View
7
Download
0
Category
Preview:
Citation preview
11
BAB II
STRUKTUR CARITA RAYAT
DINA KUMPULAN CARITA RAYAT CIREBON
2.1. Wangenan Dongéng
Carita rayat mangrupa bagian tina folklore. Folklor nyaéta bagian
kabudayaan hiji kolektip, anu sumebar jeung diwariskeun turun-tumurun, diantara
kolektip naon waé, sacara tradisional dina versi anu sejen, tiasa dina bentuk lisan
atanapi conto anu dibarengan gerak isyarat atawa alat pangingeutna, (mnemonic
device), Danandjaya (2002:2).
Dumasar wangenan di luhur, folklor bisa diwincik jadi tilu bagian, nyaéta:
a) folklore lisan (verbal folklore), anu ngawengku basa rayat (folk speech),
ungkapan tradisional, puisi rayat, carita prosa rayat, jeung nyanyian rayat;
b) folklore satengah lisan, nyaéta folklore anu wangunna campuran antara unsur
lisan jeung unsur lain lisan, saperti kapercayaan rayat kana babatuan nu
dianggap mibanda kakuatan gaib, adat-istiadat, jsb.Folklore lain lisan, seperti
arsitektur, karajinan tangan, pakéan, sora kohkol, musik rayat, jsb.
Danandjaya (2002: 3-5) ngébréhkeun ciri-ciri folklore saperti ieu di
handap :
1) sumebarna jeung diwariskeun sacara lisan, ngaliwatan omongan ti generasi
ka generasi;
2) sipatna tradisional, sumebar dina wangun nu relatip anggeur atawa dina
wangun standar, sumebar dina kolompok nu tangtu;
12
3) loba rupana, balukar sumebarna turun-tumurun ku cara lisan;
4) teu kapaluruh pangarangna (anonim);
5) biasana mibanda wangun anu anggeur tur tangtu;
6) mibanda kalungguhan pungsi atikan jeung hiburan;
7) eusi katut jalan caritana umumna teu kaharti ku akal atawa loba
pamohalanana;
8) dianggap milik balaréa;
9) polos jeung lugu;
Dongéng nyaéta carita anu réa teu pikahartieunana ku akal, umpamana
cara nyaritakeun nu bisa hiber, nyaritakeun sato bisa ngomong, nyaritakeun
jelema nu teu lumrah, nyaritakeun sasakala, jsb. (M.A. Salmun, 1957:97-98) lian
ti ceuk M.A Salmun, Semi (1984:70) ogé ngébréhkeun yén nu disebut dongéng
téh nyaéta carita hayal atawa fantasi anu nyaritakeun kaanéhan jeung kajadian
naon waé saperti nyaritakeun ngeunaan asal mula tempat atawa hiji negri, atawa
ngeunaan kajadian anéh jeung nu nyieun takjub ngeunaan kahirupan manusa
atawa sasatoan.
Dongéng nyaéta carita pondok kolektip kasusastraan lisan. Aya ogé anu
nepikeun pamadeganana yén dongéng nyaéta prosa rayat nu dianggap bener-bener
kajadian, ngutamakeun hiburan, sanajan loba nu ngalukiskeun bebeneran, anu
eusina ngandung moral, jeung sindiran.
Istilah-istilah anu sinonim sareng dongéng dina ragam basa di dunia
nyaéta fairy tales (carita peri), nursery tales (carita barudak), atawa wonder tales
(carita ajaib) dina basa Inggris; marchen dina basa Jerman, aevertyr dina basa
13
Denmark; sprookje dina basa Belanda; siao suo dina basa Mandarin; satua dina
basa Bali, jeung sajabana. Dongéng biasana ngabogaan kalimat pamuka jeung
panutup anu sipatna klise. Dina basa Inggris biasana sok dimimitian ku kalimat
pamuka: Once upon a time, three lived a…..dina hiji waktu hirup saurang….)
jeung kalimat panutup….and téhy lived happily ever after (….jeung maranéhna
hirup gumbira salawasna). Dina dongéng Jawa biasana aya kalimat pamuka,
Anuju sawijining dina….( Dina hiji poé…..), jeung ditutup ku kalimat : A lan B
urip rukun bebarengan kaya mimi lan mantuna (….A jeung B hirup babareungan
rukun siga kétam belangkas jalu jeung kétam belangkas bikang), Dananjaja (
2002:83).
