Kacatur Jaman Baheula Di Pulo Jawa Beulah Kulon

Embed Size (px)

Citation preview

  • 7/23/2019 Kacatur Jaman Baheula Di Pulo Jawa Beulah Kulon

    1/2

    Selat Sunda Jeung Gunung Krakatau

    Kacatur jaman baheula di Pulo Jawa Beulah kulon, aya hiji karajaan anu rajana Prabu Rakata. Sang

    Prabu gaduh dua putra. Anu cikal Raden Sundana anu bungsu Raden Topobrana. Haritamah Pulo

    Jawa sareung Sumatra teh ngahiji.

    Kumargi Prabu Rakata parantos sepuh pisan, mangka karajaan teh di titipkeun ka putra-putrana, tur

    di bagi dua belah wetan ku Raden Sundana, belah kulon Raden Topobrana. Terus Sang Prabu teh

    indit ngabagawan anu tempatna dibates dua nagara nu dibagi dua tea, anjeunna teu nyandak nanaon

    tibang guci pusaka nu dicandak. Hiji mangsa dina taun ka genep Sang Prabu teh ngadangu yen

    putrana parasea Raden Sundana ngarugrug karajaan raina Raden Topobrana. Sang Prabu teh ceg ka

    guci anu tos dieusi cai laut tea, terus indit ka medan laga kasampak dua putrana keur perang campuhatuh bendu pisan si anjeunanana.

    Ningali ramana sumping reg weh perang liren, dua putrana langsung nyampeurkeun cedok weh

    nyareumbah ka Prabu Rakata kitu dei para parajuritna. Atuh dua putrana beak bersih diseukseukan

    pampangnaman Raden Sundana nu wani ngarug-gug nagara raina. Dua putrana anu tarungkul teh

    nyarek, atuh Sang Prabuteh langsung gadeg, ceg kana guci pusaka tea. Terus cai laut anu dina guci

    dikucurkeun disapanjang wates dua nagara, teras guci anu tos teh kosong teh disimpen ditapal bates

    dua karajaan tea, anjeunanana indit deui ka tempat pang tapaanana. Teu lami eta bates anu tilas

    disiram ku cai laut teh ngajanggelek jadi selat. Nu kiwari disebut Selat Sunda. Nu mawi dinamian

    Selat Sunda lantaran Raden Sundana sarakah hoyong wilayah anu raina. Dugi ramana ngadamel

    wates nganggo guci pusaka anu caina dikucurkeun terus jadi selat. Tur guci anu disimpen dina wates

    teh ngajanggelek jadi gunung, nu katelah Gunung Rakata atanapi Gunung Krakatau. Tah kitu

    sasakala Selat Sunda sareng Gunung Krakatau teh.

    Rincian Dongeng:

    Tema : Perang Duduluran

    Judulna : Selat Sunda Jeung Gunung Krakatau

    Bahasana : Lemes

    Aur/plot : Ngagunakeun alur maju

    Cara nyarita/sudut pandang : orang ka 3 palaku utama

    Palakuna : Prabu Rakata, sareng dua putrana: Raden Sundana sareng Raden Topobrana

    Watek palakuna :

    Prabu Rakata = Arip, adil, tur bijaksana.Raden Sundana = Sarakah

    Raden Topobrana = Embung ditindes

    Tempat/latar : Jaman baheula di Pulo Jawa belah kulon.

    Eusi/hikmah nu bisa di cokot : Jadi jalma kudu arif, jujur, adil tur bijak sana kawas Prabu Rakata, ulah

    Sarakah jiga Raden Sundana.

    ACEP JUNDI MUROBBI

    KELAS VI (ENAM)

    http://dongengbasasunda.blogspot.com/2010/03/selat-sunda-jeung-gunung-krakatau.htmlhttp://dongengbasasunda.blogspot.com/2010/03/selat-sunda-jeung-gunung-krakatau.html
  • 7/23/2019 Kacatur Jaman Baheula Di Pulo Jawa Beulah Kulon

    2/2

    SDN NEGLASARI 1