‘sofwer’ budaya mah badis sistem,kumaha urang ngawangun pamarén-tahan, ngawangun sistim mana-jemén, jsb. Budaya dina harti nujembar bakal tinemu jeung parada-ban, tapi loba jalma nu ngaleutikeunharti paradaban/kabudayaan mang -rupa hiji hal nu sipatna étnis éstétis.Éta hal aya pakaitna jeung pasualannagara urang nu keur nyanghareu -pan globalisasi. Tacan gé hasil nga-bangun bangsa geus ditarajangmantén ku globalisasi, jelas urangkudu waspada, lamun henteu, tangtusalilana bakal gumantung ka nagaradeungeun. kitu kahariwang manten

aktivis ITB kalahiran Bandung 18Februari 1986 nu divonis bui salila 3taun, sabab geus ngagerakeun rupa-rupa démontrasi nu aya pakaitnajeung disorobotna tanah rayat disababaraha tempat di Indonésia.

Padahal waktu jaman Pajajaran,Sriwijaya, atawa Majapahit, cékDenci, bangsa urang bisangalanglang ka mancanagara baridagang sabab geus bisa nyieunparahu jeung surflus hasil tatanén.Tapi naha kiwari aya IPB, Unpas,jeung paguron luhur lianna nu bogafakultas pertanian jeung kasebut nanagara agraris tapi ngimpor hasiltatanén.

“Naha ieu lepat para Doktoratanapi sarjana pertanian? Tangtossanés da aranjeunna teu gaduh kapa -sitas. Tapi kacida hanjakal ogé upamiseug lulusan IPB teu jadi ahlipertani an, tapi hayoh kadon mancéndamel di bank, wartawan, atanapi diinstansi sanésna”, pokna, mungkaswangko ngan.*** (Asép Gp)

Mohammad Jumhur Hidayat;

Punten Pisan Kapayunan!

Jumhur Hidayat sareng Réktor Unpas Prof. H. Eddi Jusuf

Page 47: Mangle 2459

Manglé 245946

KKatumbiri

Dina tanggal 18 Désémber 2013 nukaliwat, Ariyanti geus ngawisudadeui 600 urang lulusanna. Éta

acara Wisuda XIV ASM Ariyanti–WisudaXXXI LPP Ariyanti 2013 téh dilaksanakeundi Harris Hotel & Convention Bandung.

Luyu jeung téma wisuda “ASM Ariyantidan LPP ariyanti Menghasilkan LulusanYang Berkarakter, Profesional dan SiapKerja”, alumni Ariyanti mémang salila dikampus dibekelan pangaweruh jeung ka-parigelan sarta pendidikan karakter. Kukitu na, dipiharep alumnina jadi jalma nuprofésional nu mibanda kacerdasan intelék-tual sarta boga budi pekerti nu luhung.

Minangka institusi pendidikan, Ariyantisatékah polah sacara profésionali terusngaronjatkeun kualitas penyelengaraan pen-

didikan jeung pelayanan ka civitasakademika. Atikan/pendidikan nu lumang -sung di Ariyanti lian ti berbasis kana atikanformal ogé ngagegedékeun pendidikanketerampilan nu berbasis kompeténsi. Pen-didikan keterampilan nu sok disebut pen-didikan vokasional téh, pasti mampuh jadisolusi nu tepat dina enggoning nguranganjumlah warga nu ngaligeuh.

“Jadi mémang pola atikan Ariyanti mahkomitmen ngagegedékeun pendidikanpokasional. Ariyanti mah néang pasar, di-mana pendidikanna mampuh mekelanpara lulusanna pikeun nyanghareupandunya gawé. Malah di nagara maju sapertosKoréa gé sami, pendidikan akademisnamah mung 10% tapi pendidikanpokasional na kacida dikokojokeunana. Nu

mawi Korza janten nagara maju, margimampuh medalkeun SDM-SDM nu prak-tis. Janten ku kituna, Ariyanti gé tetepkomitmen dina widang pokasional dinamayunan persaingan pasar bébas. Cobi im-pleng pisakumahaeun teuing lamun bangsadeungeun sarumping ka dieu tapi bangsaurang tuna kabisa. Boa jati kasilih ku junti,”kitu ditétélakeun ku Diréktur ASM Ariyanti,Drs. Deni S. Hambali, M.Si.

Wisudawan/wisudawati nu diistrénanasalna ti sababaraha jurusan, saperti:Akademi Sékrétaris dan manajemen(ASM): Jurusan Sékrétaris, jeung Manaje-men Administrasi nu ngawengku Perkanto -ran, Akuntansi, Perhotélan, jeung Bisnis.Lembaga Pendidikan dan Pelatihan(LPP):Administrasi Perkantoran, komputerAkuntansi, Komputer Keuangan dan Per-bankan, Komputer Manajemen & Infor-matika, Sekretaris, Perhotelan, Tours &travel, Tata Kecantikan Rambut, Tata Ke-cantikan Kulit, jeung Tata Rias Pengantin.

Rawuh dina wisuda harita, PupuhuYayasan Pendidikan Ariyanti Dr. C.A.Ariyanti P.S.,MH, Presdir LPP AriyantiHj.Dewi Irawati, B.Sc, wawakil ti Kemen-trian Pendidikan dan Kebudayaan RIDirek torat Pembinaan Kursus dan Pelati-han, Kementrian Pendidikan danKebudaya an RI, Koordinator wilayah IVJawa Barat dan Banten, wawakil gupernurJabar, wawakil walikota, Pupuhu AptisiWilayah IV Jawa Barat dan Banten, parapajabat pamaréntah/TNI/Polri, para KetuaOrganisasi Pronisi jabar jeung Kota Kem-bang, Para Pingpinan Perusahaan, DuniaUsaha, Dunia Industri, jeung kulawargawisudawan.***Asép GP.

Silaturahmi, lian ti média pikeunmageuhan beungkeutan kawar-gian, ogé baris ngadatangkeun

rizki anu barokah. Saperti nu ka -alaman ku Wina Juliana, artis nu teuweléh ngagedurkeun silaturahmi.Bukti, hiji pangalaman nu kacidabungah na keur ieu artis, harita sabadanohonan acara tepung taun, putribungsu kulawarga Dose Hudayasareng Wina DH, inyana dirékrut asupkana beungkeutan artis DH Production(DHP).

“Harita, sabada acara, sim kuringdidaulat ngahaleuangkeun hiji kawih

nu judulna Cinta Saparan-paran. Al-hamdulillah, vokal sareng style nga-haleuang sim kuring kénging pangajén,saurna cocog ngahaleuangkeun étalagu," kitu ceuk ieu panyanyi kalahiranBandung taun 1990.

Lagu nu ngajadikeun populerna ieuputri ti panyindén Sunda Lilih Tarliah,mingkin ngajaul.

