17
BUDAYA BUDAYA S U N D A S U N D A Drs. Dédé Kosasih, M.Si. DR 440 2 SKS/Genap MATA KULIAH

BUDAYA S U N D Afile.upi.edu/Direktori/FPBS/JUR._PEND._BAHASA_DAERAH/... · Gagasan (Wujud ideal) Wujud ideal kabudayaan nyaéta kabudayaan anu ngawujud kumpulan ide-ide, gagasan,

Embed Size (px)

Citation preview

BUDAYA BUDAYA

S U N D AS U N D ADrs. Dédé Kosasih, M.Si.

DR 4402 SKS/Genap

MATA KULIAH

WANGENAN WANGENAN BUDAYA/KABUDAYAANBUDAYA/KABUDAYAAN

Budaya atawa kabudayaan téh asalna tina basaSansekerta nya Ѐta buddhayah, minangka wangun jamaktina kecap buddhi (budi atawa akal) dihartikeun salakuhal-hal nu patali jeung budi sarta akal manusa. Dina basaInggris, kabudayaan disebut culture, nu asalna tina basaLatin colere, nya Ѐta molah atawa migawЀ. Numutkeunpamadegan Soerjanto Poespowardojo (1993) colere bisadihartikeun molah/ngolah taneuh atawa tani.

http://id.wikipedia.org/wiki/Budaya

The American Herritage DictionaryKabudayaan nya Ѐta salaku hiji gemblengan tina pola

paripolah nu dikirimkeun ngaliwatan kahirupan sosial, seniagama, kalembagaan, jeung sakabЀh hasil gawЀ sarta

pamikiran manusa tina hiji kelompok

Pamadegan para ahli ngeunaan kabudayaan

Edward B. TaylorKabudayaan mangrupa gemblengan tina hal nu

komplЀks, nu di jerona ngawengku pangaweruh, mitos, kasenian, moral, hukum, adat istiadat, sarta kamampuh-kamampuh lianna nu geus jadi konvensi

sakabeh anggota masarakat.

M. Jacobs dan B.J. SternKebudayaan ngawengku sakabЀh hal nu mangrupa wangun tЀknologi, sosial, ideologi, religi, jeung kasenian sarta barang minangka warisan sosial.

Mitchell (Dictionary of Soriblogy)Kabudayaan nya Ѐta bagЀan perulangan tina

sakabЀh tindakan atawa aktivitas manusa jeung produknu dihasilkeun ku manusa nu geus ngamasarakatsacara sosial jeung lain saukur diturunkeun sacara

gЀnЀtikal.

K. KupperKabudayaan mangrupa sistem gagasan nu

dijadikeun padoman/pituduh pikeun manusa dina sikep jeung sarengkak saparipolah, boh sacara individu boh

kelompok.

William H. HavilandKabudayaan nya Ѐta sakabЀh tata aturan

sarta norma nu dipiboga ku anggota masarakat, lamun dilaksanakeun ku anggotana bakal ngalahirkeun perilaku nu hade jeung bisa ditarima ku sakabЀh

anggota masarakat.

KoentjaraningratKabudayaan nya Ѐta sakabЀh sistem ide/gagasan

sarta hasil karya manusa dina kahirupan masarakat nu dipakЀ ku manusa pikeun cara diajar.

Francis MerillParipolah nu dihasilkeun ku ayana interaksi sosial,

sakabЀh kalakuan jeung sakabЀh produk nudihasilkeun ku hiji jalma salaku anggota masarakat

ngaliwatan interaksi simbolis.

Bounded et.alKabudayaan nya Ѐta hiji hal nu diwangun ku kamekaran

jeung transmisi tina kapercayaan manusa ngaliwatan simbol-simbol nu tangtu, upamana simbol basa salaku runtuyan

simbol nu dipakЀ pikeun mindahkeun kapercayaan budayadina anggota masarakat. Pesan simbolik ngeunaan

kabudayaan baris katitena tina mЀdia, pamarЀntahan, intitusiagama, sistem pendidikan.

Ki Hajar DewantaraKabudayaan ngabogaan harti minangka buah budi

manusa nya Ѐta hasil perjuangan manusa ngeunaan dua pangaruh kuat, antara jaman jeung alam minangka bukti kajayaan hirup manusa pikeun ngarengsekeun rupa-rupa pasualan hirup dina raraga ngahontal kasalametan jeung

kabagjaan nu sifatna tartib jeung damЀy.

