57

Mangle 2458

Embed Size (px)

Citation preview

Page 1: Mangle 2458
Page 2: Mangle 2458

0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986

ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69

BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun

No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350

ISSN: 0852-8217

ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:

Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-

7309720

E-MAIL: - [email protected]

- facebook: Majalah Sunda Mangle

PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm),

Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG

RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,

WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib rata,

Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendra yana,

Eep Nandang R, Narti. Taufik Rahayu. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRETARIS

RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSA NA Ayi Sundana, SEKRETARIS :

Tuti Rohimah. DOKUMENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA

RUPA/PRA CETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana,

KORESPONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun

Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega

Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,

IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai

Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.

Kahirupan mah teu sakelir. Tumpa-tumpahenteu rata. Nya ku lantaran béda-béda téa,bisa jadi cukang lantaran silihpikabutuh.

Liar cai, bisa sotéh mayéng ngocor lantaran nukaliliwatanana luhur-handapan.

Ngan, tangtu sual karaharjaan mah, aya ugerananu jinek. Najan béda, ulah nepi ka jadi pasualansosial nu matak bengkah. Béda-béda kaayaan mah,tangtu, ngan ulah ganjor teuing, ulah kawas jurangnu lungkawing.

Ukuran karaharjaan, aya tatapakanana. Puguhrengkolna dina undang-undang. Di dinya aya cate-tan papagon sangkan rahayat hirup jeung huripna.Copélna, bisa nyumponan bubutuh hirupsapopoéna, pangan, sandang, jeung pangiuhanana.Nu saterusna jadi cukang lantaran tinemu bagja.

Upaya ngaronjatkeun karaharjaan, misti tuluy-tuluyan. Lian ti kitu, deuih kudu diupayakeun kusakumna pihak, boh pamaréntah, boh masarakat.Hartina, masarakat gé kudu jadi palaku, lain ukurnu jadi sasaran program pamaréntah.

Tumali jeung karaharjaan masarakat, pamaréntahdaérah gé misti boga lengkah anu jinek. Da, nu pang -raketna ka masarakat mah masing-masing pamarén - tah daérah. Nya pamaréntah di ieu ting katan, nu bisangararasakeun keteg haté masarakat na.

Mitra, tumali sareng kamajengan daérah, Mangléteu weléh ilu-biung ngarojong kamjengan daérah.Ngalangkungan parakorésponden di daérah, wartadaérah tiasa dipidangkeun geusan silihpikawanohsareng sasama nu sarasa, sabasa, ogé sabudaya.

***

Ngudag Hirup Pinanggih Hurip

LLawangSakéténg

Page 3: Mangle 2458

LAPORAN

Pasawahan Salin Rupa

Alatan Aturan teu Peurahan

........................................................... 8

DI KIWARI MACA BIHARI

Ronggéng Gunung Sisingaan

......................................................... 41

KOLOM

“PANCABUDI”

Peperenian Karuhun Keur Para Guru

Prof.Dr.H.Asep Sjamsul Bachri, M.Pd.*)

......................................................... 46

NU MANEUH

Lawang Saketeng ............................... 1

Kaca Tilu ............................................ 3

Nyusur Galur .................................... 12

Munara Cahya ................................... 14

Tanya Jawab ..................................... 16

Aweuhan .......................................... 17

Gedong Sate ...................................... 42

Katumbiri .......................................... 44

Bale Bandung .................................... 50

Mangle Alit ...................................... 51

Tarucing Cakra .................................. 55

Lempa Lempi Lempong .................... 56

5TAMU

M. Ridwan Kamil;

Mémérés Bandung, Pribumi Ulah Pundung

Po

tre

t : R

eis

ya

n

Teu karasa waktu nu disanghareupankari dua taun deui. Taun 2015 kuring rékmungkas tugas, ngécagkeun pancén nugeus 38 taun dipajuan. Enya umur téhdua taun deui 60 meureun. Geus lila

ning hirup di dunya téh. Lain teu karasa,karasa pisan lilana éta waktu. Tapi ku

kasibukan digawé jeung nyanghareupannu kudu diréngsékeun nya jadi nyérélék

waktu téh................

Jalan Nu Panjang

JAGAT WANGWANGAN

( 17 - 40 )

Page 4: Mangle 2458

3Manglé 2458

KKacaTilu

Hakim Artidjo

Aya béja cenah UniversitasIslam Indonesia Yogyakartaaya niat arék masrahkeun

penghargaan (award) ka hakim Ar-tidjo Alkostar. Mémang éta téhsalasahiji tradisi UII. Diantara anugeus meunang award saméméhnaaya Amien Rais jeung Mahfud MD.

Tapi Artidjo cenah nolak kanaéta rencana. Alesanana lantarannurutkeun étika, hakim teu meu-nang narima hadiah naon baé.Tangtu wé sikep Artidjo anu sakitutandesna téh bisa nimbulkeunrupa-rupa pamanggih. Naha ariaward bisa digolongkeun kana ha-diah?

Rék kumaha baé koméntarna,sikep Artidjo saperti kitu sajalanjeung tangtunganana salila ieu.Dina putusan-putusanana Artidjobisa jadi hiji-hijina hakim di uranganu ngukuhan pisan kana étika.Putu san-putusanana lain ngansakadar ngandelkeun pasal-pasalnu aya dina undang-undang, tapiogé dipatalikeun jeung masalah-masalah étika katut moral.

Angelina Sondakh anu ngaju -keun kasasi dina urusan hukumananu geus ditibankeun ku pengadi-lan Tipikor, apan ku Artidjo mahkalah ditambahan lantarantinimbangan ana dipatalikeun jeungkalungguhan Angelina saméméhnakatut sikepna dina nyanghareupanurusan hukum. Kitu deui waktu Ar-tidjo mutuskeun hukuman anukudu ditibankeun ka dokter anungajalankeun praktékna méngpar

tina étika.Cindekna, geus sababaraha kali

putusan hukum anu ditéken ku Ar-tidjo Alkostar nimbulkeun kontro-vérsi.

Geus ti béh ditu kénéh ArtidjoAlkostar rada mindeng kacarita -keun ana. Manéhna téh hakim anuhirupna basajan pisan. Sanajankalungguhanana hakim agung, tapisapopoéna mah prah waé jeungrayat biasa. Mobilna gé mobil kolot.Malah ka kantorna mindeng kanabeus atawa bajaj.

Henteu loba hakim atawapaming pin di urang anu ludeunghirup saperti kitu. Dina hartingandelkeun gajihna anu teusabaraha lamun dibandingkeunjeung pangabutuhna sapopoé.Umumna mah apan sok subat-sabet, kaasup ngarasa normallamun ngala duit tina perkara anukeur diurusna.

Kahirupan Artidjo Alkostar pa-palingpang pisan jeung AkilMochtar. Malah lir ibarat bumijeung langit. Padahal duanana gésapangkat, pada-pada hakimagung. Akil mah mobilna gé pulu -han, jaba euweuh hiji gé mobilkolot. Atuh imahna di mana-mana.

Sabenerna, jalma-jalma anupama degan hirupna saperti Artidjotéh aya kénéh nu séjénna, najan teuréa. Di lingkungan kehakimanupama na kungsi aya BaharuddinLopa jeung Bismar Siregar anuhenteu kabawakeun ku lingkungan -ana anu korup. Atuh di kepolisian

kungsi aya Hoegeng Iman Santosoanu teu teurak ku disogok.

Bung Hatta ogé nyontoan hiruphenteu kokomoan. Dina sakalinakabita hayang sapatu mérek Ballyapan henteu bisa langsung kop kitubaé. Hirup saperti kitu téh beukidieu kalah beuki pada ngajauhan.Pamingpin di urang, kaasup anujareneng dina urusan hukum,agama, pendidikan, geus kabawapalid ku kahirupan anu hayangsarwa gaya, sarwa gampang jeungpupujieun.

Di Kota Bandung anyar kénéhkajadian. Caritana Kepala DinasPendidikan téh tacan aya gantinasabada Odji Mahrodji pangsiun.Wali Kota Bandung nu anyar, Rid-wan Kamil naratas gaya anyar anugeus dicontoan ku Jokowi diJakarta. Milih kepala dinas nuanyar henteu sakumaha ilaharna,cukup ku ditetepkeun dina suratkaputusan, tapi ieu mah ku jalandilélang. Sing saha anu nyumponansarat-saratna, nya manéhna anubakal diangkat.

Dina derna diayakeun lélang,cenah taya saurang gé anunyumponan sarat. Saréréa milureuwas, piraku nepi ka kitukajadian ana? Piraku di sakuliahKota Bandung euweuh hiji géjelema anu pantes jadi KepalaDinas Pendidikan? Apan jelemasakitu lobana?

Padahal anu jareneng di widangpendidikan di Kota Bandung ki-wari, apan sakitu garindingna. AM

Page 5: Mangle 2458

Alhamdulillah, ku jalaranaya program Citarum Beresihmugi sing janten modal awalkanggo urang sangkan nga-mumulé ieu sumber kahuri-pan. Nanging sim kuring badésakedik masihan saran kanggoprogram ieu, duméh aringadamel atanapi nyiptakeunlahan konservasi disababaraha désa percontohanmah....tangtos bakal di rojongku warga. Kumargi da arihakékat urang sunda mahtangtu bakal ngarojong naonrupi program ti ais pangampihanu tujuanana kanggo ka-maslahatan balaréa.

Anu kedah janten konsen-trasi mah justru di palebahanu ngotoran ieu citarumnyaéta ti kalngan industri anukacida teu gaduh haté jeungrarasan pikeun miceun limbahka walungan. Sarengna deuianu ngajanten keun simkuringngarasa sedih téh, éta Citarumbisa gunta-ganti kelir cainatéh. Poé Ahad hideung, Senenbulao, Salasa beureum jst.

Kanggo bahan perban -dingan mah...mangga sindangka Karawang...anu éta kotadikurilingan ku Citarum....dameni bingung naha teu ayadepartemen atanapi pihak pa-maréntah anu ngurus kanalingkungan sareng kalestarianalam? Upami jawabana aya,naha enya teu katingal éta caianu samodél kitu? Ahirna sokjol rasa suudzhan...boa anukatingalina ukur duit tina anumiceun éta limbah. Nauzubi-lah himindalik...lamun toskitu kaayanana.

Tah ku kituna anu kudujadi konsen pisan ti aparatpamarén tahan provinsi, salianti ngadamel lahan konsevasitéh, nyaéta mastikeun gaduhwawanén ajang merangankakuatan duit anu ngaluak-liukeun aturan sangkan bérés

ku alatan ditingalikeunangka...duit.

Sakali deui simkuringngarojong kana program ieu.Kantenan sareng ngadoakeunmugi ieu program sing ayadina rido Alloh nu Kawasa,sareng dipasihan kasadaranka sadayana kanggo niténan,yén pentingna alam kanggokahirupan.

Pungkas ti simkuring, tingawitan Bapak Gupernurdugi ka rahayat paling han-dap, hayu urang perangankadoliman anu ngeunaanngancurkeun kana sagalasendi kahirupan di Jawa Barathususna, atuh umum na dinaga ra urang. Amin. ***

Baktos

Ikhsan SantosaEmail :

[email protected]

Wilujeng Taun Anyar

Sampurasun!Wilujeng enjing Nyi

Mang le? Muga daramang,sarehat lahir batin. Simkuringsareng sakulawarga oge al-hamdulillah daramang.Duh...sok waas ari ngadamelserat ka Mangle teh, asa kawargi nyalira. Atuda Manglemah ti kapungkur oge asacaket, ati Sunda jati Sunda tea.Sakali deui nuhun pisan kutiasa dimuatna ieu serat.

Nyi Mangle, singhorengsakedap deui urang teh rekganti taun. 2013 ninggalkeunganti jadi 2014. Ganti taun tehmeureunan lain saukur gantiangka taun, tapi meureunankudu ganti atawa robahsagala. Kumaha Nyi Mangle,bade robih? Ah nuhun baepami aya emutan bade robihmah. Tangtu simkuring mah,miharep robihna teh ka nulangkung sae. Terus terang

wae, Mangle ku abdi mahseueur ditawakuf pisan. Soksanaos ampir tiap minggonsok nepangan kekecapan nulepat, ah meureunan eta ogetos maksimal damelna. Tapikeun bae, nu atos-atos mah.Ayeuna mah urang emutankanggo kapayunna. Mudah-mudahan wae ulah mendakandeui kalepatan. Dina hartosupami aya kalepatan deuimah, hartosna Mangle alimrobih.

Punten nya simkuringnyarios kitu. Ieu mah sanesnaon-naon balas nyaah kaMangle teh. Eta oge meureunseueur surat nu lebet ka koro -pak Mangle perkawis nudidugikeun ku simkuring.Estu ning ieu mah etang-etangnyaketkeun deui silaturahmibae.

Saperkawis eta, atuh ayasababaraha nu hoyongdidugikeun perkawis ngeusiantaun 2014, utamana dina sualkamekaran budaya Sunda.Budaya Sunda, memang keursimkuring mah lain wungkulkatembing dina pagelaranatawa seni Sunda, sapertiangklung, jaipongan, silatjeung sabangsana, tapi keurSimkuring mah, kamekaranSunda teh aya dina polah diriurang sorangan, nyaeta anuNyunda. Nu kumaha anunyunda? Kantenan simkuringmiharep nyaeta anu luyujeung pasipatan Sunda nu ka-catet dina ayat-ayat atawaparibasa Sunda. Boh keur di-rina, keur lingkungan, keursasama, saluhureun, sahanda -peun atawa nu aya patalinahubungan sareng Alloh Swt.Tah nu pandeuri mah mala-han kedah diutamikeun. Dinahartos urang Sunda mahkedah agamis, kedah islami.Lantaran, singhoreng Sundamah dalit pisan jeung Islam.Hartina paripolan urangSunda mah, islami pisan.Hartina, upama urang Sundakorupsi, nya lain urang

Sunda.Urang Sunda koret lainurang Sunda. Urang Sundasok gibah, riya, tara solat,hawana hayang nyarekan bae,henteu tawaddu, sombongadigung, gede hulu asa aingpangbenerna, jeung sabangsa -na, eta teh lain urang Sunda.Palebah dieu mah simkuringmah urang Sunda mah ayadua golongan. Kahiji nunyunda, kadua golongan numunafik. Munafik teh, luarnajiga Sunda, tapi jerona meng-par ti Sunda.

Tah, dina taun 2014 mah,hayu urang singkahan polahnu patojaiyah jeung pasipatanSunda. Carana kumaha? NyiMangle simkuring aya usul,kumaha upama aya nunyusun deui buku gede, pan -duan sangkan urang Sundaapal, saha nu nyunda teh.Kadua, boh pamarentah bohpaguyuban Sunda, masingulah bosen-bosen ngabewara -keun malah ngajak, sangkanjadi jalma nu Nyunda. Malahunggal minggu mah pamaren -tah kudu ngajeblagkeun baligonu badag, ngeunaan pangajaketa bari dasarna paribasaSunda. Asana endah upamakitu.Contona wae dina span-duk teh atawa baliho teh, ‘NUKORUPSI LAIN URANGSUNDA’ atawa ‘NU BODO,NU KORET, NU GIBAH, NUTARA SOLAT, LAIN URANGSUNDA!’. Tah, simkuringmah usul teh kitu. Henteu jigaayeuna, mani suwung pisanpara inohong, paguyubanatawa pamarentah Jawa Baratdaek ngajak masarakatsangkan bener, luyu jeungpasipatan urang Sunda.

Sakitu wae surat anu tiasadidugikeun. Hapunten bilihaya kekecapan nu kirang mer-enah.

Wassalam,

Pa Udin HamdanTi Bojong Kacor

CimenyanCibeunying Bandung

Manglé 24584

Program Citarum Bersih

KKoropak

Page 6: Mangle 2458

5Manglé 2458

TTamu

Bandung

lir pangauban.

Kaseundeuhan

jalma-jalma ti jauhna.

Ngan,

pribumi mah loba nu

kaburak, lantaran

kasilih deungeun.

Kumaha ketak walikota

Bandung?

***

Page 7: Mangle 2458

Mahing élmu ajug! Kitupibasaeun nu merenahdilarap keun ka M. Ridwan

Kamil, Walikota Bandug mah.“Ulah ukur ngagaduhan gagasansareng mapatahan, tapi kedahprakna di mimitian ti diri pribadi,”ceuk Walikota Bandung, JawaBarat.

Kahayang nu dibarung ku praknatéh, di antarana tumali jeungngabebenah kota Bandung. Sapertinu tumali jeung pasualan patali-marga, misalna, nu ditartibkeun teh,jalan jeung nu marakéna. Atuh, dinasual ngungkulan macétna jalan,wali kota ge ngompanyekeun makésapédah. Lain ukur umajak, da inya -na gé, jeung prakna, ngabiasakeunmaké sapédah mun indit-inditantéh.

Nu jadi kacapangan, waktu kom-panye, mémang patékadanana.Karepna gé mémérés kota Bandungsina nanjung. Apan, kekecapananage, Bandung Juara! Nu hartina,sagalana nu aya di Bandung mahkudu punjul. “Nu diprogramkeunkedah teras ditaratas dilakasana -keun,” pokna basa ngawangkong dikantorna, Balé Kota Bandung, JalanWastukancana.

Karep ngobrol jeung walikota,teu gampang. Manglé gé hayang

tepung téh hésé naker. Geus paheutméré waktu gé, walikota ngabolay -keun. Kakara saminggu ti harita di-jadwalkeun deui wawancara. Atuh,waktu ngajangjikeun tepung tabuhlima soré, kakara laksana tabuhtujuh peuting. Kitu téh, lantaranwali kota, udar-ider ka lapangan.

Tuman prak ngalaksanakeunpagawé an ku sorangan, ieu walikotanu kakara mancén gawé tilu bulanteh, teu ukur resep tukangeun méja.Najan percaya ka balad-baladna numigawe masing-masing pancénna,tetep inyana mah kudu nyaksianbulé-hideungna di lapangan. “Dinasaratus dinten mancén tugas, sababa -raha padamelan tos dilaksana keun,mangga wé uningaan,” ceuk ieu wali -kota pituin Bandung téh.

Pasualan padagang kaki lima(PKL), tembong hasilna, saperti nukasaksén di Jalan Kapatihan. Timangsa ka mangsa, urusan éta téhteu weléh jadi garapan gawé wali -kota Bandung. Mémang, lir siraruPKL mah, matak riweuh hésédisingkah keun. Mun dibuburak gébréng deui wé. “Pamarékananakedah jinek, paparin heula solusi,nembé ditartibkeun,” pokna.

Mahing nu PundungGuluburna dayeuh Bandung,

tembong di mana-mana. CacandranBandung heurin ku tangtung, geuslila jadi kanyataan. Ngan, nya kitu,lobana nu bubuara di dayeuhSangkuriang téh, loba mamalana.Lahan padumukan, mingkin lilamingkin heureut.

Tempat kasab masarakatsabudeureunana, salin rupa jadigedong, toko, jeung pabrik. Lahanpasawahan, tempat buburuhlaleungi tan. Atawa, mun usumpalega, lahan téh pangulinan ingon-ingon saperti munding, domba,embé, jeung sajabana, éta gé karidongéngna. Heureutna lahanpakasaban, ngalantarankeun lobanu leungiteun pangharepan. Antuk -na, pribumi nu hirup dalit jeungalam loba nu teu kuat nandanganhirup di lembur sorangan. Milih‘nyisi’, ingkah ka lembur nu jauh tidayeuh Bandung.

Jlug-jlegna wawangunan sigrongdi ieu kota, keur sabagian wargaBandung mah jadi mamala. Lobananu hirup teu jeung huripna, teu bogapadumukan, oge teu boga pakasa-ban, butuh panalingan anu jinek tipamarentah kotana. “Ku margi kitu,nu kedah dironjatkeun téh SDM-na,” ceuk ieu walikota nu lahir dikota Bandung téh.

Program Kota Bandung, mé-

Manglé 24586

TTamu

M. Ridwan Kamil, Walikota Bandung Memeres Bandung bari prakna

Page 8: Mangle 2458

mang jinek, ceuk Ridwan mah.Urang Bandung kudu meunangpanalinga daria ti pamarentah kota.Contona, tumali jeung PKL, nudiutama keun teh nu boga KTP Ban-dung. Hartina, keur pribumi, urangBandung lolobana mah.

Tumali jeung padumukan gékitu. Imah-imah basajan atawa nukatelah rumah susun sewa(Rusunawa) nu diadegkeun kupamaren tah kota, disayagikeun keururang Bandung. “Tangtos asal luyusareng pasaratanana,” pokna.

Kumaha ari panalinga ka baru-dak sakola? Walikota gé jinek, mérébéasiswa keur barudak Bandung nusarakola! “Program sapertos kitu,neueul kana kapentingan wargaBandung,” pokna.

Loba rarancang gawé nu keur di-gederkeun, saperti nu tumali jeunglingkungan. Bandung nu sohor tiishawana, mingkin dieu mingkinpanas. Usum halodo mah nyongkab.Kitu teh, lantaran loba lahan nuasalna remet ku tutuwuhan, salinrupa diparaké wawangunan. Nukawas kitu téh, saperti padatarandayeuh Bandung tatar kalér. “Tingawitan ayeuna, tos aya kacinde -kan, aya aturan husus nu tumalisareng wawangunan di kota Ban-dung,” ceuk Ridwan Kamil nu ahlinata kota téh.

Malah, pihakna bakal tigin kanaaturan. Moal gampang méré idin

keur nu ngawangun tatar Bandungpakaléran. “Malah upami nyata-nyata mengpar tina aturan,wawangu nan nu tos ngadeg gétiasa dibongkar,” pokna tandesnaker.

Nu boga karep ngawangun diBandung wewengkon tengah, kudutigin kana aturan. Di lebah dinyamah, apan loba wawangunan nungandung ajén sajarah. “Ulah dugika wawangunan nu lebet cagar bu-daya reksak atawa musnah,” ceukieu walikota nu resep macaan buku-buku sajarah téh.

Di mana mekarkeun wawangu-nan? Aya ajangna. Nu boga karepngawangun mah bisa kénéh di tem-pat séjén, saperti wewengkondayeuh Bandung beulah kidul jeugwetan. Kitu ceuk M. Ridwan Kamilnu katelahna Kang Emil téh.

Ngaji Rasa

Ridwan Kamil engeuh pisan,loba kabiasaan mangsa ka tukang nuteu bisa dilakonan deui. Apan, keurjadi pagawe mah, lakar daék ingkah-ingkahan gé. Remen kalana- kulunuka toko buku, da karesepna diantrana macaan sajarah jeung buahpikiran para inohong tingkat dunya.

Kaweruh kana sajarah jeung bu-daya, karasa pisan pentingna keurpamingpin mah. Da, nudisanghareupan ana oge masarakat

nu miboga rupa-rupa adat, pasipa -tan jeung kabiasaan. Hartina, jadipamingpin teh kudu bisangararampa angen-angen wargana.

Ngajak urang Bandung méméréskotana, ceuk Pa Wali mah, teususah. “Urang Bandung gampangdiajak gotong-royong, babari diajakkana kahadéan,” pokna.

Ngan, cenah, memang kudu ayanu ngajakna. Da, lir nu narungguankandaraan di sisi jalan, mun tayakandaraan nu ngaliwat mah anggerwé caricing. Hartina, kudu loba nungajakna. Bukti cenah, waktu wali -kota ngajak warga nyieun sajutasumur seserepan (biopori), apan etapangajak teh meunang pangbagéa tisaban pihak. Warga Bandung, sabankulawarga, ubyag nyarieun sumurseserepan.

Loba kabiasaan Kang Emilmangsa lawas, nu kari waasna.Ngan, kabiasaan sasapédahan mahangger keneh. Da, loba mangpaat -na, cenah, keur dirina mah. Lirreureuh tina kariweuh, bari sapa-parat jalan bisa nyalsé ngimeutankaayaan patempatan. Sakalian olahraga, bisa pataréma leungeun jeungwarga Bandung nu tepung di jalan dipasampangan. Bari ngaboséh sapé-dah, Kang Emil gé, bisa nyurahankaayaan palemburan geusanngararasakeun keteg hatémasarakat. ***

(Ensa/Dedas)

7Manglé 2458

Pribumi Bandung ulah pundung Tibelat ka mangsa lawas

Page 9: Mangle 2458

Geura langlang palemburan! Ditatar Sunda, moal weléh bruh-bréh pasawahan. Mun ditempo

ti luhur, padumukan téh patingarenclolir pulo-pulo. Lahan nu ngamparwarna-warni sakapeung héjo, saka -peung konéng, da puguh antara lemburjeung lembur téh kaselang ku upluk-aplakna pasawahan. Iraha éta téh? Nahamasih kénéh kitu? Sawaréh mah, karidongéngna! Remen kasaksén gerungnaalat-alat pangeruk taneuh, ngaranjahpasawahan. Atuh, teu anéh, upamaahirna , lahan pasawahan kari urutna.

Geura bandungan wé, lahan-lahansaperti di Karawang, Bekasi, Subang,Majalengka, Kabupatén Bandung, jeungsajaban, loba nu robah wanda. Kitu deuidaérah-daérah séjénna, nu ngarannasawah mah, loba nu robah wanda, jadipabrik, toko, jeung paimahan.

Naha taya tarékah? Ih, palias! Munmah, kudu diomongkeun, teu weléhwéhwél Ahmad Heryawan, GupernurJawa Barat gé. Méh dina saban kagiatanKang Ahér teu weléh cumeluk jeungumajak, sangkan masing-masing pihakengeuh jeung miduli kana lahan tatanén.“Sawaah nu caina ku irigasi téhniskalayan bisa panén sataun tilu kali, kududipiara ulah nepi ka robah pungsina!”.Tah, kekecapan pamingpin tatar Sundatéh remen pisan kabandungan kubalaréa.

Horéng, kekecapan gupernur kitutéh aya tatapakanan. Nyarék téh puguh

dadasarna, aya réngkolna anu jinek,dina aturan daérah. Enya, apan écés ayaPeraturan Daerah (Perda) No. 27 taun2010. Di dinya téh jinek naker, lahantatanén anu mayeng (berkelanjutan),teu meunang digunasika. Atuh, mun ka-paksa-kapaksa teuing, ogé kudu keurkapentingan umum nu dumasar kana

panalungtikan anu gemet. Kacocéngnaulah leuwih ti sapuluh persén tina legananu nyampak di dinya. Lian ti eta kudugeus aya pigantieunan.

Perda mah, mémang tembrés. Lirkekecapan kolot, mun butuh supanakudu daék miara catangna. Sawah téhkeur padumuk lembur mah, lain ukurlahan paré, tapi deuih jaminan lumang-sungna kahirupan nu raket tumalinajeung alam atawa lingkungan. Kasaksén,robahna pasawahan saperti jadiperuma han, nu leungit téh lin ukur béastapi deuih sirnana sora-sora embé,munding, jeung rakékna meri!

Leupas KadaliNu kiwari, lain bihari. Karuhun

Sunda baheula, ngahaja ngabedah lahannu asalna tegalan jadi pasawahan. Kitu

deui nu asalna rawa gé dibebenah, di-jieun sawah. Mun leukeun ngimeutantarékah karuhun, bakal atra tapak la-cakna ngupayakeun kamandirian tu-runana téh. Salah sahiji conto bupatiBandung baheula, R.A.A.Wiranatakusumah V (1888 – 1965),mah waktu jeneng bupati Cianjur, apan

ngaja ngabedah Rawa di Cihéa, Ci -ranjang Cianjur. Rawa panonoban reu -ngit malaria mangsa harita, disulap jadisawah nu legana 2500 hektar! Caritakitu, natrat dina haté rayat, rasatumarima na diukir dina prasasti. “Kujasana Radén Tumenggung Wiranata -kusumah Bupati Cianjur 1912-1920rawa reungit malaria ieu diciptakeunjadi pasawahan upluk-aplak héjo-lém-bok tur karaos hasilna ku rahayat turun-tumurun.” Rahayat nu nyieun prasati(tugu), teu lali ka purwa daksi. Kanyaahkaruhun natrat nepi ka kiwari. Jasana,jadi tuturus hirup nu jeung huripna, tibihari ka kiwari.

Tapi, tatar Sunda mah da pangau -ban. Kaseundeuhan ku nu ti mana nu timendi. Najan nyémah, sageuy hirupukur sararak-siruruk. Atuh, nu gedé

Manglé 24588

LLaporan

Gupernur Jawa Barat, Ahmad Heryawan

Pasawahan ngaheureutan. Balukarna, loba nuleungiteun pakasaban. Naha enya kitu téhbalukar aturan teu peurahan?***

Pasawahan

Salin Rupa

Alatan

Aturan

teu Peurahan

Page 10: Mangle 2458

‘kanyaahna’ ka sasama, jeung ‘telik’ kanapihasileun, dug-deg nyadiakeunperuma han, pabrik, jeung sajabana. Pa-betot-betotna kabutuh balaréa jeungkauntungan pribadi pangusaha jugala,Perda nu jadi panyalidungan rahayatJawa Barat gé dilabrak. Robahna pungsilahan, lir kuda leupas kadali!

Nu ngadon usaha di Jawa Barat, pa-heula-heula, ‘ngaririhan’ sawah-sawahurang lembur. Dibibita ku harega, nukeur ukuran bulu tani mah pikauruyeun.Antukna, kagelo ku pangbibita!