Warna vokal nu hasna jeung ka-parigelan ngawihna, Wina barisdtempat keun dina albeum kompilasi"Bén tang-Béntang" Jilid IV, nu di-targétkeun, taun ieu (2014) medal tursumebar.***nay

Wisuda XIV ASM Ariyanti -Wisata XXXI LPP Ariyanti 2013Medalkeun Lulusan nu Berkarakter, Profésional & Siap Kerja

Wisudawan Ariyanti (dok.Humas Ariyanti)

Wina JulianaSilaturahmi Mageuhan Duduluran tur Barokah

Page 48: Mangle 2459

47Manglé 2459

Sabilulungan geus ditetepkeun jadingaran gedong budaya Kabu-patén Bandung, dumasar kana

putusan tim juri sayémbara ngarangedong nu dilaksanakeun sababarahawaktu ka tukang. Hanjakalna, kanaputu san juri téh loba anu nyeceléh,malah sabagéan mah nyebutkeun yénsayémbara ngaran gedong téh ukurformalitas, sarta jurina ogé “justifikasi”(ukur narima pesenan).

Jadi, saméméh dijadikeun ngarangedong, hadéna mah dipikirkeun deui,ngan leuwih alusna lamun dibedokeun,sabab matak ngérakeun jeung henteupas waé lamun sabilulungan dijadikeunngaran. Kitu ditandeskeun ku KetuaKPJB Kabupatén Bandung, Lili Musli-hat S.Ag., malah lamun keukeuh di-jadikeun ngaran gedong bakaldiseungserikeun batur, sabab sabilulu -ngan lain ngaran tapi leuwih neueulkana kecap pagawéan atawa prédikat.

“Kusabab sayémbarana ukur for-malitas, janten kieu hasilna, padahalanggarannana téh dugi ka 40 juta rupia,“ pokna, bari ngémbohan, kukitunaleuwih hadé ngaran gedong téh

diperda keun, sapakét jeung ngaranjalan sarta tempat.

Salian ti kitu, lamun sabilulungankeukeuh jadi ngaran Gedong Budayangandung harti Pemkab Bandung geusngabobodo masarakat. Geus maksasipat éta kecap tina prédikat jadi kecapbarang atawa obyék. Sarta masarakatbakal bingung, sabab saméméhna Bu-pati Bandung geus ngawangun leu -weung sabilulungan sarta kagiatanlianna nu émbél-émbélna sabilulungan.Jadi teu nutup kamungkinan, di matamasyarakat aya kesan Kabupatén Ban-dung jadi “sabilulungan mainded”.

Lili ogé nandeskeun, lamun ukursabilulungan keur naon disayémbara -keun. Saperti gotong royong atawarancagé, sabilulungan téh filosopinaurang sunda dina ngalaksanakeun hijipagawéan. Bakat ku gedéna ajénsabilulu ngan, Bupati Bandung nerap-keun dina sagala widang programpangwangunan di Kabupatén Ban-dung. Jadi lamun ayeuna ukur di-jadikeun ngaran gedong budaya, atuhajénna anu geus luhung téh jadi leutikdeui.

Lili, nu ngaku lain budayawanatawa seniman, ngajentrekeun, gedongbudaya nu dibangun ku Pemkab Ban-dung éstu banda masarakat. Ku kituna,dina méré ngaranna ogé sakabéh wargakudu boga rasa mibanda kana étagedong, utamana nu boga poténsi kanaseni jeung budaya. Sabenerna loba pili -han pikeun pingaraneun éta gedong,bisa tina dongéng rayat saperti lutungkasarung, atawa ngaran para bu-dayawan saperti Abah Sunarya, Rd.H.Sambas Wiranatakusumah, atawaBang Tilil.

Sedengkeun juri sayémbara ngarangedong mah, Drs. H. Heri Heryadi,nétélakeun, tina 59 pamilon sayémbaradipilih 30 urang pikeun jadi pinalis. Tipara pamilon aya nu nyodorkeunngaran sabilulungan. Sanggeusdisawala keun, juri antukna milihngaran anu disodorkeun ku Sri Surtini(36), warga Kampung Ciburial Keca-matan Soréang.

Ceuk Heri, juri milih ngaran Sabilu-lungan sabab nétral, teu nyebutkeunngaran salah saurang. Jadi moal nga-bandingkeun individu sacara kualitatif.Hal séjén, nu jadi tinimbangan jurisabilulungan asalna basa sunda asli numibanda arti sarta ajén-inajén anuluhung.

Kasie. Kebudayaan DisdikbudKabupaten Bandung, Dra.Lilis Marya -ti, nétélakeun, Sabilulungan jadi ngarangedong budaya téh, éstuning hak pré -rogatifna tim juri sayémbara. Ngenaanayana pro jeung kontra kana ngaran étagedong, éta sual biasa tur teu kudu di-gegedékeun.

Nu penting Lilis miharep, sakabéhélemén masarakat, utamana numibanda poténsi kana seni, daék ulubi-ung dina ngokolakeun gedong kase -nian. Sabab éta gedong téh bandamasarakat Kab.Bandung. Jjadi sakabéhwarga wajib ulubiung dina miara tugnepi ka bisa jadi géngsi daérah.***nunk

Sabilulungan Hasil Sayémbara Formalitas

Gedong budaya Kabupatén Bandung anu bakal dingaranan Sabilulungan.(dok. humas Pemkab Bandung)

Page 49: Mangle 2459

Moal lepat, taun 1962 ngawitantepang téh, duka juli duka Agus-tus sasihna mah. Harita téh abdi

nuju diwawancara. Pan harita mah,méméh ditarima jadi mahasiswa téh kududiwawancara heula saurang-saurang.Sadaya na tatéh, teu iwal paracalon maha-siswa Jurusan Pendidikan Basa jeung Sas-tra Sunda FKIP Unpad Bandung gé. Arisalira pan salahsawios di antara para-dosén/ asistén anu ngawawancarana. Tinahal ngawanwancara calon mahasisswaharita, béh dieu jol dongéng pikaseurieunti salira. Bari disarengan ku gumujeng anukalandep pisan jigana téh, salirangadongéngkeun raména paradosénmarebutkeun palay ngawawancara abdi.Kantenan atuh badé parebut gé, apanharita salira sareng juru wawancara nusanés gé, di antarana Pa Yus Rusyana, PaDudu Prawiraatmadja (alm) masih lala-gasan alias teu acan karagungan garwa.Dina taksiran salira sareng nu sanésna,maha siswa anu kagiliran harita, nungarana ieu, pasti awéwé pimahasiswieun.Ari bray tina panto bari uluk salam ku sorangemboan kénéh, sidik dedegan lalaki,ana ger téh sadaya nu parebut tadi gumu-jeng bari rada dipengkek. Kagugu ku nusalah taksiran .

