4
MTs. ASSASUL ISLAMIYAH CIBATU CIKEMBAR SUKABUMI Ulangan Tengah Semester Ganjil Bahasa Sunda Kelas VII Tahun Pelajaran 2012/2013 Petunjuk Mengerjakan soal Mimitian ku basmalah jeung ditungtungan ku hamdalah Kerjakeun soal anu di anggap gampang heula ku hidep Taliti deui samemeh dikumpulkeun Sersan ‘ sarius tapi santai ‘coy . . . I. Soal Pilihan Ganda 1. Paguneman teh asalna tina kecap gunem, nu hartina … a. Nyarita sorangan b. nyarita kasar c. nyarita silihtempas d. nyarita lemes 2. Istilah dina basa Indonesia anu mibanda harti sarua jeung kecap paguneman nyaeta …. a. Bercakap b. berbicara c. percakapan d. perintah Baca sempalan paguneman ieu di handap. Ahmad : “Wan, urang lalajo PERSIB di imah urang, yu ….! Irwan : “Hayu, ajak atuh nu sejen, urang lalajo bareng.” Ahmad : “Kumaha mun ngajak Si Engkus jeung Si Nanang ?” Irwan : “Enya atuh, di-sms we.” 3. Sempalan paguneman di luhur teh ngagunakeun basa ……. a. Kasar b. hormat c. kasar d. loma 4. Kalimah ieu di handap tatakrama basa nu merenah nyaeta … a. Abdi mah parantos tuang b. Pa Angga wangsul ti payunc. Terang henteu kamari aya supa d. Pa Usman nembe sumping ti Jakarta 5. Ieu di handap tatakrama gunem dina telepon, iwal …. a. Cekel tuluy angkat gagang telepon lalaunan b. mencet nomer tujuan, usahakeun ulah salah mencet c. kedalkeun kecap, “Halo”, salam, atawa ucapan pangwilujeng d. usahakeun sing loba ngarenghap salila nyarita 6. Pungsi beware atawa wawaran teh diantarana pikeun … a. Nepikeun niat hade kalayan sopan b. nepikeun informasi ka balarea c. nepikeun kahayang ka batur d. mangaruhan babaturan deukeut 7. Naek turunna lagu atawa wirahma nyarita waktu nepikeun wawaran disebut … a. Lentong b. volumeu c. lafal d. rengkak 8. Istilah dina basa Indonesia nu mibanda harti sarua jeung kecap wawaran teh nyaeta …. a. Berita b. presenter c. pengumuman d. reporter 9. Di antara media elektronik nu bisa dipake pikeun nepikeun wawaran nyaeta a. Buletin b. majalah c. Koran d. internet 10. Di antara tatakrama nepikeun wawaran sacara lisan teh nyaeta …. a. Sikep awak kudu sangeunahna b. sora kudu ngoncrang tur eces c. make baju weuteuh tur mahal d. kudu bari diuk dina korsi 11. Anu sok ditulis atawa dijadikeun sumber sejarah lokal saperti asal Kota Sumedang biasana mah …. a. Carpon b. carita babad c. novel d. sajak 12. Nurutkeun sawatara carita babad, karajaan nu kungsi ngadeg di Tatar Sunda teh ….. a. Sriwijaya b. Majapahit c. Pajajaran d. Mataram 13. Di handap ieu anu kaasup kana istilah tatanen iwal ….. a. Macul b. tandur c. dibuat d. aseuk Sok ah.. Urang mumule basa nini aki urang gunakeun lembar sabeulah deui ….! Nama : …………………… Tanggal : …………………

Soal Uts Basa Sunda Vii-Viii-ix

Embed Size (px)

Citation preview

Page 1: Soal Uts Basa Sunda Vii-Viii-ix

MTs. ASSASUL ISLAMIYAH CIBATU CIKEMBAR SUKABUMIUlangan Tengah Semester Ganjil

Bahasa Sunda Kelas VIITahun Pelajaran 2012/2013

Petunjuk Mengerjakan soal Mimitian ku basmalah jeung ditungtungan ku hamdalah Kerjakeun soal anu di anggap gampang heula ku hidep Taliti deui samemeh dikumpulkeun Sersan ‘ sarius tapi santai ‘coy . . .