Leungit lahan, ilang tatapakankahirupan. Nu ngajarual sawah gé, ka-paksa lunta nyisi ngajauhan lemburasalna. Lunta ti lembur, lain ukurleungi teun lahan usaha, tapi deuihanggang tina kanyaah dulur jeung

baraya.Ti baheula mula, Jawa Barat mah

sohor lahan tatanénna. Malah, kaasupleuitna paré nasional. Atuda, méh 23persén tina legana lahan 29,3 rébu kilo-méter pasagi, disadiakeun keur lahantatanén pangpangna paré. Mémang, teubisa dileuleungit Jawa Barat mangrupa‘pabrikna’ béas keur ékonomi Indo -nésia, da hasil tatanén ti ieu wewengkontéh nyumbangkeun 15 persen tina totaltatanén Indonésia.

Hasil tatanén Jawa Barat téhngawengku béas, jagong, bungbuahanjeung sayur-sayuran. Di sagigireun éta,ngahasilkeun entéh, kalapa, sawit,karet, gula, coklat jeung kopi.

Pentingan tatanén di Jawa Barat,jadi harepan balaréa. Kitu téh, lain ukur

harepan urang Jawa Barat, tapi deuihurang Nusantara sakumna. Matak, teuanéh upama Himpunan KerukunanTani Indonesia(HKTI) Perwakilan JawaBarat kacida miharepna PamaréntahProvinsi (Pemrov) Jabar ngancokeunanggaran nu mihak kana cumponnapangan dina taun 2014.

Ketua Harian HKTI perwakilanJabar Entang Sastraatmadja nétélakeunupaya Pemprov Jabar dina ngararan-cang kakuatan pangan taun 2014, mi-nangka leuitna pangan nasional.

“Pakarepan kawas kitu bisa nga -wujud upama ayana pulitik anggaran numihak kana anggaran keur kapentingantatanén di Jawa Barat,” pokna sawatarawaktu ka tukang.

Salila ieu, ceuk Entang, alokasi

anggaran nu teu nyukupan, jadi cukanglantaran lobana pasualan di sakumnasektor, nya sual tatanén gé teu iwal.

Lain ngan ukur kitu, ceuk ieu urangHKTI, aya sababaraha lengkah nu kududitalingakeun dina ngagrancang ka -ajegan pangan. Naon téa? Ceuk Entangmah, kawijakan regulasi anu hadé dinangabebenah sarana jeung prasaranatatanén, ngeureunan robah pungsilahan tatanén, ngaronjatkeun hasil, nga-mangpaatkeun téhnologi, jeungningkatkeun panyuluhan.

Pasawahan, lain ukur amparanlahan. Di dinya, nyidem rupa-rupa hartinu nyamuni. Surahaneun, sangkanhirup tinemu hurip. Leungitna sawah,lain ukur ilang paré, da ogé loba rambat-kamaléna. Lir nu teu boga lemah cai,

bakal ilang harega diri. Da, nu kawaskitu mah, hirupna ge ukur aya dinatungtung curuk batur.

Dina sagala urusan, urang Sunda,loba keneh nu ‘sadaya-daya’, kumahanu dibendo. Atuh, kacida pentingna,pamingpin ngarti kana pasipatanrahayat na. Komo deui, ari pamingpintatar Sunda nu ‘diariket’ mah, meureunmoal susah nagrti dan sabudaya rasajeung wargana!

Ngurus ngatur kahirupan, mémangkudu jinek! Kudu napak kana aturananu nyampak. Ngan, tatapakan sapertiPerda, bisa sotéh peurahan, mun dicekelkadalina ku nu boga kakawasaan. Da,percumah, mun lir oray teu peurahanmah.

Tumali jeung urusan pangan, ke-

tang, teu kudu ngandelkeun urang ‘gi-rang’. Nu dumuk di palemburan,sageuy teu aringet kana papatah kolot.Apan, cenah, mun butuh supana kududaék miara catangna. Tah, nu kawskitu aya kénéh conto kiwari gé. Dimana? Tuh, di pasisian dayeuh Ban-dung, di wewengkon nu katelahSangkan Hurip. Di dinya, aya celak-celak cahaya kasadaran, lir kéréléknacai keur nu hanaang tengah poé men-trang-mentring. Gupernur gé, guligahtur bungah basa ngadongdon éta tem-pat téh. Da, geu ning lain ukurlalambé, warga di dinya mah miaralahan tatanen téh. Pihak pamaréntahéta désa, nyieun plang, nu nétélakeunsawah di dinya teu meunang diguna -sika. *** (Ensa/AS)

9Manglé 2458

Miara pasawahan, kahayang dibarung praknaLahan tatanén salin rupa

Page 11: Mangle 2458

A. Kasang Tukang :Pangéling-ngéling hari guru nasional

unggal tanggal 25 Oktober, unggal taunguru dicombo ku Pamarentah yén 20 %APBN/APBD keur widang pendidikan,tuluy dipageuhan ku Undang-Undangnomor 14 taun 2005 pikeun guru jeungdosén dina émprona guru téh paling copélkudu lulusan S1 (sarjana). Ari dosén di-paguron luhur mah kudu S2 (Magister)basana ogé moal enya ‘jeruk makan jeruk’.Pikiran urang saréréa yén pangasilan gururonjat sagajih poko ditambahan ku tunja -ngan daérah , kalayan katangtuan ngajar -na teu meunang kurang ti 24 jampelajaran. Upama kurang ti 24 jam, tunja -ngan profesina moal dibikeun.

B. Masalah Waktu bank dunia niténan aya hubu -

ngan anu signifikan antra guru nu diserti-fikasi jeung parobahan sikep dina ngajar.Ceuk guru rék kumaha bisa tingtrim nga-jar, KTSP (Kurikulum Tingkat Satuan Pen-didikan) nu kamari can parat, geus jol deuiwaé Kurikulum 2013, anu sifatna tematik,kudu maké téknologi informatika, nugaptek mah tinggaleun.

Dina urusan kepegawaian meunten nakudu dumasar kana kinerja, kumahameun teunna? Tingkatan guru ti mimitiguru pratama, guru muda, guru madyapuncakna guru utama. Ari di paguronluhur mah (S1) kuduna dosen (guru) lulu-san S2 (magister), engké nu ngajar di S2kudu S3, ari nu ngajar S3 (doktor) kuduguru besar copélna S3 deui anu cenah.

Ari tingkatan profésionalna, ti mimitiAsisten Ahli Madya, Léktor, Léktor Kepala,karék ka Guru besar. Kitu gé kududiusulkeun heula, teu otomatis. Sigana kaGuru utama ogé aya palenggeran étikapikeun guru besar jeung guru utama mah.Pikeun naék tingkat anu dipeunteun téhkumulatif angka krédit, widang A (pen-didikan jeung pengajaran), widang B(panalungtikan), widang C (pangabdianmasarakat), sarta widang D (penunjang tridarma).

Kurikulum 2013, cenah pikeun

ngawewegan karakter. Mimiti ngawangunsikep heula dina basa deungeun disebutatti tude , tuluy ngarojat kana prak migawélalampahan (psikomotor) kakara wékapin teran (intelektual). Karasaeun kupamarén tah budak lulusan téh boh SD,SLTP, SLTA, boh paguron luhur, pinter-pinterna mah ngan teu boga sikep (moral)anu pujieun, saperti landep kana korupsi,ladang korupsi bawaanna téh kana linyok,bohong jeung salingkuh.

Masalah nu utama tong poho ari nu jadiguru atawa dosén téh jelema, ari jelema téh,kudu diajar jeung dididik sangkan pinterjeung miboga budi parangi anu luhur sartaparigel dina gawé nu ceuk karuhun mah“ngawakan tapa di nagara téa” .

C. Lemahna ManusaAri manusa pangna diajar jeung diatik

téh lantaran, manusa boga kalemahan,saur Al Gazali: Pohoan, gurung gusuh,gancang pegat harepan, sok musrik kaAlloh.

Eta lemahna manusa, kuduna mah pa-maréntah apal yén pangatikan téh estunyindekel ka na lemahna karakter manusanu ditataan di luhur . Kumaha carangungkulanna, sangkan manusa teu poho -an, nya kudu apal heula, tuluy harti, tuluyjadi kabiasaan (habituasi) dina paribasa“matih tuman manan tumbal”. Supayatarapti ulah gurung gusuh, nya kududibiasa keun hirup pinuh ku rancana.Matak guru méméh ngajar kudu nyieunheula RPP kakara prak ngajar, tuluydievaluasi, upama teu cumpon kudu reme-dial heula.

1. Upama nyanghareupan tugas sokngarasa hésé boh alatan can ngarti bohsalah harti, jadi we luh lah, kukulutus. Behdituna, putus asa téa.

2. Sok musrik ka Allah SWT. Eta munbisa ngungkulan gawé, asa pangbisana asapangbenerna, tuluy ngarasa, aing poho wekana kersaning Alloh SWT. Tah pikeun halieu manusa diajar sangkan iman jeungtakwa ka Allah SWT. Pikiran ieu teu méng-par tina udagan Undang-Undang Sisdik-nas nomor 20 taun 2003.

D. Ajaran karuhun Sunda (DasaIndra)

Ajaran ieu disebut Panca budi(Siskanda’ng Karesian, taun 1508) dijerona aya Panca Karma nu dijéntrékeunku Hidayat Suryalaga sareng Prof Ayip Ro-sidi nyaeta :

1) Telinga ; 2) Peraba; 3) Penglihat;4)Pendengar; 5)Pencium .

Ad.1. dihartikeun yen manusa (guru)poma ulah sadéngé-déngéna ku ceuliurang ari teu aya pataluna jeung gawéurang mah.

Ad.2. ulah sacabak-cabakna ari laincabakeunana. Lamun lain pagawean han-cana sarta luyu jeung kaahlinana.

Ad.3. ulah satingali-tingalina, bisi ayaorat nu katingali, atawa banda barangdaga ngan anu tadina moal dibeuli padahalurang teu perelu, nyakitu deui ka lawanjinis ulah satingali-tingalina bisi salahharti, pajar méré pangharepan.

Ad.4. ulah saasaan asaanana, ari lainasaeunana, geura lenyeupan lamun ayadémo, karék ngasaan, ari lalaki atawaawéwé ulah ngasaan, culun cenah.

Ad.5. ulah saangseu-angseuna ari lainangseueunana, éta ogé ulah sagala di-ambeu, seungit téa, bau kelek téa, baukésang téa, bau sungut ulah diucapkeunbisi nyingeung rasa.

Tah upama naséhat guru ti karuhunkeur ka guru, jadina pada nyarebut “GuruBerbudi” pasti réa baturna, réa dulurna,dipiajrih ku muridna tangtuna ogémuridna téh “Murid Berbudi Pekerti” kitutah saur karuhun dina hari guru, méh jadiguru berbudi .***

*) Ketua Lembaga Budaya SundaUNPAS Bandung bari jadi guru

KKolom

“PANCABUDI”Peperenian Karuhun Keur Para Guru

Ku Prof.Dr.H.Asep Sjamsul Bachri, M.Pd. *)

Manglé 245810

Page 12: Mangle 2458

11Manglé 2458

Page 13: Mangle 2458

Manglé 245812

NNyusur Galur

“Historia Vitae Magustra” , sajarah téh gurukahirupan, ceuk papatah latén ngagambarkeunkumaha pentingna sajarah pikeun diulik jeung di-teuleuman. Liwat sajarah urang bisa ningal kanalalakon ka tukang, saterusna bisa dipaké pikeunbahan ulikeun keur mahaman poé ieu sarta keurngukir prédikat poé ka hareup. Kitu Mayjen (Purn)Tubagus Hasanudin dina biantara bubukana basangagelar acara peluncuran buku Sajarah KarajaanTakaga kamari ieu di Musieum Talagamanggungkatompérnakeun taun 2013 di Talaga.

Hasanudin anu di kalangan wartawan ngoraleuwih popiler disebut kang TB (Tubagus) , putra Ta-laga turunan Raja Talagamanggung anu panuntung(Ti Prabu Darmasuci). Hasanudin kacida rumawarnakana titinggal karajaan talaga jeung kasajarahanana,ngadegna Musieum Talagamanggung ogé kualpukahna. Nuruteun katerangan, loba barang-barang pusaka titinggal sajarah Talaga anu tepi kaayeuna disimpen ku warga masarakat. Jenderal anuayeuna icikibung di dunya pulitik téh geusnyumbang keun barang-barang pusaka titinggalluluhur na ka musieum sangkan bisa kapaliré jeungdipiara anu jauh leuwih hadé turta dijamin . Nutur-teun Kang Tubagus, saénana kaayaan musieum téhbasajan kénéh, cita-citana ieu musieum kudu diréno-vasi jeung leuwih dilegaan turta ditata sakumahamistina hiji musieum sajarah. Tangtu merelukeunwaragad anu henteu saeutik saurna téh. Tapi sanajansakumaha basajanna, di dieu disimpen rupa-rupabarang pusaka kayaning senjata ti mimiti keris, tum-bak, gobang jeung sajabana. Gamelan dijajarkeunbérés, arca-arca ogé aya, di antarana arca Ratu Sim-bar Kancana, Pangeran Panglurah. Loba barang luarnegri oge diantarana buatan Cina, nyirikeun yen ba-heula Karajaan Talaga geus boga tali mimitran jeungmancanagara. Tubagus Hasanudin cumeluk kamasarakat anu rumasa boga sisimpenan barang-barang pusaka, gancang pasrahkeun barang warisanluluhurna ka musieum.

Nina Lubis nambahkeun yén musieum saenyana

henteu meunang jeung henteu bisa dipibanda kupribadi atawa kulawarga, sabab éta mah milik nagara,aya undang-undang anu nangtayunganana. MusieumTalagamanggung diurus ku hiji Yayasan anu geuspageuh dipingpin ku Rd. Mumu Mahmudin, nu sokditarelah Uwa Mumu.

Talaga atawa Situ Sanghiyang anu ayeuna ramé kunu jarah sabab geus jadi daérah tujuan wisata sajarahanu haneuteun, situ mah diurus ku Kuncen 9. Tujuhkuncén tetep, nu dua panyelang, kabéhdiapingdibing bing ku Kosin Kosasih.

Sabudeureun Talaga parentul makam anu tepi kaayeuna nuruteun Prof. Nina , dikaramatkeun kumasarakat. Éta téh makam para ménak Talaga tijaman pamaréntahan Parunggangsa

Ceuk saujaring carita talaga anu sakitu legana téhbaheulana karaton agréng Talagamanggung anu salinjinis jadi Talaga. Laukna tinggudibeg baradag,saparona lélé anu baradag. Tapi rayat Talaga percayaéta lauk Talaga téh karamat, henteu meunang dialasumawonna diteda, diarantep wé lauk emastinggudibeg lele tingbelengep, impun arey-areyan téh.Ngala impn gé euweuh anu wani, sieun katulah poknatéh. Para wisatawan anu samemeh asup kawewengkon situhiang dipepelingan heula, ulah nga-gunasika lauk-lauk anu tingbelengep di situ, marabanmah pék baé cenah.

Méméh Jadi Kacamatan

Kacamatan Talaga téh bawahan Kabupaten Maja -lengka. Beulah kalér tapel wates jeung Kacamatanbanjaran utara, Beulah wétan Cxikijing, Beulah kidulKacamatan Cingambul, jeung Bantarujeg.

Kacamatan Talaga boga 16 Désa. Urang Talagapercaya yén baheulana jauh saméméh jadi kaca-matan, Talaga téh Karajaan, corak Buda sajamanjeung Karajaan Sunda mangsa ngadeg raja di Kawalinu saterusna pindah ka Pakuan Pajajaran. Kitu nurut -keun Nina Lubis nu nyusun buku sajarah Talaga.

Bukti-bukti ngeunaan ayana Karajaan Talaga

Buku Sajarah Talaga;Sajarah Teh Guru Kahirupan

Page 14: Mangle 2458

13Manglé 2458

nurut keun Nina, kauggel dina historiografi trdisionaljeung titinggal arkeologis nyaéta karya sajarah anu di-tulis sacara tradisional lain sajarah akademis anupenulisanna ngagunakeun metoda sajarah kritis .Dina umumna karya sajarah tradisional ieu téh di-wangun ku tilu unsur nyaéta Sajarah, Sastra jeungMitos. Tujuan penulisan lain keur nulis keun sajarahsakumaha anu gelar dina kajadian, tapi keur nanjeur -keun ajén-ajén anu gelar dina mangsa karya sajarahéta ditulis, jeung menteu mustahil aya kapentinganpulitik jeroeunana.

Sabab inti carita biasana ngeunaan raja atawa Bu-pati nu keur maréntah . Karya-karya saperti kitu diTatar Sunda biasana disebut Babad, Carita sajarahatawa silsilah atawa naskah nu sok disebutManuskrip. Wilayahna biasana karajaan atrawa kabu-patian.

Husus mairan tokoh Tb.Hasanudin nurutkeunNina, hiji-hijina tokoh anu pangkatna Mayor jen-deral anu tansah nyaah tur cinta ka lemburmatuhna turta gedé perhatian kana sajarah Karaja -an talaga anu baheula mekar di lermbur luluhurnanyaétaTalaga, lain pédah Hasanudin turunan RajaTalaga baé, tapi Hasan uninga peresis kanapenting na sajarah pikeun bangsa anu boga cita-citaluhur keur poé ka hareupna. Jenderal anu ayeunamingpin salahsahiji partéy pulitik di Jawa Barat téhpikeun ngamumulé miara sajarah luluhurna henteuirungan ngaluarkeun waragad tina lokétna pribadi.Éstuning sagala rupana digalang ku keuangan pri -badi, kaasup waragad nyieun buku sajarah Talaga.ieu anu langka téh. Kitu Nina ngeunaan Kang Tebeatawa Kang Jenderal. ***

(HRS)

Page 15: Mangle 2458

Manglé 245814

MMunara Cahaya

Alloh SWT ngadawuh dina Al Qurannu hartosna:

"Demi waktu. Saéstuna manusa téhaya dina karugian. Anging jalma-jalmaanu iman jeung migawé amal soléhjeung silih naséhatan sangkan pancegdina hak sarta silih naséhatan sangkantumetep dina kasobaran." (Surat Al'Ashr ayat 1 - 3)

Alloh nyiptakeun jin jeung manusataya kajaba anging pikeun babakti(ibadah) ka Mantenna. Di mana jeungiraha? Nyaéta nalika hirup di dunya.Cindekna, salila hirup di dunya manusakudu ibadah sangkan jaga hirup diahérat metik kabagjaan.

Ku kituna, teu hamham deui salilakumelip di dunya manusa wajibnalinga keun waktu sakumaha pidawuhAlloh di luhur. Mantenna ngawawadianka sakumna manusa malah mandarniténan waktu (hirup di dunya). Naonsababna? Sabab ngan aya dua ka-mungkinan nu baris kasorang jaga dialam baqa (ahérat), nyatana jalma nuuntung jeung jalma nu rugi.

Dina ayat di luhur kalayan tandesAlloh nguningakeun yén sakumnajalma baris rugi, anging jalma-jalmaanu iman jeung migawé kasoléhan.Tegesna mah, jalma iman jeung migawékasoléhan baris untung, sabalikna jalmanu teu iman (kaom kafir) baris rugi.

Jadi, jalma anu ngeusi waktu

hirupna ku iman tur diwuwuhan,dilengkepan, atawa dibuktikeun kuamal soléh, baris tinemu jeung kabagja -an, nyaéta jalma mumin. Dina Al Quranditerangkeun:

"Satemenna geus untung (bagja)jalma-jalma nu ariman, nyaéta jalma-jalma anu husu dina solatna. Jeungjalma-jalma anu ngajauhan pagawéanjeung caritaan anu taya gunana." (SuratAl-Mu'minun ayat 1-3)

Harti untung, kabagjaan, keur kaommumin mah ningan lain diukurjungkiring na matéri, hirup lubak-libukharta banda, tapi anu mibanda imanwedel tur diaplikasikeun atawa dibukti -keun ku amal soléh di antarana solatanu husu. Anapon ciri solat nu husu diantarana kudu aya tapakna nyaétanying lar pagawéan jeung caritaan anutaya gunana.

Cindekna mah waktu téh mangrupabagéan tina nimat paparin Gusti Allohanu sarua kudu ditasakuran. Hikmahtina tasakur téh keur urang sorangan,sanés kanggo Alloh. pidawuhNa:"Singsaha anu sukuran ka Alloh, makasatemenna manéhna tasakur pikeun di-rina pribadi. Jeung singsaha anu henteutasakur, maka saéstuna Alloh MahaBeung har jeung Maha Pinuji." (QS Luq-man ayat 12).

Dina ayat séjén dijéntrékeun deui:

"Saéstuna lamun maranéh tasakurtangtu Kami baris nambahan nimat kamaranéh jeung lamun maranéh ingkar

kana nimat Kami nya satemenna siksa -an Kami kacida peurihna." (Surat Ibro-him ayat 7)

Dina ieu ayat Alloh nandeskeun,lamun urang rancagé tasakur kanasagala kanimatan paparin ti Anjeunna,tanwandé kanimatan téh bakalditamba han deui. Sabalikna lamunkufur, nya siksa anu baris tumiba.

Hal ieu ogé lumaku keur nimatwaktu nu ku urang ditarima salila hirup.Tegesna, nimat waktu, mibanda kasem-petan, kudu ditasakuran sangkanpinareng jeung kabagjaan tur teu tigeb -rus kana jurang kahinaan.

Kumaha carana nyukuran waktu?Anu jelas yén urang hirup téh katungkulku waktu jeung pati nu matak hirup téhkudu ati-ati jeung tarapti.

Keur ibadahLamun urang Barat nyebutkeun yén

"time is money" (waktu téh duit) nungandung harti mangpaatkeun waktutéh keur néangan duit saloba-lobanaatawa kasenangan dunya.

Tah keur urang salaku kaom muminmah teu cukup kitu, tapi waktu téh keuribadah. Ngala duit, néangan rejeki,kacida pentingna da moal bisa hiruplamun urang teu barang dahar mah.Ngan dina prakna kasab, urang mahkudu kaasup ibadah, dina harti teu kalisku ngeduk kauntungan matéri tapicarana teu sapagodos jeung papagonagama. Ari sababna, apan sumuhun nudisebut hirup téh keur urang mah lainukur di alam fana, tapi aya kahirupanlana di "darulbaqa", ahérat.

Salasahiji tarékah tasakur kanawaktu nyaéta ulah sok lénglé talangkémigawé kahadéan jeung ngajauhansagala cegahan Alloh. Geura manggaurang lenyepan hadis di handap ieu.

"Ti Ibnu Umar, anjeunna sasauran:

Hirup Katungkul ku Waktu Ku Féndy Sy. Citrawarga

Page 16: Mangle 2458

15Manglé 2458

Rosululloh saw. nyepengan dua taktaksimkuring lajeng anjeunna ngadawuh,'Pék harirup di dunya maranéh sapertiurang asing atawa musapir', saur IbnuUmar deui: 'Lamun maranéh geus ayadina wanci soré, ulah rék ngadagoanpoé isuk, jeung lamun maranéh geusasup kana waktu subuh, omat ulahngadagoan waktu soré, tapi prak mang-paatkeun (éta kasempetan) tina séhatsaméméh gering, jeung nalika hirupsaméméh datang ajal'." (HR Bukhori)

Tah kitu pituduh Rosululloh kanggourang sadayana dina ngamangpaatkeunlolongkrang waktu téh. Cindekna urangkudu neuteup ka hareup nyawang kamangsa nu bakal datang sabada ngala-man sagala rupa hal. Geuning nalikaurang nandangan kasakit apan sakituripuhna cacak ukur sésékélan dina kélékatawa nyeri huntu, sagala rupangawagu.

Ku kituna, nalika urang séhat, jagjagwaringkas, barangdahar mirasa, dom-pét metet ku duit, omat éta kaséhatantéh ulah dipaké masiat bisi teu kaburutobat nalika urang kadatangan musibatkasakit, malah didodoho malakalmaot.Da apan hirup katungkul ku pati paéhteu nyaho di mangsa téa. Lamun uranggeus bisa ngamangpaatkeun waktu keuribadah, ngajauhan cegahanaNa, tan-wandé urang geus kagolongkeun kanatasakur nimat téa.

Nganjang ka pagétoCindekna mah urang ulah nepi ka

cileureun sangkan teu tigebrus kana ju-rang kahinaan, boh ayeuna di dunyaboh jaga di ahérat. Anapon koncisangkan urang teu cileureun nyatanangalaksanakeun katakwaan anu saenya-enyana ka Alloh. Naon rupa nu geusdipilampah, kudu bisa nganjang kapagéto, tegesna ngayakinkeun nusayakin-yakinna kana ayana poé balitu -ngan di ahérat. Ceuk sepuh urang téamah papagon hirup nu utama sangkansalamet, ulah kumaha engké tapi kuduengké kumaha. Dina hal ieu, Alloh ogéngadawuh dina Al Quran nu hartosna:"Hé jalma-jalma nu ariman, prak takwaka Alloh jeung sakuduna unggal dirimerhatikeun kana naon anu geusdipilampah na pikeun poé isuk (ahérat),jeung prak takwa ka Alloh . SatemennaAlloh Maha Uninga kana saniskara anu

ku maranéh dipigawé." (Al Hasyr: 18)Nalika nyaba biasana urang sok

mawa bekel boh mangrupa duit atawadahareun. Nya kitu deui nalika urangngumbara di dunya perelu bekel. Keururang kafir nu hirupna wuwuh di dunya(najan dina prakna mah moal leupastina kahirupan ahérat) bekel hirupnaukur harta. Demi keur kaom muminmah teu cukup ku bekel harta, tapi kudusasadiaan bekel keur kadaharan rohani.Da apan hakékat manusa téh kawengkuku dua hal, jasmani jeung rohani.Matéri keur jasmani. Tah ari keur roha -ni mah hidayah agama. Leuwih écésna,panghadé-hadéna bekel hirup kaommumin mah nyatana takwa, sakumahapidawuhNa.

"Prak bebekelan, jeung satemennapangalus-alusna bekel téh nyatanatakwa jeung prak takwa ka Kami, héjalma-jalma nu baroga akal." (QS AlBaqarah: 197)

Salawasna zikirDina ayat di luhur disabit-sabit akal.

Tah ieu téh ciri manusa anu ngabéda -keun dirina jeung sasatoan. Mun enyamanusa, angot nu iman, anu geus meu-nang panggero ti Alloh katut RosulNa,nya sawadina ngagunakeun akalna.Mun kalakuan teu sapagodos jeung atu -ran Alloh, hartina teu ngagunakeunakal, nya darajatna masih satata jeungsato.

Da lamun téa mah bener-bener nga-gunakeun akal séhatna nu geus diapingku pituduh Alloh katut RosulNa,tegesna bener-bener iman, tangtu jalmabakal jauh tina kamasiatan, teu kuduripuh nyieun aturan itu aturan ieu, lem-baga itu lembaga ieu keur ngabasmi ko-rupsi da apan dina diri unggal manusatéh aya malaikat anu salawasna mare -ngan.

"Taya hiji ucapan anu dikedalkeun,anging aya di deukeuteunana malaikatanu salawasna marengan." (QS Qaf: 18)

Tos kantenan Alloh SWT barissalawasna nalingakeun urang sok sana-jan urang aya di tempat anu ceukpamikir urang teu kasaksi ku jelemajeung di tempat nu poék mongkléngbuta rajin. Ku kituna, urang ulah réktalobéh dina paripolah , salawasna kuduéling (zikir) ka Alloh iraha jeung dimana waé urang aya. Alloh ngadawuh:

"Hé jalma-jalma nu ariman pomaharta-harta maranéh jeung anak-anakmaranéh mopohokeun maranéh tinazikir (inget) ka Alloh. Sing saha anu mi-gawé kitu, maranéhna téh jalma-jalmanu rugi." (QS Al Munafiqun: 9)

Tina ieu ayat, Alloh SWT ngawawa-dian urang sadayana yén sagala rupaanu dipilampah téh kudu ditatapakanniat karana Alloh. Harta pakaya jeunganak ukur titipan, lain tujuan. Anapontujuan hirup urang mah taya kajabaiwal ti ngajugjug karidoan Mantenna.

Ku kituna, dina ngeusi kahirupankudu enya-enya ngeusian lolongkrangwaktu pikeun metik karidoan Alloh.Guna keun harta keur jihad di jalanAlloh, atik kulawarga ku kasoléhan lainku kasalahan luyu jeung harepan urangdina ngambah sagara laki rabi geusantinemu jeung mawaddah warohmahtéa.

Taun anyar umur nguranganMitra, alhamdulillah kiwari urang

sadayana geus nincak itungan taunanyar. Taun 2013 geus mungkas, datangtaun 2014. Naon hartina? Hartina jatahumur urang ngurangan. Hayu jadikeunlalampahan taun tukang keur bahanngahisab diri. Ronjatkeun ajén diri kumigawé kasoléhan jeung piceun sing-jauh, tong dipilampah deui, amal nusalah. Keun nu enggeus mah jadi cate-tan pieunteungeun. Anggur hayu urangteuteup mangsa ka hareup ku tékad anubuleud geusan ngoméan lampah goréngku kahadéan.

Nu pasti, sakali deui urang hirup téhkatungkul ku waktu jeung pati téa.Waktu nu geus kaliwat hamo kasorangdeui siga moal ngéjatna papastén pati tiajali. Ningan lamun pati geus ngancikwancina, geus cunduk waktuna, geusdatang mangsana, moal aya nu bisangahalang-halang. Ku kituna, hayuurang baseuhan biwir urang ku lapadtahlil "Laa ilaaha illallah, teu aya deuipangéran salian Alloh". Dina hadisRosu lulloh saw. ngadawuh:

"Singsaha anu panungtunganomonganana laa ilaaha illallah, barisasup sawarga."

