5
Naha Enya Makuta Hayam Wuruk Kapanggih di Majalaya? NU écés, ti wewengkon Majalaya mémang geus kapanggih hiji makuta raja. Sawatara urang dinya nyangka,éta téh makuta Prabu Hayam Wuruk sawaktu ngadatangan (tur maot) di wewengkon Majalaya. Kapanggih gambar galudra anu jadi lambang Majapahit. ANYAR-ANYAR ieu di wewengkon Majalaya, Kabupatén Bandung kapanggih artéfak sejarah, mangrupa makuta. Ari kapanggihna téh di lelewek lembur Leuwidulang, Désa Sukamaju. Di kompléks SMA Pasundan Majalaya. Henteu digujrudkeun, nepi ka paraguru gé réa anu teu apal. Geus puguh murid- muridna mah. Tapi, ari urang Yayasan Pasundan mah geus réa nu dibéré iber. Malah, sababaraha urang mah maké jeung hayang mecakan, kaasup kapala sakola SMA Pasundan Majalaya tapi, sarua deuih, henteu gujrud. Ayeuna makuta téh disimpen dina lomari kaca. Lian ti makuta, aya deuih barang séjénna mangrupa tongkat. Bahanna sarua, campuran pérak, wesi kuning, jeung emas 18 karat. “Tapi, da sanajan ditawar sabaraha ogé moal dibikeun. Jeung moal sina nyingkah ti dieu,” omong Pa Dédé, salasaurang staf SMA Pasundan Majalaya basa ngobrol jeung Ujung Galuh. Rada ahéng, saenyana mah. Percaya teu percaya basa narima béja yén di Majalaya kapanggih makuta raja. Cindekna di Kampung Leuwidulang, Désa Sukamaju. Mimitina mah henteu waka hayang maluruh, da angkanan téh asa mustahil. Sualna, ngaran-ngaran makuta raja, meureun kudu aya patalina jeung urut wilayah karajaan. Naha baheulana di Majalaya kungsi ngadeg hiji karajaan, nepi ka danget kiwari ogé tacan enya kapaluruh. Nurutkeun sawatara katerangan ti sababaraha urang tokoh kolot Majalaya, rarasaan mah tacan aya deuih nu ngaguar sajarah Majalaya dipatalikeun jeung ngaran hiji karajaan. Tapi, basa ngaguar patilasan Karajaan Saunggalah di Kadatuan Paséh, kungsi meunang katerangan, yén dina mangsa yuganing rajakawasa saméméh abad ka-16, di dinya kungsi ngadeg 2 karajaan leutik, katelahna Karajaan Saunggalah jeung karajaan Madyalaya. Ngeunaan Karajaan Saunggalah mémang kungsi ditulis sasakalana. Tapi, ari Karajaan Madyalaya mah nepi ka danget kiwari gé, masih kénéh lebeng, tacan aya katerangan anu jinek, boh sacara lisan boh sacara tékstual. Nya kitu deui, artéfak-artéfak pangrojongna. Ngan aya sotéh batu candi, nu pernahna di Kampung Tanggulun, Désa Tanggulun. Wates Majalaya jeung Kacamatan Ibun ayeuna. Tapi, ayana batu candi di hiji lelewek, tacan karuhan deuih bisa dipatalikeun jeung ayana pusat pamaréntahan karajaan. Da ari batu candi mah bisa di mana waé. Contona di Kampung Bojongemas, Kacamatan Solokanjeruk jeung di Kampung Bojongménjé, Désa Cangkuang, Rancaékék. Sanajan enya gé aya kompléks urut candi, euweuh saurang gé anu matalikeun jeung pusat kagiatan karajaan. Alatan sacara kawilayahan tacan aya bukti ngadegna hiji karajaan di

Naha Enya

Embed Size (px)

DESCRIPTION

?