Dongéng mangrupa carita singget ngeunaan hal-hal anu anéh jeung teu
asup akal. Rupa-rupa kaajaiban jeung kasaktian. Biasana ngisahkeun déwa, raja,
pangéran, jeung putri. Pedaran ngeunaan dongéng kadang-kadang dipedar kalayan
jero umpamana waé dongéng Bidadari Mandi anu nyariteun bajuna dicokot ku
jajaka tani jeung sateurusna, nepi ka teu bisa balik ka surga jadi dikawinkeun
jeung éta jajaka, tuluy dipaparin putra. Dongéng éta téh asalna ti bangsa Thai di
Provinsi Yunan, Cina Barat Daya tapi sateurusna sumebar ka Asia Tenggara. Di
Indonesia dongéng Bidadari mandi sumebar ti Aceh nepi ka Maluku Tenggara, ti
Jawa Tengah/Timur disebutna Nawang Wulan jeung Jaka Tarub (Ensiklopedi
Indonesia…:854).
Dongéng téh salah sahiji golongan carita, dina wangun prosa (lancaran).
Sakapeung sok kaseulapan bagian anu dikawihkeun, umumna parondok. Turun-
tumurunna jeung sumebarna sacara lisan. Tara kapaluruh saha pangarangna atawa
14
nu nyiptana. Nilik wandana jeung eusina, dongéng téh kaasup rékaan baheula.
Patempatan nu jadi latarna tétéla gambaran kaayaan baheula, tokoh-tokohna
henteu manusa wungkul, tapi ogé sasatoan, buta, atawa mahluk-mahluk séjénna.
Kajadian-kajadian caritana sakapeung pamohalan, corak rékaan heubeul anu
mindeng ngolah siloka atawa alegori pikeun mungkus téma (Iskandarwassid,
2003:31-32). Dongéng kaasup carita balaréa. Hartina geus jadi milik rayat anu
ngagelarkeun éta dongéng, teu puguh saha nu ngarangna.
Dongéng (carita rayat), mangrupa hiji kisah nu diangkat dina pamikiran
piktip jeung kisah nyata, jadi hiji alur perjalanan hirup pinuh pesen moral, nu
ngandung makna hirup jeung cara ngabaur jeung manusa liana. Dongéng ogé
mangrupa dunya hayal jeung imajinasi manusa anu saterusna dicaritakeun sacara
turun-temurun ti generasi ka generasi. Sakapeung kisah dongéng bisa mawa
pandenge kapepende dina jero dunya pantasi, gumantung cara nepikeun dongéng
éta jeung pesen moral nu aya dina éta dongéng.
Legenda (Latin; legere) nyaéta carita prosa rayat anu dianggap ku
pangarang carita mangrupa kajadian anu bener-bener nyata. Legenda sering pisan
dianggap “sajarah” kolektip (folk history). Sanajan henteu katulis, kisah éta
ngalaman distoris nepi ka sering pisan beda jeung carita anu sabenerna. (Thomas
Henry Huxley: téh secret of genius is to carry téh spirit of childhood into
maturity).
Antropolog James Dananjaya ngabedakeun dongéng mite jeung legenda.
Mite nyaéta carita prosa rayat anu dianggap bener-bener pernah kajadian. Tokoh-
tokoh dina mite umumna nyaéta para déwa atawa mahluk satengah déwa. Mite
15
kajadian jaman baheula jeung ngabogaan sipat kasucian.
Ari nu disebut Legenda nyaéta carita prosa rayat nu dianggap bener-bener
kajadian, ngan sipatna teu suci ku lantaran tokohna nyaéta manusa biasa. Jeung
Dongéng nyaéta carita prosa rayat anu teu kajadian (fiksi) sarta heuteu ngikeut
waktu jeung tempat.
Legenda nyaéta carita prosa rayat, dianggap ku nu boga carita
mangrupa kajadian anu bener-bener kajadian. Beda jeung mite, legenda sipatna
sekuler (kaduniawian). Kajadianana dina waktu anu can lila, jeung tempatna di
dunya nu ku urang dipikawanoh ayeuna. Legenda biasana sipatna migratoris, teu
tumetep, matakna dipiwanoh luas di daérah-daérah anu beda. Salian ti éta, legenda
sumebar dina bentuk pangolompokan anu disebut siklus (cycle), nyaéta kumpulan
carita anu ngisahkeun hiji tokoh atawa kajadian anu tangtu (Dananjaja, 2002:66-
67).