Arkeolog R. SeokmonoKabudayaan nya Ѐta sakabЀh hasil usaha manusa,

boh mangrupa barang atawa mangrupa ide dinakahirupanana.

KacindekanTina sababaraha hiji pamadegan di luhur, bisa dicindekeun

yЀn kabudayaan nya Ѐta sistem pangaweruh nu ngawengkusistem ide/gagasan nu aya dina pikiran manusa, nepi ka dina

kahirupan sapopoЀ kabudayaan Ѐta ngabogaan sipat nuabstrak. Sedengkeun wujud kabudayaan nu kongkrit nya Ѐtabarang-barang nu diciptakeun ku manusa salaku mahluk nu

ngabogaan budaya, hasil tina tata laku atawa paripolah, upamana, basa, pakakas, organisasi sosial, seni jstЀ, nusakabЀhna ditujukeun pikeun kapentingan manusa dina

ngajalankeun kahirupan di masarakat.

Robert H LowieKabudayaan nya Ѐta sagala hal nu dimeunangkeun ku

unggal individu di masarakat, ngawengku kapercayaan, adatistiadat, norma-norma artistik, kabiasaan dahar, kaahlian nukacangking lain tina krЀatifitasna sorangan tapi minangka

warisan tina mangsa nu geus kaliwat boh ngaliwatan pendidikanformal atawa informal.

Gagasan (Wujud ideal)Wujud ideal kabudayaan nyaéta kabudayaan anu ngawujud kumpulan ide-

ide, gagasan, ajen-inajen, norma-norma, peraturan, jsb anu sipatna abstrak. Ieu wujud kabudayaan téh ayana dina jero pamikiran warga masarakat. Saupama éta masarakat nétélakeun gagasannana dina wangun tulisan,

lokasi tempat éta kabudayaan ideal bakal aya dina karangan jeung buku-buku hasil karya panulis warga masarakat anu ngagem éta kabudayaan.

Artefak (karya)Artefak nyaéta wujud kabudayaan fisik anu mangrupa hasil

(karya) tina aktivitas, kalakuan, jeung pamikiran sakabéhmanusa dina masarakat nu mangrupa barang atawa hal-hal

nu bisa dicabak, ditingali, jeung didokumentasikeun. Sifatna anu pangkonkret-kongkretna lamun dibandingkeun

jeung wujud kabudayaan nu séjén.

Wujud Kabudayaan

Aktivitas (tindakan)Aktivitas nyaéta wujud kabudayaan salaku hiji tindakan anu miboga pola nudilakukeun ku manusa dina éta masarakat. Ieu wujud ogé sok disebut sistem

sosial. Sistem sosial téh diwangun ku aktivitas-aktivitas manusa anuberinteraksi jeung papada manusa, ngayakeun kontak, sarta campur gauljeung manusa séjén nurutkeun pola-pola nu tangtu nurutkeun adat tatakalakuan. Sipatna konkret, kajadian dina kahirupan sapopoé, jeung bisa

ditalungtik tur didokumentasikeun.

Melville J. Herskovits nétélakeun yén kabudayaan miboga 4 unsur pokok, nyaéta:

• alat-alat teknologi, • sistem ekonomi, • keluarga, • kekuasaan politik

Kuncaraningrat nétélakeun yén kabudayaan diwangun ku unsur-unsuruniversal,

• Sistem religi jeung upacara kaagamaan• Sistem jeung organisasi kemasyarakatan• Sistem pengetahuan• Bahasa• Kasenian• Sistem mata pencaharian hidup• Sistem teknologi jeung pakakas

Unsur-unsur Kabudayaan

Bronislaw Malinowski kabudayaan miboga 4 unsur pokok, nyaéta:

• sistem norma anu méré kamungkinan gotong royong dina papadaanggota masarakat pikeun nyaluyukeun diri jeung alam sakuliahna.

• organisasi ekonomi• alat-alat jeung lembaga-lembaga atawa patugas-patugas pendidikan

(kulawarga mangrupakeun lembaga pendidikan nu utama)• organisasi kakuatan (politik)

Kabudayaan nonmaterialKabudayaan nonmaterial nyaéta ciciptan anu abstrak nudiwariskeun ti generasi ka generasi, misalna mangrupa

dongeng, carita rakyat, sarta lagu atawa tariantradisional.