Citation preview

Naha EnyaMakuta Hayam WurukKapanggih di Majalaya?NU cs, ti wewengkon Majalaya mmang geus kapanggih hiji makuta raja. Sawatara urang dinya nyangka,ta th makuta Prabu Hayam Wuruk sawaktu ngadatangan (tur maot) di wewengkon Majalaya. Kapanggih gambar galudra anu jadi lambang Majapahit.ANYAR-ANYAR ieu di wewengkon Majalaya, Kabupatn Bandung kapanggih artfak sejarah, mangrupa makuta. Ari kapanggihna th di lelewek lembur Leuwidulang, Dsa Sukamaju. Di komplks SMA Pasundan Majalaya. Henteu digujrudkeun, nepi ka paraguru g ra anu teu apal. Geus puguh murid-muridna mah. Tapi, ari urang Yayasan Pasundan mah geus ra nu dibr iber. Malah, sababaraha urang mah mak jeung hayang mecakan, kaasup kapala sakola SMA Pasundan Majalaya tapi, sarua deuih, henteu gujrud.Ayeuna makuta th disimpen dina lomari kaca. Lian ti makuta, aya deuih barang sjnna mangrupa tongkat. Bahanna sarua, campuran prak, wesi kuning, jeung emas 18 karat. Tapi, da sanajan ditawar sabaraha og moal dibikeun. Jeung moal sina nyingkah ti dieu, omong Pa Dd, salasaurang staf SMA Pasundan Majalaya basa ngobrol jeung Ujung Galuh.Rada ahng, saenyana mah. Percaya teu percaya basa narima bja yn di Majalaya kapanggih makuta raja. Cindekna di Kampung Leuwidulang, Dsa Sukamaju. Mimitina mah henteu waka hayang maluruh, da angkanan th asa mustahil. Sualna, ngaran-ngaran makuta raja, meureun kudu aya patalina jeung urut wilayah karajaan. Naha baheulana di Majalaya kungsi ngadeg hiji karajaan, nepi ka danget kiwari og tacan enya kapaluruh.Nurutkeun sawatara katerangan ti sababaraha urang tokoh kolot Majalaya, rarasaan mah tacan aya deuih nu ngaguar sajarah Majalaya dipatalikeun jeung ngaran hiji karajaan. Tapi, basa ngaguar patilasan Karajaan Saunggalah di Kadatuan Pash, kungsi meunang katerangan, yn dina mangsa yuganing rajakawasa sammh abad ka-16, di dinya kungsi ngadeg 2 karajaan leutik, katelahna Karajaan Saunggalah jeung karajaan Madyalaya.Ngeunaan Karajaan Saunggalah mmang kungsi ditulis sasakalana. Tapi, ari Karajaan Madyalaya mah nepi ka danget kiwari g, masih knh lebeng, tacan aya katerangan anu jinek, boh sacara lisan boh sacara tkstual. Nya kitu deui, artfak-artfak pangrojongna. Ngan aya soth batu candi, nu pernahna di Kampung Tanggulun, Dsa Tanggulun. Wates Majalaya jeung Kacamatan Ibun ayeuna.Tapi, ayana batu candi di hiji lelewek, tacan karuhan deuih bisa dipatalikeun jeung ayana pusat pamarntahan karajaan. Da ari batu candi mah bisa di mana wa. Contona di Kampung Bojongemas, Kacamatan Solokanjeruk jeung di Kampung Bojongmnj, Dsa Cangkuang, Rancakk. Sanajan enya g aya komplks urut candi, euweuh saurang g anu matalikeun jeung pusat kagiatan karajaan.Alatan sacara kawilayahan tacan aya bukti ngadegna hiji karajaan di wilayah Majalaya, nya saheulaanan mah panalungtikan makuta bisa dimimitian ku cara ngaguar tina jihat nu sjn.Kabeneran maluruh makuta th henteu bisa kebat ka nu manggihanana. Da rada hs dipanggihan. Ngan cenah ari hayang-hayangan teuing