Nurutkeun Alan Dundes (dalam Endraswara, 2005:67) “aya
kamungkinan jumlah legenda tiap kabudayaan jauh leuwih lpba dibandingkeun
mite atawa dongéng. Hal ieu disababkeun mite ngabogaan jumlah tipe dasar nu
kawatesanan, contona waé dina palebah penciptaan dunya jeung asal muasalna
perkara maot, sedengkeun legenda ngabogaan jumlah tipe dasar anu teu
kawatesanan, utamana legenda satempat (local legends), anu jauh leuwih loba
lamun dibandingkeun jeung legenda anu bisa ngagambarkeun hiji daérah jeung
daérah sejenna (Endraswara, 2005:67)”.
16
2.1.1. Sajarah Kamekaran Dongéng ( Carita Rayat)
Gelarna sastra lisan di tatar Sunda kira-kira dina jaman buhun anu
dicirian ku ayana pangaruh Hindu (Rosidi, 1983:30). Dina ieu jaman, sastra anu
aya teu kapanggih ngaran pangarangna (anonim) kayaning carita-carita pantun,
carita-carita mithologia, pabel-pabel, jangjawokan, asihan, jampé-jampé, kawih,
jsté. Tétéla pisan sastra lisan leuwih ti heula ayana tibatan sastra tulis. Sastra tulis
aya saba’da urang Sunda wawuh kana tradisi tulis.
Dina kamekaranana, dongéng di sagigireun ditepikeun ngaliwatan basa
lisan, ogé ditepikeun ngaliwatan cara séjén, nyaéta :
1) Dongéng (Carita Rayat) disalin kana tulisan
Sanggeus téhnologi ngambah kana kasusastraan sunda, loba dongéng anu
dibukukeun di antarana Carita Rayat Sunan Gunung Jati ku Yuliadi
Soekardi & U. Syahbudin, Carita Rayat Asal Mula Kasultanan Cirebon ku
A. Setiawan & U. Syahbudin, Babad Tanah Sunda Babad Cirebon ku P.S.
Sulendraningrat.
2) Dongéng (Carita Rayat) dirobah jadi wawacan
Salian ditulis, dongéng anu mimitina ngagunakeun basa lancaran bisa
dirobah jadi wangun pupuh, nyaéta jadi wawacan. Wawacan minangka
sastra tulisan salian dibaca ogé ditembangkeun. Contohna : “Sajarah
Kanjeng Nabi Paras” Dina Salinan saking naskah kuno kaagungan ku P.
Ardi Wijayakusurnah, dina ‘Pupuh Kasmaran’
“ Bismillahirrohmanirrohiim
Ingsung amiwiti muji
17
Anebut asmaning Allah
Kang murah ing dunya réke
Kang asih aning akerat
Kang pinuja datan pegat
Kang rumeksa alamipun
Kang asih Nabi Muhammad”
2.1.2. Jenis-jenis Dongéng
Nurutkeun Rusyana (2000:208-212) dongéng dibagi kana tilu golongan,
nyaéta : 1). dongéng mite, 2). dongéng legénda, jeung 3) dongéng biasa.
2.1.2.1. Dongéng Mite
Dongéng mite nyaéta carita tradisional anu palakuna mahluk supernatural
nu di antarana ngabogaan kasaktén jeung bisa milimpah hal-hal anu di luareun
kamampuan manusa biasa, kalayan ngagunakeun latar tempat suci dina jaman
buhun (tempatna teu bisa dipaluruh), misalna kahiangan tempat cicingna batara
jeung widadari. Eusina digambarkeun ngeunaan kajadian asal-muasal dunya katut
sagala eusina jeung parobahanana, misalna asal-muasal tutuwuhan, hal-hal nu
dianggap pamali jeung asal-usul diayakeunana upacara adat. Masarakat nu
migandrungna nganggap ieu carita mangrupa hiji hal nu dipercaya (Rusyana,
2000:208-210).