KomponenKabudayaan

Kabudayaan materialKabudayaan material ngacu kana sakabéh ciptaan

masarakat nu nyata, konkret. Kaasup di jerona penemuananu dihasilkeun tina penggalian arkeologi: mangkok

taneuh, sanjata, jst. Kabudayaan material ogЀ ngawengkubarang-barang, jiga TV, kapal, stadion olahraga, gedung,

baju, jeung barang-barang nu séjén.

2) Sistem organisasi kamasarakatan.Sacara umum sistem organisasi kamasarakatan ngagunakeun tilu sistem organisasi sosial. Sistem organisasi anu dimaksud nyaéta sistem pamaréntahan nagara, sistem pamaréntahan agama, jeung sistem pamaréntahan hukum adat. Tapi dina enas-enasna mah, hubungan sosial nu pangdeukeutna mah

nyaéta hubungan kakarabatan nu mangrupa kulawarga inti nu deukeut jeung hukum kerabat lianna.

Hubungan antara unsur-unsur kabudayaan

1) Sistem réligi jeung upacara kaagamaan.Koentjaraningrat (1985: 80-82) ngabagi sistem réligi kana lima

komponén anu mibanda peran séwang-séwangan tapi mangrupa bagian tina hiji sistem anu silih pangaruhan.

Kalima unsur anu dimaksud nyaéta: (1) émosi kaagamaan, (2) sistem kayakinan, (3) sistem ritus atawa upacara, (4)

properti upacara, jeung (5) umat agama.

Sistem upacara kaagamaan sacara husus mibanda opat aspék, nyaéta (1) tempat lumangsungna upacara, (2) lumangsungna upacara, (3) pakakas nu digunakeun dina éta upacara, jeung (4) jalma atawa masarakat nu ngalaksanakeun éta upacara.

4) Basa.Basa mangrupa pakakas pikeun ngawujudkeun budaya nu

digunakeun ku manusa pikeun komunikasi, boh sacara tulisan, lisan, atawa gerak, nu miboga tujuan pikeun nepikeun maksud atawa kahayang panyatur ka pangregepna. Tur ku ngaliwatan basa éta, manusa bisa ngaluyukeun dirina jeung adat istiadat, paripolah, tatakrama masarakat, tur ngagampangkeun manusa

campur gaul jeung papadana.

3) Sistem pangawéruh.Élmu pangawéruh nyaéta sagala hal anu dipikanyaho ngeunaan

barang, sifat, kaayaan, jeung kahayang. Pangawéruh anu dimaksud ngawéngku (1) alam sabudeureunana, (2) sasatoan

jeung tutuwuhan, (3) zat-zat, bahan olahan, jeung barang-barang nu aya disabudeureunana, (4) raga manusana

sorangan, (5) sifat jeung paripolah manusa, jeung (6) ruang katut waktu.

7) Sistem pakakas jeung téhnologi.Pakakas nyaéta parabot anu digunakeun pikeun

ngagampangkeun hiji pagawéan. Sedengkeun téhnologi nyaéta jumlah sakabéh téhnik anu dipibanda ku para anggota hiji

masarakat, nyaéta sakabéh cara paripolah dina hubunganna jeung ngumpulkun barang olaheun tina lingkunganna

6) Sistem pakasaban.Sistem pakasban mangrupa kacapangan manusa pikeun nohonan pangabutuhna sacara materi.

5) Kasenian.Sacara gurat badag kasenian kabagi kana dua bagian, nyaéta:

seni visual, nyaéta kasenian nu bisa dirasakeun ku indra panempo, saperti seni patung, seni relief, seni lukis jeung

gambar, seni rias, seni tari, jeung seni drama.2. seni audio nyaéta kasenian nu bisa dirasakeun ku indra

pangrengeu, saperti seni vokal, seni instrumén, seni sastra (prosa jeung puisi), jeung seni drama.