Ti harita, urang sering tepang di kelaskuliah. Abdi mahasiswa, salira dosén. Tosseueur nu matak kapincut sanaos nembéseméster hiji. Resep ku cara sasauran anuantaré tapi ngeusi. Katingal kumaha saliranyangkem pisan kana bahan kuliah, tawissalira jalmi pinter onjoy ti nu sanés. Haritasalira téh ngawulang Tata Basa Sundanyarengan pangersa R.MomonWirakusumah. Beuki tambah seméster,beuki wanoh beuki deuheus, malih makéwantun ngadon ulin ka tempat kos saliraboh nuju di Gegerkalong hilir, di asramaRancah, di bumi Ma Icih, boh nuju diPanorama. Beuki deuheus beuki reseptepang sareng salira téh, ku seueurpulunga neun. Sanés waé anu patali sarengkuliah, tapi ogé seueur mulungan luang-luang élmu hirup, diajar ngajelemakeunjelema. Muhun kitu panganggo saliramah, tara ieuh nyapirakeun ka jalmi téh.

Ka nu sepuh disepuhkeun ka sahanda -peun ngasuh ngaraéh tara ngabédakeunjalma ukur tina dangdanan, tina asalmuasal, sadaya dibagéakeun diakudipidulur.

Ti harita mah apan urang tos sasare -ngan badminton, atawa jalan-jalan sabareuma ka Jayagiri, Lembang, CurugCimahi, Pasir Yunghun, ka Ciwidey, kaRancah gé dugi. Saur salira, saba reumatéh iwal ti ngajagjageun awak, nyaho kapilemburan, bari sakapeung sok ngeunahseuri jeung ngeunah barangdahar. Étahasil tina jalan-jalan aya nu teu hilap dugika ayeu na. Harita taun 1965, abdi badéujian Sarjana Muda. Ujian téh di kantorJurusan Sunda anu pernahna di bangu -nan/bumi dines dosén wétaneun BumiSliwangi sisi balong. Harita abdi tosdongkap ka tempat ujian téh, di kaméjapanjang bari didasian. Teu acan tiasa derdiuji téh lantaran anu kedah nguji TataBasa Sunda (duka Pa MomonWirakusumah duka Pa Husén Widjaja -kusumah) teu tiasa sumping. Ari saurangdeui, nya salira pisan, cenah nuju ngawu-lang di SMP Pamager rasa (PaguyubanMahasiswa Geger Kalong Sukarasa) anuayeuna jadi SMPN 15 di Jl. Setiabudi 75Bandung, harita mah. Abdi harita di -jurung kedah ngabujengan salira. Miosngagedig da harita téh bororaah bogakendaraan sorangan dalah oplét gé langkakénéh. Wangsulna henteu ngagedig,ngageblay duaan sareng salira, teu ru-rusuhan da panganggo salira mah salsé.Teu aya mungpang teu seueur tanjakan,éstu ngamanggakeun teras angkat baritetep nyalsé. Nuhun pangersa, cacakupami harita salira teu kersa dilulungsurkanggo nguji, meureun abdi moal haritakénging Sarjana Muda téh. Apan nya tiharita abdi éra TAPA (ménTa ka baPA).Nya ku salira ieu sarjana muda téh diajakjadi guru di SMP Pamagerrasa anu haritatos jadi filial SMPN 6 Bandung bari teruskuliah di tingkal doktoral.

Nalika sabada urang ngadegkeun LigaDrama Bumi Siliwangi, asana ulin sarengcapék rahém bari gogonjakan nuju latihanatawa nuju pentas drama di sabudeureun

Bandung atawa di luar kota, beuki teu ayahahalang duduluran téh. Sakumnaanggota babarengan ngilu tanggung jawabkana pentas nu disanghareupan. ÉlmuKecrik ( saréréa teuleum ) jadi calecerkana tanggung jawab nyukséskeun pen-tas. Waas upami émut harita, duka arisalira émut kitu. Apan moal aya dua aktorAbubakar Siddik di Cahaya Maratan Wajatéh. Moal aya dua Salnasik dina SiKabayan Jadi Dukun téh. Moal ayabenda hara anu wantun kukurusukan dugika mulih subuh ka markas LDBS di Jl.Setia budi 175 Bandung anu kapungkurnamah Losmén Irfan Dahlan. Nya ku gayadiplomasi salira Hutbah Munggaran diPadjadjaran tiasa ngiring mentas di Fésti-val Drama Komando Operasi MéntalKodam VI Siliwangi.

Tina sakitu lamina sasarengan ka hilirka girang sareng salira, abdi beuki apal kasalira. Deuheus, deudeuh jadi dulur, hor-mat sareng ajrih da ka guru, tapi ogé lomamun pareng gogonjakan. Tara aya kagoktapi teu pisan-pisan nyasamaan éstu sukaseuri ngehkey cirambay kagugu ku nu lucuboh ku dongéng boh seuri nempo lakubatur tapi lain ngaheureuykeun batur.

Abdi beuki wanoh ka salira, geuningiwal ti guru anu digugu ditiru, iwal ti jadilanceuk anu ngasuh jeung ngahayunkeun,jadi rama anu towéksa ka palaputra, jaditatangga anu manjang babarayaanana,ogé salira téh geuning nya sastrawan nyabudayawan anu teleb neuleuman kahiru-pan manusa. Saha anu teu ngarasakakobét haténa, kahudang rasa manusanaupami tamat maraos karya-karya salira.Ku abdi karasa kumaha imeutna saliraniténan masalah-masalah hirup kumbuhmanusa dina Buah Limus Murag kuAngin, Kanyaah kolot, Nganti-ngantiDawuh, sareng Néng Éha Gering Panas,jsb. Sajak-sajakna ogé estu mangrupagambaran kumaha telebna salirangabandu ngan kahirupan dina sagalaaspék na. Mangga araos bari kawihkeunnu geus jadi lagu mah ( Seuneu Bandung,Handaru Juang, dianggit ku Nano S.).Dina hal kasenian sareng kabudayaan téhgeuning salira ti baheula mula parantos

Manglé 245948

PPanineungan

Pangémut-ngémut ka Bapa Drs. H. Karna Yudibrata

Nya Guru Nya Dulur nu Tepung di BandungKu Elin Sjamsuri

Page 50: Mangle 2459

diangkeun ku balaréa malah PamaréntahDaérah gé sering minangsaraya ka salira.Apan salira kantos jeneng di Badan Per-timbangan Kabudayaan Jawa Barat, ngi -ring marajian sawatara Pérda anu patalisareng budaya. Malih apan minangkapangang ken masarakat sareng pamarén-tah téh, welasan taun, 1970 -1980, saliradijungjung lungguh jadi Ketua AkademiSeni Tari Indonesia (ASTI) Bandung.