Luyu jeung pamadegan di luhur Bascom dina Danandjaya (2002:50),
nétélakeun yén:
18
Mite nyaéta carita prosa rayat,anu dianggap bener-bener kajadian sarta
dianggap suci ku anu boga carita. Mite tokohna para déwa atawa mahluk
satengah déwa. Peristiwa kajadian di dunia lain, atawa di dunia saperti anu ku
urang dipikawanoh, jeung kajadianana di jaman baheula.
Carita hiji bangsa ngenaan déwa atawa pahlawan jaman baheula,anu
ngandung penapsiran ngeunaan asal-usul alam, manusia jeung bangsa éta
sorangan anu ngandung arti jero jeung diungkapkeun ku cara gaib, nurutkeun
Kamus Besar Bahasa Indonesia (1999:660).
Umumna dina mite dicaritakeun ngeunaan asal-muasal alam dunya, asal-
muasal manusa, ciri husus sasatoan, bentuk topograpi, jste. Mite ogé nyaritakeun
ngeunaan lalampahan para déwa, carita percintaanana, carita peperanganana, jsb.
(Bascom dina Danandjaja, 2002:51).
Dumasar kana pedaran di luhur bisa dicindekeun yén dongéng mite nyaéta
dongéng anu lumangsungna dina jaman buhun, dina ieu dongéng digambarkeun
ngeunaan asal-muasal manusa, asal-muasal dunya katut sagala eusi jeung
parobahanana. Palakuna mangrupa mahluk supranatural, latar tempatna teu bisa
dipaluruh, sarta dongéng mite dipercaya ku masarakat nu migandrungna.
2.1.2.2. Dongéng Legénda
Rusyana (2000:210-211) nétélakeun yén dongéng legénda nyaéta carita
tradisional anu palakuna aya dina sajarah, lantaran ogé digambarkeun dina
mangsa lumangsungna éta kajadian. Kajadian anu dicaturkeun dina dongéng
19
legénda dieunya-eunya mangrupa carita sajarah. Dina kajadian caritana aya hal-
hal anu teu ilahar.
Dongéng legénda biasana sok dipatalikeun jeung kajadian atawa benda-
benda nu mangrupa titinggal karuhun jaman harita, saperti sumebarna agama
Islam dina mangsa sababaraha abad ka tukang, benda-benda sajarah katut
tempatna. Latar tempatna lumangsung di dunya nyata, biasana sok disebatkeun
ngaranna sarta bisa dipaluruh. Waktu kajadian dina jaman baheula, luyu jeung
sajarah nu kacaritakeun sarta diyakinkeun ku bukti-bukti sajarahna, luyu jeung
anggapan masarakat nu migandrungna, yén palaku sarta kajadian-kajadian nu
dicaritakeun bener-bener aya dikieuna.
Luyu jeung pamadegan di luhur Danandjaya (2002:66) nétélakeun yén
“Legenda nyaéta carita prosa rayat anu dianggap kunu boga carita mangrupa hiji
kajadian anu saeunyana pernah kajadian beda jeung mite, legenda sipatna sekuler
(kaduniawian), anu kajadianna can lila pisan, jeung tempatna di dunia anu
anyeuna ku urang dipikawanoh.”
Ngeunaan papasingan legénda, Jan Harold Brunyand dina Danandjaja
(2002:67) ngabagi jadi opat golongan, nyaéta:
(1) Legénda kaagamaan (religious legends), nyaéta legénda manusa-manusa
suci (saints) Nasrani. Legenda éta téh disahkeun ku Gereja Katolik Roma
anu jadi bagian kasusastraan agama nu disebut hagiography (legends of téh
saints), artina tulisan, karangan, atawa buku ngeunaan kahirupan manusa-
manusa soléh. Di jawa legenda manusa saleh nyaéta ngenaan Wali agama
20
Islam nyaéta para penyebar agama (proselytizers) Islam dina masa awal
perkembangan Islam.
(2) Legénda alam gaib (supernatural legends), nyaéta biasana ngabentuk carita
nu dianggap bener-bener kajadian jeung geus dialaman ku manusa. Pungsi
legenda ieu nyaéta keur ngadeugkeun kabeneran “ta’hayul” atawa
kapercayaan rayat. Nanging ti kitu mangrupakeun pangalaman pribadi
manusa, ngan eusi pangalaman éta ngandung seuer motip carita tradisional
nu has aya dina kolektipna, (Endraswara, 2005:71).