mah kateranganana, bisa wa nepungan sababaraha sumber, diantarana, Dra. Hj. Tetty Hndriyati, B.Sc. salasaurang guru sajarah, jeung Drs, H. Ddi Sutardi, M.M.Pd., Kepala Bidang Sejarah Dan Kepurbakalaan Dinas Pendidikan dan Kebudayaan Kabupatn Bandung.Matakna, harita knh gancang nepungan para narasumber anu dituduhkeun ta. Ttla deuih, boh Hj. Tetty Hndriyati, boh H. Ddi Sutardi, saenyana mah tacan pati enya narima katerangan anu leuwih jero tur lengkep.Hj. Tetty Hndriyati ngan saukur nyebutkeun yn ta makuta th asalna ti Majapahit. Naha enya kitu ti Majapahit? K heula, kudu puguh alesanana. Tapi ktah, boa enya bisa jadi kacindekanana kitu, sabab aya sawatara ciri tina totem ukiran atawa tata rupa makuta. Salian ti makuta, aya deuih tongkat komando. Nu hiji huluna winangun ukiran hulu manuk hanura atawa garuda. Hiji deui mah ukiran buleudan kong. Manuk garuda simbol Karajaan Majapahit minangka filosofi kajayaan nagara. Ari ukiran buleudan kong, simbol tina gelung indung anu hartina ajaran yn hirup kudu ngahargaan jeung hormat tilawat ka nu indung atawa kaum istri. Tah, nu ieu mah simbul anu dipak ku karajaan-karajaan di Tatar Sunda. Dina salasahiji tongkat kapanggih aksara Jawa. Dijieunna tina bahan campuran prak, wesi kuning jeung emas.Ari H. Ddi Sutardi ngan semet nyebutkeun ciri-cirina katut raja anu kungsi makna. Diantara ciri-cirina, ta makuta th ngabogaan ukuran anu jangkungna kurang leuwih 45 cm, kalawan diamter antara 25-30 cm. Ari wangunna mh mirip makuta Dwa Krisna dina dunya pawayangan. Bda jeung makuta raja-raja Sunda anu leuwih mirip makuta Batara Guru.Ieu makuta th lain jang pakeun sapopo, ceuk Pa Dd, anu mimiti ngampihan ta makuta. Tapi, digunakeunana ukur dina waktu raja rk diwastu (dilantik). Nu pangahirna mak ieu makuta katelahna Prabu Ulun Umbul, pokna deui. Aya deuih anu nyebutkeun yn ieu makuta th dipak ku Raja Sungging Perbangkara.Dumasar kana katerangan bieu, bisa dihartikeun yn makuta anu kapanggih di Majalaya, stuning disamarkeun nily kasajarahanana. Kawas aya carita anu disumputkeun dina jaman karajaan-karajaan baheula.Lamun nurut kana katerangan Hj. Tetty Hndriyati anu nyebutkeun asalna makuta ti Majapahit, hartina dina mangsa baheula aya hubungan nu raket antara Karajaan Majapahit jeung Karajaan Sunda. Tapi, naha ieu hubungan th bet kudu nyamuni ngeunaan raja-raja anu makna ta makuta.Dina catetan sajarah resmi, mmang henteu kungsi aya nu nyebutkeun Prabu Ulun Umbul. Nya kitu deui Prabu Sungging Perbangkara.Tokoh Prabu Sungging Perbangkara mmang kungsi disebut-sebut dina carita Sangkuriang atawa sasakala Tangkubanparahu. Kajadian munculna Gunung Tangkubaparahu sorangan aya dina zaman kwartr tua antara 1,5 juta nepi 1 juta kalarung. Ari tradisi tatanan karajaan di Tatar Sunda kakara muncul taun 130 M ku ngadegna Karajaan Salakanagara.Sedengkeun, ngaran Prabu Ulun Umbul mah, saenyana bisa diudag sacara timologis atawa tradisi ayana ngaran jujuluk anu sok dipak di kalangan para raja-raja