Masarakat pedЀsaan nu hirup dina lingkungan tani pasti nyaho kana tЀknologi tradisional (disebut ogЀ sistem pakakas jeung

unsur kabudayaan fisik), nya Ѐta:• alat-alat produktif

• senjata• wadah

• alat-alat pikeun ngahurungkeun seuneu• kadaharan• perumahan

• alat transportasi

Sistem kekerabatan dan organisasi sosialSistem kekerabatan mangrupakeun bagЀan nu penting pisan dina struktur sosial. Meyer Fortes ngЀbrЀhkeun yЀn sistem

kekerabatan hiji masarakat bisa dipakЀ pikeun ngagambarkeun struktur sosial tina masarakat Ѐta sorangan. Kekerabatan nya Ѐta unit-unit sosial nu dijerona ngawengku sababaraha hiji

kulawarga nu ngabogaan duduluran. Organisasi sosial nya Ѐta kumpulan sosial nu diwangun ku

masarakat, boh nu aya patalina jeung hukum atawa nu teu ngabogaan patali jeung hukum, nu ngabogaan fungsi sealaku sarana partisipasi masarakat dina pembangunan bangsa jeung

nagara. Salaku mahluk nu hirup babarengan, manusa ngawangun organisasi sosial pikeun ngahontal tujuan-tujuan nu

tangtu nu teu bisa dihontal sorangan.

Ciri-ciri urang Sunda*Logat Sunda (lentong)

*Katiten tina Ngaran*Cara ngucapkeun kecap (mah, sayah, bapa)

HARTI SUNDA.EtnisSunda nyaéta kelompok étnis anu asalna ti bagéan kulon

pulo Jawa, Indonesia, (Jawa Barat). http://id.wikipedia.org/wiki/Suku_Sunda

Sacara antropologis, nu disebut etnis Sunda nyaéta jalma-jalma nu sacaraturun tumurun ngagunakeun basa-indung basa Sunda sarta dialékna

dina kahirupan sapopoé. Asalna sarta cicing di daerah Jawa Barat sokdisebut oge Tanah Pasundan/Tatar Sunda. Sunda ogé dipaké pikeun

mere ciri hiji kelompok manusa anu disebut urang Sunda. Upama ditilik tina segi sosial-budaya, urang Sunda nyaéta jelema nu

ngaku manéhna jeung diaku ku nu séjén (urang Sunda atawa sukuséjén) nerangkeun yen aya sarat dumasar katurunan (pancakaki)

(Suwarsih Warnaen). Nurutkeun Ajip Rosidi (1984), hiji jalma disebuturang Sunda lamun digedékeun di lingkungan sosial budaya Sundasarta ngagunakeun jeung ngalenyepan norma-norma jeung ajen-

inajen budaya Sunda.http://www.mail-archive.com/[email protected]/msg07744.html

Urang Sunda dumasar kana jati dirina

Kacindekanana yen nu disebut urang Sunda teh nyaeta jalma atawa kelompok jalma nu

digedekeun di lingkup sosialbudaya urang Sunda, jeung dina hirupna reueus tur dibarengan ku ngalarapkeun norma-norma sarta ajen-ajen

budaya Sunda.Tina katerangan tadi nandeskeun yen jalma nu miboga pancakaki urang Sunda, jadilain urang Sunda lamun teu wanoh kana lingkup

sosial budaya urang Sunda jeung dina hirupna teu reueus teu dibarengan ku ngalarapkeun norma-

norma sarta ajen-ajen budaya Sunda.

2) UPAMA KU BATUR DISEBUT YÉN MANÉHNA TÉH URANG SUNDA Upama nurutkeun ukuran anu ieu, nu disebut Sunda atawa urang Sunda téh kumaha

ceuk akuan ti batur. Ieu sipatna leuwih obyektif. Biasana pangna disebut kitu téh lantaran indung-bapana urang Sunda, atawa duméh cicing di tatar Sunda.

Tapi najan sok aya waé urang Sundana sorangan anu siga éra upama disebut urang Sunda ku batur téh, geuning upama aya nu nanya kieu: "Kamu orang Sunda yah?" Ari

dijawabna téh: "Bukan saya mah Orang Indonesia”. Eta jawaban ngagambarkeun kateusadaran jeung henteu tumarima jadi urang Sunda (ieu patojaiah jeung eusina

Ar.Ruum ayat 22). Saenyana kudu dibédakeun antara harti kecap BANGSA jeung harti kecap RAYAT (Rakyat). Ari "Bangsa" mah nuduhkeun kana sistem budaya (kultur jeung peradaban); ari "rayat (rakyat)" mah nuduhkeun kana cacah jiwa (penduduk) dicirian ku nomer KTP. Jadi kuduna ngajawab téh kieu: "Benar saya orang Sunda yang menjadi

Rakyat Indonesia" - Kitu kuduna mah, ngan geus salah kaprah téa. Padahal ari nu salah mah kapan kudu dibebener deui, dioméan.