Nuju salira jeneng PR III IKIP Ban-dung, sabada puluhan taun abdi teu pegatngagandékan salira, milanceuk jeungngaguru ka salira, urang kantos diparengnyaba lampar sasarengan boh nga -nusantara boh ngamancanagara. Saursalira, urang migawé nu teu dipigawé kubatur béh jadi pangalusna. Harita, boabatur mah geus ngarantep kana kakawi-han, tetembangan jeung tataluréréngkénékan téh. Abdi diajak ku salirangumpulkeun mahassiwa sarengkaryawan IKIP anu daraék di ajak kikituan.Dikumpulkeun dina wadah KABUMI(1986) anu ngaleukeu nan kakawihanjeung réréngkénékan téh, pamirigna angk-lung. Alhamdulillah geuning kapeunteunku deungeun nepi ka urang diondangngamén kamana-mana. Lain waé di lem-bur sorangan ngamén téh, malah nepi kangasia, ngéropah, ngafrika. Cenah unggaliang téh suksés, da geuning nu ngondangtéh nepi ka noron unggal taun. Ku kitu téhsalira mah teu wungkul milari kasuka, tapijadi jalan ngabeungharan baraya jeunglahan pikeun nyieun kahadéan ka sasama.Keur hiber ngalayang boh rék ka Gatwick,boh ka Heatrow atawa ka Bonn, minangkamintonkeun kasukaan téh salira mah ukurnyebatkeun alhamdilillah geus bisa mu-muluk di Bandung, makan siang diJakarta, makan malam bari ngalayang diawang-awang jeung engké subuhnyéngcéléngan di wésé di Abudabi(muhun pan upami transit di Abudabi téhsalira sok tuturubun mayunkeun milari

jamban). Padahal batur mah apan munkénging kasempetan kitu téh pasti panjangdongéngna.

Sabada salira pangsiun tina kadinesan,dosén di Jurs Pendidikan Basa DaérahFPBS UPI, 1996, karasana ku abdi nupangsiun téh administrasina wungkul, daari kanyaah sareng babarayaan ka jurusanmah teu pangsiun. Ari pareng salira nujuséhat (majar keun téh tos aya nu karaos)bulan kali atawa taun kali mah salirangersa keun sindang ka jurusan. Henteuari kedal lisan mah, apan salira téh palayningali takajar sareng jugalana nu ngarorangahirup huripkeun jurusan Sunda anu tibaheula diperjuangkeun ku salira. Kaciptakénéh ku abdi-abdi kumaha héman sarengtowéksana salira ngagedékeun dosén/asistén di Jurusan Sunda sarengngagedékeun Jurusan Sunda anudipikareueusna. Apan sabada tamat tiSGB Subang, neraskeun sarta satamatna tiSGA Citarum, nya salira anu kéngingnomer stambuk kahiji di Jurusan SundaFKIP taun 1957 téh.

Sabada papada pangsiun, rumaos abdibeuki tambelar jolédar. Kantenan dinataun-taun katompérnakeun, abdi jiga nupegat baraya putus duduluran. Langkanganjang, langka nepangan. Baheula mahtara aya basa kahalangan ku anggang ho -yong tepang téh harita dijugjugan. Dinamungkas taun 2013, sabada sering ka -kuping salira teu damanagan, aya wartossalira teu damang deui kalayan dirawatdeui di RS Santosa. Rumaos abdi teu tiasanyela ngan panyawat salira. Harita abdinoong tina jandéla, da teu widi dilayad kalebet, salira tos ngayakyak bari selang infussareng nafas bantuan pasurawet di saku-jur salira. Cisoca rembes jiga nu nangis,titingalian ngalayang teu eunteup, ari lisanteu sakemék- kemék acan. Nafas jiga kucapé pisan salira ukur tiasa ngagédéng.Hapunten abdi kumawantun motrét saliradina kaayan kitu. Nya harita panginten

abdi nepangan pamungkas, sanaos saliratos teu tiasa ngangken da ku abotna pa-nyawat. Hapunten na deui waé éta potoharita téh ku abdi dikalayangkeun kanafésbuk. Sanés ku nanaon, maksad téh pastiseueuer anu palay kawartosan ku teudamangna salira téh. Paningal abdi, kupepela kan kasaéan salira ka papada urang,salira nu seueur silaturahmi, bari seueurnu kahutangan budi ku salira, tangtosseueur nu palay ngiring ngadu’akeun.Leres pisan, taksiran abdi teu méncog, anungoméntaran ku du’a, anu ngahajangalayad ka rumah sakit, anu ngajarempolbaé langkung ti ratus. Ti ditu ti dieu éta téhda kawargian salira mah di unggal mad-hab. Tuang putra anu kapungkur dirorokku salira di SMPN 15, ngaleut ngalayad,anu ti STSI, anu ti kalangan senimanbudaya wan, pamaréntah daérah, tatanggasareng DKM di Sariwangi, pararéktor,para gegedén sareng sejawat di paguronluhur, kantenan tuang putra ti Jurs Pen-didikan Bahasa dan Sastra Daerah FPBSUPI, kum keluarga besar UPI ngiringngalayad ngadu’akeun. Ari seug abdi, betjiga nu cul léos, teu ngalayad deui. Hapun-tenna anu kasuhun, rumaos tambélar téa.

Mendak Kemis kaping dua Januari2014, salira bet jiga nu téga, teu ngawaroka nu ngagero-gero, teu ngaroris ka nungabangingik nangis. Rupina salira tosgilig seja mulih ka pangkon Gusti mulangka rohmatulloh bari rébo bebekelan imanislam, amal ibadah anu ikhlas. Salirangantunkeun abdi-abdi sadaya dina wancisatumbak srangéngé dina kaayaan sadrahpasrah ka nu goib, ajali mung Gusti anukagu ngan.

Yaa ayyatuhannafsulmutmainnah,irji’i ila robbiki roodiyatan mardiyah. Fah-huli fiibadi wadhuli jannati. Mudah-muda-han almarhum Karna Yudibrata ditampiiman islamna. Amin. ***

([email protected]).

49Manglé 2459

Page 51: Mangle 2459

Manglé 245950

BBalé Bandung

Walikota Bandung ayeuna,Ridwan Kamil, keurngahirupkeun deui kota

Bandung minangka kota kembang.Ieu nyambung jeung program wali -kota Bandung samemehna-mun teusalah Ateng Wahyudi- nu kungsimopuler keun kacapangan Ban-dung Berhiber (Bersih, Hijau,Berbunga). Nya ayeuna mimitileuwih katembong , pangpangna didaerah Bandung Kaler, di sabanjalan dipelakan kekembangan.