Mugia urang sadayana kagolong -keun janten jalmi sakumaha nukaunggel dina hadis nembé. Aamiin.***

Page 17: Mangle 2458

Manglé 245816

TTanyaJawab

Patarosan:Tumaros perkawis hak anak anak

téré sareng anu masih aya dina kan-dungan (janin) nurutkeun hukumwaris Islam. Hatur nuhun.

Wassalam,

Wawan SetiawanDarangdan Purwakarta

Waleran:Hatur nuhun kana patarosanana.

Kana hukum waris, memang seueurkeneh nu awam. Rupina, sanaos dinaédisi Manglé kapengker-pengker ogékantos disabit-sabit perkawis waris.Bilih sesah milarianana, urang guardeui waé, utamana waris nu patalisareng anak téré sareng putra numasih kénéh aya dina kandungan.

Dasar hukum dina élmu waris,henteu aya istilah dihijikeun antaraharta salaki sareng harta istri. Tiapaya anu ngantunkeun ti heula, bohistri na boh salakina, mangka hartatitinggal na dipasrahkeun ka ahliwarisna masing-masing. Upami salakingantunkeun, mangka ahli warisna,istrina sareng putra-putrana. Nyakitudeui saupama istrina nu ngantun -keun, mangka nu jadi ahli warisnasalakina sareng putra-putrana. Margikitu, lian éta saperti anak téré, boh tipihak salaki atanapi ti pihak istrinahenteu tiasa meunang hak ahli waris.

Contona, aya hiji duda nga-gaduhan tilu anak, teras nikah ka istri(rangda) anu ngagaduhan putra hiji(awéwé). Dina hiji waktu rangda éta(nu tos jadi istrina) ngantunkeun tiheula. Mangka anu pangheulana meu -nang bagian warisan nyaéta salakina,

lobana 1/4 tina harta anu ditinggal -keun ti istrina. Dasarna nyaéta ayatAl-quran Surat al-Nisa ayat 12:“Jeung pikeun anjeun (salaki) saper-dua tina harta anu ditinggalkeun kuistri anjeun saupama henteu bogaanak, tapi saupama boga anak,mangka anjeun meunang saperopattina harta anu ditinggalkeunana …”.Lajeng sésana dibagikeun ka anakistri na (dina hal ieu istri/rangda nungabogaan hiji anak, nyaéta awéwé).Sedengkeun anak salakina anu canda -kan saméméh nikah henteu meunangbagian, alatan kaasup anak téré.

Sabalikna, saupama anu ngantun -keun ti heula salakina, mangka anupangheulana meunang bagian nyaétaistrina lobana 1/8 tina harta paning-galan salakina. Anu jadi dasarnamasih ayat Al-quran surat al-Nisa ayat12: “Jeung pikeun istrina saparapatnatina harta titinggal maranéh (salaki)saupama maranéh henteu barogaanak, tapi upama maranéh ninggal -keun anak, mangka maranéh (pama-jikan) mareunang sapardalapan tinaharta titinggal maranéh (salaki anungantunkeun) sanggeus wasiatnadicumponan jeung hutangna diluna -san”. Terus sésana dibagikeun kaanak-anak salaki kalawan rata (dinahal ieu salaki/duda anu ngabogaananak tilu). Sedengkeun anakpamajikan ana candakan méméhnikah, henteu meunang bagianwarisan alatan kaasup anak térésalaki. Tapi saupama sanggeus nikahatawa sanggeus ngahiji, teras nga-gaduhan anak, mangka ieu anak jadianak teges ti indung bapana. Saupamaindungna ngantunkeun ti heula, atawabapana ngantunkeun ti heula, mangkaieu mah ngabogaan hak bagian waris,

boh ti indungna atawa ti bapana.Anapon hukum anak anu aya di

jero kandungan (janin), dina hal ieu,para ulama nyebutkeun, anak anu ayadijero kandungan meunang bagéanwarisan, tegesna jadi ahli waris. Tapidina hal ieu, para ulama netepkeundua sarat pikeun janin anu bisa jadiahli waris, nyaéta: Kahiji, janin kudugeus dikanyahokeun kalawan pastikaayaanana salila dijero kandungan.Pidawuh Kangjeng Rosul SAW. anusumberna ti Siti Aisyah r.a.: “Henteuaya janin anu netep dina kandunganindungna ngaleuwihan tina waktu duataun, sok sanajan dina kaayaan falkahmighzal”. Pamadegan ieu dijadikeundasar ku madzhab Hanafi sarengImam Ahmad. Kadua, orok dinakaayaan hirup nalika ka luar tina kan-dungan indungna, nepi ka bisa di-pastikeun, yén orok ngabogaan hakmeunang bagian warisan. Saratkadua, saupama éta orok bener-benerhirup. Salasahiji cirina, nyaéta étaorok bisa ceurik, nyusu jeungsabangsa na. Hal ieu dumasar kanaHadits Rasulullah SAW. anuunggelna: “Saupama orok anu anyarka luar tina kandungan indungnaceurik, terus répéh deui tegesna maot,mangka prak solatkeun kalayanmanéhna hak meunang bagéanwarisan.” (HR. Nasa’i sareng Tir-midzi). Namung saupama orok anukaluar tina Rahim indungna dinakaayaan maot, atanapi nalika kaluarsaparo awakna hirup terus maot,atanapi deui nalika kaluar dinakaayaan hirup tapi henteu stabil,mangka éta orok henteu hak jadi ahliwaris tur tos dianggap maot. Sakituwaleran nu kapendak. Mudah-muda-han aya mangpaatna.***

Hukum Waris keur Anak Téré

Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan), sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS

Page 18: Mangle 2458
Page 19: Mangle 2458

Manglé 245818

CCarita Pondok

Teu karasawaktu nudisangha -reupan karidua taundeui. Taun

2015 kuring rék mungkastugas, ngécagkeun pancénnu geus 38 taun dipajuan.Enya umur téh dua taun

deui 60 meureun. Geus lilaning hirup di dunya téh.Lain teu karasa, karasapisan lilana éta waktu.Tapi ku kasibukan digawéjeung nyanghareupan nukudu diréngsékeun nyajadi nyérélék waktu téh.

Coba waé, unggal bulannganti-nganti tanggal hiji.

Lila ku lilana, gancang kugancangna. Ujug-ujug geusnepi deui ka éta tanggal,dipajuan unggal bulan, di-lakonan unggal taun.

Ayeuna sakeudeungdeui mungkas gawé.Hmm... aya kakeueungmah. Da éta cenah lobabéja, kitu, kitu, kitu

sanggeusna pangsiun téh.Enya cenah, ari keur di-gawé diarep-arep hayanggeura pangsiun, ari geuspangsiun loba ngangluh;kakeunaan ku panyakit ka-jiwaan pasca pangsiun.

Tapi kuring mah geusboga sawangan. Hasil di-gawé duaan jeung bapana

Jalan nu PanjangCarpon Chye Retty Isnendes

Page 20: Mangle 2458

19Manglé 2458

budak, aya nu nyangsang.Alhamdulillah. Cita-citatéh rék mulang ka lemburdi tutugan Gunung Salak,rék muka toko jeung bu -dak nu bungsu.

Da lanceuk-lanceuknamah geus cumarita, karieta si bungsu can katém-bong pijalaneunanana.Mudah-mudahan wé ayaparengna.

Lamun inget deui kanaperjuangan keur digawé,asa teu butitina-butitinateuing ketak téh. Lain réksombong deuih, neundeunjasa ka nu rék ditinggal -keun. Ieu mah sawajarnawaé, tina bebeneran nusok dicekel ku kuring.

Sakola téh ti SPG, enyapigurueun. Tapi harita teuujug-ujug jadi guru SD.Kuring ngahonor heula diTK, di TK Sartika nu nganhiji-hijina di KacamatanSukawenang. Loba murid -na, jeung lain si itu-si étadeuih nu nyakolakeunbudak ka éta TK téh. Parastaf, pulisi, inohong kaca-matan, malah Pa Camat kuanjeun mercayakeun mu-rangkalihna di éta TK.Kuring kadua jeung BuOtih ngagéroh TK dibare -ngan ku pangaresep jeungusaha dina ngaronjatkeunpangabisa. Latihan-latihannu diayakeun ku dinaspendidikan di KabupatenSukabumi, taya nu teu di-iluan. Cohagna mah kare-sep jeung pangabisa nungaronjat tina hasil pelati-han-pelatihan téh bener-bener diketrukkeun pikeunkamajuan sakola TK.

Préstasi murid-murid -na pikareueuseun deuih.Dina tampilan seni, pa -sang giri-pasanggiri panga -weruh pikeun budak TKboh tingkat kabupatén bohtingkat propinsi, teu éléhjeung nu lian. Unggal taun

murid TK-na nambahan.Bantuan-bantuan lancar,nepi ka nu asalna bangun -an téh wawayagon ahirnamah ngajengléng aya ten-joeunana. Ruang belajaraya dua, ruang guru jeungkapala sakola, tamanbermain kumplit wé sagalarupana aya.

Tapi keur resep ngoko-lakeun TK teh, kuringmiluan ujian nagara keurpigurueun di sakola dasar.Alhamdulillah kuring lulusjadi pagawé nagri. Enyasedih pisan ninggalkeunsakola TK tempat kuringmimiti bajuang jadi panga -tik téh. Perpisahanana génu pikasediheun teu kududicatur deui. Murid jeungkolotna siswa maruntan-gan kuring sangkan ulahindit atawa cenah ulah di -tinggalkeun sapisan. Dalahdikumaha, apan ari guruSD mah sarua baé jeungguru TK, kudu unggal poéngajarna da jadi gurukelas. Dibenum teh jauh diPalabuan Ratu. Balik kalembur dua minggu sakali.Karunya ka nu cikal, bu -dak nu kakara genep bu -lan, harita ditinggalkeun.Diaku harita mah teu jong -jon, jeung haté gé teu nga -dep kana ngajar téh dainget baé ka budak nu dipi-hapékeun ka indung jeungdulur-dulur di lembur.Mana bapana sarua jauhdeuih, da ditugaskeungawéna di Jakarta ku peru -sahaanana.

Enya sadar, kapan ka-hayang jadi pagawe nagritéh, tapi ning cocobanabeurat kitu. Awak kuruaking ngajangjawing, capéhaté cape pikiran meu -reun, nepi ka brekna ge -ring. Untungna peniliksakola harita surti. Anjeun -na ngawidian jeung ngaré -koméndasi kuring mutasi

ka lembur. Ngan dua taundi Palabuan Ratu téh,ahirna kuring balik deui kalembur.

Pindah ka lemburditempatkeun di SD nu tilukilo jauhna ti imah, hatémimiti tengtrem. Unggalisuk leumpang baé dawahon (angkot ayeuna)mah teu cara ayeuna.Sagala kagiatan pendidi -kan, pelatihan, kesenian,dipigawé kalawan tetegjeung resep. Asa manggihdeui kasuka nu baheulakungsi kapegat. SD bucit diJelekong nu asalna kating-galeun sagala rupana téhmimiti ku kuring dimobi -lisasi sangkan leuwih ron-jat. Taman sakola ku ku ring diusulkeun ka kepalasakola sangkan dibebenah,perpustakaan nya kitukénéh, kuring gé ngahajangadatangkeun pelatihkasenian jeung kaagama -an, boh awéwé boh lalakisangkan siswana ayaguam.

Alhamdulillah Pa ka-pala Sakola ngarojongpisan kana karep téh. Dugika anjeunna pangsiun, an-jeunna ngarékoméndasikuring jadi kapala sakoladi éta SD. Harita, dinaumur 30 taun kuring geusjadi kapala sakola!

Tapi nya kitu téa, dinakamerenahan tugas téh,aya-aya waé gogoda téh.Pikiran teu jejeg da salakiditugaskeun di BandungBarat, di Saguling Cirata.Jakarta-Sukabumi mahgeus jadi jalan ka cai daukur 2-3 jam nepi (ayeuna3-4 jam sotéh da beukiloba kandaraan ngaheuri-nan jalan), tapi ieu di Ban-dung nu kaitung jolok ayakana 4-5 jamna di jalan(jalan can siga ayeuna la -leucir) nyababkeun salakingarasa capé balik sam-

inggu sakali.Kuring gé gedé timburu

salaki balik dua mingguatawa pleng sabulan sakalika lembur téh. Pikiran teujejeg deui. Kuring ngadu -nga unggal peuting sang -kan aya jalan kaluarpikeun éta hal. Alham-dulillah sanggeus genepbulan salaki dipindahkeungawéna di Banjaran Ban-dung. Enya beuki jauhnamah, tapi teu hésé jalanna,jaba dibéré perumahan dilingkungan perusahaan.

Sanggeus dipikir dibu-lak-balik ahirna kuringmenta mutasi ka BanjaranBandung. Alhamdulillahdikobul. Rumah tanggareugreug deui, teu loba ka-pusing ka kuringna. Sana-jan tangtangan di SD nuharita kuring pindah kadinya leuwih rongkahbatan keur di lembur, tapikuring geus biasa deuinyanghareupanana.

Nu kahiji, disangha -reupan téh situasi masa -rakat urang Hegar nupikarujiteun. Kabiasaansosial nu teu picontoeunku kuring lalaunan dibebe-nah. Sikep masarakat nuteu pati ngadukung kanapendidikan, sikep kolotmurid nu ngumawasa,égois, jeung sangeunahnajadi bagian tugas pikeunnyadarkeun maranéhna.Nu kadua, lingkungansakola nu pikageuleuheun,runtah di ditu-di dieu,bangunan nu ukur bogaopat rohang, kaséhatanbarudak SD nu pikawatir -eun, ieu gé ku kuring dibe -benah. Nu katilu, sikeppara guruna nu ngan lima -an bari teu rumojong jeungsinis kana program-pro-gram nu disosialisasikeunku kuring jadi tangtanganpikeun kuring.

Kuring ngayakeun pen-

Page 21: Mangle 2458

Manglé 245820

dekatan ka sagala pihak.Murid, guru, kolot, ino-hong désa, inohong kaca-matan, penilik, jeungurang dinas pendidikanpikeun ngabebener etakabeh. Kuring nyieun pro-posal sagancangna baringayakinkeun pihak dinasyen SD Hegar bener-benerkudu dibantuan. Aya pa-mariksaan téh kuring mahbungah. Sagala rupana di-antepkeun kitu baé, keunsina katempoeun ku nu diluhur. Tilu bulan ti haritagurujag sumbangan téhdatang. Alhamdulillah.Sanajan ukur cukuppikeun dua ruangan kelas,ditambahan dua wangu-nan wésé, kabéh diajang -keun ka dinya. Kurangnagé nepi ka 20 juta. Keunbaé éta mah SK kuring di -sakolakeun.

Salila kuring jadi ka-pala sakola di éta SD, geustilu kali meunang bantuantina ngajukeun proposal.Bantuan pasilitas nu ung-gal taun datang boh duitnaboh barangna boh gedéboh leutik ti dinas kabéhdipakihikeun ku kuringpikeun kaperluan sakola.

Lalaunan SD Hegarkelas jeung pasilitasnabeuki nambahan, lingku -nganana beuki resik.Taman-tamanna ngém-ploh héjo, perpustakaan -ana bukuna pinuh, kagiat an ékstra kurikulernabeuki rempeg, lingkungansakola pikabetaheun jeungpikaresepeun, guru-gurubeuki kooperatif beukironjat kesejahteraanana dageus diaju-ajukeun serti-fikasi ku kuring, masarakatbeuki ngadukung kanaprogram sakola. Bagjanapisan kuring, waktu sakolangahontal akreditasi A.

Keur resep kitu, kuringmeunang tugas mutasi

kudu ngabebenah SDsaatap di kota Banjaran.Beu, beu, beu. Pusingpisan ieu mah, hiji sakoladua manajemen adminis-trasina, atuh ngokolakeun -anana gé kudu gedé tana ga. Acan éta SD teh ayamasalah jeung nu bogatanah nu ngawakapkeu-nana. Enyaan pusingnateh, katambah barudakkeur merelukeun waragadpikeun sakolana, da geuskaruliah. Kuring jeung ba-pana tihothat matéakeunkamampuh soranganpikeun kawajiban di pa-gawéan jeung di rumahtangga.

Antukna persoalan an-tara sakola jeung nu bogatanah dikapangacarakeunda éta mah masalahnageus kana hukum nu ku -ring teu nyaho gék-gékan -ana. Alhamdulillah pihaksakola jeung nu bogatanah ahirna bisa daméy.Lima taun geus rapih mahku kuring dibikeun deui kadinas. Harita téh inget baenyanggakeun ka nu dibe -ndo, mangga, cekéng téh,tos bérés roés ayeuna mah.Wangsulkeun deui simkuring ka SD Hegar.

Enya baé kuring dipu-langkeun deui ka SDHegar. Tapi naon nudisanghareupan? Lingku -ngan sakola nu geus bérés-roés saméméh ditinggal keun ku kuring téh betacak-acakan deui! Urusanadministrasi teu bener,keuangan kredit, aya guruhonorer nepi ka sapuluhurangna, sedeng guru-guru nu sertifikasina beu-nang nguruskeun kuringucang-ucangan baé.Karedul! Ambek haritangagugunung.

Kuring nahan manéh,hayang nyaho kana ka -ayaan anyar nu salila lima

taun ditinggalkeun.Sanggeus dua bulan, ku -ring ngayakeun rapat. Ku -ring ngaluarkeun kawija kan anyar, kuring nga -yakeun perampingan pe -ngajar! Leuh raména nuprotés, nu cua, nu sinis, nuambek kuring. Malah ayanu ngancam kana jiwasagala. Ceuk kuring haritaka nu protés!

“Mangga, sok dongkap-keun nu rék ngarogahala!Bapa, Ibu, Enéng-Encépnu teu keresa diliréntu-gaskeun mangga terasngajar, tapi moal digajihsapésér ogé! Artos tos teuaya, kredit! Geuning ieusakola téh ngahutang kabank kanggo ngagajih nungahonor sapuluh urangkali lima ratus rebu. Rek timana Bapa, Ibu, Enéng-Encép nutupanana?Keresa nutupan hutangsakola?

Eta deui Ibu, Bapa, nutos nampi artos intensifsertifikasi, raos-raosucang-ucangan nyah? Betbeuki karedul? Taya kaisinpisan digajih buta? Palaydilaporkeun ku sim ku -ring? Sim kuring gé keresangahonor pami kitu mah,lima ratus rébu ucang-ucangan. Sok manggagajih ku Bapa sareng kuIbu!”

Tindakan kuring nukeras pikeun nyalamet -keun ieu sakola aya buk-tina. Guru-guru nu geusnambahan jadi sapuluh(jeung kuring) téh, jadisoson-soson ngajarna.Honorér dileungitkeun dakatangkes gawéna ku gurunu geus tetap. Lain teukarunya ka nu ngahonor,ké dimana keuangan geusstabil deui, rék narimadeui nu ngahonor, kitujangji téh. Horéng tin-dakan kuring teh jadi sabi-

wir hiji. Cenah nepi kaKabupatén. Lah, manggateh teuing. Ku éta kaja-dian, di lingkungan pa -ngatik téh kuringdipikasinis, tapi beukidieu-beuki dieu bet ditaru-rutan. Pajar téh.

“Leres, Bu Hajjah Ita,abdi gé nurutan ketak Ibu.Atuda sakola seueur bebanning?” Ceuk Bu Ida kapalasakola SD Sukamanah.Kitu deui Ibu Dedeh ka-pala sakola SD Pasirgeulis,Bu Diah kapala sakola SDRiunggunung, cenah mahnurutan. Kuring mahmésem waé.

*“Mah, aya tamu.”

Salaki ngahudangkeunkuring tina panglamunan.

“Saha Pa?” kuringgesat-gesut dangdan, tuluynutupkeun buku laporan.

Kadéngé récok, siganalobaan sémah téh. Anaditéang ka hareup...

“Ibu Hajjah ...wilujengtepung taun!!!” réangguru-guru SD Hegarngabagéakeun. Aya numawa kado, mawa kuéh,mawa buah, mawa ran -tang, angkaribung.

“Kaleresan tepung taunIbu téh dinten Ahad tuda,janten abdi sadaya ngaba -ri binan, badé ngiring bo-tram,” kitu ceuk Pa Ase nubeuki heureuy, hidengnerangkeun.

Kuring mésem barihookeun kénéh sajongjo-nan, aya nu ngembengdina kongkolak panon, teukatahan...***

Cigugurgirang, 10Desember 13

*) Kado kanggo tepungtaunna pun bibi, Rd. EttySubaeti Asmadiredja;

guru SD tuladan nupinuh ku dedikasi

Page 22: Mangle 2458

21Manglé 2458

CCarita Pondok

GeulisCarpon Onnok Rahmawati

Page 23: Mangle 2458

Manglé 245822

Kamari. Kitunya ari ma-mangkatanbalanjatéh. Niat tiimah mah

rék mésér barang anuwungkul, datang ka nu di-tuju sok jadi méngkolkabitaan ku sagala rupa.Numatak kirang-kirangnapengkuh kana komitmenpaniatan awal, bakal pabu-rantak lebet lokét.

“Aduh Ibu, mani awistepang. Ka mana waé?” Nukagungan toko. Sasalaman,capaka-cipiki. Tuluy kuringdikekenyang. “Ieu geura kadieu heula ieuh mani saraékieu. Kudung modél éng-gal. Yeuh, yeuh, komo tas-tas ieu geura hayu palihdieu, tos sasetél-sasetélsareng sapatuna, kanggoacara-acara resmi. Cocokdi Ibu mah kanggo arisanatanapi ka uleman. Moalrugel, barangna berkuali-tas, pangaosna miring...”Bari ngagigiwing kuring kaditu ka dieu.

“Hatur nuhun, sanésteu hoyong, ké lah irahadeui ka payun. Ayeunamah peryogina gé kudungkanggo sakola budak, nubodas sareng coklat. Itu téhsakitu énggal kénéh manitos laledeg, nganggéna ge-uning murangkalih mahjabrah. Kana saos lah, kanakecap. Éta pami nuju jajanpanginten.”

“Muhun gampil tiungmurangkalih sakola mahseueur. Ieu heula yeuhengké mah séépeun geura.Kamari salosin ledis.” La-jeng ngabsén nu uihngabarorong. Ibu anu,padamel anu, istri pejabatanu. “Atuh kosmetiknabilih badé nyobian? Sabanka dieu persaben baé.” Ny-odorkeun produk kecan-tikan lengkep.

“Lah tuda mani arawiskieu.” Nyagap barangna.Éta téh ti baheula sabanbalanja ka dinya hayuh di-tatawarkeun ka kuring. An-jeunna gé nganggé étacenah. Keur mah geulisbakat katambih asak rawat,janten langkung-langkungluis. Keureutan raray nungadaun seureuh téh kuhérang-méncrangnameureun mun aya sireumngalangkung teh bakal ti-solédat. Betaheun temencarogena pami nuju neu-teup éta pameunteu.

“Di diskon lah ka lang-ganan. Ibu mah tos geulisalami, kulitna beresih, kan-tun mertahankeun wung -kul. Tah seri nu ieulangkung cocok kanggoIbu, tanpa éfék samping,halal, nutrisina ngarang -sang kolagen ngajanten -keun kulit langkungcahayaan. Ibu-ibu rérén-cangan abdi, nu bariasa kaklinik kecantikan, sarengnu sok malésér onlén géngaralih mésér ieu. Caro-cok kana sagala rupi jeniskulit...” Jeung satuluynapromosi sagala rupa. Bong-bong tukangna, katambahkakurung ku référénsi geu -lis bungkeuleukan anjeun -na, mani pikabitaeunpréséntasina-préséntasinatéh. Bosen ku nu nawaran,éléh déét, mésér wéh. An-tukna mah salianti wedaktéh jeung tiung téa. Nangmikir sajungkel pedes étagé. Tadina mah, ka hijilebar ku artosna, ka dua,ah, eunceup kitu di kuringda can perenah boga tiungmodél? Tapi, apan saur ibuajengan gé ari niatnapikeun ibadah mah, nye-nangkeun soca carogé, nyateu janten pamengan. Enyabisi boseneun ongkohsalaki téh ningali nu jigakieu tos taun-taun taya

perobahan. Sahenteunaatuh tong boro di luar,atawa di tempat padame-lanna sagulung-sagalangjeung nu kitu nu kieu,dalah tatangga di komplékperumahan gé ibu-ibu téhmeni harérang, ngagaren-clang, marodis. Asak urushadé omé diruna-direnuku sagala rupi. Komo nuwedel béya mah usik per-awatan obah perawatan.

Kacaturkeun barang nutas dipésér téh langsung di-rekeskeun ka bapanabudak. Ngan teu diébréh -keun wungkul. Tibang,“Apa, Embu kamari wang-sul mésér kudung budaklajeng Embu gé mésér hiji.Wios?”

Waleranna téh saen-deng-endeng gé, mangga,wios.“Nya wios atuh piragé kudung, sugan téhmésér pabrik kudung.”

“Da sareng wedakdeui.”

“Muhun teu nanaon étamah kaperyogian Embu,sing tumaninah ai aya mahkanggo mésérna.”

Peutingna si wedak téhdipraktekkeun. Méméhmangkat saré, ngurusheula pameunteu. Ulas itu,olés ieu. Masas itu masasieu.

Teu karasa geu isukdeui. Poé ieu jadwal fesyenshowna. Rérés pakepuknyiapkeun sasarap, gejeburmandi. Tuluy dangdansabot bapana siram.Kaperluan ngantorna geusdibanding-bandingkeun ti-heula, tuluy kuring mah kaluar kamer. Ngantosan nubadé sasarap di rohangmakan. Budak geus mi-heulaan candeluk.

“Subhanalloh Embu,badé ka mana?” Tuluycalawak.

“Ssst, Ayang téh, menisakituna.”

“Hé hé, tuda Embumani bénten, badé ayaacara di kantor Apa?”

“Sanés ah, hoyong dan-gdos wé mani ulah.”

“Oh.” Témbal budakteu kapapanjangan.

Gancangning carita, ba-pana budak tos kurunyung.Nguliwed heula kuring kadapur. Témbong anjeunnagék calik dina korsi paran-tina.”Ayang tumbén toscalik. Embu ka mana?”

“Ayang bagéan piket,Apa. Embu di dapur pang-inten, Bu, Mbu, saurApa...”

Lalaunan kuring tidapur ka rohang makan.“Ieu ngabantun kurupukheula.” Toplés kurupuknang muka tutupna dita-genkeun. Tuluy mangny-iukankeun sangu goréngkana piring bapana katutnu budak. Nyéréd korsi,gék diuk.

Aya nu neuteupseukeut. Asa langkung abotbatan calawakna Ayangtadi. ”Embu badé aya acaraka mana, apan piket organ-isasi mah kemis, sanés?”

“Henteu Apa, teu kamamana, kunaon kitu?”

“Manawi téh bade kamana éta meni rikat kiwaritos dangdos.” Terus bismi-lah, am-am sangu goréngpiligenti jeung kurupuk.

“Ayaaang...” obrolankapegat ku nu nyalukanbudak. Babaturan sakolananyalampeur.

“Iyaaa...” Bari ngososm.“Ih awon, pamali.” Ko-

jéngkang kuring ka hareupnepungan babaturananabudak. “Ayang nuju sara-pan kénéh antosansakedap nya, di dieungarantosanna di lebet.”

“Muhun bu, atos cekapdi dieu.”

“Sok caralik heulaatuh.” Kuring ka jero deui,

Page 24: Mangle 2458

23Manglé 2458

barudak hempak na térlas.“Ayang mios Mbu, Pa.”

Bari sasalaman rusuh.“Sing leres heula atuh

éta sarapanna énjing kénéhieuh, ké kalikiben geura.”

“Atos wareg, bilih ka -siangan piket, Assalamua -laikum.”

“Waalaikum salaam.”Kuring jeung bapana méhbareng

Dijajapkeun ka luar.“Ati-ati nging nakal, uihnatong sumarimpang, ulahjajan nu teu puguh.” Kabudak és-ém-pé gé damelang wé indung mah.

“Siaaap.” Antuknaraéng kabéh bari tingcareuleukeuteuk.

Ka rohang makan deui.Gék kuring maturan nunuju ngalimed kénéhsasarap. Nu anteng baé téhdipeleng. Ih, ni haré-haré.Apa?”

“Muhun, kumaha, badéka mana Embu téh ningteu nyaur-nyaur ti wengi.Biasana mah pami aya ka-giatan sok nyarios ti irahamula.”

“Ih saha nu badé ayaacara. Mani teu kéngingEmbu dangdos gaya en-jing-enjing. Sakitu kengingsusah payahna.”

Nyéréngéh, tuluy seu -keut deui melong kuring.

“Apa téh ningalikeunwaé, mani teu koméntaratuh. Kumaha dangdosanEmbu, saé teu, geulis teu?”

“Nya geulis atuh istriApa.”

“Tapi meni tiis kitu...ii-i’ih.” Piring sangu go réng -na api-api dijauh keun.

“Hé hé, apakah harusbilang waw gituh? Tos teuusum. Yang tak terungkapitu akan lebih dari kata-kata. Punten nyungkeuncai deui.” Ngasongkeungelasna nu kosong.

“Apa téh, ih?” Bari nyo-

dorkeun gelas nu geusdieusian deui.

Regot-regot dugi kaséép. Beres ngarot, kalahlangsung ngadeg. “Puntenpangnyandakkeun koncikakantun di kamer.”

Anjeunna muru kaluar. Kuring nyokot konci.