I. Soal Pilihan Ganda1. Paguneman teh asalna tina kecap gunem, nu hartina …

a. Nyarita sorangan b. nyarita kasar c. nyarita silihtempas d. nyarita lemes2. Istilah dina basa Indonesia anu mibanda harti sarua jeung kecap paguneman nyaeta ….

a. Bercakap b. berbicara c. percakapan d. perintahBaca sempalan paguneman ieu di handap.Ahmad : “Wan, urang lalajo PERSIB di imah urang, yu ….!Irwan : “Hayu, ajak atuh nu sejen, urang lalajo bareng.”Ahmad : “Kumaha mun ngajak Si Engkus jeung Si Nanang ?”Irwan : “Enya atuh, di-sms we.”

3. Sempalan paguneman di luhur teh ngagunakeun basa …….a. Kasar b. hormat c. kasar d. loma

4. Kalimah ieu di handap tatakrama basa nu merenah nyaeta …a. Abdi mah parantos tuang b. Pa Angga wangsul ti payun c. Terang henteu kamari aya supa d. Pa Usman nembe sumping ti Jakarta

5. Ieu di handap tatakrama gunem dina telepon, iwal ….a. Cekel tuluy angkat gagang telepon lalaunan b. mencet nomer tujuan, usahakeun ulah salah mencet c. kedalkeun kecap, “Halo”, salam, atawa ucapan pangwilujeng d. usahakeun sing loba ngarenghap salila nyarita

6. Pungsi beware atawa wawaran teh diantarana pikeun …a. Nepikeun niat hade kalayan sopan b. nepikeun informasi ka balarea c. nepikeun kahayang ka batur d. mangaruhan babaturan deukeut

7. Naek turunna lagu atawa wirahma nyarita waktu nepikeun wawaran disebut …a. Lentong b. volumeu c. lafal d. rengkak

8. Istilah dina basa Indonesia nu mibanda harti sarua jeung kecap wawaran teh nyaeta ….a. Berita b. presenter c. pengumuman d. reporter

9. Di antara media elektronik nu bisa dipake pikeun nepikeun wawaran nyaeta …a. Buletin b. majalah c. Koran d. internet

10.Di antara tatakrama nepikeun wawaran sacara lisan teh nyaeta ….a. Sikep awak kudu sangeunahna b. sora kudu ngoncrang tur eces c. make baju weuteuh tur mahal d. kudu bari diuk dina korsi

11.Anu sok ditulis atawa dijadikeun sumber sejarah lokal saperti asal Kota Sumedang biasana mah ….a. Carpon b. carita babad c. novel d. sajak

12.Nurutkeun sawatara carita babad, karajaan nu kungsi ngadeg di Tatar Sunda teh …..a. Sriwijaya b. Majapahit c. Pajajaran d. Mataram

13.Di handap ieu anu kaasup kana istilah tatanen iwal …..a. Macul b. tandur c. dibuat d. aseuk

14.Nyieun karangan pangalaman mah teu bisa diwangwang atawa papapantes, tapi kudu dumasar …….a. Data ti babaturan atawa ti kolot anu loba pangalaman b. data anu nyata, anu kungsi katempo atawa kaalaman c. kanyataan di lapangan atawa anu karasa ku urang d. naon wae anu dipikaresep ku urang atawa ku batur

15.Wangun basa anu hartina sabalikna atawa lalawanan tina basa sejen di sebut …a. Antoonim b. sinonim c. konotatif d. denotatif

II. Jawab kalayan singget tur jentre !1. Naon ari bedana antara bewara jeung iklan, coba jelaskeun !2. Naon anu disebut paguneman ?3. Bere 3 conto kalimah anu aya gaya basa lalandian !4. Jieun ku hidep conto bewara !5. Jieun ku hidep conto iklan !

Sok ah.. Urang mumule basa nini aki urang gunakeun lembar

sabeulah deui ….!