Ngan, tangtu wae, melak kekem-bangan teh alusna mah ulah semet dijalan gede, tapi perlu oge nyebar kasaban gang. Ana kitu, sakumnamasarakat Bandung perlu diajak sinamarelak kekembangan. Ieu kawasnamoal hese-hese teuing , kulantaranmasarakat geus lila ti jaman walikotasamemehna oge diajak sina ngahejo -lembokkeun kota. Onjoyna ayeunamah leuwih ngutamakeun oge melakkekembangan. Tapi, ke heula, arimelak tatangkalan di sisi jalan geusberes tacan? Buktina, rea keneh jalan-jalan nu sisina tacan dipelakan

tatangkalan. Akibatna engke usumhalodo, bakal karasa panas entak-enta kan. Jeung deui, apan tatangkalangalede sisi jalan oge aya nu marakbakkembangan. Upamana tangkalangsana di Jl. Wastukancana, atawabareto mah tangkal tanjung di Jl.Balong gede.

Jigana mah masarakat kota Ban-dung bakal resep melak kekem -bangan, mun maranehna babarimeunang binihna. Mun kitu, nahabisa di saban posyandu disadiakeunbinih kekembangan?

Pakarangan Sakola, Kantorjeung Masjid

Tangtu wae, supaya masarakatresep kana tutuwuhan, eta tehkudu dibiasakeun ti bubudakkeneh. Matak pohara perlunasaban siswa sakola, misalna kuguru biologi, dibiasakeun melaktutuwuhan. Ngan matak hanjakal,ayeuna mah rea sakola nupakaranganana dirobah jadi lapa -ngan basket bal. Ana kitu, poharaperluna sing rea tanah lapang di-ayakeun di saban kota, supaya didinya siswa sakola bisa olah raga.Mun kitu mah, meureunpakarangan sakola moal dirobahjadi tempat olah raga. Keunpakarangan sakola mah sina ngem-ploh hejo ku tutuwuhan bari jeungmarakbak kekembangan.

Teu semet pakarangan sakola,pakarangan kantor, masjid jeunggareja oge pohara asrina mundipelakan kekembangan. Cobasaban 17Agustusan ayakeun lombapakarangan (imah, sakola, kantor,masjid) nu pangasrina. Matak betahmeureun saban tepung taunngarayakeun kamerdekaan teh.Breh

tembong di mana-mana, ngelebetbandera merah putih bari jeungsabudeureunana marakbak kekem-bangan!

TamanTah, hal bieu nyambung pisan

jeung upaya pamarentah kota Ban-dung ngadegkeun ratusan taman. Me-mang, moal lengkep kaendahan kotamun henteu ngawangun taman. Etajiga na nu matak ti baheula oge tamangeus kasebut-sebut dina wawacan,kitu deui dina carita wayang. Atuhrupa-rupa kembang ditataan geuningdina tembang Cianjuran.

Alusna mah, beungharna rupa-rupa kekembangan di tatar Sunda,sina nyampak engke mah di taman.Pan geus langka ayeuna mah kekem-bangan saperti kembang tongkeng,kananga, campaka, jaksi jeung sajaba -na.

Tah, bakal leuwih nyambung deuimun engke diayakeun oge festivalkekembangan saperti Festival Kem-bang Eros di Passadena, California,Amerika Serikat. Coba geura di Ban-dung oge ayakeun festival kembangeros atawa kembang malati.

Ubyag di saban kotaTeu semet kota Bandung, upaya

bieu alusna mah ubyag oge di sabankota. Da bakal kaganggu atuh upayahade di hiji kota mun teu dibarenganku upaya nu sarua di kota sejenna.Hanas cape-cape melak kekembangan,upamana, na atuh bet pada ngaruksakku nu daratang ti kota sejen. Eta tehbalukar atikan lingkungan tacan prahdilarapkeun di saban kota.Ana kitu,program kota Bandung perlu nyam-bung jeung program pamarentahpropinsi. ***Karno Kartadibrata.

Nyambung

Page 52: Mangle 2459

51Manglé 2459

Page 53: Mangle 2459

Manglé 245952

Balik ti kamar cai téh ngadégdég.Najan bari gagaléongan teu burungnepi ka kamer hareup. Ramo buru-

buru muntang pageuh kana biwir ranjang.Diuk sajongjongan, bari ngararasakeunkanyeri.

Gusti....! badé dugi ka iraha atuh abdidipasihan kieu waé téh? Énggal geuradamangkeun, tos teu kiat abdinandangan ana. Seueur kénéh kahoyongnu tacan kacumponan, seueur kénéh cita-cita nu tacan laksana.

Geuning hirup teu guyub jeung batur.Sakuduna mah bisa saré lamun wancigeus ngagayuh ka peuting téh. Da ieu mahlain, kalah sok betah nyileuk salila-lila,padahal taya nu dipikiran.

Kungsi dipaksakeun, ngarah normaljiga batur. Boro-boro ka reup, nu puguhmah kalah gulinggasahan. Teu dug, tung-tungna ngajeletun. Beurangna jadi rung -sing, sirah migrén, babari émosi, keuheul,kesel, tungtungna sok ngulit bawang.

Ari disarékeun, nya kieu geuningbalukarna. Lamun hudang téh saawak-awak sok ruy-rey, bararaal, singsireumeunnepi ka sirah-sirah. Padahal ni’mat tibranamah ukur sajam. Kudu diuk heulasababaraha menit saméméh ngalakukeunnanaon. Komo lamun hudangna kagentakkawas tadi reuwas katéjéh ku adi mah,Gusti! Lieurna naudzubillah. Jantungratug jeung gegebegan.

Unggal peuting nyileuk sorangan,ukur dibaturan ku sora sato peuting nukalan-kalan sok silih éngklokan jeungangin pareng hiliwirna ngadupak-dupak

tangkal awi, kokorosakan. Atawa sorakohkol ronda nu nandakeun yén wancigeus ngagayuh ka tengah peuting. Atawasora Mang Adang keur dadahut jeung pa-majikanana, mérésan gula kawung jieu-nan maranéhna bawaeun subuh ka pasar.

Aaahhh...kuring nepi ka apal kumahapanjangna alam peuting. Apal kumahatiis na hiliwir angin nu colonos, maloncorkana sela-sela bilik duduk jandéla kamer.Atawa...sok pirajeunan nyeungseurikeunsakadang gaang anu répéh teu pupuguh,pédah reuwaseun ku geblugna jambu batuanu dialungkeun ku sakadang lalay.

Aaahhh......Sanggeus karasa lieurna rada ngura -

ngan, rap kana mukena nu ngalumbrukdina pangsujudan urut tadi isya. Réngsébébérés, ngarérét heula ka adi nu keurngageubra, tingtrim. Rét kana méja, buku-buku kuliah kebidanan nu pabalatak, kan-tong jeung botol-botol vitaminngajéngjréng bangun ngaléléwé.

Narik napas lalaunan. Ngagésérkeuntasbé ka sisi pangsujudan, terus nangtungngamimitian niat...