1) UPAMA DIRINA NGARASA JADI URANG SUNDAHiji jalma kakara boga rasa jadi urang Sunda, lamun dina dirina ngarasa yakin yén jiwana,

hirup-huripna, lahir batinna, komo jeung turunan ti indung-bapana boga getih urang Sunda. Pikeun miboga RASA jadi urang Sunda, nya kudu hirup di lingkungan anu

NYUNDA (mibanda rasa urang Sunda), nyarita sapopoé ku basa Sunda, etika Nyunda, budipekertina Nyunda, konsep hirupna (Visi jeung Misina) nangtung dina

tatapakan Sunda. Ngancik dina dirina tekad pikeun bajoang nanjeurkeun ajén inajén jeung perilaku anu Nyunda. Ngan anu sok dipikahariwang teh nyaeta lamun jadi

Sunda anu heureut deuleu pondok lengkah, kurung batok. Nu kieu bakal jadi Sunda eklusif, tegesna bisa tigebrus kana etnosentris anu heureut, Jingoisme, Ubber Alles

(ngarasa diri jadi seler bangsa anu pangunggulna).Karuhun Sunda mapagahan ulah jadi SUNDA ANU SARUBAK JAMANG, tapi kudu

SUNDA ANU ANU SAAMPAR JAGAT. (Jamang=baju).

SARAT ATAWA CIRI URANG SUNDA

4) UPAMA JELEMA ANU SANAJAN INDUNG BAPANA LAIN URANG SUNDA, TAPI TINGKAH LAKU, CARA MIKIR JEUNG HIRUP KUMBUH

SAPOPOÉNA PERSIS SAPERTI URANG SUNDA Ayeuna mah meureun disebut urang Sunda MUKIMIN. Disebut Mukimin téh pedah geus mukim (cicing, matuh) di tatar Sunda. Tapi sanajan kitu kudu dibarengan ku

tingkah laku, cara mikir jeung hirup kumbuh sapopoéna ceples saperti urang Sunda. Can disebut Sunda Mukimin, upama ukur pedah cicing di tatar Sunda, tapi ari perilaku, pasipatan, ngomong, cara mikir jeung hirup kumbuh sapopoena can saperti Urang Sunda. Jadi teu bisa disebut Sunda Mukimin, upama imah-imahna dipager luhur tepi ka teu wawuh jeung tatangga, embung milu ngaronda, embung

kerja bakti kajeun muruhkeun, embung jadi RT atawa RW,nyieun kelompok/komunitas nu ekslusif, tara milu acara agustusan jste

3) UPAMA INDUNG BAPANA PITUIN URANG SUNDA Kacida bagjana pisan jelema anu indung bapana terah Sunda pituin, komo upama

jeung hirup huripna, campur gaul sapopoéna dina tatapakan anu NYUNDA. Malah di urang mah aya kasebutna yén tujuh turunanana oge terah Sunda asli.

Tapi sigana ari tepi ka tujuh turunan mah (bapa/indung, nini/aki, uyut, bao, janggawareng, canggah, udeg-udeg, kait siwur) mah jauh teuing. Sigana ku semet indung jeung bapa oge cukup. Anu penting mah bari jeung hirup hurip sapopoéna katangar Nyunda. Sarta anu pangpentingna tina kahirupan anu

Nyunda téh nyaéta di imah jeung di lingkunganana ngagunakeun BASA SUNDA pikeun alat komunikasina. Di kota-kota nu aya di Tatar Sunda, hususna di

Bandung, pangpangna anu hirup di kompleks perumahan geus kurang pisan kulawarga anu ngagunakeun basa Sunda di imahna padahal éta kulawarga téh

asli urang sunda, alesanna mah “takut ngga bisa gaul sama-sama temennya yang lain, karena temennyah pake basa indonesia” kitu cenah.