baheula. Ngaran Prabu Ulun Umbul, nilik kana katerangan bieu mah nya bisa wa ukur ngaran jujuluk, lain ngaran sabenerna.DisamarkeunSaha saenyana ari Prabu Ulun Umbul nu asalna ti Majapahit th?Mun seug ngungkab deui carita Sasakala Majalaya vrsi lalampahan Prabu Hayam Wuruk sabada Perang Bubat atawa turun tahta tina karatuan, ceuk dina ieu vrsi carita, ngaran Majalaya aya patula-patalina jeung kajadian perlayana Raja Majapahit di wewengkon Hnng Galuh (wilayah Bandung Kidul sabudeureun huluwotan Citarum, ayeuna).Dicaritakeun, sabada turun tahta tina karatuan di Majapahit taun 1389 M., Prabu Hayam Wuruk ngahaja ninggalkeun Karajaan Majapahit. Inditna stuning rerencepan. Teu ieuh loba nu apal kamana Hayam Wuruk losna. Aya nu nyebutkeun yn Hayam Wuruk ngahaja napak tilas ka tanah luluhurna, ka wilayah urut kakawasaan Prabu Darmasiksa anu harita jadi Karajaan Sunda.Basa Prabu Hayam Wuruk datang ka tatar Sunda, nu madeg raja, nyata Prabu Niskala Wastukancana (1371-1475 M.). Sakumaha pituduh, Prabu Hayam Wuruk henteu langsung muru ka Kawali, pusat pamarntahan Wastukancana. Tapi nepungan salasaurang panguasa wewengkon kawesian anu katelahna Rahyang Campaka. Nya dumasar kana pituduh Rahyang Campaka, Hayam Wuruk diperenahkeun di wilayah Hnng Galuh anu masih knh leuweung gerotan.Di leuweung Hnng Galuh, Hayam Wuruk mimiti muka padukuhan anyar. Beuki lila beuki lila, ta padukuhan th beuki haneuteun. Antukna mah jadi darah binayapanti, tempat latihan kaprajuritan. Hasil didikanana, loba anu kapak jaradi baladhika, puragabaya atawa jagabaya di Karajaan Sunda katut karajaan-karajaan bawahanana.Geus diniatan ti sammhna, yn datangna Hayam Wuruk ka tatar Sunda th stuning boga tujuan ngaresibakti ka tanah luluhurna, bari sakalian nebus dosa tina timbulna kajadian Perang Bubat dina jaman pamarntahanana. Kajadian Perang Bubat anu ngabalukarkeun gugurna Prabu Linggabuana katut Putri Dyah Pitaloka geus ngadatangkeun kagegeringan anu pohara dina sanubari Hayam Wuruk.Hayam Wuruk ngarasa geus ngarempak amanat luluhurna, Prabu Darmasiksa anu ditepikeun ka Radn Wijaya atawa Prabu Kertarajasa Jayawardana (1293-1299). Tatanan amateguh kadatwan, dina mangsa Hayam Wuruk diganti ku tatanan amukti pa liu pa jieunan patihna, Sang Ma Hong Foe alias Mahapatih Gajah Mada, anu ngabalukarkeun hubungan Sunda jeung Majapahit bengkah.Kadatangan Hayam Wuruk ka tatar Sunda, dibagakeun ku Rahyang Campaka. Malah, ti Rahyang Campaka, Hayam Wuruk saenyana meunang iber yn Putri Dyah Pitaloka henteu ngalaman gugur di Bubat sabab kaburu aya nu nyalametkeun. Dina kaayaan keur kapiuhan Dyah Pitaloka dibawa deui ka Tatar Sunda, tur diperenahkeun di hiji tempat bari ngasuh nu jadi adi, Rakan Pitara anu masih knh leutik. Sanggeus Rakan Pitara sawawa, tuluy diwastu jadi raja Sunda kalawan gelar Prabu Niskala Wastukancana. Ti harita, Dyah Pitaloka milih hirup jadi ahli tatapa bari sakali-kali mantuan nu jadi adi sangkan bisa nanjeurkeun Karajaan Sunda.Satadina mah Hayam