Allohu Akbar...Alloh Maha Ageung.Mung Anjeunna anu Maha, anu kagungansadaya kakuatan. Hirup jeung huripna,welas asih, rohmat salamet, usik maliksareng sajabina.

Yaaa Basyor...nu Maha Ningal, nusalalawasna teu kulem. Béngras, caangpadang narawangan ningal ka umat-Na.Geuning mung ukur cisoca ieu nusalalawasna ngalémbéréh, nyarenganbasa ramo-ramo teu reureuh ngagilir-gilir

siki tasbé. Rasa hanaang ku welas asih, nuparat ti tungtung kolbu.

Gusti...teu kendat-kendat abdi dekuseja sumerah diri. Rumaos ngaluli-luli,nampik kana asih Gusti. Rumasa baha,nganaha-naha kana kulak canggeumbagja awak. Gustiii...pasihan abdi kakia -tan...pasihan abdi kasobaran.

Panon tipepereket, ngahajadipeureum-peureum. Teu kawasa hayangngalaaskeun carita-carita nu lawas. Caritabasa kuring ngahuleng, basa teu karasaramo-ramo kuring nyepeng pageuh

panangan Ema nu tiis caméwék, basa

kadéngé kasauran dokter spésialis harita.Enya Bapa! Bapa wungkul nu haritakatingal na rada teteg téh. Tuda saumurhirup can kungsi ngadéngé panyakit anusamodél kitu. Panyakit nanahaon atuh étatéh?

“Anak ibu kemungkinan punya résikolebih besar terkena sleep disorder.”

Basa ditanyakeun naon hartina, cenahceuk Dokter Indra mah éta téh panyakithésé saré. Ngan nu karandapan ku kuringmah geus kaasup rada parah. Gusti...! ku -ring jeung Ema silih tangkeup banget kubaluweng. Paungku-ungku. Bet asaditeung teuinganan kudu ngalaman bogapanyakit anu jiga kitu. Teu kaerong bakalpisabarahaeun béaya keur ngubaranana.Hampura Bapa, hampura Ema. Enéngkalah ngaririweuh geuning...

Ngadaharan vitamin B3, B6 jeungvita min Cjadi kawajiban. Saban poé kudungadaharan kadaharan anu ngandungtryptophan. Kawas kentang, susu, kormaanu cenah bisa ngabantu kana hormonsérotonin. Ngarah riléks, da sapopoénakuring aktip teuing. Ngan...nyéta atuh,batan panyakit ngorotan bet kalah awaknu ngagendutan. Kalah jadi rungsing haté.

Mingkin dieu panyakit téh mingkinparah. Basa terahir dipariksa ku DokterIndra téh cenah geus nepi kana PersistentInsomnia, atawa insomnia parah, dadibéré obatna gé geus nu mélatonin,magné sium jeung sérotonin.

Hampura Bapa... hampura Ema...sawah nu mana deui anu bakal diborah -keun kanggé biaya ngubaran Enéng. Ya

CCarpon Rumaja

Hariring PeutingKu Yéssy Maharani

Page 54: Mangle 2459

53Manglé 2459

Alloh...“Persistent insomnia! Sleep disorder!

Dokter spésialis! Sugan garélo kabéh! Naeuweuh deui kitu panyakit nu séjénna,anu sarua jahatna ngaruksak kanaawak?!”

Ema mah semet bisa ngalimba bariistigfar lamun kuring geus ambek-ambe -kan ngarasula kawas kitu téh.

“Nyebut Enéng...nyebut...,” cenah,bari teu weléh nyurucudkeun cisoca,nanangkeup kuring.

Ya Alloh...hapunten Enéng, Ema. Ru-maos tos ngaraheutan haté Ema. Geuningboro-boro ka tiasa mulang tarima, nupuguh mah kalah teras-terasan nganye -nyeri. Tobat Ema...Enéng hapunten.

Teu kagok, ubar-abér téh ditambahanku psykoteraphi. Bapa nu keukeuh téh.

“Baé banda béak gé teu panasaran,asal Si Enéng bisa cageur.”

Lumayan rada bisa ngontrol émosi,teu ambek-ambekan teuing. Ngan...jadirada olo-olo, mun aya kahayang kuduburu-buru dicumponan, da ngarah teuambek-ambekan, ngarah bisa riléks. Adiwéh anu sok kateumbleuhan téh.Deudeuh teuing...hampura Étéh. KudunaÉtéh nu ngéléhan téh.

Tapi weléh, panyakitna teu cageur-cageur. Tungtungna kuring nyaram ka

Bapa supaya tong ubar-abér deui. Keunwéh...mana kieu gé meureun Pangérannyaaheun. Ngarah salalawasna kuringkudu éling.

Kadieunakeun geus biasa huleng jen-tul tengah peuting téh. Hudang saré anuukur sajam téh dimangpaatkeun. Dipakésholat peuting, terus ngapalkeun nepi kasubuh. Alhamdulillah....aya hibar ti NuKawasa, kamari kuring meunang béa-siswa. Nuhun Gusti...saheulaaneun kuringbisa ngarénghap, bisa ngurangan bang-baluh Ema jeung Bapa, ngorot-ngorotbéaya kuliah.

Sssttt...!!! ulah apal Bapa jeung Emamah, kamari basa kuring ka teun DokterIndra meuli obat anu biasa, saméméhbalik ngawani-wani nanyakeun. Sabener -na naon anu ngalantarankeun kuring bogapanyakit kitu téh? Harita Dokter Indrangajawab, numutkeun hasil CT-Scan, daku rongsen mah cenah teu katingal, dinaotak kuring téh aya getih wuwungan.Gusti...! duka naon sabab-musababnamah, ngan biasana cenah cidera urutlabuh.

Basa ditaroskeun ka Ema, anjeunnanyaurkeun yén kuring kungsi labuh basakeur leutik.

Ooohh...enya! kuring jadi inget deui.Harita téh tilu belas taun ka tukang. Kem-

bang buruan saur Ema téa mah, keurlulucu na. Jaba diogo deuih, da boga budakawéwé téh beunang hayang Bapa.

Keur ulin ayun-ayunan di pakara -ngan tukang kalah labuh. Sirah tigele-dug mene ran kana batu nepi kakapiuhanana gé lila.

Ema ngahuleng. Katingal taarnakerung basa nyarios naha bet naroskeunperkawis éta. Kuring gideung, ngabetemsalila-lila. Ema gé tungtungna milu nga-betem.

Hampura Ema...ieu rusiah moal di-wartoskeun ka Ema, ogé ka Bapa. Enéngalim nambahan deui bangbaluh haté Emasareng Bapa. Sawios ukur Enéng wéh anunandanganana nyalira. Mudah-mudahanjaga tiasa diubaran ku ladang damelEnéng nyalira.