(3) Legénda hiji jalmi/perseorangan (personal legends), nyaéta carita ngeunaan
tokoh-tokoh tertentu, nu dianggap kunu boga carita bener-bener pernah
kajadian. Misalkeun Di Jawa Timur legenda tokoh “Panji” anu kawéntar.
(4) Legénda wewengkon/satempat (local legends), nyaéta carita anu
hubunganana jeung hiji tempat, nami tempat, jeung bentuk topografi, nyaéta
bentuk permukaan hiji daérah, naha bubukitan, jurang, jeung sajabana.
Legenda satempat nu hubunganana pageuh jeung ngaran hiji tempat nyaéta
legenda Kuningan. Kuningan nami hiji kota leutik anu ayana di léréng
Gunung Ciremai, di sabelah kalér Kota Cirebon, Jawa Barat.
Dumasar kana pedaran di luhur bisa dicindekkeun yén dongéng legénda
nyaéta dongéng anu lumangsungna dina jaman baheula, palaku caritana manusa
biasa, biasana tokoh nu aya dina sajarah, jeung latar tempatna bisa dipaluruh.
Legénda biasana dikuatkeun ku ayana bukti-bukti sajarahna, sarta dipercaya ku
masarakat nu migandrungna yén éta carita téh bener-bener kajadian.
21
2.1.2.3. Dongéng Biasa
Dongéng biasa nyaéta carita tradisional anu palaku jeung latarna
dibayangkeun saperti dina kaayaan sapopoé, sok sanajan dina carita loba kajadian
anu teu ilahar, contona baé sasatoan anu bisa ngomong jeung manusa. Waktuna
digambarkeun dina jaman baheula. Ku masarakat nu migandrungna teu
dipatalikeun jeung kapercayaan atawa sajarah, tapi dianggap carita rékaan biasa
(Rusyana, 2000:211-212).
Dongéng biasa nyaéta jenis dongéng nu tokohna manusa jeung biasana
kisah sedih manusa. Di Indonesia dongéng biasa nu paling populer nyaéta anu tipe
saperti “Cinderella” jeung motip Unpromising heroin (tokoh awewe nu teu boga
hareupan dina hirupna). Dongéng biasa anu jinisna Cinderella ieu sipatna
universal geus sumebar di mancanagara. Dongéng biasa anu tipe Cinderella di
Indonesia kaitung loba. Di Jawa Tengah jeung Jawa Timur contona dongéng “
Ande-Ande Lumut” jeung “Si Melati dan Si Kecubung”, di Jakarta “Bawang
Putih dan Bawang Merah”, jeung di Bali “I Kesuna lan I Bawang” (Dananjaja,
2002:99).
Danandjaja ngébréhkeun yén
“Dongéng nyaéta carita prosa anu teu dianggap bener-bener kajadian.
Dongéng dicaritakeun utamana keur hiburan, sanajan loba ogé nu ngagambarkeun
bebeneran, eusina ngandung moral, jeung sisindiran.”
Dumasar pedaran di luhur nu disebut dongéng biasa nyaéta carita rékaan
biasa nu teu dianggap bener-bener kajadian, teu dipatalikeun jeung kapercayaan
atawa sajarah, tapi eusina tetep mibanda ajén-inajén bebeneran.
22
2.2 Struktur Dongéng
Struktur dina karya sastra leuwih muser kana unsur intrinsik karya sastra.
Ngajanggélékna hiji karya sastra téh moal leupas tina unsur-unsur nu
ngawangunna. Unsur-unsur éta téh kabehanana ngawangun hiji karya sastra anu
gumulung
Ieu hal luyu jeung pamadegan Pradopo,spk. (2001:54) anu nétélakeun yén:
Hiji konsep dasar nu jadi ciri has teori struktural nyaéta ayana anggapan lamun di
jero dirina sorangan karya sastra mangrupa hiji struktur anu otonom anu bisa
dimutolaah salaku hiji beungkeutan anu buled jeung unsur-unsur pangwanguna
terus sajalan.