Méméh tepi kanalawang, geus biasa silihrandeg. Sasalaman, silihdungakeun kasalametan.Ayeuna randegna diémbo-han pelong. Jadi asa ka -reungkang. Lir disisitsakujur tangtungan.

Ngarawél cangkeung,nangkeup, tuluy misaur.“Apa terang ti wengi mulagé Embu téh bénten tisasari. Ngurus raray gémani satengah jam. Ti én-jing sulampat-salimpetwaé horéng rék dangdoskieu nyah? Teu aya nulepat, Embu geulis,langkung geulis.Samarukna Apa kabitaankitu ku nu dangdosananamodis, rarayna ngeplaknyamian poé koléntang?Apa mah cekap ku Embunu unggal énjing réréssiram seungit zaitun,rarayna dirawat ku produkkonvensional biasa nu aya

di pasar nu puguh undak-usuk komposisi bahanna.Nganggo wedak cekap ipis,katawis kénéh kulit aslina.Mun nuju capé sok semubeureum tandaning séhat,mun harééng katingal piasatanapi jale’er. Halisna aslingajelér paéh. Langkunggeulis pami Embu tos imutMonalisa, atanapi nyengirCenin waosna témbongsaalit, pami bingah pisansok labas janten gumujengdentis, waosna sadayakatembong baris. Manyuntutut mah Apa kirang sreg,

lucu sih tapi pikalucueunpeureup.”

“Awaaas!” Diciwitcangkéngna.

”Teu sawios radaménor, nanging dianggénapami dina acara ocassiontur digéndéngna ku Apa.Teu kedah tabarruj.Perkawis dangdosan, munnuju teu dikudung ram-butna digelung sumput,eunceup. Anggoanana nudipikaresep ku Apa mahnu paranjang, kudungnatéh sakieu yeuh.”Bari nun-juk kana lebah bujal.Tuluy, “... mmmuuach.”Nyium embun-embunan.Kuring nangkeup

tipepereket. “Apa mios, ati-ati di bumi, Ayang uihsakola ai taya kagiatanmah ulah diantep ngayapteu puguh. Assalamualai -kum. “

“Wa’alaikum salaam.” Mobilna disérangkeun

tina lawang nepi ka lesna tiparapatan. Nutupkeunpanto. Ngahunted barinyanghreupan urut sara-pan. Ras kana dangdanan.Maké baju gamis pulaspink kuring téh. Tiungnagé pink polét beurum, kopisusu, jeung konéng buruk.Paduan warna nu kontrastapi kalem. Dibudedkeunsanggeus jerona makéantem warna coklat. Be-ungeut diwedakan saulasku wedak delicate nungagliter. Lipen setipnamah dop. Gaya, jigaménak-ménak nu sok mi-dang na sinetron televisi.

Horéng ku bapanabudak mah teu kafilemkabina-bina. Barukdisangka arék ka mana.Peuting téa kuring dang-dan ngarawat diri menikanjat diitung cenah sate -ngah jaman. Geuning laindipuji kalah ditinggalkeunkulem tiheula. Mmh, bogasalaki téh mundut geulisukur saperti nu dibéjér-béaskeun tadi? Teu kudutabarruj, teu kudu dangdankaleuleuwihi. Baju paran-jang, tiung paranjang,gelung sumput, wedak ipis.Sakitu? Gampil pisan atuh.Tur mudah-mudahan étastandar peunteunan keurkuring teu iser, mangtaun-taun deui, satutup umur.Amin. Mangkaning panekadangdanan mah tinangtubaris terus robah-robah.***

Ciamis, 9 Septem-ber 2013.

“Apa, Embu kamari wang-sul mésér kudung budak lajeng Embu gé mésér hiji.

Wios?”

Waleranna téh saendeng-endeng gé, mangga, wios.

“Nya wios atuh pira gékudung, sugan téh mésér

pabrik kudung.”“Da sareng wedak deui.”

Page 25: Mangle 2458

Sanagara geun-jleung kununaréangan RB(érbé), munaya cenah rékdibeuli ku

harga anu matak hélok, ra-tusan milyar. Rabeng anungalér, anu ngidul, anu ngé-tan, anu ngulon, lembursingkur pada ngajugjug, aki-aki didaratangan, dukun-dukun pinuh ku jalma-jalmalalieur. Loba jalma nungadadak anéh kalakuan-nana, nu tadina getol kasawah, jadi ngacacangmapay lebak, atawa kuku-rusukan mapay-mapayrungkun, néangan anuanéh-anéh, manggih batudicokot disangka anti cukur,manggih bugang hileud dicokot disangka érbé, pada-hal maranéhna téh teu ayaanu apaleun kumaha rupajeung bentuk érbé. Nuleuwih anéh ku urang kota,jiga anu enya, kaditu-kadieumawa mobil meunangnyéwa, nénéangan jalmaanu bogaeun érbé, gedé hatéku béja anu can karuhan.

Lila jadi pamikiran,bakuna éta ku anu benerkitu aya jalma anu daékeunmeuli nu kitu ratusan mil-yar. Sabab lain ayeuna baéperkara érbé, anti cukur,mérah delima, jeung samu-rai téh. Malah geus puluhantaun, tapi nihil can pernahaya anu kajadian. Lolobanamah bohong.

Sababaraha poé ti harita,gurutak aya nu nganjang, titempat anu rada deukeut, ti

désa Kiara Payung.Singhoreng murid kuring, siAdun.

“Aya naon ieu téh asarareuwas?” ceuk kuring.

“Geus nguping béja anuararanéh, Kang?”

“Béja naon?”“Éta, masalah ranté

babi, atawa anu sok disare-but érbé téa.” pokna hari-weuseus.

“Ih, enya puguh jul-jolanu naréangan érbé jeunganti cukur, cenah mun ayarék dibeuli ratusan milyar.Asa beuki ngaco jalma téh,naha jang naon atuh makédaék meuli anu kitu kuharga ratusan milyar!”

“Cenah mah lantaranérbé tiasa dianggo narikharta karun, tiasa dianggonarik artos anu kacidaseueurna, jaba aya anticukurna”

“Akang ogé apal ari tiasadianggo narik artos mah,tapi pan ari lain ku ahlinamah sing aya ogé barangna,nya moal bisa.”

“Kang, pan Akang téhasa gaduh érbé, aya kénéh?”

“Nya aya meureun, daAkang mah tara ngagugu-lung anu kitu, emang ayanaon maké nanyakeun anuAkang?”

“Kumaha pami urangpaké narik artos Kang”.

“Astagfirrulloh halladziim, jang naon duit tinukitu, ongkohan jurig mahteu bogaeun duit, jadilamun aya duit anu katarikku jin érbé, éta téh duitmanusa, lamun ti bank, ke

pamingpinna di hukumdisangka korupsi, da duitnangadadak leungit, manéhnakorupsi dua milyar, ari anuleungit dua welas milyar,tetep baé éta pamingpinbank téh disangka korupsidua welas milyar”

“Muhun nya, tapi panhoyong duit, anggo narikbaé atuh Kang, panasarankumaha kajadiannana.”

“Ah, moal, sieun!”“Nyobian baé atuh Kang,

hoyong terang kajadian-nana, ke pami tos aya artos -na, uihkeun deui”.

“Teuing euy, Akang ogéasa hayang ari nyobaanmah!”

“Siap, iraha waktosnaKang?”

“Isukan dibéjaan, arigeus puguh arék moalna.”Éléh déét, ongkoh hayangngabuktikeun, nya dasarmanusa teu weléh panasar -an ku hal-hal anéh, aya ti di-tuna meureun.

Malem Jumaah di bulanJuli katompérnakeun, kira-kira jam sapuluh, sanggeussiap sagalana, meuleumapel jin sajewol, seungitnakasakuliah ruangan. Prakduaan ngamalkeun élmu,dzikir ngada’wamkeunkalimah anu tangtu.Sanggeus aya sajamna, betujug-ujug aya angin anunyéor tarik naker, eureunangin, panto sada aya anunénggor ku batu, ngabele-dog mata kagét. Gejlig-gejlig, sada aya anuleumpang gegejlig, imah eu-ndeur, bumi alam ngariyeg

kawas aya lini.“Ha... ha... ha..., aya

naon manusa, bet ngahu-dangkeun kula anu keursaré tibra!” Aya anunyakakak tarik pisan, bariterus tumanya ku soramatak sieun.

“Tong kaget baraya, kulakeur ngamalkeun élmu,maksudna seja manggilkhodam kula anu dina érbé,ari anjeun saha?” ceuk ku -ring.

“Kula jin érbé, aya naonatuh anjeun maké mang-gil?”

“Lain, cenah ceuk béja,anjeun bisa méré duit anuloba, bener éta téh?”

“Ah, boga dunungan téhkawas anu lieur, kula mahteu ngarti, da di alam kulamah teu aya anu disebutduit, ménta anu séjén baéatuh”.

“Ih ari manéh, abongbangsa jin bedegong,maenya ka dununganngomong balakacanur, padubaé.”

“Ha... ha... ha..., kulamah adatna kieu, kasar gari-hal, tapi naon maksudna an-jeun ménta duit sagala,cenah anjeun téh jalmasoléh, jalma mukmin, ninghayang duit tinu kitu?” Jinérbé, ngaharelung jangkunghideung, rambut ngawiwiggimbal, ngomong songonggarihal, babarakatakan baritetenjrag.

“Lain rék dipaké sara -kah, ngan hayang nyahobaé, naha anjeun téh bogapangawasa atawa henteu,

Manglé 245824

PPuridingPuringkak

Jurig ErbeKu Adang S. Argayuda

Page 26: Mangle 2458

sabab keur naon diingu arieuweuh kabisa mah.”

“Ampun dunungan,heug kula bakal nurut, kulapercaya ka anjeun, sok atuhamalkeun kalimah anu sokdi da’wamkeun ku anjeun,kula rék digawé.”

Selang sababarahamenit, riyeg, séor, beledug,burusut sada kentengmarurag, geblug, aya sorahareupeun sada anu ragrag.Jempling deui, tapi diha -reupeun jiga aya karung,pinuh ku eusi jigana mah.

“Kang, aya karung!”“Enya euy, cik tingali

naon eusina?”“Ditalian Kang”“Buka atuh, moal

nanaon ieuh”“Kang, artos, bareureum

ratusan wungkul, kumaha -keun ieu téh?”

“Awas sing inget kanajangji, ulah rek coba-cobanyokot najan salambar”

“Hadeuh, sagepok baéatuh Kang, lumayan jangmeuli motor”

“Ulah, talian deui baé étakarung, keun tungguan,mun nepi ka isuk karungaya kénéh, kop rék nyokotmah.”

“Leres éta téh?”“Enya, Akang tunduh

asa kasirep, rék saré heula!”Tibra saré téh, lilir sotéh

pédah aya anu ngaguyah-guyah kana suku, horéng di-hudangkeun ku murid.

“Aya naon?”“Tos adzan subuh Kang”.“Aduh, naha tibra-tibra

teuing sare téh, sok atuhurang sholat subuh heula”.Bareng berjamaah sholatsubuh, bari sasalaman,murid ngaharéwos.

“Kang, karung kumaha?”.

“Karung naon?nananyakeun karung wayahkieu, jang naon manéh teh?”

“Ih ari Akang, éta karunganu wengi, pangirim jinérbé tea.”

“Euleuh, enya nya,Akang poho deui, tingaliatuh ka kamar.”

“Kang, cilaka”.“Cilaka ku naon manéh

téh, ngareureuwas?”“Karung leungit, Kang”.“Nya meureun lain milik

mana kitu ogé, keun baé

atuh ajengan, kapan tadinaogé ukur hayang nyobaan,hayang ngabuktikeun, lainrék ménta duit jang pakéeunurang.”

“Haduh, muhun arilumpat ka dinyana mah,ngan sugan téh éta jin érbé,pék ninggalan sagepok mahatuh jang kuring.” Murid téhmurukusunu, ka jin érbé.

“Ha... ha... ha..., hayang

duit mah usaha nu beneratuh!” Bet aya sora tariknaker, ngeundeurkeun jan-tung, nyeungseurikanmurid, duaan rungahringeuh. Antukna saréréaseuri, nyeungseurikeun dirimasing-masing.***

Patakaharja-Rancah, Ciamis

25Manglé 2458

Page 27: Mangle 2458

CCarita Heubeul

Kusiwel NyiPiah nyokotsurat perjan-jian ti han-dapeun anakpepeten, sor

disodorkeun ka Nyi Demang.Ku éta ménak kolot ditam-panan, dibulak-balik, sordisodorkeun ka bojo priyayinu ngiring: “Cingan, Jua,pangmacakeun, Embi mahteu timu.”

Top ku Agan Juariah di-tampanan, dibaca bedas, betsurat perjanjian éta téa: babgiliran kilir jeung lamun NyiRapiah diragragan talak teukalawan dipénta, hutangUsman R 1500,- nu ditando-nan ku imah katut paka rang -an, kudu dibayar, sarta étaimah katut pakarangananabaris pindah-tangan tiUsman ka Rapiah sarta leu-pas-sakabeh hak jeung milikUsman kana eta tanah katutimah. Nu ngadaréngé poharapating garebegna. Tanahsakitu legana –meujeuhnabaé dijieun pasar ogé—bet

dikaitkeun kana talak. IbuUsman mani pias, soranangageter barang ngomong:“Na iraha Aom nginjeumduit R 1500,- da kami mahhenteu nyaho?”

Kusiwel deui Nyi Rapiahngasongkeun segel baringomong, sorana sada nunguntup: “Ieu bae ditingali -an; tah ieu tawis putra, ieutanda abdi, ieu tawis punbapa nu ngartosanana, ieutawis camat kota, ieu tawispun lurah, ieu tawis saksi-saksi, pun punduh Dulsiradsareng pun naib Haji Mus -tapa. Dupi ieu mah lampi-ran, salianan serat jualgaleuh ti pun Haji Pakih kaAom Usman nu diartosan kurama Aom, juragan Demang,jadi numutkeun segel mahieu tanah téh kagunganAom, sanes kagungan ra-mana, tuang ramana mahmung ngartosan wungkul ...nanging ka gungan Aomsotéh ... dugi ka saat ragragtalakna ka abdi, ayeuna mahparatnos clik ragrag ieu téh

milik abdi ... kajabi upamiari ditagih, ari creng mayartur abdi ngaleupaskeun ...ieu tanah baris tetep milikAom ... mangga aos deuiserat perjangjian Aom, tetelapisan: “Lamun dina ngara-gragkeun, hutang nu R1500,- henteu dibayar, tanahjeung imah nu ditandonkeuntéh pindah-tangan ... sarengsaterasna.”

Nyi Rapiah eureunngomong, panonna mure-leng neuteup Nyi Demanghayang nyaho kumaha teu-rakna omonganana. Nudipureleng samar cabaksamar polah dumeh kieusalah, kitu salah. Retpadeuleu beungeut jeungNyi Rangga bangun hayangditulungan. Ku Nyi Ranggakaharti, pok ngomong ka NyiRapiah, leuleuy pisan:

“Kieu geura Enok, ibusarerea teu sangka meueus-meueus acan yen urusansalaki Nyai aya kakaitnakieu. Ku kituna, kahayangIbu mah Enok ulah keukeu -reuweut, Ibu hayang ditem-poan heula aras-urus jeungbadami sakula-warga babieu. Ibu téh tangtu kudu un-jukan ka Mama Demang nu

baris terus nguruskeunan -ana, da Ibu mah paaweweannyaho di naon.”

Nyi Rapiah dina hatenamah seuri nenjo nu mundurteratur téh. Mun alam kiwarimah meureun nu disebut“ngasongkeun usul gen-catan-pakarang” tea, tapi ...Nyi Rapiah ge atuh lain buayawewe mun teu ngartieunmah, yen nu atar aliasmundur-mapan téh biasanaboga tabeat licik, sok ka -dongdora menta tempoheula, lamun manehna keurkasedek kaselempek, ngarahbisa “nyenghap” jeungngatur balad heula. Ari geusngaso dieung mepek baladdeui mah wah ... tampolan -ana ngadodoho nubruk titukang.

Hese dicaritakeunanararasaan para agan nungontrog Nyi Rapiah harita,babakuna Nyi Demang.Ngan paingan ceuk kolot,sagala rupa anu medalnatina teu ihlas tumuwuhnasok jadi kadorakaan. Caraibu Usman, teu nolih dica -ram ku salaki, teu hiding di-wawadian ku baraya-baraya,keukeuh merod hayang nga -labrak Nyi Rapiah, da ceuk

{ 27 }

Ku M.A. Salmun

Manglé 245826

Page 28: Mangle 2458

ijiran cacah ieu, moal enyawanieun ngalawan merak,moal enya mahi!

Aya dua rupa hal anu kuNyi Demang poho teukaitung. Saperkara, anu jadipaneger jeung pangreugreugjalma téh biasana aya opatrupa, nya eta: luhur pangkat,sugih dunya, rea batur jeungteu rumasa salah (teu bogadosa). Ninggang di NyiRapiah, najan teu luhurpangkat oge kapan gede hateku kasugihan bapa, ngarasakaliung kasiput ku barayajeung teu ngarasa boga dosaatawa salah naon-naon kaNyi Demang. Eta saperkaranu teu kaitung ku Nyi De-mang téh.

Ka duana teu kaitungdumeh teu terang, yen NyiRapiah anu dua taun katukang leuleumeuyeu carakeuyeup téh ayeuna mahgeus jadi awewe wanter tursugih akal, sabab najanjalanna henteu bruk-braknegrak oge (atawa leuwihmerenah disebut “cacakanbari susulumputan”) tapi reasobatna nu beuanng dipen-taan timbangan jeung pijala-neun. Laku takabur, ngu yup-nguntup ngahampas kapapada kawula téh, ku ibuUsman karasa beletoknakana tonggong sorangan.

Turun ti golodog téh ibuUsman alum nguyung, lesuleuleus taya tangan panga -wasa, humayungkung jigahayam pateuh jangjang,ngalengkahna ge asa nincakasa henteu.

Alum nguyung anu tigolodog turun, jaba wirangsarta isin, sareueul keuheulhanjelu, pacampur nalangsasedih, nu ngontrog kalahdipentog.

Satadina sumaah guntuptakabur, asa kakeupeuk ka-cangking, rek dicarekan singlebur, tapi buktina tibalik,

jadi urang nu digebot.

Geus digebot dipeureutmani ngaluntung, tanahlapur imah leungit, surattalak keur panggebug, kalahrek dibeuli duit, nu ditalakmalah atoh.

Mana horeng mungguhmahluk Maha Agung, teu dimanak teu di kuring, bogaasor boga unggul, taya nupunjul nu leuwih, mun keurapes mah sok bobor.

Henteu hade nu adigungbari ujub, ngahampas ka

mahluk Gusti, ngahina barijeung lengus, abong menakabong sugih, bisi ku Allahkabendon.

Harita mah pangberokanBandung téh lain di Banceuycara ayeuna, tapi di nu ki-wari diadegan gedongkimidi Concoldia, gedongwawayagon pisan pikeunpamberokan mah.

Nurutkeun adat jamanharita, lamun aya sakitanrek dibuang, sok ditong-tongkeun heula ka jalma rea,ti pangberokan téh digiringka kapetengan jeung pulisi

ka palang pasar, diembar -keun hujkumanana, supayajadi conto ka nu lian, disebu-tan dosa-dosana sangkanulah diturutan, bisi dibuangcara sakitan eta.

Hiji poe di hareupeungedong bui téh jeung sapan-jang jalan ti alun-alun nepika pasar (tacan alus cara“pasar baru” kiwari) nakleukku nu lalajo, megat hiji saki-tan anu poé éta rék diiang -keun ka pangbuanganSurabaya harita di Surabayabutuh ku mangratus-ratus

parantéan pikeun nyieunpalabuhan.

Éta sakitan téh ... AomUsman, anu baris nadanganhukuman dibuang sarta ker-japaksa make dirante, sababdidakwa maehan WillemHoffmeyer kalawan dini-atan, mergasa Agan Sarinepi ka cingked sukuna urutdijejekan jeung ngagelap-keun duit nagara tinaaprekin kopi jeung ladangkai. Jumlah hukuman tinutilu rupa kajahatan téh lilana“ngan” dua puluh taun. Sak-itu téh geus ngitung dumeh

ka turunan bupati anudibere hak adil-adilan is-timewa (forum privelegia-tum). Teu kitu mah boakudu digantung cara SiConat, bajingan nu ngagu-lawing di alun-alunRangkasbitung.

Perkara Aom Usman téhlain ngan kaasup perkaragede bae, tapi kaitung aneh,aya menak maehan tur ma-hala pamajikan anu mang-minggatkeun. Ku sabab nyagede nya anéh tea, beja barisditongtongkeunana ka wongakeh oge geus nyebar kajauhna ti tangelna. Nu réklalajo rea nu daratang tianggangna, malah aya nu tiCicalengka, Nagreg, Ban-jaran, Cikalong sagala(jaman harita mah kaitungjauh, jaman can aya mobiljeung otobes). Urang dayeuhrea anu nunda pagawéan,nyelangkeun heula lalajo,basana ge acan puguh ngala-man sapuluh taun sakali ayaménak dikongkorong ranté.

Haji Samsudin jeung bo-jona, bapa jeung indungUjan Kusen, anu saumurnakaitung tara lalajo ari lainkabawakeun mah, haritamah basana ge nebuspanadaran, dibelaan di-anteur ku Ujang Tamimjeung Enok Diah, lanceuk-lanceuk Ujang Kusen lalajomenak dirante. Basa ge:“Bareto anak aing Si Kusen,datang ka dirante téh alatanti bojona dipaling ku SiUsman, ari ayeuna, emhAllah nu Maha Adil, bet anungarante anak kuring ku An-jeunn dikersakeun dirantetur alatanana nu sarua,gara-gara dipaling pama-jikanana. Ya Allah, nuhun,sukur dumeh ku kamurahanAnjeun kuring diparengkeunnyaksian kaadilan Anjeun,maparin hukuman anusatimbang jeung kanyerianak kuring ka nu nan-dasana.”

(hanca)

27Manglé 2458

Page 29: Mangle 2458

Manglé 245828

Bagian

189

CCarita Nyambung

Peuting ka-223

Syahrazadneruskeun ca -ritana. Masihkénéh nyari-takeun pari -polah adi

jeung lanceuk nu rék nan-dangan hukuman.

Amjad jeung Asad silih-teuteup. Sorot panonnamancerkeun kanyaah.Geus kitu, silihrangkul,paungku-unggku. Masing-masing paromanna ngu -ngun tandaning ngemukasedih anu pohara.

Lanceukna cacarita.Cenah, leuwih hadé tu-marima kana nasib nubaris karandapan. Kitu-kieuna kumaha béhna.Lantaran, manusana mahukur darma wawayangan,ukur ngala la konkeun numisti dilakon an. Pangéran

Asad unggeuk. Sedihngadéngé kekecapanlanceukna kitu téh. Karasaku manéhna, najan dulurpatétéréan, kanyahna moaléléh ku dulur pét ku hinis.Ceuk pikirna, ngan lan -ceukna nu sakitu nyaahnaka manehna téh. Amjad,ceuk pikir Asad mah,salawasna aya dina sabandirina butuh ku pangbe-berah. Sangeus ngadéngéomongan adina, Amjadngadoa ka Nu Mahaka -wasa. Kekecapanana pinuhku kasadrahan jeung kaih-lasan. Cenah, sagala rupagé nyanggakeun ka Pange -ran Nu Murbeng Alam.

Satutas ngadoa, Pange -ran Amjad malik ka benda-hara nagara nu ngajantenggigireunana. “Kula mi-harep, paman nugel janggakaula heula méméh nelas -an pati pun adi,” pokna.

“Ih, sanes kitu, Kakang!Langkung saé rayi heula nusakedahna ditelasan patimah,” pokna.

Bendahara ngahuleng.Bingung ngabandunganéta nonoman téh, bet pare-but hayang dipatenipangheulana.

“Rayi, tos wé urangpacaket! Wios paman ben-dahara nu nigas beuheungurang disakalikeun,” ceukAmjad.

Pangeran Amjadngarangkul adina, kitu deuiadina, males rangkulanlanceukna. Geus kitu mah,éta nonoman téh dibakutetditalian dihijikeun. Teusing, meta dibeulit tam-bang téh pasrah wé siga nuteu sieu ku pati.

Bendahara beuki bi -ngung. Tapi, teu bisa majarkumaha. Pancen raja kudutetep dilaksanakeun, najandina hatena mah teu tega.

Galibna nu rék nanda -ngan hukuman, sok di-tanya heula pamentana nu

panungtung. Bendahara gekitu, nanyakeun kahayanganak dunungan téa. “Ah,teu hayang nanaon. Ngan,golerkéun wé kula luhur -eun adi kaula sangkanmun ditigas beuheung,pedang téh leuwih tiheulakeuna kana beuheung kula,“ ceuk Amjad.

Peuting ka-224Sanggeus nepikeun ka-

hayangna ka bendahara,Pangeran Amjad cacaritalir ka dirina sorangan.Ngan, kadengéeun atra kusakur nu araya di dinya gé.Intina, dirina téh nyari -keun pileuleuyan kanakahirupan, ogé nétélakeunmuga-muga cenah raja pa-hameun ka nu keur kaja-dian. Ngadéngé kekecapanAmjad kitu, bendahara teukuat nahan cipanon.Haténa mandog mayong,aya pikir rék ngudar deuitali nu dibeungkeutkeun kaAmjad jeung Asad, ngandalah dikumaha, lantaran

Page 30: Mangle 2458

29Manglé 2458

dirina gé ukur darmangalaksanakeun tugas.

Rengsé Ajmad cacarita,giliran Asad nu nyarita lirka dirina. Ngedalkeun rasahaténa nu tumarima kananasib diri. Asad gé bangunteuneung rék nandanganpati téh.

Jep Asad jempé! Leng -eunna tipepereket nang -keup lanceukna. Kitu téh,dibalés ku rangkulanlanceukna nu teu siriknasieun lesot ti adina.

Najan hate sungkan,bendahara nyabut pedang -na! Eta pakarang téh di-heumatkeun, ngangkangdina lebah beuhheungAmjad. Ngan, keur kitu,berengbeng kuda boganabendahara téh ngabret sa-tarikna. Atuh, puguh wébendahara téh reuwaseunnaker.

Peuting ka-225Leungeun bendahara

nu keur nyekel pedangngulapes. Lung wéh étapedang téh dialungkeun.Geus kitu, belenyeng ma -néhna gé lumpat, ngudagkuda nu ngaberetek kalebah leu weung.

Kuda ngabret, beuki lilabeuki jauh. Muru leuwe-ung geledegan. Atuh, ka-paksan raja gé ngudag étakuda, da memang kameu -meutuna eta tutunggangantéh. Ceuk pikirna, eta kudamoal aya pigantieunana.

Blus kuda ka leuweung,beuki lila beuki ka jero.Leuweung nu disorangnagé beuki remet, lantaranmemang tara kasorang kujalma ka lebah dinya mah.Atuh, kuda gé kateug,kaeurad ku reremetan, teubisa maju, teu bisamundur.

Bendahara, terusngudag éta kuda. Waktukatempo kuda asup kaleuweung, nu bogana gé

teu mikir panjang, teunginget keun karisi jeungkarempan.

Nu aya dina pipikir anana téh ngan kudanasieun teu kapanggih deui.

Barang nempo kudakeur babadug, bendaharabungah. Kajudi ku ma -néhna gé, kuda téh moalbisa lesot ku soranganupama teu dikenyang mah.Ceg kadali kuda dicekel,terus ditarik sina mundur.Kuda téh, ahirna mah ngi-clik nuturkeun anu nung-tun.

Kacatur, eta leuweungtéh sohor naker. Loba nuapal éta tempat téh leu -weung gerotan naker,arang kasaba ku jalma.Pangna kitu, ceuk nunyararita, di éta leuweungtéh aya maung nu gedekacida. Lian ti kitu, ruru-paanana ge pikagigiseun.

Horeng enya, kaayaanleuweung téh lain ukur

carita. Puguh buktina,malah kaalaman ku benda-hara gé. Awak maung, me-mang leuwih gede batannu biasa! Nu matak pika -gimireun, sorot matanamoncorong matak serab!

Bendahara ngayekyek!Rek lumpat, taya tanaga.Ragamang kana pedangna,euweuh lantaran teu mawapakarang.

Pedangna tinggaleunwaktu rek nigas beuheungAmjad.

Dina kaayaan kitu, ben-dahara téh rus-ras kanalalampahanana nu geuskaliwat. Ceuk pikirna,meureun eta téh balukartina kasalahanana nu di-lakukeun ka Amjad jeungAsad. Ngan, da teu bisamajar kumaha.

Bulé-hideungna mah,kari tumamprak ka NuMahakawasa.

*** (Hanca)

Page 31: Mangle 2458

Manglé 245830

CCarita Pondok

Hujan tisubuhkénéhcan eu-reun nepiwayah

kieu. Sangkilang geus pukulsalapan beurang. Dalahdikumaha, kapaksa hujan-hujan gé indit ka kota lan-taran isukan si Enung, anakpanggedéna, perlu tiungkeur acara paturay tineungdi SMP-na. Da tiung nuheubeul euweuh nu cocogcénah jeung bajuna. Enya gékuring sok nyieunan tiung,da ari keur acara kieu mahmoal kapaké. Soalna candiropéa, ngan ukur tiungdadasar. Lamun aya sésabahan kakara bisa nyieun nurada alus. Ngajual tiung téhka Ibu Iroh, agén nu sokbiasa nampaan hasil karajin -an ti pengrajin di lemburkuring. Ku manéhna dihar-gaan lima rébu dina sahiji.Daék teu daék kuringnarima harga sakitu, dacénah geus pakemna. Nyieu-nan tiung téh geus jadipakasaban keur kuring mah.Keur nyukupan risikosapopoé. Kuring kudu nyiarkipayah sorangan ti saprakbapana barudak ni lar. Je-natna ninggalkeun anakdua, sajodo, Enung jeungAding. Ading, sarua keurmejehna perlu biaya. Keurngarambah SD kelas 5.Sanajan panghasilan ukurdagang tiung leuleutikan,teu burung kacumponankénéh pangabutuh barudaktéh.