Najan badé dipaksa-paksa, InsyaAlloh Enéng moal wakca cumarita. Sawiosmending gideung, atawa ngabetem.Enéng ayeuna tos biasa. Biasa dibaturanku angin peuting, ku tiisna hawa peuting,ku petengna peuting, ku bulan jeung kusato-sato peuting anu sarua pada-padangabetem. Sarua pada-pada gideug basaEnéng maksa nanyakeun ka maranéhna.Sok padahal Enéng gé apal, yénmaranéhna barogaeun rusiah séwang-séwangan.***

Nami lengkepna Fénty Jesica. Dibabarkeun di Bandung ping 16 Januari 1998. Féntytéh bungsu ti 3 sadulur, putri pasangan Bapa H. Undang sareng Ibu Hj. YayahTarkiyah.

Fénty téh lian ti keur naratas dunya poto modél, geuning kawilang rumaja putrianu boga ciri mandiri. Rumaja anu cita-citana palay janten “orang berguna” ieutéh, horéng kacida pisan ngahargaanana kana kajujuran jeung “kaahlian” dinakahirupan.

“Margi tina kajujuran bakal tiasa medalkeun katengtreman. Sarupi deui,kaahlian téh penting. Mayunan jaman global ka payunna, upami urang teugaduh kaahlian, teu gaduh pésyen bakal rada sulit dina mayunan kahirupan,”ceuk mojang geulis anu pangawakanana 160 cm/ 47 kg ieu bari imut. Dinawidang seni, lain ukur seni dipoto, Fénty ogé sihoréng resep maén musik. Upamidina widang olah ragana, Fénty téh mikaresep olah raga ngojay. Mojang geulis nu geussababaraha kali milu lomba jeung jadi juara ieu téh resep nongton pilem drama.

Fénty anu resep nuang mie baso ieu, kungsi asup jadi unggulan ka-3 dina Pemilihan Bin-tang Sinétron versi HAPMI taun 2011 jeung Finalis Lomba Busana Batik HAPMI taun 2011.

Kacipta payusna. Geulis, loba kabisa, bari pinter gaul, geus kajudi pasti bakal loba numikaresep.

“Abdi mah, upami diparengkeun, palay tepang téh sareng jajaka jujur sareng tanggungjawab,” ceuk Fénty anu bumina di JL. Parakan Muncang, Kabupatén Bandung ieu, mungkaswangkonganana jeung MR. ***(Naskah: Narti/ Poto: Kang Réisyan)

Page 55: Mangle 2459

Manglé 245954

KKolom Rumaja

Réngsé ku réngséna sakola téh.Teu karasa lila sakola téh aribari disartaan ku resep mah.

Rupa-rupa karesep téh, utama natangtu kulantaran kuring asup kaSMA anu sakeudeung deui bakalditinggal keun téh, éstuning meunangkahayang sorangan. Harita téh lulusti SMP, hasilna lumayan, dirojong kukolot anu kacida merhatikeunana,atuh kuring bisa asup ka SMA anudicita-citakeun.

Lian ti éta, resep loba babaturan.Guru-guru jeung sakumna anungurus keun sakola ogé balageurdeuih. Tambahna ti kitu, kagiatanékstrakurikulérna ogé kawilang eu-yeub. Kuring milu kana rupa-rupakagiatan mimitina mah, tapi lila-lilamah karesep téh museur kana ka-giaan Pramuka. Dina kagiatan étakuring jadi nambahan babaturanjeung tangtu baé pangalaman hirupdi alam bébas. Kumaha caranakémping, masak ku pakakas seder-hana, kumaha cara ngubarankasakit ku dangdaunan jeungsajaba na nu aya patalina jeung alam.

Dina pangajaran, kuring mimitiresep kana basa Jepang. Najan arijurusan mah kuring téh IPA turhayang neruskeun sakola téh kajuru san élmu-élmu éksak, tapi lan-taran diajarkeun basa Jepang téh tikelas 10 kénéh, atuh lila-lila mahjadi resep. Komo sanggeus apal, yénlamun hayang neruskeun sakola kajurusan téhnik di Jepang, tangtukudu bisa ogé basa Jepangna.

Luhur teuing boa cita-cita téh.Tapi pan geuning saur sepuhogé,”gantungkan cita-citamu seting -gi bintang di langit”. Rék disebutlahuta nya mangga, da kuring mahkeukeuh sakola téh hayang terus,

lamun bisa mah hayang bisa sakolanepi ka Jepang téa.

Tapi kadieunakeun, kahayangneruskeun sakola (kuliah) téh sokbari disartaan ku hemar-hemir. Lainpédah saingan asup ka perguruantinggi téh ketat pisan, lain, da éta mahtangtu geus résiko anu hayang sakolaluhur. Saingan mah biasa. Rarasaanmah kuring bakal wani lamun ukur“bersaing” dina urusan nyanghareu -pan tésna. Tapi paralun, lain kuringtakabur tur yakin bakal lulus, henteu.Maksud téh, dina lebah nyanghareu -pan soal-soal tés kuring moal gimir,najan ari hasil mah kuring ogé teuwani optimis teuing, da loba saingananu tangtu leuwih palinter ti kuring.Pikiran téh, kuring diajar di SLTA,batur ogé sarua. Hartina, soal-soalujian mah tangtu bahanna tina anugeus diajar keun di sakola. Kariurangna anu kudu bisa nyerep kabéhpangajaran.

Hal anu matak leuwih hemar-hemir keur kuring, taya lian kureuwas pédah ngadéngé béja, geun-ing biaya kuliah téh mahalna kacida.Mangkaning kuring mah budakyatim. Sataun kalangkung Bapangantunkeun kuring, Mamah jeungadi lalaki anu sakeudeung deui bakalasup ka SMA. Jadi, sataun reujeungMamah téh kudu nyakolakeun. Ku -ring kuliah, adi ka SMA. Kabayangbeuratna, lantaran ukur ngandel -keun kakuatanana nyalira.

Kuring remen néangan informasiperguruan tinggi anu kira-kira“murah”, anu kira-kira moal matakngabeuratkeun teuing kolot nu ting-gal sabeulah. Kulantaran kitu, ku -ring jadi loba ngajenghokna.geueueueuniiiiiing? mahal pisanhayang kuliah téh. Ulang-ulah ka

perguruan tinggi negri “kelashiji”....dalah ka anu sahandapeun -ana ogé, itunganana téh geuninggeus juta-juta wungkul.

Kuring ogé ngarti yén “pen-didikan itu mahal?, tapi naha enyanepi ka kudu jejelepungan jiga kitu?Ari kudu ditawar piraku, da sakolamah lain warung sanés pasar. Kabe-dag waé bisa terus sakola, henteuwaé nya meureun..... kudu siapbangkar cita-cita.