Nama : …………………… Tanggal : …………………

Page 2: Soal Uts Basa Sunda Vii-Viii-ix

MTs. ASSASUL ISLAMIYAH CIBATU CIKEMBAR SUKABUMIUlangan Tengah Semester Ganjil

Bahasa Sunda Kelas IXTahun Pelajaran 2012/2013

Petunjuk Mengerjakan soal Mimitian ku basmalah jeung ditungtungan ku hamdalah Kerjakeun soal anu di anggap gampang heula ku hidep Taliti deui samemeh dikumpulkeun Sersan ‘ sarius tapi santai ‘coy . . .

I. Soal Pilihan GandaBaca sempalan hutbah di handap ieu !Assalamu’alaikum wr.wb.Hotib muji sukur ka Alloh SWT.Lajeng nyanggakeun solawat sareng salam ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Diteraskeun kana maoskeun ayat al-Qur’an atanapi hadis nu aya patalina sareng eusi hutbah. Teu hilap deuih, hotib teh wasiat tur umajak ka jamaah pikeun ngaronjatkeun kaimanan tur kaeakwaan ka Alloh SWT1. Nu ditepikeun ku hotib dina hutbah di luhur nyaeta …

a. Muji sukur ka Alloh SWT, nyanggakeun solawat sareng salam ka Kangjeng Nabi , jeung wasiat ka jamaah b. muji sukur ka Alloh SWT, wasiat takwa ka jamaah, oge macakeun kecap basmalah c. Nyanggakeun solawat salam ka Kangjeng Nabi katut macakeun sawatara ayat al-Qur’an d. Macakeun sawatara hadis nu dianggap penting keur ngadeudeul eusi hotbah

2. Biatara nu eusina pangeling-ngeling, panitah, nasehat, panggeuing jeung wasiat ka manusia sangkan ngadeukeutkeun ka Alloh SWT disebut …..a. hutbah b. biantara c. wawaran d. laporan

3. Hotib nepikeun nasehat, panitah nasehat, panggeuing jeung wasiat ka manusia sangkan milampah kahadean tur ngaronjatkeun kaimanan jeung katakwaan, ayana dina bagean ….a. bubuka b. eusi c. panutup d. amanat

4. Ieu di handap aya kalimah anu ngandung kecap istilah kaagamaan …..a. Mang Soleh keur macul di sawah b. jalma takwa bakal asup ka sawarga c. iraha rek digawe ka Arab teh ? d. Mun panggih engke disalamkeun

5. Ieu di handap kekecapan nu asalna tina basa Arab, iwal ….a. naraka b. surga c. puasa d. solat

6. Dina ngeritik sastra aya tahap-tahap anu kudu dilakonan, diantarana …..a. analisis atawa apresiasi unsur karya sastra b. nafsirkeun eusi karya sastra c. ngajen atawa mere pertimbangan d. tema atawa jejer masalahna

7. Hiji jalma nu poho ka purwadaksina, poho ka dirina, poho ka Gurtina, Maksud purwadaksi dina sajak tadi nyaeta …a. asalna b. awakna c. hartana d. jejerna

8. Saruana atawa padeukeutna sora-sora di unggal padalisan sajak atawa kawih disebut …..a. purwakanti b. purwadaksi c. suasana d. nada lagu

9. Sajak nu judulna Korun ngagambarkeun jalma ……a. basajan b. jegud c. koret atawa kumed d. balabah

10. “Jaman Nippon, kasenang teh akon-akon, maksud Nippon nyaeta jaman …..a. Walanda b. Jepang c. Portugis d. Inggris

11. Mun kapendak dahar bari nangtung, gantawang Bapa nyeseulan, eta kaasup kana kalimah ….a. konotatif b. denotatif c. ngantet sumeler d. sinonim

12. Surat nu ditulisna ku salasaurang jalma tur dikirimna ka jalma lianna disebut …..a. surat resmi b. surat pribadi c. surat uleman d. surat dines

13. Surat anu dikirimkeun ku hiji jawatan atawa instansi ka hiji jalma atawa ka jawatan/instansi deui disebut..a. surat pribadi b. surat uleman c. surat elektronik d. surat resmi

14. Di antara mangpaat nulis surat teh , iwal …..a. ngantengkeun silaturahmi b. kaperluan korespondensi c. dokumentasi sajarah d. ngalatih ngetik jeung nulis

15. Bagean surat anu netelakeun ka saha jeung ka mana ditujukeun surat disebut …a. alamat surat b. bubuka surat c. titimangsa surat d. panutup surat

II. Jawab kalayan singget tur jentre !1. Naon anu disebut hutbah teh ….?2. Paluruh 3 (tilu) kecap nu aya patalina jeung istilah kaagamaan, tuluy larapkeun kana kalimah !3. Naon nu dimaksud kritik sastra teh ….?