Hadéna kungsi sakolangaput di SKKP waktu ma -

tuh di Bandung kénéh.Manghanjakalkeun ayeunamah geus euweuh sakolana,diganti ku SMP. Saprakkaluar ti SKKP, kuring teunuluykeun ka SMA alatanwaragadna teu nyukupan.Antukna buburuh ngaput kapabrik di lembur. Di dinyapanggih jeung bapana baru-dak. Teu lila papacangantuluy wé ngawangun rumahtangga. Tilu taun sanggeusSi Bungsu gumelar, bapanabarudak mindéng gering.Saban minggu kudu waé kadokter. Ceuk dokter mahaki bat tina kebul di paga -wéanna, keuna panyakitISPA. Kungsi dokter nitahsalaki kudu diopname. Kusabab euweuh waragna téa,teu dicumponan. Ngansaukur bisa check up nepi kanilarna. Indit ti imah duaanjeung Enung. Si Bungsumah teu dibawa, da sok lobapaméntana. Dipihapékeunwé ka bibina. Ngahaja néa -ng an tiung téh ka mall dikota, da ceuk Enung ngarahloba modél jeung loba pili-heun.

Hujan ngecrek kénéh.Anjog ka hiji mall, atuh radateu pararuguh da sanajan di-payung ogé angger bagéansuku mah baraseuh. Kuringnutur-nutur Enung, sidikEnung mah geus biasa ulinka mall. Ari kuring mah radautag-atog da arang langkaulin ka kota, komo ka mallmah. Keun baé utag-atoggé, itung-itung néanganpangalaman ka kota, nem-poan modél-modél pakéannu alanyar, ceuk haté.

Asup ka hiji toko nu

lumayan gedé, loba bajumuslim keur awéwé jeunglalaki. Ari tiung mah ngansaeutik modélna, da puguhlolobana baju téh geus dia -dumaniskeun jeung tiungna.Hiji ogé euweuh nu kapakéku Enung. Néangan deuitoko nu lian, euweuh nucocog kénéh. Kitu jeung kituwé. Lila-lila suku karasacangkeul. Antukna diuk dinabangku. Regot nginum caitina botol bawa ti imah.Enung mah angger cénghar.

Geus reureuh sakeu -deung, terus nuluykeunlalampahan. Sup deui ka hijitoko. Toko ieu mah hususngajual tiung jeung perala-tanana, kayaning ciput jeungsajabana. Ari baju mah hen-teu ngajual. Kuring nutur -keun Enung nyampeurkeunhiji étalase. Gap leungeunnakana hiji tiung. Kuring ogényokot tiung nu lianna,sarua modélna ngan bédapulas. Tapi naha bet asawawuh kana éta tiung téh?

Diilik-ilik, bréh kana cirinu sok diterapkeun ka nujaitan tiung meunang ku -ring, naha bet sarua pisan?Haben tiung diilikan da bisisalah nempo.

“Bener, teu salah deui.Ieu mah tiung meunangngaput kuring. Kaciri tan-dana kaputan huruf N dijuru tiung, inisial tinangaran kuring, “Nani”. Nganpédah ieu mah maké bordérjeung payét saeutik. Tapinaha bet aya di toko ieu? Dimall gedé deuih? Asa teupercaya.

“Ma! Saé nya nu ieumah. Cocog pisan sareng

acuk Enung,” ceuk Enungbari mikeun tiung. Nga-gareuwahkeun implengan.

Matak reuwas nempoharga nu aya dina éta tiung.Asa pamohalan teuing har-gana tepi ka lima puluhrébu. Bet jadi sapuluhtikeleun harga nu ditarimaku agén. Bédana tiung ieumah geus maké payét jeungbordér saeutik. Pan modélkieu mah kuring gé bisanyieun. Sok nyieun éta géhiji-hijieun, sasoranganeun.Rék nyieun loba da euweuhmodal.

“Entong nu ieu lahNung, pangaosna awispisan. Pan artosna ogé munggaduh tilu puluh rébu,” ceukkuring meper kahayangna.

“Tapi Ma, nu ieu pang-cocogna. Pan tos titadi mi-larian téh tapi teu aya nu paswaé. Wios atuh rada awissakedik mah, étang-étangpakaulan Enung kaluarSMP!” Témpasna embungéléh.

Lain ku harga-harganateuing kuring haroréammangmeulikeun téh, tapi asaku pamohalan wé kuringkudu meuli tiung jieunan so-rangan.

“Ayeuna mah milarianheula ka étalase nu sanés,tuh palih ditu aya deui.Sugan aya nu langkungmirah,” ceuk kuring barihaté mah ngarakacakkarunya ningali budak.Sakedapan mah budak téhngagugu, nempoan deui kaétalase séjén. Sajeroningkitu kuring ngahuleng.

“Teu aya nu langkungcocog ti batan nu tadi Ma.”

Langit Beuki AngkeubKu Dian Wulan

Page 32: Mangle 2458

31Manglé 2458

disanggemkeun. Ibu antos -an heula sakedap di dieu,”jawabna bari tuluy indit.Teu lila pagawé téh datangdeui nyampeurkeun kuring,terus nitah asup ka hij ro-hangan.

“Wilujéng Siang Pa,”ceuk kuring halon barangasup ka rohangan nu ayatulisan kantor. Haté tagiwurteu puguh rarasaan. Daatuh karék ayeuna asup kahiji kantor nu aya di hijimall gedé.

“Wilujéng Siang Bu,”témbalna bari nangtungtuluy ngasonkeun leung eun.“Abdi Henda, kaleresan nunyepeng di toko ieu.”

“Mangga calik,” ceukmanéhna bari nunjuk hijikorsi nu aya di hareupeunméjana, “Aya pamaksadannaon kinten-kintenna Ibutéh?”

“Hatur nuhun pan-

Enung ngahelas bari habenngajéjér-jéjér tiung.

Sapeupeuting hésé sarémikiran naon nu kudu di -pilampah sangkan bisa nga-supkeun tiung ka éta toko.Kacipta harga nu sakitunérékélna, tina lima rébujadi lima puluh rébu. Un-tungna tangtu mundelpisan. Hirup hurip gé bakalbéda lamun bisa ngajuallangsung ka toko mah.Kacipta mun tina hiji tiungbisa ngaleuwihan harga duapuluh rébu, dikalikeun sara-tus potong, jadi dua juta.Duh gedé pisan. Népi kaadan awal panon teu bisadipeureumkeun. Hatémasih kénéh kabeungkeutku implengan sapeupeu -ting. Isuk mah rék dicobaannepungan kanu boga toko -na, rék nanyakeun nahakuring bisa ngasupanbarang ka toko éta.

Isuk-isuk kénéh Enunggeus haget dangdan. Makétiung nu meunang meuli timall téa, nu sidik tiung meunang nyieun kuring.Cocog pisan jeung baju nudipakéna. Bérés sasarapbral barudak indit kasakola. Kuring siap-siap rékngajalankeun rencanasapeuting. Tiung meunangngaput disiapkeun pikeunconto ka nu boga toko. Numodél dasar kénéh mawatilu siki rupa-rupa kelir, anugeus maké tambahan payétjeung bordér mawa dua, dangan boga sakitu-kituna.Rute angkot geus dicatet.Tadi isuk kénéh ngahajananyakeun ka Enung da bisisasab.

Sapanjang jalan euweuhhalangan harungan, ari lainhujan nu mimiti cukclakmah. Asup ka mall téh geusteu utag-atog teuing ayeunamah, kukurilingan heulasakeudeung. Teu lila ka-panggih toko nu kamari di-tuju téh. Pagawéna keurmarérésan barang. Teu asa-asa langsung asup. Tuluynyampeurkeun ka salah

sahiji pagawé nu katingali -na rada salsé.

“Néng! Punten badé tu-maros, dupi nu kagungantokona aya kitu?” ceuk ku -ring ngawani-wani manéh.

“Badé aya kaperyogiannaon kitu Bu?” témbalna.

“Abdi sok ngalebetantiung ka toko-toko, manawika toko ieu tiasa ngalebetanogé,” témbal kuring pinuhharepan.

“Oh mangga, ku abdi

gangkeunna Pa.Nepangkeun abdi Nani.Dupi pamaksadan mah teuaya sanés kieu Pa.” Kuringrada aga-eugeu némbalantéh da puguh teu biasangomong jeung nu bogapangkat mah.

“Abdi téh salah sawiospengrajin nu sok ngadame-lan tiung. Padamelan ieutos dilakonan kinten-kintenlima taunan. Maksadnanepangan Bapa, badé

tutunggulan. Sanggeus di-anggap cukup niténanbarang, pok manéhnananya,

“Ibu kénging wartos timana tiasa uninga ka tokoieu?”

“Kaleresan kamari abdisareng pun anak balanja katoko Bapa, teras mendakantiung hasil jaitan abdi dipa-jang di salah sawios étalasedi dieu,” témbal kuring.

“Hatur nuhun kana per-hatosan sareng kapercante-nan Ibu ka toko simkuring.Pamaksadan Ibu kahartossareng katampi ku simku -

ring. Mung ieu téh kieu Bu,”manéhna ngarénghapnapas panjang tuluy nu-luykeun omonganna. “Ha-punten pisan, sanés sim kuring alim nampi kanabarang nu ku Ibu diajeng -keun. Mung manajemén ditoko simkuring mah tosbiasa nampi ti agén, taranampi ti perorangan. Bi-asana nampi téh ti Agén BuIroh.” Haté ngalenyap, sukuasa nincak asa henteu basaninggalkeun toko. Langitbeuki angkeub. Hujanngagedéan, taya tanda-tanda piraateun.***

Panglawungan 13

nawiskeun barang karaji-nan abdi manawi tiasangalebetan ka toko Bapa.Kanggo conto, abdi ngaban-tun hasil kaputanana,” tuluyconto-conto tiung dikaluar -keun tinu tas. “Ieu contonaPa. Pami ieu mah tiungdasar jaitan teu acan di-modif, teras nu ieu mah tosdimodif, ditambihan kupayét sareng bordér sake -dik,” sok mikeun conto-conto tiung. Pa Hendangimeutan tiung hiji-hiji.Teu katebak ku kuring naonanu keur aya dina pikiran -ana. Ngan haté kuring wéteu daék jémpé, norowécoteu puguh, Jajantung ratug

Page 33: Mangle 2458

Manglé 245832

CCarita Nyambung

“Salah tuda dikenyotmah. Éta mah hancengeunbudak. Kuduna gé digélang,”si Ramdan ngéngklokan,sarua burungna.

“Gandéng siah ah! Kuriakkadéngéeun ku jelemana. Kéaing tulus atuh jadi kabogoh -na,” si Yopi ngagebés.

“Lain hayang manéh téh?Geuning sakitu sok diwawar-wawarna ka batur. Apan cékmanéh gé lamun dikontés -keun geus pasti kana meu-nangna.”

Manéhna tuluy seuri barinyigeung. Ingeteun meu -reun, yén tiheula kungsi nga-capruk jeung barudak dikosan, ngomong-ngomongperkara... pinareup. Poknatéh cénah, lamun dipasang-girikeun antar jurusan, ma -néhna wani tarohan saratusrébu, si Melva bakal pris ka -hiji. Si Melva téh adi tingkat,sahandapeun sataun. Cékmanéhna kénéh, bungkusnagé cénah sok ngéngkén so-rangan ka tukang kaput, dameuli di toko mah moal ayanu saukuran. Kaénna kudu

kaén lépis, tur dikaputnakudu ku bola kasur, ngarahteu gampang dobrah.

Heueuh atuh, dasarjelema lieur. Aya-aya waésaomong-omongna téh.Budak sageulis-geulis, hayohdijieun bahan kaheureuyan.

Sabot keur ngawangkongtiluan, pucunghul deui saba -baraha urang. Guk-gok sa -salaman, bari itu ieu silihtanya siga nu sono nakeran -an. Kétang kuring gé sonosaenyana mah. Heueuh, kitu -na mah da geus arang pang-gih téa jeung barudak téh.Kawantu kuliahna ogé geusbérés maranéhna mah.Malah sawaréh mah geus ayanu teu indekos deui. Réknaon tuda, ka hambur-ham-bur duit. Ari samet ngungu -dag dosén mah bisa kénéhdidugdag ti lembur. Barijeung cukup ku saminggusakali, teu noron unggal poé.

Tapi kuring mah tuluyrada ngabalieur, basa katem -po ogé salah saurangna ayamanéhna. Astri. Asa hayangléos indit mun kongang mah.

Tapi geus kagok, da ti ka -jauh an ogé geus katingali.Tungtungna tuluy camekblekdi dinya.

“Iraha badé skripsi? Kadétong dilénglé-lénglé,” poknasabot sasalaman, bari imut.Urang Cipatat manéhnamah. Ayeuna jadi guru, nga-jar di lemburna.

“Engké panginten abdimah. Lebaran monyét,” tém-bal kuring sahayuna. Tapisarua bari teu leupas ti imut,najan saenyana pangho -réam-horéamna mun kudungawalonan pananya sarupakitu téh. Karasana sok asajadi nyindiran tuda. Padahalkuring gé ngarti, nanya nukitu-kitu waé mah kawilangwajar. Ngan duka kumaha,sok asa béda katampana.

“Tebih kénéh atuh kalebaran monyét mah.”

“Numawi, sumuhun.Tapi éta Astri geuning tiasaterang iraha lebaranmonyét?”

Manéhna seuri deui.“Betah meureun nya Yudi

mah di kampus téh?”“Betah wé, da seueur

jalmi. Coba lamun teu ayajalmi saurang-urang acan.Meureun tiiseun,” walon ku -ring direumbeuy banyol.

“Ih, ditaros téh...”manéhna nyureng.

Kuring ukur nyengir. “Yud, kaping lima abdi

badé nikah. Omat nya, ulahdugi ka teu sumping.”

“Ih geuning mani ngada -dak. Kaping lima ayeuna?”

“Sanés. Lima Agustus,

sasih payun.”“Mana atuh ondangan -

ana? Maenya ukur lisanwungkul,” tanya kuringhalon.

“Ké wé nyusul. Ieu mahngawartosan saheulaanan.”

Kuring ngahuleng, teuwaka ngawalon. Kawin geu -ningan. Sugan téh moal ditu-luykeun jeung si éta téh.

“Muhun, wilujeng atuh.Ngiring bingah wé Yudimah.” Kitu tungtungna mahanu kedal tina biwir téh.

“Ulah kirang-kirang ha-punten nya, Yud. Bisi salamiieu Astri gaduh kalepatan,”pokna deui, saréh.

“Naha mani siga anubadé ka Mekah waé, bet ha-hapuntenan sagala,” omongkuring bari seuri deui. Tapiteu wudu tarang mahkerung.

“Ih, nya sahenteuna wéatuh ka Yudi mah...”

Teu dituluykeun. Kataramanéhna lir nu kalepasanomong. Kuring gé radangaranjug manéhna nyaritakitu téh. Sugan téh geus po-hoeun, moal diinget-ingetdeui. Da ku kuring sorangantara ieuh pirajeunan dipikir -an. Sakedapan tingbaretem.Untungna téh nu séjén tayanu merhatikeun. Da sarua itugé keur gepyak ngawang -kong.

“Ah, mani kawas mu-rangkalih baé atuh. Sawiosnu sanés mah teu kedah dié-mutan. Nu penting mahengké lancar nalika prung -na,” témbal kuring bari

Layung Ngempurdi Kampus Bungur

Ku Lugiena De

22

Page 34: Mangle 2458

33Manglé 2458

angger seuri. Lebah kalimah“lancar nalika prungna” nga-haja rada diteueulkeun.

“Angger pameget mah.Ka dinya waé ngémutna,”manéhna nyarita deui.

“Maksad téh pas akadnikahna. Sakitu sesahnaapan ari dirapalan téh.

Tug ka sok aya nu lepatngawaler sagala payuneun PaLebé. Matak saéna mah di-latih heula éta téh. Ambéhengké teu ngawagu. Ongkohsaurna ogé sok seueur nureuwas ari ngawitan mah.”

Ayeuna mah kecap“reuwas”-na nu diteueulkeuntéh.

“Duka ah. Teu langkungdidinya wé.” Manéhna kéomsemu kaisinan.

“Nu sanés tos diwar -tosan?”

“Atos. Tapi teu acan sa-dayana, da tara araya. Yopisareng Ramdan mah pang-payunna diwartosan téh.Tadi teu nyarios kitu?”

“Henteu,” témbal téhpondok bari gideug.

Saterusna mah wangko -ngan téh disalénggorkeunkana pasualan séjén. Malahtungtungna mah milu aubjeung nu lian. Hanas sorang -an jadi leuwih réa jempéna,teu ieuh halangan. Keun waé.Asa mending kénéh kitu tibatan kawas bieu mah. Enya,tuda bieu gé sakitu tuma -rum pangna nyarita téh. Ja-jauheun kana bisa gepyak.

Lamun teu kapegat kujam satu mah asa hayangrada lila ngariung téh. Tapidalah dikumaha, maranéhnaogé tuluy arindit deui murukantor jurusan. Kuring gétungtungna mah léos baé kahandap, muru gedung PKM.

Sapanjang nungkulandiskusi téh pikiran mah teubisa museur. Bet tuluy kalahréa ngalamunna. Sakitubarudak ana lebah nyaritatéh carowong nakeranan.Lain lantaran ngarahkadéngé ku saréréra baé.Tapi da nu disebut PKM téh

unggal poé gé teu weléhgandéng. Kangaranan pusatkagiatan, sageuy teuinglamun kaayaanana tiiseun lirkuburan. Pamolah jelemanaogé rupa-rupa. Ti mimiti anuenya-enya sibuk ku kagiatan,anu ngadon ulin wungkul,tug ka anu bobogohan,nyampak kabéh di dieu mah.Sabataé wé lamun teu puguhdéngékeuneun téh.

Nu matak uyuhan bisakénéh ngagelar diskusi didieu ogé. Sakitu mah katarasarumangetna.

Ah kétang kuring gé ba-heula mah sarua baé. Mak-sud téh kungsi ngalamanmangsa-mangsa buta tulangbuta daging, cék paribasanamah. Haget nakerananlamun diajak nyieun acaranaon waé ogé. Enya, sigamaranéhna anu ayeuna keurdaria diskusi. Méh kabéh anungaluuhanana adi tingkat.Sahandapeun wungkul. Ukurdua urang anu saangkatanjeung kuring mah, si Wawanjeung si Lukman, anu ayeunakeur diuk gigireun. Jeung du-anana gé saenyana misah ju-

rusan. Ngan da ari wawuhmah ti keur tingkat hiji mula.

Malah jeung si Wawanmah kungsi babarengan miluospék tingkat fakultas.Kungsi aya pangalaman lucujeung si éta téh.

Basa dititah nyieun tugasmakalah kelompok, manéh -na nyanggupan rék digawéanku sorangan. Sugan téh rékbalég. Hanas atoh tadina

mah. Horéng ukur ditambulkitu wé, teu ieuh makéréférénsi. Jiga nu heueuhpinter, ngaran sastrawanjeung filosof dicutatan hiji-hiji. Ari hég di tengah-tengahbet nyelap ngaran LevYashin. Cénah cék étamakalah ngacapruk, LevYashin téh sastrawan abad 19ti Rusia. Padahal kuring gényaho, éta mah kiper legén-daris Rusia jaman taun limapuluhan.

Marukanana moal aya nunyahoeun. Ari hég dina em-prona mah teu burung meu-nang hukuman. Rada parnaogé. Salian ti sirah padanakol ku gulungan koran barididegung-degungkeun, diti-

tah pus ap ongkoh limapuluh balikan, baringagorowok “Lev Yashin!”Anu panungtung dititahjogéd, bari dipirig lagu dang-dut tina tip. Duaan jeungmanéhna réréngkénékanhareupeun saréréa.Mangkaning aya kana sapu-luh menitna, da haben kududibalikan deui. Singsumpahna gé, éra!

Salian ti ospék fakultas,aya ogé ospék tingkat juru-san. Sarua ieu gé lumang-sungna saméméh asup kanakagiatan perkuliahan. Nganwaktuna rada lila, kurangleuwih dua minggu, teu caraospék fakultas anu ukurpopoéan. Saupama ospékfakultas mah ditutupna kuacara kasenian ti masing-masing jurusan, ospék juru-san mah pungkasanana téhkémah di leuweung. Acarapuncakna nyaéta ngistrénanmancalaputra jeung man-calaputri –istilah pikeun nye-but pamilon ospékpangalusna. Anu disebutngistrénan téh teu leuwih tiuupacaraan wungkul. Atawaupacara dina pintonanlongsér saenyana mah. Daleuwih réa bojéganana tibatan dariana.

Nya mimitina tina éta“upacara” kuring tuluydeukeut jeung Astri téh. Lan-taran anu kaselir minangkamancalaputra jeung man-calaputri téh kuring jeungAstri pisan. Inget kénéh ku -ring gé. Harita téh duaannangtung hareupeunpamilon séjén katut panitia.Beuheung dikangkalungankaléng sardéncis meunangniir, anu mabek hanyirkénéh. Awak didangdananrompi tina karung goni. Aribeungeut camohok ku areng.Minangkana mah riasananaéta téh. Enya, da apan dise-butna gé peuting panganté-nan, cénah. Ngadahupkeunmancalaputra jeung man-calaputri.**

(lajengkeuneun)

Page 35: Mangle 2458

Dina forum majelista’lim ibu-ibu, Ajen-gan Ahur ngabahas

bab ni’mat kadaharan.Nyutat kitab “FawaidulFawaid” karya IbnulQoyyim al Jauziyah, ulamamashur abad béh ditu.

Saur Ajengan Ahur,sakumaha eusi kitab :

“Alloh SWT maparinni’mat ka manusa, dua tikeldua tikel dina saban ting -katan. Keur masih man-grupa janin dina kandung an indung, ni’mat kadaha-ran janin, ukur sarupa.Nyaéta saripati rupa-rupakadaharan nu dikama lir -keun ku getih, kana puseurindungna. Naon baé nu di-dahar ku indungna nya,sangu, sambel, jéngkol,peutteuy, hulu peda,angeun waluh, wah rupa-rupa, engkéna salin jinisjadi saripati kadaharanhancengan janin. Nu mawiari nu nuju kakandunganalit kénéh, lebah puseur téhsok aya nu utek-utekan.Tah éta téh janin nujunyerot saripati kadaharantéa. Éta wé sahiji-hijina.Aya gé bapana ngalongok,hih janin téh papaharé baé.Tara pirajeunan kabitaningali nu belenu susu-luduk. Bener-bener is-tiqomah kana hiji kadahar an tina tempatna nu

matuh.”Ibu-ibu majelis ta’lim

rada moyég. Sawarehnungkup baham. Komobarang ngadéngé AjenganAhur nyebut “nu belenususuluduk” mah, sawaréhsili sigeung jeung nu deu -keut.

“Barang brol lahir kaalam dunya, mangrupa ja-bang bayi, ni’mat kadaha-ranana jadi dua, “AjenganAhur neruskeun.”Nyaéta“air susu ibu” alias ASI nudiwadahan dina dua pina -reup indungna, kénca katu -hu. Uh, cikruh bayuhyuh.Nepi ka orok sono nyosokana nyusu. Nyot ka ditu,nyot ka dieu. Bapana delék-delék wé, bari semu kekerotti kaanggangan. Kasieunansusu pamajikanana meralpédah hantem baé digu-layunan budak.”

Ibu-ibu beuki moyég.Sawareh tingcikikik. Seuridipengkek.

Ajengan Ahur mahjongjon wé neruskeunhanca

“Tos lésot nyusu, dime-unangkeun barang daharnaon baé salian ti ASI,nyampak opat rupa kada-haran. Tuh, dua tikel deuibaé. Tina dua jadi opat. Nuopat téh, dua mangrupainuman. Kayaning cai susu

boh susu sapi, boh susukadelé, katut susu buatansejenna, sarta bangsaningcai. Cai entéh, kopi, sirop,cai mineral, jeung rupa-rupa deui.. Dua deui man-grupa kadaharan nu ngan dung protéin héwani,saperti daging, endog, lauk,jrrrd, sarta nu ngandungprotein nabati bangsa sayu-ran, bubuahan, beubeut-ian,jsb. Isuk jaganing géto,taun demi taun, janggélékbaé janin téh jadi jalmadéwasa. Jadi kolot nu bogatangungjawab jeung kawa-jiban ngajalankeun aturanagama.”

Kaselang ku déhém,jeung ngaregot cai hérangnu geus sayagi hareupe-unna, Ajengan Ahur medardeui:

“Lamun seug tetep isti -qomah, mageuhan ni’matbarang dahar, wungkul nuhalalan thoyyiban, dina PoéAhir jaga ku Alloh dipa-parin kani’matan, dimang-gakeun pikeun asup kasawarga tina lawangna nudalapan. Pék pilih rék tipanto mana. Sabalikna,lamun ni’mat dahar disé -léwéngkeun ku cara ngare-mus dahareun atawainumeun nu teu halal teuthoyyib, upamana baé la -dang korupsi, bangsa inu-man keras, jeung sajabana

nu diharamkeun, pék pilihpanto naraka anu dalapan,rék asup ti mana. Kahar-tos?”

“Kahartoooooos”, ibu-ibu rampak némbalan.

“Janten émutkeun nya,“saur Ajengan Ahur deui.“Ni’mat dahar katut kada-haran nu dianugrahkeunAlloh SWT ka manusa, duatikel-dua tikel. Tina hiji jadidua....dua jadi opat...opatjadi dalapan...nyaeta ni’matdipaparin kabébasan kasawarga, asup tina pantomana waé nu dalapan.....”

Hiji ibu ngacung barimengkek piseurieun :

“Paingan saur wartos,orok nu maot langsunglebet ka sawarga, muhunkitu Ajengan?”

“Leres pisan, margi orokmah istiqomah dina barangteda. Tadi tos disebatkeun,janin ukur neda sarupa.Tara galideur ku pang-bibita, sanaos bapana loldeui lol deui ngalongokan.”

Témpo bubar, aya sa -watara urang ibu-ibu rusuhka luar. Leumpangna radageyebed. Langsung muruka jamban.

“Ah, ajengan téh ngadonngabahas nu pikaseurieun.Heug we ngompol, iyeuh”hiji ibu-ibu kukulutus bariucul-ucul.***

IstiqomahKu H. Usep Romli HM

Manglé 245834

Page 36: Mangle 2458

Jelema Super

Duméh sok sakali-kalieun nulis, kitu gétulisan nu hararampang wé. Sajaba ti kitu,dina jilid tukang anu ngamuat jajaran agénManglé sajaba ti ditulis alamat lengkep téh,kuring mah maké nomer telepon imah jeungha-pé sagala. Tah, tumerapna sajaba ti kungsingalaman nu pikayungyuneun jeung pikare-sepeun téh kungsi deuih ngalaman nu pikare-sepeun...peureup.

Kungsi “sosobatan” jeung urang Pan-deglang, malah ceuk Si Ambu mah kaasup“kabogoh jauh” ku mindengna kuring narimasms ti manéhna. Tangtu wé dibalesan, dangakuna mah sasama guru jeung cenah mahmasih keneh lalagasan. Nyakitu eusi sms-naogé mimindengna mah curhat di sabudeur -eun masalah barudak sakola. Pleng les, teungontak deui lain dumeh Si Ambu timburu,ngan kawasna téh ku sabab kuring bruk-brakyén geus kolot tokroh-tokroh.

Anyar keneh nampa sms ti urangKarawang, diitung téh sarintakan leuwih ti sa-puluh kali silibales sms. Mimitina mahnanyakeun carana langganan Mang lé, komowé haripeut dibalesan malah sakalianditawaran majalah séjénna. Aya opat rupadeui majalah céngtéh, bilih sakantenan badélangganan mah. Ah, moal nu sanés mah daManglé ogé hoyong dijajapkeun langsung kaalamat. Sabaraha ongkos kintunna? Tanyamanéhna, teuing sms nu ka sabaraha kalina.Angkanan téh rék ditedunan tah calon lang-ganan anyar téh. Lumayan bari jajap majalahtéh sakalian sepor bisa sesepédahan radananjak. Kaitung pangjauhna calon langganannu anyar téh, lantaran kaasup wewengkontapel wates antara kota-kabupatén Suka -bumi.Basa dipénta ngaran jeung alamat nujéntré, panon nu geus rada paor tangkadipolototkeun ku teu percaya kana téténjoan.Panyana téh Karawang wewengkon Kabu-patén Sukabumi, sihoréng Kabupatén Kara -wang béh ditueun Bekasi. Najan hanjelu kuanu ngaléjokeun, teu kapalang bisi enyahayang langganan. Nya dituduhkeun ka H.Chaérudin, agén di Jl. Kamojing No. 135Cikampék. Teu sakumaha tebihna diband-ingkeun langganan ka urang NanggeléngKota Sukabumi mah, ceuk kuring bari nahankakeuheul. Kumaha ngabalesna deui?