Najan enya ari Mamah mah se -ring pisan sasauran,”Sok baé réksakola mah, tong loba pikiran.Sakadada-sakaduga ku Mamahdiusahakeun!”

Sedengkeun sakuringeun, dikitu - keun téh lain atoh. Kétang, bungahari bungahna mah, bungah pédahboga indung sakitu ngartikeun anakana kahayang anu jadi anak. Tapileuwih gedéna ti éta, kuring kalah kaasa malik watir ka nu jadi indung téh.Dina kaayaan kudu banting tulangsorangan, bisa kénéh ngareug -reugkeun kuring jeung adi dina uru-san nuluykeun sakola.

Lamun kongang mah, kuring ogéhayang eureun baé sakola téh, payalulus SMA baé, da sakitu ogé geuskudu pirang-piang syukuran. Tapiari ras deui kana amanat almarhumBapa, cenah kuring jeung adi kudusarakola nepi ka sakola luhur.

Bingung. Éta nu karasa ku kuringayeuna, nya ka mana kudu nuluy -keun kuliah. Acan ku dédéngéan teupararuguh, yén boh sakola boh kuli -ah, ayeuna mah aya “jalurhusus”...malah di sababarahadaérah mah aya anu togmol pisanngaistilahkeunana téh “jalur uang”.Kasarna, pagedé-gedé “uang titip”.Hartina, saha anu boga duit, éta anubakal bisa neruskeun sakola. Jadi,kumaha urusanana, bahwa “setiapwarga negara berhak mendapatkanpendidikan yang layak”?

Kuring ukur bisa ngaheruk.Galaw. Ras ka Mamah, ras ka adianu bakal butuh biaya loba keurnuluy keun ka SMA.***

GalawKu Férinda

Page 56: Mangle 2459

55Manglé 2459

TTarucing Cakra

KA GIGIR:1. Alat musik anu dikését4. Beunghar7. Jalma henteu berséka, teu pikaresepeunnu nénjo8. Keuna ku ruksak, sabalikna tina langgeng10. Sangu jeung deungeunna saurangeun13. Agung16. Ngalelep, ngaleungit17. Pamageuh gelung18. Daék19. Sok disebut biruang Cina21. Buni, rikip23. Permata26. Wadah sarupa barang ‘cair’29. Angkatan Muda Pembaharuan Indonésia31. Pulo Sumatra32. Tanda pamayaran pajeg di désa-désa ba-heula33. Tutuwuhan nu loba di padangpasir

KA HANDAP:1. Awak2. Tutumpakan keur umum3. Anyawan awi keur bahan wangunan4. Kasta dina agama Hindu5. Liang gedé jero gunung6. Euweuh eusian8. Tataheunan pikeun ngala sato leuweung9. Walungan pangpanjangna di dunya11. Lembaga éléktronik nasional12. Kasakit ku lantaran kosong beuteung

13. Samak14. Topi militér, pramuka15. Awéwé nu geus teu boga salaki20. Niléy ébtanas murni22. Aksara Arab24. Paragi ngagaringkeun awak25. Teu nyatujuan27. Obah, teu cicing28. Risi29. Waktu solat30. Kadé/peupeujeuh

Waleran diserat dina kartu pos, témpélanKupon Tarucing Cakra No. 1425. Kintunkeunka Majalah Manglé Jl. Lodaya 19 Bandung40262 paling leuir dua minggu saparantosnamedal.

Nu kagiliran kénging hadiah TarucingCakra No. 1423:

1. Ardi Putra SGg. Leles Kp. Murci No. B. 35Cilampeni -Katapang

2. Yuyus RustiniJalan Moh. Hata Gg. Citalaksana 43Tasikmalaya

3. A. KadarismanJl. Raya Tanjungsari Km 22Sumedang

1425K U P O N

TARUCING CAKRANO.

Hadiah masing - masing Rp. 15.000,-

Page 57: Mangle 2459

Manglé 245956

LLempa Lempi Lempong

“Ngan rugi jeung rugi wé.”“Na dagang naon kitu Mamang

téh?”“Ih, lain Mamang nu dagang.”“Ari kitu, saha nu dagang rugi

baé téh Mang?”“Pertamina, Lo.”“Baruk?”“Sok baé ku Alo Bandungan,

harga gas élpiji nu diproduksiterus baé narékél. Cenah mah ka-paksa ditaékkeun alatan Perta -mina nandangan rugi. Nupangahirna harga gas dua welaskilo nu naék téh, nepi ka réa anuterus pindah kana gas tilu kilo.Antukna gas tilu kilo jadi langka.Rayat ngocéak.”

“Kawas bandar sayur geuningPertaminan téh, Mang. Lamunkurang kauntungan gancangnaékkeun harga.”

“Bédana téh ari dagangan

Perta mina mah sok matak ibursaréréa. Modél naékna harga gas,salian ti rayat ngarocéak téh poli-tikus ogé ramé berkicow.”

“Dijadikeun konsumsi pulitiknyah, Mang.”

“Wallohu alam, Lo. Tapi dinaenyana ogé ukur dijadikeuntutung gangan pulitik, masihkénéh untung aya nu nyoarakeunkapeurih masarakat.”

“Lian ti gas, Pertamina mahdagang béngsin ogé remen pisanrugi deuih, Mang. Nepi ka remenkudu naékkeun harga, kajeunkénéh nagara riributan.”

“Enya, Lo. Tapi biasana munrék pemilu sok ngadadak untung,da harga BBM gé sok diturun -keun. Engké lamun geus ayapaming pin anyar rugi deui, BBMnaék deui.”

“Geus kana pulitik deui,

Mang.”“Da kitu kanyataanana, Lo.”“Sok karunya ka pagawéna

uing mah, Mang.”“Karunya kumaha?”“Geus kacipta maiskinna lan-

taran pausahaanana ogé ngan rugijeung rugi baé.”

“Waloohu alam, Lo. Ngan ceukbéja ti tatangga mah, pagawéPertmina bareunghar. Cacakanpagawé biasa, komo deui pajabat -na.”

“Asa teu puguh, ongkoh rugitapi beunghar.”

“Enya matak bingung puguh.Ngan ceuk Mamang mah, ceukmasarakat awam, tibatan nanda -ngan rugi baé mending béré lahankeur swasta, sina bersaing jeungPertamina. Modél nu dagangpulsa, waktu dimonopoli kupausahaan pamaréntah mah har-gana mahal, tapi sanggeus réapausahaan swasta meuli pulsa téhbisa murah. Sarta teu kabéjakeunpausahaan pulsa pamaréntahjumerit alatan nandangan rugi.Sigana gas jeung BBM gé kududisiga-pulsakeun.”

“Satuju, Mang. Karunya kaPertamina uing mah.”

“Dagang téh ngan rugi jeungrugi baé nyah, Lo.”

“Enya.”***

Jual Rugi