Unsur intrinsik nyaéta unsur anu ngawangun hiji karya sastra saperti
ltéma, alur, latar, penokohan, jeung gaya basa (Semi, 1989:44). Nurutkeun Jakob
Sumardjo jeung Saini K.M (1991:37) carita diwangun ku tujuh unsur nyaéta (1)
galur, (2) palaku, (3) ltéma, (4) suasana, (5) latar, (6) titik caturan; sarta (7) gaya.
Dongéng mangrupa salah sahiji karya sastra anu ngabogaan struktur. Struktur
dongéng sakurang-kurangna ngandung opat unsur, nyaéta ltéma, galur, palaku,
jeung latar (Faturohman, 1983;7).
Dina ieu panalungtikan, struktur carita anu baris dipedar nyaéta: téma,
galur, palaku, jeung latar.
23
2.2.1 Téma
Iskandarwassid (2003:162) nétélakeun yén ltéma nyaéta inti tangtungan
atawa inti ageman anu sipatna abstrak, dipageuhan dina racikan karangan rékaan
pikeun ngayakinkeun nu maca; ltéma ieu jadi pameungkeut sagemblengna carita.
Pamadegan sejen ngébréhkeun yén ltéma téh nyaéta ide dina hiji carita ( Sumardjo
jeung Saini K.M 1991:56).
Aminudin (2002:91) nétélakeun yén anu disebut ltéma téh nyaéta:
Ide anu ngadadasaran hiji carita jeung mere peran ogé salaku tolak ukur
pangarang dina ngadadarkeun karya fiksi nu dikarangna.
Satuluyna Brooks,spk dina tarigan (1984:125) ngebrehkeun yén:
Ltéma nyaéta sawangan hirup anu tangtu ngeunaan kahirupan atawa
runtuyan nilai-nilai nu tangtu pikeun ngawangun dasar atawa gagasan utama dina
hiji karya sastra.
Nilik kana sababaraha pamadegan di luhur, bisa dicindekkeun yén téma
téh nyaéta ide dasar carita anu hayang ditepikeun ku pangarang sangkan nu maca
nyaho kana tujuan anu nyangkaruk dina eusi hiji karya sastra .
2.5.2 Galur
Nurutkeun Iskandarwassid (2003:25) galur carita atawa leunjeuran carita,
runtuyan kajadian carita anu patarema nepi ka ngarakit jadi lalakon anu gembleng.
Luyu jeung éta pamadegan, Aminudin nétélakeun yén alur téh nyaéta :
Runtuyan carita nu diwangun ku kajadian-kajadian nepi ka ngawangun carita nu
disodorkeun ku para palaku dina hiji carita.
24
Dumasar kana pamadegan-pamadegan di luhur, bisa dicindekeun yén nu
disebut galur téh nyaéta runtuyan kajadian dina hiji carita.
Faturohman (1983:8-9) ngebrehkeun yén galur téh bisa dibagi jadi tilu golongan
nyaéta:
1) Galur merélé
Galur mérélé nyaéta runtuyan jeung patalina kajadian anu dicaritakeun
sacara marélé ti awal nepi ka ahir. Di mimitian ku mangkat carita,
diltéma ku dicaritakeun lalakon, nepi ka pungkasna.
2) Galur mobok tengah
Galur mobok tengah téh nyaéta runtuyan jeung patalina kajadian nu
dicaritakeun ti tengah heula, biasana dicokot tina kajadian anu
dianggap pangramena, aya nu malikan deui ka awal carita tuluy ahir,
aya ogé anu langsung kana ahir carita.
3) Galur ti heula pandeuri
Galur ti heula pandeuri sabalikna tina galur mérélé. Dicaritakeun ti
mimiti ahir carita, tuluy maju ka bagian tengah carita, nepi ka bagian
awalna minangka pamungkas caritana.
Ngeunaan galur anu dipaké dina dongéng, umumna galur merélé,
sabab dongéng mah ditepikeunana sacara lisan.
2.5.3 Palaku
Palaku carita, tokoh carita, atawa palaku nyaéta ngaran-ngaran (jalma) anu
ngalalakon dina carita (dongéng, carita pondok, novel, atawa roman, wawacan),
atawa drama (Iskandarwassid, 2003:25).