“Majar manéh sanggup maké sepédah kaKarawang, boro tadina mah hayang jonghoksaminggu sakali jeung jalma super,” cenah teueuleum-euleum ngaheureuyan ka aki-aki. Ah,teu dibalesan deui bisi ngabarérang ka anuaya di imah. Mangkaning nu di imah ogésarua geus inin-inin, watir dicarékan teupupuguh mah da geus heubeul teu ngadéngédeui ceurikna.

Alhamdulillah kukitu ku kieu sok rajeuntutulisan téh namba-han sobat malah WaNandang ti Pangalé -

ngan jeung Kang Danismaya ti Ciamis mahkungsi silaturahmi ka Sukabumi. Nuhunkatampi silaturahmi-na, hanjakal teu tiasanyuguhan.

Endan Sukanda

Nyiruan Bikangna

Geus ilahar ari di Pasantren mah, pere tehtiap poe juma’ah. Kabeneran harita tehsababaraha poe deui,rek mieling 50 TahunEmas Indonesia Merdeka. Waktu isuk-isukkuring jeung Si Pipin geus mamawa tarajengadekeutan pangimbaran masjid pasantrenmaksud teh rek ngala nyiruan. Kabenerandina handapeun kenteng lebah pangimbaranaya nyiruan nyayang didinya.Teu talangkedeui taraje tuluy dipasangkeun, ”Sok entenaek, keun uing nyekelan ti handap.” ceukkuring nitah ka si Pipin,atuh teu loba omongmanehna tuluy naek mapay taraje, ari kuringnyekelan dihandap. Sanggeus nepi kaluhur SiPipin mukakeun kenteng lalaunan, mak-sudna supaya teu ngagareuwahkeun teuingnyiruan nu kabeneran nyayang dina usuksigana mah meureun geus aya maduan.

”Mang,kumaha ngalana ?”ceuk Si Pipin tiluhur. ” tiupan lalaunan supaya nyiruannanying ray” jawab kuring ti handap. Sanggeuskitu mah Si Pipin teh tuluy niup nyiruantea,teuing tarik teuing niupna, teuing kumahanu puguh mah,”aduuh...” Si Pipin ngagoakgari nutupan beungeut, saterusna mah“aduuh...” Si Pipin ngagoak deui bari ngebut-ngebut sarung, sihoreng nyiruan teh ngagem-brong sigana nyeureud Si Pipin .”Geustu run..! ” Atuh Si Pipin gura-giru turun, kur-ing nyekelan taraje bisi Si Pipin kumahaonam. ”Aduh...mang uing diseureud” ceuk SiPipin sanggeus nepi dihandap, bari nyekelanpipi jeung ngebut-ngebut sarung. “ Lah...maneh mah sereudeug teuing meureun ni-upna,sok cekelan taraje, keun uing nu rekngalana ” Bari tuluy kuring mapay taraje, ariSi Pipin nyekelan taraje, bari ngarasakeunkanyeri urut diseureud tea.

Barang tepi ka luhur, kuring lalaunanniup nyiruan anu keur ngagoyot maksudnasupaya nyingray, na atuh ari ngiung-ngiungceprot, ngiung-ngiung ceprot teh, nyiruannye reudan beungeut. ” Aduh...Pin cekelantaraje ! “ kuring nitah bari tuluy rurusuhanturun. Ari Si Pipin dihandap nyengseurikeunningal kuring pakupis teh. ” Mantakna gemang, nyiruana galak ” Ceuk Si Pipin. Atuhningal kaayan kitu mah, satuntasna meresantaraje kuring jeung Si Pipin teu tulus ngalanyiruan teh,kalah tuluy kakobong baringararasakeun pipi nu nyanyautan. Sajam

dua jam mah, pipi teh can ngabareuhan, naari geus peuting,pipi kuring jeung pipi SiPipin ngabarehan beungeut bengep siga nangneggeleunan. Atuh babaturan anu sejen mahukur nyeungseurikan jeung ngaheureuyan,bari teu heuleum-heleum pok na teh “ Aluseuy... jeung memeron isuk Agustusan ” .Samalah Si Pipin mah aya leuwihna, painganatuh waktu diseureud teh ngebut-ngebutsarung, sihoreng aya nyiruan asup kajerosarung, kabeneran teu dicalana ari heg tehbobogaana geu diseureud. Atuh peuting tehSi Pipin mah beuki humaregung.”Uranghanetan nya !” ceuk kuring.”Enya... keun kuUing” ceuk Si Pipin bari ngarebut obat hanettina leungeun kuring. Meureun terus di-ubaran “manukna “ teh, duka loba teuingduka kumaha,da teu pati lila ti harita aduh-aduhan bari ajrug-ajrugan. Atuh nya pika -seurieun nya pakawatireun. ”Cuang geberanatuh Pin ! Dasar nyiruan bikangna... pikase-beleun.”Ceuk kuring bari ngageberan Si Pipinsiga budak tas disunatan.

Wawan DarmawanSMPN 4 Rancah

Ds. Cisontrol - Kec. RancahKab. Ciamis.

Hanas Nulungan Mulang ti Rancah, palebah tanjakan

Cilendi aya motor tiguling kana solokan. Numawana budak ngora kira-kira umur 18 tau-nan. Tembong keur ugal-ugil hayang ngahan-jatkeun motor kana jalan, tapi meureun teukadugaeun. Ongkoh solokan jalan teh kaw-ilang jero. Nempo kitu mah kuring eureun,niat nulungan. Motor distandarkeun di sisijalan. Kuring nyampeurkeun.

“Kunaon dih, Jang?” Cek kuring nanya. Si budak ngora teu nembalan, hantem we

ugal-ugil ngahanjatkeun motor. Harita mahtembong sikuna daralang, getihan. Kitu deuisukuna, calana levisna oge soeh. Karunya cekpikiran teh. Meureun ripuh tiguling kanasolokan kitu. Jaba motorna oge ruksak. Lam-puna peupeus. Rem hareupna potong. Sepionpulak. Teu loba tatanya deui kuring mantuanngadorong motor nepika hanjat tina solokan.Na atuh barang motorna geus disetandar, arigubra teh si budak ngora teh labuh teupupuguh...

“Aduh...euy...aing..ipuh..yeuh...” Poknateh bari hudang.

Kuring mimiti curiga. Naha ngomongnabudak teh balelo. Disidik-sidik, bedul tehbudak keur mabok. Matana beureum. Be-ungeut bareugeud. Pantesan atuh labuh kanasolokan. Pantesan tadi ditanya teu nembalan.

Geus puguh nu mabok mah kuring inditbari kutuk gendeng. Nyaho kitu mah dianteptadi teh, tuman...

Ena Rs Sidamulya Rancah

35Manglé 2458

Page 37: Mangle 2458

TujuhA : “Eyang Subur dipanggilMUI nya.!?”B : “Heueuh gara-gara pama-jikanana tujuh.”A : “Padahal sarua jeung bahSukur nya? Geuning bah Sukurmah teu dipanggil MUI.”B : “Heueuh da bah Sukur mahlain pamajikanana anu tujuhteh. Tapi mundingna.”A : “He.he. Nyahoeun.!!”

Yusuf Yuhendi

ReklameTi saprak ngadeg pabrik sapatukuda di lembur Cipiring jadirame loba karyawan wargapribumi dugdeg muka rupa-rupa usaha, pluk-plok masangreklame:Madlain : TARIMA CUCI

MOTORSi Itok : UING TARIMA

MOBIL WUNGKULInot : TARIMA CUCI

BAJU KILOANIteung : NAMPI CUCI PI

RING LOSINANKabayan: KULA NARIMA

CUCI UANG GEPOKANIsukna orderan Kabayan pang -ramena, nu daratang Aki-akijeung Nini-nini wungkur,marawa duit sagembol sewang,Barang dibuka kabeh gem-bolan eusina duit benggo, peserjeung sen bolong jaman Nor-mal.Kabayan: “Ieu mah duit bere-sih euweuh tapak korupsi ! -Gosok bae ku sorangan ku caiasem atawa cai ganas!”

Apih SuratmanCimangkok Sukabumi

Pagawean Bapa“Badru ! Pagawean Bapamaneh naon?”“Dagang sayuran Pa, Rupi-rupi!”“Arip?”“Tukang Suluh!”“Cece?”“Ngarit Pa, da maro domba!”“Bapa maneh kana naon Itok?”“Duka Pa! Abdi teu ngartos !”“Naha bet bisa kitu Itok?”“Ngadeluk, tapi sok seuri so-rangan ! Palalaur Pa!”

“Euh, Moal salah, pasti panga -rang barakatak dina Mang le!”

Apih SuratmanCimangkok Sukabumi

KuA : “Didahar ngadurukduk.”B : “Kurupuk.”A : “Keur nguseup aya nunyanggut.”B : “Kurunyud.”A : “Murag kana cai.”B : “Kucuprak.”A : “Keur leumpang, labuh...”B : “Kudawet.”A : “Awakna begang, hi

deung, pendek jeung pesek.”B : “Ku.. aing didagor siah.!!!”

Yusuf Yuhendi

KajeunNyai : “Kang hoyong lipstik.”Akang : “Ngagaleuh di toko.”Nyai : “Sakantenan sarengwedakna atuh.”Akang : “Yeuh artosna.”Nyai : “Kang hoyong TV.”Akang : “Ngagaleuh di toko.”Nyai : “Sakantenan sarengmobilna atuh.”Akang : “Kajeun nyandung.”

Yusuf Yuhendi

MonyetAa: “Sato naon nu ngera

keun?”Ujang: “Uncal!”Aa: “Lain!”Ujang: “Oray?”Aa: “Lain!”Ujang: “Naon atuh?”Aa: “Monyetak gol tapi gagal,kawas maneh! Haha…”

Iqbal Maulana SuryanaDesa Cigugur Girang

Kec. Parongpong Kab. Ban-dung Barat

SMA Negeri 15 Bandung

Ucing“Naon basa Inggrisna ucing?”“Ket! (Cat)”“Ari ucing nu bau?”“Ketek ilaing eta mah! Hehe.”

Iqbal Maulana SuryanaDesa Cigugur Girang

Kec. Parongpong Kab. Ban-dung Barat

SMA Negeri 15 Bandung

Mémangna ...Si Oyot keur lalajo Persib dinaTV.Datang pamajikana méntabantuan:“Kang, lampu dapur pegat”“Mémangna kuring petugasPLN?”, asa diganggu.“Kang gas LPG séép”“Mémangna kuring karya wanPertamina?”, bari morongos.

Manglé 245836

Page 38: Mangle 2458

Isukna balik ti kantor lampudapur geus hurung, gas geusanyar.“Saha anu meuli lampu jeunggas, jeung deui ti mana duit -na?”“T adi énjing aya jajaka kasépanu nawiskeun jasa, mung ayasaratna”“Naon saratna?”“Abdi kedah wantun dicium,atanapi pangdamelkeun roti”“Oh pastina manéh milihpangnyieunkeun roti nya”“Mémangna di dieu téh pabrikroti?!”, pamajikana ngabales.

Abah Téa

Ngamandian Ucing Si Oting di toko babah Liong:“Keul naon meuli diteljénTing?”“Keur mandian ucing Bah”“Hih…ulah ! Bisi paéh ucingna”“Atuda réa kutuna Bah”Isukna si Oting ka toko babahdeui:“Kumaha ucing téh Ting?”“Geus paéh bah !”“Ceuk kuling ogé naon, ucingmah tala mandi maké diteljén”“Lain pédah dimandian ku de-tergent, tapi pédah kukuringdipeureut”

Abah Téa

Murag WaéDokter: “Waos nu mana Aki nukaraos téh?”Aki: “Ieu Dokter!”Dokter: “Geuning ieu mah anupalsu, Aki. Naon anu karaosnaari huntu palsu mah?”Aki: “Sumuhun Dokter huntupalsu Aki. Karaosna mah kunaon upami nuju dianggo betsok murag waé?”Dokter: “Ih ari manawi téhnyeri waos Aki téh?”

Aldi NurdiansyahJl. R. Ikik Wiradikarta 31

Tasikmalaya

Bagi WarisKabayan: “Mungpung masihhirup. Kami rék bagi waris keurmaranéh. Tah tanah, imah,kebon jeung sagala pakayaBapa keur manéh kabeh, Itok!”Pamajikanana: “Har? Ari

bagéan keur kami naon?”Kabayan: “Pan uing bagéanmaneh mah!”

Aldi NurdiansyahJl. R. Ikik Wiradikarta 31

Tasikmalaya

PabaliutBah Udi: “Kamari Mang Atampaséa rongkah jeung pama-jikanana!”Nini Udi: “Euleuh... kumahaatuh?”Bah Udi: “Nya diriungkeun wédi imah lebé.”Nini Udi: “Naha geuning laindi imah RT?”Bah Udi: “Sidik Pa RT gé ka-mari téh sarua deuih paséarongkah jeung pamajikanana.”Nini Udi: “Atuh meureun saruanyah Mang Atam jeung Pa RTtéh ngariung di imah lebé.Kumaha tah hasilna?”Bah Udi: “Cenah mah MangAtam balikna téh jeung pama-jikan Pa RT, sedengkeun Pa RTbalikna téh bareng jeung pa-majikan Mang Atam.”

Undang SuherlanCikeruh - Sumedang

Tong SuudonAbo: “Teu ngarti euy ku dombaBah Kundang.”Abu: “Ku naon kitu?”Abo: “Pan teu bogaeun dombajalu Bah Kundang mah. Tapinaha nya bet reuneuh dombatéh. Boa-boa...”Abu: “Tong sok suudon. Panayeuna mah ingon-ingonhayang boga turunan téh teukudu maké jalu. Cukup ku dis-untik gé bisa baranahan.”

Undang SuherlanCikeruh - Sumedang

BosenGuru: “Asa remen teu sakolamanéh mah. Naon deui alesankamari teu sakola téh?”Encang: “Udur kamari mah,Bu, abdi téh.”Guru: “Naha atuh bet henteungirim surat?”Encang: “Bosen ah.”Guru: “Bosen kumaha?”Encang: “Éta wé unggal abdingintun serat, asa teu acan

sakali gé ku Ibu dibales.”

Undang SuherlanCikeruh - Sumedang

BejaanWa Haji : Do, abah rek mandiheula nya! mun aya nu ngali-wat, bejaan.Dodo : Siap Wa.Teu kungsi lila aya tilu awewengaliwat.Dodo : Neng! Tinggal tuh wahaji nuju ibak...Wa haji : Na maneh teh Sardo!bet belegug, maksud uing mahanu dibejaan teh lain nu ngali-watna, tapi uwa. Ngarah buru-buru dibaju.

Melly Agustina

Rek NulunganTukang gorengan katubruk kusi ibro. Atuh kusabab tarikdiaduna, nya dagangananamurag..Sudin : Aya naon yeuh?Tukang gorengan : Aya bala-bala, gehu, pisang, ieu sambelkacangna ge aya.

Melly Agustina

KalengUni bingung, tuluy manehnanelpon dokter...Uni : " Dok, putra abi neleg alatparanti muka Kaleng!"Dokter : "Tenang Bu, teu kedahsalempang, sok we putra ibucandak kadieu nya! Insya Allahputra ibu tiasa ditulungan!"Uni : "Tapi Dok! Masalahna,kumaha abdi muka tutupkaleng sarden ieu? Jabaminyak dina katel tos panas!"

Miga YuliawatiJl. Ciledug 167 Garut

Ngojegpas rek indit pisan, motornaeuweuhUdin : Jang..., ari motor bapaka mana nya euweuh?Ujang : Pan ku Ujang dikilotadi ka tukang rongsokan....

Rahayu H.

Nyieun+ Keur naon maneh cicing di

sisi rel bari mamawa paku?- Rek nyieun peso pa, tingali!Teu lila kareta datang, "jegjeg-jeg" ngageleng paku.- Tuh langsung seukeut nya?+ Heueuh bisaan maneh euy!(Berengbeng nyokot linggis)- Keur naon eta linggis?Teu lila kareta datang deui,"jegjegjeg", jumpalik karetanatiguling..+ Lumpat jang, bisi aya polisi...

Rahayu H.

NegatipRina : A, jangan negatif thin -king wae atuh!Aa : Eeh, mending negatif thin -king daripada positif hamil mah.

Herdin Mulyana

NanyaOmon : "Kuring rek nanya."Ucup : "Nanya naon?"Omon : "Ibukota Peru naon?"Ucup : "Ah gampang atuh etamah, jawabna Lima."Omon : "Sebutkeun hiji-hiji."

Herdin Mulyana

Nini CentilNini : "Mang, ngaléwat BIP?"Supir : "Ngalangkung Ni,mangga naék!"Nini : "Mang.., mang..! Ngali-wat ka hatimu ga mang?"Supir : "Muhun Ni, énggal badénaék moal?"

Muhammad Ridwan

RatugAni : "Ratug kieu...."Adun : "Pédah Aa badénarosan nya?"Ani : "Sanés A, pédah ngorongluhureun kenteng."

Muhammad Ridwan

NundutanGuru: "100 x 10 jadi sabaraha,Mun?"Ma’mun : "Surabi, Bu!"Guru : "Sarebu kituh, lainsurabi!Ma’mun : “Tah eta bu.”

Miga YuliawatiJl. Ciledug 167 Garut

37Manglé 2458

Page 39: Mangle 2458

Manglé 245838

SSajak

Prayoga Adiwisastra

CATETAN KEUR SARAKAN

Saméméh léngkah lunta nilar sarakan, detik-detikngadadakMaluguran kana lahunan, taun-taun ngarangrangan di bu-ruanLaju but-bat leunjeuran lalampahan nu kudu dilakonanBet karasa karémpan laju nalikung juringkang sorangan Léngkah rumegag mireungeuh lungkawing jungkrang

Sapanjang nyorang jalan horéng urang sakadar jéjéngkéanBari salawasna nyidem rénghap karingrang jeung karém-panSabot pirang-pirang kalangkang ngaririwaan na lelembu-tanKatémbong deui lelewang tutugan ka lembur, tétécéanumurNu ngalanglayung, jeung teuteup bulan nu teu deui ngem-pur

Hiji mangsa, léngkah bakal reureuh handapeun tetengger Tepung jeung tatu nu gudawang na jajantung, balitunganJeung garajag késang nu namperkeun tapak lacak sorang -anHoréng di dieu sarakan nu saéstuna, tempat miang tur mu-langPangjugjugan sujudna curucud cimata jeung kasadrahan

2013

MINIATUR HIJI KOTA

Langit luhureun kota sakadar sapotong kacaLanggeng meundeutkeun panto-panto cuacaNgempur bulan jeung matapoé geus lawas ngilesDiseuseup lampu-lampu pias sapanjang karémpan jalanRajeg gapura-gapura jeung jambatan-jambatan kulawuUkur saronghéap isarah kasimpé, ningker patamanan Nu dirumat saabringan mayit-mayit tanpa daksaBasa kembang plastik ngiwat ngémploh tutuwuhanBet karasa aya jarak nu ngembat antara rumegag léngkahJeung saamparan kota nu ngageubra leungiteun wirahma

Sagunduk kota beuki leuseuh ditalikung kakeueung kacaGalagat hawa ngadadak ngorédaskeun hujan jeung katigaWahangan jeung cimata ngabeku jadi bangkarak sajarahNu teu kungsi kabaca umpalan usum ti mangsa ka mangsa Leuwih sepi batan jempling museum dokumén lawasLeuwih ngungun batan haleungheum paroman cuacaSagala wangunan jeung lalampahan ngawangun dirinaJadi monumén kateudayaan nu renghat lalaunanSedeng diri geus jadi reregas patung tengahing ruruntuk Arsitéktur kota nu leungiteun alamat geusan mulang

2013

LUHUREUN SASAK CISOMANG

Anjeun anteng neuteup luak-léok walungan Nu meulah lungkawing jungkrang. Riak-riaknaMalidkeun ungkara kakeueung jeung karémpanLuhureun sasak urang ngagalindengkeun kasimpéBasa umur ayun-ayunan lebah lungkawing hatéSedeng gurat-gurat takdir dina dampal leungeun Katémbong pajurawet dianyam kakeueung

Karéta api nyuruwuk ka tukangeun gunungHaseupna ukur nyésakeun kecap jeung isarahNu teu parat kana lelembutan. Cadas-cadasHarérang jeung batu-batu nu geus lalukutanSakadar jadi saksi nu leungiteun kekecapanLuhureun sasak urang ngalenyepan karémpanBasa panonpoé surup lebah embun-embunan

2013

Prayoga Adiwisastra. Lahir di Purwakarta, 18 Januari1992. Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah UPI.Aktif di komunitas sastra Turus jeung Asas UPI.

Page 40: Mangle 2458

DDongéngAkiGuru

Pasosoré barudak geusngariung di buminaAbah Odi. Cara sasari

rék ngabandungan dongéng.Saméméhna lalajo heula TV nungawartakeun aya oknum pa-jabat nu dicangkalak KPKduméh kalibet korupsi.

"Ulah ditarurutan baru-dak!" saur Abah Odi ngawawa-dian.

"Kitu peta téh matakcilaka, siga nu kaalaman kusakadang munding," saurAbah Odi deui.

"Sapertos munding,Abah?" tanya Didi.

"Enya, geura yeuh regep-keun dongéngna."

Barudak mani depong-de-pong baé rék ngabandungandongéng Abah Odi ngeunaansakadang munding.

Jaman baheula di karajaansato nu perenahna di jeroleuweung geledegan kaayaannagara téh répéh rapih.Sakadang singa nu jadi rajanakacida bagja jeung sugemaningali kaayaan kitu téh. Nyakitu deui rahayatna sabangsasato boh nu gedé boh nu leutikhirup tingtrim.

Ngan kaayaan kitu téh du-madak robah nalika aya kaja-dian nu matak ngageumpeur keun balaréa. Ari ulon-ulonnataya kajaba nyatana mindengkajadian rahayat silikaka -lakeun. Rahayat nu lemah teudaya teu upaya dina nyang-hareupan kateuadilan anu dip-ilampah ku sabagéan pagawé

karajaan."Jaman ayeuna mah dise-

butna oknum, barudak!" saurAbah Odi.

"Sapertos nu diberitakeundina TV nya Bah?" Asépmairan.

"Enya, Sép," saur AbahOdi. Teras ngalajengkeun deuidongéngna.

Caturkeun sakadang mun -ding anu kapeto jadi hakimkeur mutuskeun hiji perkarageus ngalakukeun kateuadilandina ngahukum sakitan.Manéhna sok cueut ka nu hide-ung ponténg ka nu konéng.Anu sidik salah teu dihukum,demi anu bener disalahkeunjeung ditibanan hukuman. Ra-hayat nu ukur maok barang teupira bari kapaksa duméh lapardihukum beurat, ari pajabatbeunghar nu curaling dihukumhampang.

Pangna bisa kitu sababsakadang munding hirupnaawuntah, adigung rasa manéhjadi pangagung. Teu wareg kugajih gedé nu geus disayagi -keun nagara. Manéhna teu eu-leum-euleum narima panyo gok ti nu keur patelak dinawidang hukum.

Teu anéh mun kaayaanngara leuweung riceuw. Nénjokaayaan kitu, puguh baésakadang singa bendu liwatsaking. Teu rék kitu kumahaatuh da kaayaan nagara beukikacow. Para pagawé beukiwani ngagerejud harta nagaranya kitu deui sato-sato nu mil-

ampah jahat wuwuh mahabu.Gancangna carita saka -

dang singa nitah mundingsangkan ngahadep.

"Hé, munding! Manéh kukami diangkat jadi hakim téhsangkan negakkeun kaadilan.Hukum nu salah, béla nubener!"

"Abdi gé kitu, nun!" ceukmunding motong omongansang raja leuweung.

"Jempé heula siah!" RajaLeuweung ngagaur bawaningkeuheul nénjo paripolah saka -dang munding.

"Tong ngangles manéh!Kanyataan nagara leuweunggeus riceuw, anu migawé kaja-hatan lain waé rahayat tapi ogépagawé nagara. Hal ieu nuduh -keun yén gawé manéh teubalég!"

Sakadang munding teungajawab. Haténa mimitingale ketey, sadar kana kasala-han.

"Rumaos nun kula lepat,neda sih hapunten," mundingnu jaman harita mah kaasupsato galak melas-melis.

"Teu bisa. Kasalahan ma -néh kacida gedéna, kudunamanéh ditibanan hukum pati,tapi kami moal kitu. Ku kamimanéh dihukum teu meunangaya di nagara leuweung gelede-gan. Awas, lamun andika wani-wani datang deui ka dieu,hukum pati moal asa-asa rékditibankeun!"

Nya antukna mah saka -dang munding narima putusan

sang raja leuweung. Harta ban-dana dijabel ku nagara.Manéhna indit mawa awaksabeuleugeunjeuran, kaluar tileuweung, nepi ka ahirna cun-duk ka sisi leuweung nu ngam-par ku pasawahan.

Di sawah manéhna sume -gruk ceurik, ngarasa kaduhungduméh geus kapahung. Keurkitu cebul patani rék maculsawah nu dipaké guyang kumunding bari ceurik. Nénjoaya sato leuweung nu kawentargalak, patani reuwas kacidamanéhna rék balik deui, ngandicalukan ku sakadang mun -ding.

"Hé manusa tong lumpat,anggur tulungan kuring," ceuksakadang munding. Kituna téhbari derekdek nyaritakeun nugeus kaalamanana.

"Ku kituna kula seja ku-mawula ka andika manusa.Moal rék baha, kula rék tobat!"

"Nya heug, tapi omat ulahnyieun gara-gara! Lamunnyieun gara-gara, ku kamimanéh diusir deui ka leuweunggeledegan!"

"Moal, sumpah!" Nya ti harita sakadang

munding jadi lindeuk, terusulun kumawula ka manusa,pangpangna ka patani. Tana-gana nu bedas dibaktikeunkeur ngagaru atawa ngawu-luku di sawah.***

(Féndy Sy.Citrawarga)

KaduhungDuméh Kapahung

39Manglé 2458

Page 41: Mangle 2458

Manglé 245840

KKomik Nyambung

Ku U. Syahbudindi Sundakeun ku Agus Mulyana

Page 42: Mangle 2458

TANGTU réa kénéh nu lianna,upama ku urang disalsiksikmah. Ngan nyakitu, invén-

tarisasi téh kawilang pagawéan anéhkénéh di urang mah. Instansi anu ka-papancénan pikeun ngalaksanakeunéta gawé, sari-sari teu pati maliré.Antuk na, urang ukur bisa kutuk-gen-deng upama pakaya urang hég diakuku nu lian. Nu dimaksud “pakaya” téhpakaya budaya, pakaya nu geus jadibanda urang ti jaman baheula mula,pakaya warisan ti para luluhur urang.Naon nu kungsi kapopohokeun, kiwarimah teu burung diimeutan. Karya bu-daya nu cék pangrasa urang mah geusjadi pakaya sélér-bangsa --tangtu baésélér-bangsa Sunda, didaptarkeunpikeun dipaténkeun. Pikeunditétélakeun tur diaku ku nu lian, yénéta karya budaya téh mangrupapakaya urang Sunda tur mibanda hakpikeun dilélér Hak Atas KekayaanIntelek tual (HAKI).

Tina sakitu réana karya budaya nudidaptarkeun pikeun nampa HAKI,dina ahir taun ieu mah ukur aya limakarya budaya ti Jawa Barat nu ditetep-keun ku pamaréntah mangrupa karyabudaya takbenda. Éta karya budayatéh diwangun ku kujang, ronggéng gu-nung, sisingaan, calung jeung pantunbetawi. Éta lima karya budaya JawaBarat téh mangrupa hasil seléksi ti hijitim nu ditangtukeun ku KementrianPendidikan dan Kebudayaan. Anggotatim téh kumlahna aya 15 urang. Éta nu15 urang téh dipapancénan pikeunmilih karya budaya nu didaptarkeunti sakuliah nusantara nu jumlahna aya2.644. Ti Jawa Barat kapilih limakarya budaya, ti daérah lianna aya 65.Jumlah-jamléh karya budaya nu di-

etepkeun ladi warisan budaya tak-benda Indonesia téh aya 70 karya bu-daya.

Tina lima karya budaya Jawa Baratnu kapilih téh aya tilu nu kawilangbanda nu geus gembleng jadi milikurang Sunda, nyaéta kujang, ronggénggunung jeung sisingaan. Kujang mahpakarang, ari ronggéng gunung jeungsisingaan kaasup kana katégorikaseni an. Kujang anu mangrupapakarang, ditaksir diparaké ku urangSunda téh ti mimiti abad kadalapan.Diparakéna ku masarakat agraris, kupara patani. Kujang téh pakarangtatanén. Kakapeungan meureun sokdipaké pakarang perang téh.

Ari ronggéng gunung mangrupatari nu hirup di daérah pagununganCiamis. Béda jeung tari umumna diJawa Barat, gerakan tari ronggéng gu-nung mah leuwih réa ngandelkeunsuku. Éta kasenian téh kawilang méh-méhan pareum. Kawilang hirup deuitéh basa sastrawan Godi Suwarna nudumukna di Ciamis ngayakeun kagia -tan Nyiar Lumar. Ku Godi sabalad-balad ronggéng gunung téh dijadikeunsalah sahiji pintonan. Kaderisasi rong-géng gunung kawilang teu (pati) lan-car. Kabuktian yén nu nararinaréréana geus papada aya umuran.Kawasna, ari geus diaku jadi warisanbudaya Indonésia mah merenahupama éta kasenian téh dipiara, malarlanggeng hirupna. Sangkan génerasinu bakal datang ulah ngan ukurwanoh kana ngaranna wungkul.