Sok ah.. Urang mumule basa nini aki urang gunakeun lembar

sabeulah deui ….!

Nama : …………………… Tanggal : …………………

Page 3: Soal Uts Basa Sunda Vii-Viii-ix

4. Naon nu disebut surat pribadi jeung surat resmi ?5. Tataan tur jentrekeun bagean-bagean surat resmi ?

MTs. ASSASUL ISLAMIYAH CIBATU CIKEMBAR SUKABUMIUlangan Tengah Semester Ganjil

Bahasa Sunda Kelas VIIITahun Pelajaran 2012/2013

Petunjuk Mengerjakan soal Mimitian ku basmalah jeung ditungtungan ku hamdalah Kerjakeun soal anu di anggap gampang heula ku hidep Taliti deui samemeh dikumpulkeun Sersan ‘ sarius tapi santai ‘coy . . .

I. Soal Pilihan Ganda1. Dina karawitan Sunda, antara kawih jeung tembang teh dibedakeun, dina kawih mah aya wirahma jeung ..

a. Tempo b. padalisan c. jajaran d. konci nada2. Kakawihan sok disebut oge kawih murangkalih atawa kawih barudak lantaran ….

a. Dikawihkeun ku barudak sakola b. eusi rumpaka kawihna ngenaan barudak c. dikawihkeunana dina kaulinan barudak d. wajib dihaleuangkeun ku barudak sakola

3. Judul-judul kakawihan barudak nu popular dina sastra Sunda, iwal ….a. Oray-orayan b. pocicipoci c. hompipah d. talak tilu

4. Gagasan poko anu rek ditepikeun ku nu ngarang rumpaka kawih ka nu maca disebut …a. Purwakani b. tema c. nada d. suasana

5. Kawih, kakawihan , jeung tembang teh umumna ditulis dina wangun sastra …..a. Drama b. prosa c. prosa liris d. puisi

6. Kagiatan guneman Tanya jawab antara nu ngawawancara jeung nu diwawancara / narasumber nu tujuanna keur ngumpulkeun informasi ….a. Debat b. wawancara telepon c. wawancara lamaran gawe d. wawancara wartawan

7. Nu disebut angket wawancara nyaeta …a. Daftar patalekan anu rek ditanyakeun b. daftar kaperluan wawancara c. alat paragi ngarekam dina wawancara d. alat paragi syuting dina wawancara

8. Sawatara hal anu kudu dilaksanakeun waktu wawancara, iwal …..a. Make basa Sunda anu merenah b. nyatetkeun informasi penting anu ditepikeun ku narasumber c. leuwih hade ngarekam hasil wawancara d. menta duit ka narasumber lantaran geus diwawancara

9. Saruana atawa padeukeutna sora-sora di unggal padalisan sajak atawa kawih disebut …..a. purwakanti b. purwadaksi c. suasana d. nada lagu

10. Jalma anu mere informasi atawa jalma anu diwawancara disebut …a. Narasumber b. pangjejer c. panumbu catur d. moderator

II. Jawab kalayan singget tur jentre !

1. Naon anu disebut kawih ?2. Naon anu disebut wawancara ?3. Naon anu disebut angket wawancara ?4. Hal-hal naon wae kudu diperhatikeun mun urang rek ngayakeun kagiatan wawancara ?5. Naon bae anu kudu diestokeun mun urang arek ngayakeun wawancara.

Sok ah.. Urang mumule basa nini aki urang gunakeun lembar

sabeulah deui ….!

Nama : …………………… Tanggal : …………………