Wuruk teu nyangka yn Dyah Pitaloka masih knh aya dikeuna. Da disangkana mah geus gugur di Bubat, matakna Hayam Wuruk kungsi ngadegkeun sanggah jang sembahbakti ka Dyah Pitaloka. Tapi, sanggeus dibawa kalawan rerencepan tempat tapana, Hayam Wuruk mimiti percaya. Jeung deuih, harita mah Hayam Wuruk teu dak ganggu, sabab katingalina Dyah Pitaloka jongjon pisan kawas nu henteu bisa diganggu.Ngan basa Dyah Pitaloka dibawa ku Rahyang Campaka ka sanggah tempat Hayam Wuruk ngayakeun sembahbakti ka Dyah Pitaloka jeung ka tatar Sunda. kasampak Hayam Wuruk geus palastra, dirempug puluhan karaman anu boga maksud hayang ngarebut harta kakayaan Hayam Wuruk. Para karaman apaleun yn Hayam Wuruk nu malih warni jadi Ki Anom th horng mah Raja Majapahit.Tangtu wa Hayam Wuruk henteu mikeun kitu wa. Ongkoh deuih harta kakayaan bawana ti Majapahit geus disumputkeun di hiji tempat anu saurang g taya nu apal. Diantara harta kakayaan anu dibawana th, nya salasahijina mangrupa makuta karajaan.Mun nurut kana carita di luhur, istilah Majalaya boa enya asalna tina kalimah Raja Majapahit Perlaya. Ari makutana anu salila ieu disumputkeun henteu kapanggih ku karaman bet kabeneran kapanggih di lelewek Leuwidulang, Dsa Sukamaju, Kacamatan Majalaya.Tapi, naha bet ngaranna Makuta Ulun Umbul?Kecap ulun, ngabogaan harti babakti. Ari kecap umbul, bisa dihartikeun rupa-rupa. Harti nu kahiji, robah jadi kecap umbul-umbul, hartina kan warna-warni anu dipasang dina awi gantar, biasana rada melengkung ka congona. Sok dipak keur hiasan di sisi-sisi jalan mun mapag tamu agung. Harti kadua, sok robah jadi kecap umbur, hartina gancang pisan badagna. Harti katilu, hartina Cikahuripan. Harti kaopat, robah jadi kecap mumbul, atawa ngumbul harti ngapung atawa keur aya di luhur bari kokolaban. Harti kalima, pamingpin darah.Dipatalikeun deui kana carita tadi, boa enya anu dimaksud Prabu Ulun Umbul th taya lian ti jujulukna Prabu Hayam Wuruk salila ngaping di wewengkon Hnng Galuh. Anu jadi alesanana:Miangna Hayam Wuruk ti Majapahit ka Tatar Sunda boga niat hayang babakti (ulun) atawa ngaresi bakti pikeun nebus dosa ka Raja Sunda katut ka Putri Dyah Pitaloka.Sanajan datangna ka Tatar Sunda bari rerencepan, tapi ngaran-ngaran ka Raja Agung teu burung w dihiap tur dibagakeun ku panguasa anu kadatangan nyta Rahyang Campaka (dipapag ku umbul-umbul).Basa Hayam Wuruk diperenahkeun di wilayah Hnng Galuh, (deukeut ka umbul atawa Sumber Cikahuripan) nu asalna leuweung-luwang-liwung, dina waktu anu teu lila (umbur) geus bisa robah jadi padukuhan anu kacida haneuteun.Saenyana Karajaan Majapahit nu ditinggalkeun ku Hayam Wuruk th kaasup karajaan anu keur meujeuhna mumbul (aya di luhur, disebutna g karajaan agung).Salila aya di tatar Sunda, da tadina g puguh raja, nya Hayam Wuruk dijadikeun pamingpin (umbul) padukuhan.Dumasar kana alesan-alesan tadi, Prabu Ulun Umbul mmang larap pisan jeung kaayaan Hayam Wuruk waktu aya di Tatar Sunda. Enya henteuna, nyanggakeun. (Dadan Sungkawa)***