Kasenian sisingaan nu hirup diwewengkon Subang mah asa teumatak pikahariwangeun teuing. Iwal tiremen ditaranggap téh kaderisasinaogé kawilang hadé. Réa nonoman nu

ancrub kana kasenian sisingaan. Bisajadi ku lantaran sisingaan mah kaasupkasenian anu gerak-gerakna dinamis,pangna para nonoman teu sungkanpikeun neuleuman. Upama aya ka-giatan di lingkungan pamaréntahannu butuh ku kasenian anu sipatnahelaran, nu pangheulana disebut-sebut téh sisingaan, atawa anu sokremen disebut gotong singa téa.

Ari calung, hirupna téh henteungan wungkul di Tatar Sunda. Didaérah Jawa Tengah gé aya. Pang-pangna di daérah-daérah nu ngawatesjeung Tatar Sunda. Lalaguan nudipirig ku calung mah rupa-rupa,guman tung kana wewengkon tempathirupna. Di Tatar Sunda, calung ogédijieun pamirig lagu-lagu Sunda popu -lér. Nu mimiti ngawanohkeun calungjadi pamirig lagu-lagu pop téh nyaétaalmarhum Darso. Ku Darso, calungtradisi diropéa jadi calung modérn.Lain pakakasna tapi pancénna,fungsina. Tina biasa mirig lagu-lagubuhun, difungsikeun jadi pamiriglalaguan Sunda kaayeunakeun.

Ari nu disebut pantun Betawi mahmangrupa kasenian nu hirup didaérah Jawa Barat beulah kulon. Didaérah-daérah nu ngawates jeungJakarta. Kaayeunakeun, pantunbetawi téh sok dipaké dina biantarapejabat. Nu haladir mani sok ramékaleprok mun aya inohong nubiantarana direumbeuy ku pantun téh.Atuh para pejabat nu biantarana sokdireumbeuy ku pantun téh asa enyageus jadi pejabat anu henteu mopoho -keun kana kagiatan kasenian. Padahalmah wawuh kana kasenian téh éstungan sapantun-pantun betawina.***yayat.hendayana@ gmail.com

DI KIWARI MACA BIHARI (29)Catetan Budaya

YAYAT HÉNDAYANA (Ketua Pengelola Akademi Budaya Sunda

Unpas)

Ronggéng Gunung Sisingaan

41Manglé 2458

Page 43: Mangle 2458

Manglé 245842

GGedong Saté

Anak téh ngarupakeunpotensi jeungaset nu kudu dipiara jeung ditedu -nan hak-hakna sangkan boga kuali-

tas jeung mangpaat pikeun dirina pribadisarta nagara. Pihak nu paling kudutanggung jawab dina nedunan hak anak téhnyaeta kulawarga, lingkungan jeungpamaren tah. Kusabab kitu pikeun nedu nanhak-hak anak ieu nya ahirna dimekarkeunprogram Desa/kelurahan Layak Anak anugeus ditataharkeun ti taun 2012.

Program Desa/kelurahan Layak Anaktéh nyaeta pangwangunan desa/kelurahananu ngahijikeun komitmen jeung sumberdaya pamarentah desa/kelurahan,masarakat jeung dunia usaha anu dumukdi desa/kelurahan dina raraga ngajaminjeung nedunan hak-hak anak, ngajaga anaktina tindak kakasaran, eksploitasi, pelece-han jeung diskriminasi.

Maksud diadegkeunana programDesa/kelurahan Layak Anak téh nyaetamere sumanget jeung ngarojong dinangawujudna desa/kelurahan layak anakanu bisa nyingkahan tindak kakasaran, ek-sploitasi, pelecehan jeung diskriminasisarta nyumponan hak-hak anak.

Tujuanana tina program ieu nyaetaningkatkeun kapadulian jeung upayaaparat desa/kelurahan, masarakat jeungdunia usaha di sabudeureunana dinangawangun desa/kelurahan sangkan bisangajamin sakabeh pangabutuh anak kaa-sup ngajaga tina hal-hal anu sipatnangaruksak jeung ngancam kanakamekaran jiwa anak.

Dina prak-prakanana kagiatanpengembangan desa/kelurahan layak anakieu téh diantarana nyaeta; Pemenuhan Haksipil saperti ngupayakeun tiap anak didesa/kelurahan boga akte kelahiran,Paren ting skill atawa kaparigelan dina nga-suh anak, Kasehatan dasar jeungkaraharja an saperti dina ngayakeun pa-nyuluhan program ASI (air Susu Ibu) jeungmakanan pendamping ASI jeungngayakeun kagiatan layanan tumbuhkem-bang anak, Atikan jeung kagiatan budayadiantarana waé saperti mekarkeun PAUDjalur non formal pikeun anak umur 4 – 6taun sarta ngawanohkeun adat istiadat,

baha sa, teknologi kasenian ka barudak.Ketua Forum Pendidikan Anak Usia

Dini (PAUD) Prov. Jawa Barat NettyHeryawan netelakeun diadegkeunaaDeputi Tumbuh Kembang Anak di Kemen-trian Pemberdayaan Perempuan dan AnakRI téh ciciren pamarentah boga hiji visidina kamekaran jiwa barudak. Lengkah ieusatuluyna dituturkeun ku inisiasi kanaperlu na aya program Kota/Kab LayakAnak di Indonesia kusabab kiwari situasilingku ngan pohara goreng pangaruhnapikeu kamekaran budak.

Nurutkeun Netty, Komisi PerlinduganAnak Indonesia malah geusngadeklarasikeun yen ayeuna teh bisadisebut keun taun darurat “kekerasan sek-sual” keur anak atawa barudak.

Kusabab kitu, barudak geus sakudunameunang panyalindungan jeung pang -rojong, lain diperlakukeun diskriminasijeung kakasaran ti kolotna.

"Upami sistem perlakuan sarengpengasu han ka putra-putri tos lepatngalarapkeunana, mangka hal éta téh bakalpangaruh kana ngiranganana penerustongkat kapamimpinan bangsa anuberkualitas," ceuk Netty.

Kusabab kitu ayana Forum PAUD

ngadegkeun Rintisan Desa Layak AnakProv. Jabar di Desa Mekar Jaya Kec. Ar-jasari Kab. Bandung, desa rintisan ieu téhminangka tarekah sangkan bisa dijadikeunpercontohan Desa Layak Anak.

Netty ngajentrekeun yen unitpangleutik na dina kumpulan masarakattéh nyaeta keluarga jeung unit pangleutik -na dina pamarentahan téh nyaeta desa.

"Modal dasar sistem pengasuhansareng atikan atanapi pendidikan ka anakusia dini téh ayana di keluarga. Kumargikitu para sepuh kedah tiasa masihan contoanu sae supados kawangun karakter anak-anak bangsa anu kualitas sareng kadidik.Sarta ayana pangrojong ti sadaya pihaksupa dos tiasa ngaedukasi masarakat,"pokna jentre.

Kepala Desa Mekar Jaya miharp, sang -kan program ieu bakal bisa ngangkatpotensi jeung ngamajukeun Desa MekarJaya.

Kamekaran desa layak anak ieu bakalboga orientasi kana hak sipil anak-anakatawa barudak di masarakat, saperti aktekelahiran keur barudak sarta kalengkepanibadah, pendidikan, kasehatan

Kaasup jaminan hak asuhanak.***(AS)

Program Desa Layak AnakNyingkahan Barudak tina Mamala

Page 44: Mangle 2458

43Manglé 2458

Taun 2014 keur Indonesia diang-gap taun politik. Sabab dina tauneta aya dua kajadian/peris tiwa

politik berskala nasional, nyaeta pemili -han umum legislatif jeung pemilihanumum Presiden/Wakil Presiden. Duaperistiwa eta, kuduna dianggap peris-tiwa “biasa-biasa saja”, dina konteksdemokrasi jeung demokratisasi. Tapi,kusabab Indonesia mangsa kiwarimasih dina status transisi demokrasi,dua peristiwa eta dianggap “luar biasa”.Alhasil energi sosial ge katititennakacida ditataharkeunana pikeun nyang-hareupan situasi nu disebut taun politik.

Memang, proses menujudemokrasi nu ideal mah kudungaliwa tan heula tahapanana. Ayasababaraha tahapan nu perludiperhati keun dina proses demokrasi.Tahapan kahiji lumangsung saacanruntagna rezim otoriter.Dina tahapanieu biasana diantara sababaraha halaya kombinasi, saperti: lahirnakritisme ti luar rezim nu kumawasanu kabangun sacara gradual jeungtambah kuat; rezim nu kumawasangalaman perpecahan internal;kolompok militer atawa angkatanbersenjata ngalaman perpecahanjeung/atawa ngalaman parobahanorientasi politik; rezim nu kumawasanyanghareupan krisis ekonomijeung/atawa politik nu beuki hesedibeberesna; jeung mingkin loba nupatingjorowok nungtut parobahan.Tahapan ieu pisan nu sok disebuttahapan pratransisi teh.

Tahap kadua, nyaeta tahapkajadian na liberalisasi politik awal, nubisa dicirikeun ku: ragrag jeung/ -atawa robahna rezim nu kumawasa;ngalegaanana hak-hak politik rayatngaliwatan wadah political rightsjeung civil liberties; ayana“ketidakserta an” pamarentahan(ungover nability); kabentukna ka -teupastian dina sagala rupa hal; jeung

ayana ledakan partisipasi politik pub-lik. Biasana tahap ieu dipungkas kuayana pemilihan umum nudemokratis jeung pergantian pa-marentahan minangka konsekuensilogis tina hasil pemilihan umum.

Tahap katilu demokratisasi nudipiwanoh ku istilah transisi. Taha-pan ieu lumangsung bareng jeungngawujudna pamarentahan anyar nudigawe ku legitimasi nu nyubadanan/ kuat. Nya ku pamarentahan anyarieu sakabeh perangkat nu ngarojongsistem politik, sosial, jeung ekonomi,ditataulang/dibeberes deui.

Panataanulang kana perangkatsistem nu aya di nagara bakal ayapakaitna jeung pergantian parapalaku nu non demokratis atawa nonreformis, mekarna lembaga atawainsti tusi anyar, ayana parobahanjeung pergantian paraturan ditambahmekanisme kerja, sarta parobahankabudayaan ka arah kultur nu leuwihdemokratis.

Tahapan pamungkas, kaopat, dinaproses menuju nagara nu demokratisnyaeta konsolidasi demokrasi. Dinatahapan ieu, demokratisasi bisa di-cirikeun ku lobana jalma anyar jeungbersih dina pamarentahan; ayanaatu ran, kaasup konstitusi, nu geusdibeberes; nepi ka robahna caraberpikir, perilaku sarta budayaheubeul nu ngarah kana cara-caraanyar nu demokratis. Dina tahap ahirdemokratisasi, kudu aya pelembaga -an (internalisasi) ajen-inajen jeungpraktik demokrasi dina sakumna ele-men nagara. Cek cohagna ayakasaluyuan diantara sakabeh stake-holders yen demokrasi teh mangru-pakeun hiji-hijina jalan nu hade dinangalaksanakeun / lumangsungnapamarenta han (democracy as theonly game in town).

Tapi saacanna nepi kana ieu taha-pan, transisi menuju demokrasi ge

nyanghareupan tangtangan pikeunbalik deui kana rezim non demokratisdimana kajadian situasi nu disebutku Georg Sorensen (2003) ‘kebekuandemokrasi’ (frozen democrazy) kon-disi ieu ayana akibat tina reformasi nuteu mampuh ngahasilkeunpamarenta han nu kuat nu mampuhngalaksanakeun parobahan-paroba-han sosial, politik, jeung ekonomi numendasar saluyu jeung tungtutandemokrasi.

Pamarentahan nu “lemah (weakstateatausoft state)” teh maksudnapamarentahan nu teu boga wibawadi hareupeun rayatna jeung teumampuh nanjeurkeun hukum keurmiara katertiban. Kateugnapenega kan hukum, sabab pamaren -tah teu mampuh ngabeberes kasus-kasus korupsi jeung palanggaranHak Asasi Manusia (HAM) dinamangsa katukang.

Kecenderungan terjadina feno -mena frozen democracy di manademokrasi teu terkonsolidasi tapingan saukur jadi alat justifikasi, nganukur sacara prosedural jeung tanpasubstansi,ngabalukarkeun krisisetika, moral, jeung legitimasi justrutambah hese dibeberesna sabab pa-marentah nu terbentuk lain pa-marentahan nu kuat. Nya ieu pisanpasualan mendasar nu kudu geuwatdibeberes demi nanjeurna demokrati-sasi.

Mugia taun 2014 nu popiler di -pahami salaku taun politik, bener-bener bakal jadi lawang panto asupnaIndonesia kana tahapan konsolidasidemokrasi jeung bisa nyingkahansituasi kebekuan demokrasi.Mugia.*** (Dede Mariana*)

* Guru Besar Ilmu PemerintahanUniversitas Padjadjaran. Kapuslit-bang Kebijakan Publik danKewilaya han LPPM Unpad)

Tahapan Demokratisasi

Page 45: Mangle 2458

Manglé 245844

KKatumbiri

Katurug katutuh, kitupibasaeunana pikeunmasarakat di Désa Sirna-

galih Gunung Halu, KabupaténBandung Barat, sabada katarajangmusibah alatan Pasir Pogor nu ayadi luhureun éta désa urug turngaruang dua imah warga, hék-taran sawah, jeung balong di Kam-pung Awitemen RT 03 RW 07.Taya korban jiwa dina éta kajadian,tapi karugian ditaksir ngahontalratusan juta rupia. Lian ti kitu,pamarén tah daérah ogé bangun nuharé-haré kana kasangsaraan rayatdi éta wewengkon.

Ceuk katerangan Ketua RW 07,Budi Rahmat, ti mimiti kajadiantanggal dalapan belas Désémber2013 nepi ka méh saminggu tiharita, 24 Désémber 2013, PemkabBandung Barat tacan méré ban-tuan nanaon. Malah teu ngalo -ngok-longok acan. PihakPerkebunan Montaya anu ngaék-spoitasi tanah Pasir Pogor ogé ukurngalongok wungkul, teu méré ban-tuan nanaon, mana komo mérésolusi na. Padahal 48 KK (156jiwa) kiwari kasalematanana keurkaancam, sabab pasir nu di blokMariuk rengat sapanjang 300méter kalawan jerona kurangleuwih dua méter.

Salian ti kitu, urugan PasirPogor téh geus megatkeun jalurtranfortasi antara Kampung Ciawi -temen jeung Mariu. Jalannakatutup ku leutak jeung batu gedé.Lamun éta jalan teu gancang-gan-cang dibenerkeun, aya bahan 156warga di Kampung Mariuk bakalkaisolir.

Budi nétélakeun, sabada kaja-

dian, harita kénéh dirina laporanka Désa Sirnagalih, terus ka kaca-matan nu laju dilaporkeun kakabupatén. Tapi sakitu geus ampirsaminggu kajadian, boh BPBD bohbupati jeung réngéenganan teumiroséa, bangun nu haré-harékana kasusah warga Sirnagalih.Padahal kiwari warga hirupna di-udag-udag kasieun, hariwanglamun datang hujan gedé, utamanawarga nu cicing di Kampung Ma -riuk jeung Awitemen. Sabab étakampung bakal béak kaurugan. Kukituna, lamun peuting warga sokgiliran pikét, tapi lamun hujan,komo bari peuting mah Budi soknitah wargana ngarungsi ka tempatnu leuwih aman.

“Warga ngungsi ka ténda nuukuranna tilu ka opat méter. Sanés

alim ageung, mung bahanna teuaya, éta ogé déklitna tilas nutupankandang hayam,” pokna, barinyebut keun, yén ténda pangunsiantéh dibangun dua, nu hiji deui mahtina samping kebat. Ku sababbahan na kurang, nu ditutup ukurluhurna wungkul sarta sisi-sisinamah diantep ngagemblang.

Budi ogé ngajéntrékeun, diwewengkonna kakara ayeuna kaja-dian pasir urug. Salila ieu, leu -weung bogana perkebunanMontaya tara aya nu ngaganggu,malah jadi lahan konsérvasi. Tapiti saprak kaya saran sangkanBUMN ngahangkeutkeun “agro-forestry”, lahan konsérvasi téh rékdialihpungsikeun jadi “perkebunanterpadu” nu mibanda aspék sosialjeung ékologi. Harita tangkal kai

Agroforestry Perkebunan MontayaNyangsarakeun Warga Désa Sirnagalih

Lahan pasawahan warga Kampung Mariuk & nu kaurugan.

Page 46: Mangle 2458

45Manglé 2458

surén jeung sajabana dituaran kupihak perkebunan, rék diganti kutangkal jambu aér citra, bantuan ti

Gubenur Jabar.Ku sabab pasir geus dugul, atuh

dina waktuna hujan téh taya haha-lang, lantaran tatangkalan geusbéak dituaran. Antukna, cai hujantaya panghalang, katambah-tam-bah pasir geus lila kahalodoan,taneuhna nu rarengat terus digayerku cai hujan nepi ka éta pasir nuluhurna kurang leuwih 15 méterurug kabawa ku cihujan.

Hanjakalna, ceuk warga Kam-pung Mariuk, Ajiji, sakitu geus ka-jadian Pasir Pogor urug, diréksiperkebunan Montaya teungeureu nan aktipitasna nuarankai. Malah, kiwari diteruskeun kawilayah nu aya di Désa Sukagalih.Warga di dinya salian hariwangsieun kaurugan, ogé kiwari geuskakurangan cai beresih, lantaran

sumber cai di éta leuweung geuskiruh tur ngura ngan.

Perkebunan Montaya legana

250.052 héktar, ceuk Budi, sabagi -an leuweungna, utamana pasir nudeukeut ka pakampungan warga,rék disulap jadi perkebunan jambuaér. Éta proyék perkebunan téhpokna, salian ti geus nga-balukarkeun musibah ka warga ogéngalantarankeun masarakatleungi teun pakasaban. Lantarangeus puluhan taun éta lahan pasirtéh digarap ku warga sacaratumpang sari, antara tangkal kaijeung jahé gajah. Tapi dina tengah-tengah taun 2013 ku perkebunandicokot, alatan rék dikokolakeuncenah, pikeun ngaronjatkeunkaraharja an masarakat Sirnajaya.Tapi kanyataan nu kaalaman wargadi éta dua kampung éstu patukangtonggong jeung omongan ti pihakperkebunan, rayak kalah nanda -

ngan sangsara alatan sapopoéhirup diuudag ku sieunékaurugan.

Nu matak hémeng, ceuk Budi,

tangkal kai nu dituaran kuperkebu nan téh rata-rata boganawarga nu ngagarap éta pasir. Tapiwaktu nuarna, salian ti teu amit kanu bogana hasil ngajual kaina ogéwarga mah teu dibéjaan-béjaanacan, komo bari jeung dibéré mah.Padahal, waktu ngagarap éta pasirteu haratis, tapi mayar saluyujeung katangtuan ti PerkebunanMontaya.

Budi ngémbohan, nu dipihaepku warga kiwari lain duit hasil nga-jual kai, tapi meredih tanggungjawab perkebunan Montaya, sababurugna Pasir Pogor balukar kainaanu dituaran. Salian ti kitu, Mon-taya ogé kudu tanggung jawabpikeun ngarélokasi warga Kam-pong Mariuk ka tempat nu leuwihaaman. ***nunk-dédé

Binih jambu aér Citra, bantuan ti Gubernur Jabar nu ngarobah pungsi lahan konsérvasi jadi perkebunan agroforestry.

Page 47: Mangle 2458

Manglé 245846

KKatumbiri

Kampus mangrupa kawahcandradimuka mahasiswageusan néangan pancén

sarta garapeun dina kahirupan -ana. Sagala poténsi mahasiswakudu digali tur ditaratas dinamangsa nyuprih pangarti dipaguron luhur, boh nu sipatnaakademis boh non akademis. Lan-taran ari geus lulus mah karineruskeun naon anu geus di-taratas dina mangsa ngalakonanhirup di kampus.

“Ku margi kitu, mahasiswamah kedah sibuk. Kedah seueurkagiatan anu sipatna positip,” kituditétélakeun ku Ketua Prodi Sas-tra Sunda Fakultas Ilmu Budaya(FIB) Universitas Padjadjaran(Unpad) Bandung, Teddy A.N.Muhtadin, dina puncak acaraPoé Pamass, tanggal 19 Désémbernu kaliwat.

Poé Pamass mangrupa acaranu diayakeun ku pangurus jeunganggota Paguyuban MahasiswaSastra Sunda (Pamass) Unpad,pikeun mintonkeun rupa-rupa ka-monésan jeung kaparigelanmaha siswa Sastra Sunda dinawidang tulis-tinulis, musik, tiater,jeung sajabana.

Ceuk katerangan ti Ketua Pa-mass, Oki Muhamad Taopik,acara Poé Pamass téh diayakeununggal poé Salasa, sarta dina taun2013 mah puncakna dilaksana -keun tanggal 19 Désémber. Salianti pagelaran, dilaksanakeun ogérupa-rupa lomba. Di antaranalomba nulis sajak, carpon, fiksimini, jeung lomba maén PS.Lomba nulis mah dirojong sartadijurian ku alumni anu kabeung -keut dina Kelompok Studi Budaya(KSB) Rawayan.

“Dina puncak acara mah nga-haja ngulem para alumni. Salian tikanggo silaturahmi téh ogékanggo nimba pangalaman ti paraalumnus,” ceuk Oki.

Dina puncak acara poé Pamasstéa, katémbong rupa-rupakamotékaran para mahasiswaSastra Sunda, pangpangna lebahmidangkeun musikalisasi puisi,jeung musik tradisi dina wandakiwari. Para mahasiswa ogé bisanyaksian ékting para alumnusdina maca sajak saperti anudipiton keun ku Dedih Supridientra gan 1990 jeung Deni ahmadFajar entragan 1988 anu ogx aktipdi KSB Rawayan, sarta réa-réadeui.

“Mugia ku ayana kagiatan PoéPamass, para mahasiswa tiasamendak naon pancén gawé nukudu dilakonan dina kahirupan -ana,” Teddy A.N. Muhtadin ngém-bohan.***Dédé

Poé PamassNaratas Pancén Hirup Mahasiswa

Mahasiswa Sastra Sunda Unpad midangkeun musik tradisi dina wanda kiwari (dok. Cucu ’90)

Deni Ahmad Fajar maca sajak dina acara Poé Pamass (dok. Cucu ’90)

Page 48: Mangle 2458

47Manglé 2458

Miang tina rasa kanyaah jeungkacinta kana seni budaya titing-gal karuhun (Sunda), alham-

dulillah, tiasa manjang kalawan lana. Soksanajan, kakara nepi ka nyumponan bisahirup, acan hurip gé. Geus jadi hiji kabu -ngah anu tanwates wangen,

Éta hal ditétélakeun ku Irwan Fitri-awan, S.Pd (Kang Iwenk) pingpinanLingkung Seni Bitaria, basa ngedalkeunkabungahna dina lolongkrang acaraSawindu (8 taun) ngadegna LingkungSeni Bitaria anu direuah-reuah poé Saptu,28 Désémber 2013, di

Panggung Arena BITARIA, di Sagu -ling No 6 Rajamandala – Cipatat, Kabu-patén Bandung Barat.

Irwan nandeskeun, ngadegna éta stu-dio téh, miang tina rasa resep jeungkanyaah kana seni budaya tradisi.

“Tangtos naon nu jadi angen-angensim kuring, hoyong ngetrukkeun kabisajeung panglaman sim kuring dina widangseni, tiasa népa ka nu sanés, hususnamurang kalih, minangka sirung-sirungharepan,” pokna.

Dalapan taun juntrungna StudioBitaria, tangtu ngalaman pait peuheurna,pon kitu deui ngalaman lalampahan anukacida panjangna. Luyu jeung naon nu

jadi udagan, :”Ngaraksa, ngariksa seni -budaya tradisi” nya ku keyeng téa, an-tukna pareng.

Studio Bitaria, lana manjang diayana.Wanci, 18 Agustus 2005 tug nepi ka ayeu -na, ieu studio nu dikokojoan ku KangIwenk jeung Budiman Hidayat,S. S.Pd.,bisa hirup kalawan mekar. Nepi ka taunieu nu ngagabung jeung BITARIA ArtShow &Education, geus boga 35 urangmurid (PAUD-SMP), 15 urang panariprofésional, jeung 10 urang pamaén musiktradisional/étnik modérn

Sababaraha binaan Bitaria nu geusbukti hasilna, Eétasyan Ebby Lowren, nuayeuna sakola di SMKN 10 Bandung(SMKI) kelas 2, Shandy Pratiwi Rukmanadi Akbid TNI-AU Bandung, nu aktif jadimahasiswa sarta boga kaparigelan nari,sarta Venska Aurell Dominica murid kelas6 SD Regina Pacis Kota Bogor, mahér taritradisional jeung klasik di kota Bogorjeung Bandung.

Dina ngareuah-reuah acara Milang -kala ka 8 taun, aya sajak nu dikedalkeunku salasaurang murid:

•Meretas jalan…Berjalanlah…dan satu demi satu jejakakan terukir

Memandang jari-jemari bergerak lentikSesaat setelah niatku dikuatkanJanji diucapkan….

Tangan-tangan kecil kuat bergandenganKita telah sepahamRuang ini, Waktu ini dan Rasa iniBukan untukkuBukan juga untukmuNamun untuk dia… dan merekaBunga-bunga cantik puspa bangsa….BITARIA Sewindu tlah berlalu

Jejer acara Sawindu BITARIA, ‘Leng-gang Nusantara’ midangkeun sababarahagelaran, di antarana Tari Merak, TariKeprak-Kepruk, Tari Moyég, Tari Ayam,Tari Keprok, Tari Piring (minangkabau),Tari Béntang Panggung (Jaipongan), TariTopéng Koncaran, Tari Saman (NangroAcéh Darussalam), Bidama PerfomingArt, Tari Badaya, Tari Ponggawa, Tari Bali(Dénpasar), Tari Rénggong Manis(Betawi), Tari Jaipongan Bajidor Kahot,Tari Jaipongan Makalangan, jeung TariTopéng Klana Cirebon

Lalampahan sarta préstasi Britariadina sawindu nu kungsi dicangking diantara na, taun 2005, LaunchingBITARIA : Bina Tari Anak & Remaja; taun2006, Ringkang Lumigar, taun 2007,Rengkakna Rasa, taun 2008, Ki SundaMakalangan, taun 2009, Ulin DiBuru an, Festival Kaulinan Urang Lemburdi TBJB, taun 2010-2011 kungsi meunangpangajén ti konjén Belanda “Heritage”,taun 2012, Pelangi Nusantara – GiantPasteur Hyper Point Bandung dina acaraLaunching Logo jeung ngaran BITARIAArt Show & Education, Pagelaran barengjeung STI (Studio Tari Indra) di SunanAmbu Bandung. Juara I tari saman sa-Bandung Raya.

Saterusna taun 2012 jasa layanankese nian BITARIA-art consultan remendipaké dina acara-acara lomba, pasanggiritari jaipongan, Klasik, Nusantara, jste.

Taun 2014, éta studio geus ngararan-cang program garapan, di antarana Leng-gang Nusantara; Luar Negeri – Festivalfolklore, sarta milu pasanggiri/lomba taritradisional, klasik, jeung nusantara.***(nay)

Sawindu Studio Bitaria Manjang Lana di Ayana

Siswa Studio Bitaria, réngsé midang dina acara Sawindu

Page 49: Mangle 2458

Lain pantun Sunda nungadongéngkeun lalakon baheuladipirig jentréng kacapi ieu mah, tapi

pantun Indonésia nu hartina sisindiran.”Pantun Anak Ayam” (PAA), ”SisindiranAnak Hayam” sundana mah meureun,buku 40 kaca yasana Ajip Rosidi (AR),kalua ran Pustaka Jaya, taun 2006, pindocitak taun 2007. Warna dasar jilidna wulungmeles (blue black}, pangluhurna ngaran nungarang warna bodas, handapeunana gam-bar hayam kumupu karonéng réana sapu-luh ngajajar rada melengkung lir parahudibandéraan bodas ”ajip rosidi” ngang -kleung luhureun samudra mun ditilik barirada mantasi mah. Terus judul ”PantunAnak Ayam” warna bodas, panghandapnalogo Pustaka Jaya konéng. Warna-warnahampang kontras jeung warna dasar wu-lung meles. Basajan, tapi ngandung hartijero. Geura titénan, samudra nu jeronakabina-bina warnana wulung, biru kolotsemu hideung. Matak kukurayeun asa ayaramo-ramo teu ngajirim memetot mawatiteu leum. Atuh hayam kumupu ngagam-barkeun kaayaan tanpa daya (”anak hayamdisamber heulang”) jeung kabingung tayapanyalindung (”anak hayam leungiteun in-dung”). Komo bari nunggu giliran maotmah kawas ”anak ayam turun sepuluh, matisatu tinggal sembilan” dina lagu ”Ték-koték-koték” téa.

Ku niténan jilidna gé sabréhan kaciptasuasana batin nu rék diébréhkeun ku panga -rang nyaéta galura rasa nu jero nyumputdina hal-hal basajan. Kabuktian, cangkangsisindiran populér nu eusina biasana ”han-day” ku pangarang kréatif kawas AR mahdibéré eusi nu munel. Eta nu matak katajitéh. Contona baé sisindiran ”terang bulanterang di kali, buaya timbul disangka mati”nu eusina ”jangan percaya mulut lelaki,brani sumpah tapi takut mati” dirobah kuAR jadi ”selama di dunia ingin sekali, eng -kau beraja dalam hati”.

PAA téh kumpulan puisi sisindiranréana 29 judul, masing-masing béda-bédaeusina. Tapi mun dititénan sagemblengnatémana méh sarua nyaéta ngébréhkeunpangalaman batin jalma nu umurna tung-

gang gunung ngadagoan surupna panonpoébari nyawang kahirupan nu geus kaliwat, ki-wari jeung jaga. Ibarat Ki Olot (baca: Kolot)nu ngalaman galura rasa lantaran manéhnasadar geus kolot (being old) tur nyanghareu -pan maot (facing death). Tah, ébréhansuasana batin jeung penghayatan khas dinakaayaan saperti kitu nu digambarkeun kuAR ngaliwatan puisi sisindiran téh. Peng-hayatan éksisténsial, istilah psikologinamah. Lain hartina AR pribadi nu kitu téh, dapangarang mah ngaliwatan karya-karyasastra na mibanda kabébasan pikeunngagambarkeun fenomena naon bae jeungngébréhkeun pangalaman batin saha baé,boh dirina boh nu lian, fiksi atawa nonfiksi.

Nyawang batin Ki Olot

Dina psikologi Barat mah mangsa kolottéh dibagi tilu tahap numutkeun umurnyaéta antara 65 – 74 taun disebut ”young-old” atawa ”mimiti kolot”, terus ti umur 75– 84 taun ”old-old” mun di urang mah ”geuskolot”, ari ”oldest-old” mah 85 ka luhur,”geus kolot pisan” atawa ”geus tokroh-tokroh”. Tapi sigana di urang mah leuwihngora nu disebut ”kolot” téh. Jenatna punbapa jaman jeneng halipah di Padahérangsok disarebut ”Mama Halipah” padahalyuswa kawasna karék manjing limapuluh.Atuh kapiraina nu langkung anom padanyebut ”Ama Padungdung”, pédah gurupenca. Komo ayeuna di Bandung mah,hususna di lingkungan seni nu umurna 30-an gé sok pada nyebut ”Abah”. Ngahargaankawas ka kolot atawa pantes dikoloteunmaksudna mah. Lain lantaran kokoloteunatawa kokolot begog.

Salah sahiji tanda jalma manjing kolotnyaéta aya hal-hal nu timbulna spontan turnyosok jero. Upamana baé ujug-ujug resepnapakuran diri, ngarasa nunggelis, hari-wang nyanghareupan ahir hirup jeungkumaha ”nasibna di ditu”, malah aya rasahanjakal teu kungsi kitu teu kungsi kieusarta hayang meresihan diri tur hayangdeukeut ka Nu Maha Suci. Eta taya lian aki -bat kasadaran yén Ki Olot ngarasa dirinageus kolot (being old) jeung nyanghareupan

maot (facing death). Ceuk AR dina “PantunMusim Dingin”:

Di musim dingin salju pun turun, hanya hamparan putih terlihat; Usia bertambah dari tahun ke tahun, kian dekat ke liang lahat. Najan dibarung rasa hariwang,

hikmahna mah meureun dina umur tung-gang gunung manjing surupna panonpoé,kudu leuwih remen napakuran diri,ngagedékeun ibadah jeung ngalobaan amalsaléh.

Sajaba ti éta geus kolot mah sok rajeunniténan dulur, batur ulin, babaturan sakola,batur sagawé jeung sobat-sobat nungtutannampa panyaur bari karasa hirup téh beukinyorangan. Loneliness, ceuk psikologiéksistén sial mah. Dina “Pantun Hujan Geri -mis” ébréhna téh:

“Hujan gerimis sepanjang hari, anginnya bertiup dari Tenggara; Hati menangis tersedan tak henti, karena hidup sebatang kara. Ki Olot beuki remen napakuran diri,

pangpangna ngabanding-banding antarakahadéan jeung kagoréngan nu geus di -pilampah, nepi ka karasa ”timbangan pa-hala jeung dosa” téh ka mana monténgna.Ceuk AR dina “Pantun Kumbang Jati”:

”Kumbang terbang di atas rumah, berkeliling mencari mangsa; Hatiku selalu merasa gundah, karena diri berlumur dosa”. Atuh mun geus puguh karasa ku sora -

ngan beurat mana beurat mendi, komo munleuwih beurat ka lebah kanistaan mah, sokhayang geura-geura tobat. Tobat nasuhamun wasa mah kawas nu kagambar dina“Pantun Pulau Seribu”.

“Pulau Seribu milik siapa, kalau rakyat digusur pejabat; Diri hianat karena alpa, mohon ampun dunia ahirat”. Tah, dina kaayaan kawas kitu jorojoy

manah Ki Olot palay nyaketkeun diri ka NuMaha Suci. Lain baé seja pertobat, tapipangpangna mah kajurung asih nu weningka Mantenna. (AR teu eksplisit nyebut GustiAllah). Dina “Pantun Angin Barat” éta mahayana.

Manglé 245848

MMimbar Atikan

NYAWANG BATIN KI OLOTDumasar ”Pantun Anak Ayam” karya Ajip Rosidi

Ku H.D. Bastaman

Page 50: Mangle 2458

“Angin Barat angin Timur, bertiup sepanjang hari; Hendak mencari sepanjang umur, sampai ketemu di dalam hati”. bari hamham deuih naha dosa téh bakal

nampi ampunan Mantenna. Ngeunaan éta,AR nulis dina “Pantun Anak Ayam”, kieu:

“Anak ayam turun lima, mati satu tinggallah empat; Entah aku takkan kau terima, karena bersimbah peluh maksiat”. Kanyataanana? Sanajan didasaran niat

hadé jeung asih nu wening, horéng teu gam-pang ”tepang jeung gustina” téh. Kacatetdina ”Pantun Ombak” éta mah.

Ombak menerjang mencium pantai, namun tertahan rumpun bakau; Dalam sujud air mata berderai, namun engkau tak terjangkau. Dalah dina shalat gé teu timu. Dina

“Pantun Hari Jum’at” éta mah diébréhkeun -ana.

Pergi ke Kobe setiap Jum’at, dengan kereta dari Umeda; Mencari engkau setiap salat, sampai atahiat tidak berjumpa. Dina sujud jeung i’tikaf ogé hasilna

sarua, teu timu. Da nepi ka humandeuaratuh dina “Pantun ke Teluk Sudah” mahcenah:

Ke teluk sudah ke tanjung sudah, ke Campa saja yang belum; Bersujud sudah berkhalwat sudah, berjumpa saja yang belum. Lir nu kapincut teu dilayanan lumengis -

na dina “Pantun Hujan Gerimis” peurihpisan.

Kilat menyambar guruh bergegar, tak ada tempat sembunyi; Seruanku pilu tak kaudengar, terlempar aku ke jurang sunyi. Akibatna? Timbul marudah kawas nu

dijéntrékeun dina “Pantun Pulau Pandan”. Pulau Pandan jauh ke tengah, di balik pulau Angsa Dua; Hampa badan hati pun gundah, karena engkau tak teraba. Malah dina ”Pantun Musim Panas” mah

karasa aya ganjorna antara alam pikiranjeung alam rasa:

Matahari terik membakar jangat, tiada tempat kan berteduh; Meski engkau selalu kuingat, namun rasanya terlalu jauh. Kawas aya paradoks deuih ngeunaan

citra Pangéran. Nyaéta pasalia antarakayaki nan Mantenna téh deukeut tanpa an-tara. Disimbulkeunana ogé apan leuwihdeukeut tina urang beuheung sorangan. Tapikarasa tan wangenan jauhna. KangjengRosul saw gé apan kedah ngambah alak paulwaktos mantenna mancén Isra’-Mi’raj.

Naon atuh sabenerna kahayang Ki Olotteh? Tangtu loba. Hayang itu hayang ieu,hayang kitu hayang kieu, hayang ka ditu kadieu jeung hayang ka itu ka ieu. Everything!ceuk barudak ayeuna togmol. Tapi kétang,hakékatna mah taya lian hayang tong pisahti Mantenna. AR ngébréhkeunana ku nyutatcangkang salah sahiji lagu mashur nu pajahkarya Gésang.

Terang bulan terang di kali, buaya timbul disangka mati, tapi eusina

diréka kieu: Selama ini ingin sekali, engkau beraja di dalam hati. Akrobiyah, ceuk ihwan padikiran mah.

Mun kabiruyungan caket ka Mantenna? Etamah ku AR dihaleuangkeun dina ”PantunTerang Bulan” maké gaya ”pantun berang -kai”.

Buaya timbul disangka mati, hanyut ke hilir sampai muara; Engkau beraja dalam hati, imanku kukuh waswas pun musna.

Sabalikna mun tebih ti Mantenna?Hirup kosong, taya hartina. Hapa kawascangkang tanpa eusi taya araheynana. Na”Pantun Pisang Batu” lumengisna téh.

Pisang batu di atas peti, dimakan beruk pemetik kelapa; Engkau menjauh dari hati, hidup terasa menjadi hampa. Lir mungkas pésta reuni batur sa-SMA,

buku ”Pantun Anak Ayam” ogé dipungkasku ”Pantun si Paku Gelang”.

Gelang si paku gelang, menjadi ulam penyedap rasa; Pulang aku kan pulang, bertemu dengamu entah pabil. Ngébréhkeun kalangkang ahir hirup nu

taya kapastian baris tepang jeung Mantenna.Éstu matak hariwang! Sanajan kitusumanget Ki Olot pikeun néangan nu dipi-cangcam tetep ngagedur. Titénan geura”Pantun Hari Jum’at”:

Waktu pulang dari Sannomiya, aku turun di Kitasenri; Meski di mana engkau berada, namun tetap akan kucari. Malah ku sumanget-sumangetna nepi

ka dina ”Pantun Angin Barat” mah kieucenah:

Angin Barat angin Timur, bolak-balik di lima benua; Meski harus masuk kubur, namun engkau kucari jua. Milu manghariwangkeun mun inget

kana kias hiji sufi kontémporer: ”Mun teubisa ngojay di walungan Cisadané, tong mi-harep kokojayan wahangan di Seine”.

Sabenerna mah teu kudu ”luluasan”kitu, sabab Ki Olot numutkeun AR mah dina”Pantun Anak Ayam” geus ngalaman éndah -

na rasa deukeut jeung Mantenna: Anak ayam turun sepuluh,mati satu tinggal sembilan; Di hadiratmu aku bersimpuh, dengan air mata bercucuran. Malah ”Pantun Burung Merpati” mah

nyebutkeun: ”Jinak-jinak burung merpati,mendekat mau ditangkap tidak; Dekat, dekat engkau di hati, dengan mata tertampak tidak. Geus aya dina penghayatan éta Ki Olot

téh numutkeun ”Pantun Bulan Purnama”mah:

Di atas Mino bulan purnama, langit bersih terang sekali; Menyebut nama memuja nama, hanya engkau di dalam hati. Malah bari jeung ngarasa asihNa nu

ngocor taya kendatna. Kaunggel dina ”Pan-tun Musim Rontok” éta mah.

Di musim rontok di musim momji, udara dingin daun pun gugur; Kurenungi nasib penuh misteri, kasihmu tak henti mengucur. Ki Olot téh horéng geus aya dina tahap

Ihsan. Nyaéta suasana batin dina ibadah nupohara khusyu’ jeung éndahna réh asa jong-hok jeung Mantenna. Lain jonghok ”tatapmuka” tangtuna gé, da pamohalan, tapiyakin di ayaNa jeung karasa hadirNa. Geusleuwih ti cukup keur manusa biasa kawasurang mah. Minangka salah sahiji tatapakanagama sajaba ti Iman (Akidah) jeung Islam(Syari’ah), Ihsan (Akhlak) bisa ogé disebutma’rifah (wanoh) tur dianggap hakékatjeung indit-inditan agama. Awwaluddinma’rifatullah, saur Mama Ajengan mah.Ngan baé Ki Olot kawasna teu pati sugema,nepi ka terus baé rék nyusul tepus nepi kakacerek geleg nu asih jeung éndahna geuskarasa ngancik na jero haténa.

Ras inget kana dongéng hakim agungkarajaan Arab. Caritana Raja Arab sanggeussumping ka karaton sabada meresihanKa’bah mapag bulan puasa, anjeunna nembéémut lélépén karajaan kakantun di jeroKa’bah. Atuh teras ngutus hakim agungkarajaan supaya nyandak lélépén nu kakan-tun téa. Bubuhan gegedén nagara jeung utu-san resmi raja, teu hésé asup ka Ka’bah téh.Lélépénna Kangjeng Raja ogé kapanggihngagolér di juru. Sabot aya di jero jorojoy ayamanah palay netepan sunat di dinya. Tapibarang rék prak pisan, Ki Hakim Agungngarasa bingung kudu ka mananyanghareup na ari shalat jero Ka’bah. Apannumut keun padika fikih mah kudu madepKa’abah. Bakat ku bingung jeung sieunsalah, gancang baé kaluar ti jero Ka’bah.Cong shalat hareu peun Ka’bah.

Ciputat, 17 Agustus 2008

49Manglé 2458

Page 51: Mangle 2458

Manglé 245850

BBalé Bandung

Nutup taun 2013, geus nepi kamana onjoyna paradabanSunda dibanding jeung taun-

taun samemehna? Naha ayakamekaranana, atawa jalan di tempat,alias badis wae tari poco-poco?

Jigana, rea deukeutna kana jalan ditempat, atawa saeutik pisan nu geuskahontal. Jelasna mah, henteu opti-mal, hartina sakur sumber daya jeungkamampuh urang tacan digunakeunsagemblengna.

Naon ciri-cirina? Jelas pisan, diantara na wae, nepi ka kiwari apantacan aya prestasi pamarentah daerahdi Propinsi Jawa Barat nu nyongcolangdi tingkat nasional. Coba geura, basakoran Kompas, sababaraha waktu katukang, ngayakeun diskusi jeungLingkaran Muda Indonesia (LMI),geu ning lain salasahiji kota atawakabupaten ti Jawa Barat nu dijieun“model keberhasilan” teh, tapi kalahkakabupaten Bantaeng di SulawesiKidul! Kitu deui, dina acara InovativeGovernment Award nu ditayangkeundina salasahiji statisiun tv, mun teusalah tetenjoan, asa teu katingal aya

kapala daerah ti Jawa Barat nukasinugraha an narima hadiah.

Kunaon nepi ka kitu?Nya teu kudu kekepehan, ieu teh

balukar manusa jeung paradabanSunda sorangan nu tacan mampuhngusikkeun sakur potensina nepi kamampuh hirup sajajar, kilangbarangungkulan, masarakat sejenna. Nya tidieu huluwotan asorna teh. Mun kitu,nya miang ti dieu pisan, perlu ayagera kan kumaha carana supayaparadaban Sunda nembongkeundayana; bagian nu unggul kapetikmangpaatna, atuh bagian nu hengkerkapanggih kumaha nguatkeunana.Leuwih jauh ti kitu, mana nu jelasmangrupa kasakit, nya perlu geuwatkapanggih padika ngubaranana, munhenteu nepi ka dipiceunna oge.

Adat kakurung ku igaNgan tangtu wae, supaya kapang-

gih hulu wotan sumber masalahna,nya pohara perluna nyingkirkeunsakur hahalangna nu geus jelas mang -rupa adat kakurung ku iga ( kasakitnahun masarakat urang, hususnakaom elitena, nu geus nyaliara sakitulilana).

Make sebutan “hambatan mental”saperti nu kungsi ditataan ku Koencra -ningrat, upamana, nonggerak pisanapan pasipatan kaom elite urang numasih keneh nutup diri, teu payaannarima kritik, balucat balicet teu waninyanghareupan masalah, pupujieun,munapek, lumah lameh ngawulakakawasaan jeung kasakit mentalsejen na. Nu jelas, juragan kaom elitebieu teh lain ngarengsekeun realitas nukeur disanghareupan, tapi kalahkangabeberah diri sorangan ku impianjeung cara-cara tipuan sejenna. Salilakalimpudan pasipatan saperti kitu, nya

pimanaeun atuh boga strategi nu jelaspikeun ngungkulan masalah nu keurdisanghareupan enggoning anjog kajugjugan nu dijieun panyileukan?

Tangtu wae, hahalang teu semetmentalitas wungkul, tapi raket ogepatalina jeung struktur masarakaturang sorangan. Mana nu leuwihngalalakon, upamana, kaom profe-sional, kaom usahawan, kaomwiraswastawan, atawa kaom birokrat?

Heulakeun Sarakan Sora -ngan

Lumangsungna Pemilu 2014 moalpati ngahasilkeun parobahan. Gege-dug PDIP, Pramono Anung, apanwaleh, legislatip di pusat angger cenahbakal dikawasa ku “wajah-wajah”lama. Ana kitu, presiden nu kapilihengke oge, ari teu boga kamampuh nulinuwih mah, angger bakal kajiret deuisaperti presiden samemehna. Tangtuwae, peta situasi pulitik bakalrobah,saupama aya robahan munel(signifikan) dina katatanagaraan.Upama na wae, MPR dipulangkeundeui jadi “lembaga negara tertinggi”,aya konsistensi pangwangunan kuayana GBHN, demokrasi diupayakeunleuwih episien saperti saheulaananpilkada langsung mah semet milihpresiden jeung gupernur wungkuljeung sajabana.

Ari kasundaan kumaha? Tongmoro julang ngaleupaskeun peusingatuh, make jeung nanawar jabatanwapres sagala rupa. Heulakeunsarakan sorangan, “cerdaskeun”,raharja keun masarakatna, tatahar -keun kapamingpinan nu epektif timimiti propinsi nepi ka kota jeungkabupaten. Ulah katitih ku kabupatenBantaeng atuh!***

Karno Kartadibrata.

Nutup Taun 2013

Page 52: Mangle 2458

51Manglé 2458

Lonica Putihati ImaniAdi-adi, sobat urang anu nuju midang ieu, nami lengkepna Lonica Putihati Imani.

Dibabarkeun di Bandung ping 5 Maret 2005. Putra Bapa Azzumar sareng Ibu Dewi Rahayau ieu, sakolana di Kelas 3, wali kelasna Ibu Nénéng di

SDN. Abdi Negara, Rancaékék, Bandung.Sajabi ti rajin di sakolana, rai M. Firman Agung ieu, resep ngibing.

Saur guru ngibingna, Bapa Didi, mojang alit nu geulis ieu téh tos tiasa ngawasaSababaraha tarian, di antawisna Tari Merak. Bumina di Bumi Cipacing Permai

Jl. Kartika 14 AA-6, RT.07/RW.17 (Puskopad), Cileunyi, Bandung.Ka sobat-sobat Manglé Alit sadayana, wilujeng liburan nya!***(Potrét: istiméwa)

Page 53: Mangle 2458

Manglé 245852

BBéntang Sulintang

Page 54: Mangle 2458

53Manglé 2458

Abdi sareng Rani ulin di buruan,bari ngobrol.

“Rani, ari engké mun geus gedéhayang jadi naon?” Ceuk abdi

“Rani mah hayang jadi Polwan!”ceuk Rani, “Ari Fitri hayang jadinaon?”

“Abdi mah hayang jadi bupati.”Ceuk abdi.

“Naha bet hayang jadi bupati,Fit?” Rani nanya deui.

“Hoyong nulungan ka batur. Sokwé tingali dina televisi. Sok watirjeung ketir ari ningali bencana alamjeung kamiskinan. Ningali budak nuteu sakola, daragang koran jeungjadi tukang semir sapatu. Ogé jelemamiskin anu caricing di kolong jem-batan. Tah éta mah lolobana di kotagedé. Bet di urang gé, di Jatinangor,ayeuna mah imah gé geus pasesedek

lantaran loba kontrakan. Solokan-solokan jadi heureut. Malah sawahbapa abdi gé ari hujan rada gedé téhsok kakeueum, ogé sawah-sawah nuséjénna. Kitu deui jalan raya, jadimacét.” Ceuk abdi, nerangkeun kaRani.

“Rék naon deui Fit, lamun jadibupati téh?” Rani nanya deui.

”Rék ngawangun kota jeung désaanu éndah, rapih jeung teratur.Patani-patani leutik rék disumbang,dibéré binih anu alus. Jalan-jalanrék digedéan ambéh teu macét. Rékngayakeun kasenian daérah sapertijaipongan, kuda rénggong, jeungsajaba na. Ogé rék ningkatkeun pen-didikan. Rék nyumbang buku kasakola, ambéh buku pelajaran teumareuli. Pan sakitu mahalna bukutéh, komo keur nu teu mampuh.”

Ceuk abdi ka Rani.“Ari Fitri lamun engké jadi bu-

pati, rék nyakolakeun anu teu mam-puh?”

“Nya atuh! Malahan pantiasuhan gé rék disumbang.” Ceukabdi.

“Rék jujur?” Rani nanya deui.“Rék jujur, adil, jeung bijaksana,

ambéh rahayat aman-sejahtera.Kukituna abdi rék getol diajar. Réknurut ka indung-bapa, ogé ka guru,da jadi bupati téh teu gampang. Ogéabdi hayang ngabagjakeun indung-bapa jeung ngabangun nagara anudipikacinta ku urang saréréa.” Abdinerangkeun deui ka Rani. “Tapitangtu teu bisa kitu waé jadi bupatitéh, teu gampang.”

“Naha nya harésé jadi bupatitéh?”

“Sabab ngurus jelema sakitulobana jeung susah diatur, bakallieur. Geuning urang gé kadang-

kadang hésé diatur, Bu guru gé soklieureun mun urang bararaong. Jadiurang ]téh kudu gotongroyong,jeung pamaréntah, ulah sosoranga -nan, ambeh aman jeung henteuparaséa baé.” Jawab abdi. “Tapiningali kaayaan ayeuna di urang,loba pisan kamajuanana. Ti saprakloba mahasiswa, ayeuna urang jadisagala aya. Contona wé aya réntalkomputer, photo copy, toko-tokogaledé.”

“Enya, ayeuna mah teu kudujauh-jauh. Ceuk ema abdi gé baheulamah kudu ka Cileunyi.” Ceuk Rani.

“Éta nandakeun daérah uranggeus aya kamajuan. Hartina bupatigeus ngawangun daérah. Abdi mahrék ngadu’akeun supaya daérahurang aman jeung tengtrem.”

Amin. ***

CCarpon Alit

Mun Abdi Jadi BupatiKu Safitri Febrianti

Page 55: Mangle 2458

Manglé 245854

PPangajaranBasaSunda

Latihan Ulangan

1. Lamun urang dititah “maca dinajero haté”, hartina.........

a. ulah dibacab. dibaca, tapi teu maké sorac. dibaca, bari sorana tarikd. macana gegerenyeman

2. Lamun urang datang kudungucap keun ……

a. sampurasunb. rampésc. manggad. pamit

3. Lemesna irung nyaéta…………a. damisb. taarc. pangambungd. angkéng

4. Cepil mangrupa lemesna tina…..a. leungeunb. sukuc. ceulid. irung

5. Lamun keyeng, tangtu……….a. barengb. parengc. sarengd. nyureng

6. “Internét” mangrupa kecap anukaasup kana istilah………..

a. kaséhatanb. kasenianc. téknologid. sajarah

7. “Demam berdarah” mangrupakecap anu kaasup kana istilah……

a. téknologib. kaséhatanc. sajarahd. tatanén

8. “Kuda rénggong” mangrupakecap anu kaasup kana istilah….

a. olah ragab. kasenianc. kaséhatand. sajarah

9. Budak leutik bisa ngapung,babakuna ngapungna……..

a. lilab. luhurc. tarikd. peuting

10.Nguriling kakalayangan, néa -ngan...

a. nu amis-amisb. nu ditéanganc. indung bapanad. babaturanana

11. Kecap “seuseuh” bisa robah sora -na jadi…

a. ngeuseuhb. meuseuhc. nyeuseuhd. ngaseuseuh

12. Kecap “balik” bisa robah soranajadi………

a. nyalikb. palikc. ngabalikd. malik

13. Kecap “tutup” bisa robah soranajadi……………

a. nutupb. mutupc. ngatutupd. nyutup

14. Kembang céngék disebutna…….a. aléwohb. méncéngésc. céngék alitd. suligar

15. Kembang waluh disebutna…a. jamotrotb. olohokc. gélényéd. aléwoh

***

Diajar Basa Sunda Kelas VIKu Nila Karyani, S.Pd

Jawaban diserat dina kartu pos nganggo perangko sacekapna, ulah hilapditémpélan kupon UTY No. 1247. Kintunkeun ka Manglé Alit, Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262, saelat-elatna dua minggu saparantos medal.Jawaban UTY No. 1244

Nu leres : Keyboard komputer/laptop

Nu kénging hadiahna:1. Nayla SD. Cikutra Kelas III Jl. Cikutra Bandung2. Alika Nitisuari Dago No. 135 3. Maharani M. Jl. Malangbong No. 45

Urang Teguh Yu!Kuéh buleud ti Itali

Raos pisan haneut-haneut.Naon cing?

(Révanisa - Bandung)

Page 56: Mangle 2458

55Manglé 2458

TTarucing Cakra

KA GIGIR:1.Kaluar4. Nyiru gedé8. Alat penerangan (baca ti tukang)9. Sato anu cucukan10. Lebé11. Budak nu teu boga bapa13. Kalengkepan pakéan adat Sunda14. Kota di India tempat ayana Taj Mahal15. Tukang tapa18. Anak kutu19. Bentang pilem lalaki21. Bocor saeutik22. Pitulung (husus ti Nabi ka umatnajaga)23. Geus teu matih24. Hal anu dibuni-buni25. Ninggalkeun lembur

KA HANDAP:1. Dulur2. Barang anu dipercaya boga kakuatangaib3. Sapatu kuda5. Mimiti6. Metode7. Kandaraan keur dina cai9. Ibukota nagara Péru12. Béja13. Nagara di Asia

15. Rampus barangdahar16. Mahi ku saeutik17. Alunan Rumpun Bambu18. ‘Supir’ délman19. Bahan keur nyieun jalan20. Nuju ka tempat nu leuwih handap21. Alat panca indra

Waleran diserat dina kartu pos, témpélanKupon Tarucing Cakra No. 1424. Kin-tunkeun ka Majalah Manglé Jl. Lodaya 19 Bandung 40262 paling leuirdua minggu saparantosna medal.

Nu kagiliran kénging hadiah TarucingCakra No. 1422:

1.Sony Hermansyah S.d/a Jalan Cemara Selatan 31 RT 01/02Cemara, Sukajadi Bandung40161

2. SatriaJalan Cinambo RT 03/05 104 BBandung

3. Andi PermadiJalan Ciléngkrang 1 RT 06/05Bandung

1424K U P O N

TARUCING CAKRANO.

Hadiah masing - masing Rp. 15.000,-

Waleran TTS 1422

Page 57: Mangle 2458

Manglé 245856

LLempa Lempi Lempong

“Aya nu nyebutna téh Paspati,Lo.”

“Kana naon, Mang?”“Kana ply over nu aya di Dayeuh

Bandung téa.”“Beu.”“Cenah mah singketan pas

mati.”“Ambuing.”“Pédah éta cenah, réa kajadian

rajapati di éta jalan layang.”“Jadi jalan maut nyah, Mang?”“Enya, Lo.”“Cenah mah remen dijadikeun

tempat milampaha kajahatan kugéng motor, Mang.”

“Enya, Lo. Matak ngaresahkeunka saréréa. Pejahatna telenges. Taraasa-asa maténi korbanna.”

“Kudu sagancangna diberantaspejahat nu kitu mah, tuluy dihukumsabeurat-beuratna.”

“Satuju.”

“Nepi ka Walikota téh saurnamaréntahkeun masang CCTV diJalan Layang Pasupati téh.”

“Sangkan kapantau kaayaananamatak kitu ogé meureun, Mang.”

“Enya. Polisi deuih, leuwih giatpatroli.”

“Emh.”“Emang mah harepan téh sing

buru-buru aman wé ply over Pasu-pati téh.”

“Sarua jeung harepan uing,Mang. Pan éta jalan téh salasahijikareueus warga Bandung, Mang.”

“Lamun geus aman mah moalaya nu nyebut Paspati meureun,Lo.”

“Enya. Balik deui kana ngaranaslina wé, Jalan Layang Pasupati.Mun teu salah mah hartina téh jalanlayang nu nyambungkeun JalanPasteur jeung Jalan Surapati.”

“Lain Jalan Rajapati atawa jalan

maut nya, Lo.”“Bener.”“Lamun Jalan Layang Pasupati

geus bener-bener aman, Lo.”“Kumaha, Mang?”“Tangtu urang-urang téh bakal

laluasa ngaliwat ka éta jalan dinawayah kumaha baé ogé.”

“Kitu pisan, Lo.”“Malah mawa jalan-jalan kula -

warga ogé genah. Lalajo marakbak -na lampu-lampu di dayeuhBandung wanci peuting, Mang.”

“Heuheuy.”“Ih, Kalah seuri Mamang mah?”“Abong urang pasisieun Alo

mah.”“Ari kitu?”“Mani resep ningali lampu

marakbak téh.”“Rumaos.”“Keur saayeunaeun mah, Lo.”“Kumaha, Mang?”“Urangna wé kudu ati-ati. Pang-

pangna lamun momotoran ti peu -ting. Ulah wani teuing ngaliwatanjalan anu tiiseun.”

“Bener, Mang. Cenah mah ka -wilang réa jalan di Kota Bandunganu rawan kajahatan téh, di antara -na di Jalan Pasteur, JalanWastukencana, Jalan Riau, jeungJalan Dr. Otten.”

“Ambuing, réa geuning.”“Enya. Mugia Pa Polisi tiasa

saénggalna ngawujudkeun KotaBandung anu aman.

“Amin.”***

Pasupati