25
Pamadegan di luhur luyu jeung nu ditétélakeun ku Abrams dina
Nurgiantoro (2002:165) yén
“tokoh carita (character) nyaéta jelema-jelema nu ditampilkeun dina hiji
karya naratip atawa drama, ku nu maca ditapsirkeun ngabogaan kualitas moral
jeung kacenderungan nu tangtui saperti nu diekspresikeun dina ucapan jeung naon
nu dilakukeun dina tindakan.”
Palaku dina hiji carita biasana mibanda watek nu tangtu. Nurutkeun
pamadegan Sumarjo jeung Saini K.M (1991:65) aya lima cara pikeun
ngagambarkeun watek palaku, nyaéta:
1) ngaliwatan paripolahna, umpamana kumaha kétakna dina nyanghareupan
hiji kaayaan;
2) ngaliwatan omongan, tina sakabéh nu diomongkeun bakal kapanggih
kumaha watek hiji tokoh;
3) ngaliwatan dedeg-pangadegna, umpamana baé kagambarkeun ngaliwatan
papakeanana, dédéganana, jste;
4) ngaliwatan pikiranana, naon-naon anu dipirkeun ku palaku bakal
ngagambarkeun watekna;
5) ngaliwatan katerangan langsung nu ditepikeun langsung ku pangarang.
Para palaku nu aya dina hiji carita tangtu miboga peran séwang-séwangan,
aya palaku nu mibanda peran penting dina carita, aya ogé palaku nu mibanda
peran salaku panglengkap jeung pangrojong.
26
Dumasar kana pedaran di luhur, palaku nyaéta ngaran jalma anu ngalalakon
dina hiji carita sarta mibanda pasipatan nu bisa dipaluruh ngaliwatan omonganana
jeung paripolahna.
2.5.4 Latar
Latar atawa setting nyaéta gambaran waktu, kaayaan pajamanan,
patempatan, lingkungan, suasana, jste. Anu ngalantarankeun kajadian carita
(Iskandarwassid, 2003: 74)
Dina latar bakal kapanggih ngeunaan hiji tempat, jeung daérah tempat
lumangsungna hiji kajadian. Ieu katerangan dumasar kana pamadegan Brooks
dina Tarigan (1985:136) anu nétélakeun yén “sacara singkat, latar nyaéta “latar
belakang pisik, unsur tempat jeung ruang, dina hiji carita”.
Tina pedaran di luhur, bisa dicindekkeun yén latar téh nyaéta waktu, jeung
tempat anu aya dina hiji carita.
2.3. Pungsi Dongéng
Nurutkeun Edgar Allan Poé dina Wellek jeung Warren (1989: 25), sastra
téh miboga pungsi pikeun ngahibur sakaligus ngajarkeun hiji hal. Ngaliwatan
karya sastra nu maca teu ngan saukur ngarasa kahibur tapi bisa meunang
mangpaat tina karya sastra nu dibacana.
Luyu jeung anu ditétélakeun ku Wellek jeung Warren (1989:26) yén
“Lamun hiji karya sastra pungsina sarupa jeung sipatna, kadua-duana segi tadi
(kasenangan jeung mangpaat) lain saukur aya hungkul, tapi kudu silih ngeusi.”
27
Kasenangan nu dipiboga tina sastra lain saukur kasenangan anu leuwih luhur,
iwal ti kontemplasi nu teu neangan kauntungan.
Folklore mangrupa salah sahiji karya sastra miboga pungsi pikeun
masarakat nu migandrungna. Éta hal luyu jeung pamadegan Bascom anu
netelakakeun yén folklore (kaasup dongéng) miboga opat pungsi nyaéta kapedar
ieu di handap.
a) Sistim proyeksi;
b) Alat pikeun disahkeunana pranata-pranata jeung lembaga-lembaga
kabudayaan;
c) Alat atikan pikeun barudak;
d) Alat pikeun nalingakeun sangkan norma-norma masarakat salawasna
dianut ku masarakatna;
Salian ti pungsi anu disebutkeun ku Bascom, Dundes dina Seli (1996:33)
ngebrehkeun yén “dina sababaraha pungsi folklor, aya sababaraha nu sipatna
umum nyaéta: 1) alat pendidikan; 2) pangikeut perasaan solidaritas kolompok ; 3)
pangunggul jeung pencela batur lain; 4) pelipur lara; jeung 5) kritik masarakat.”
Kalungguhan dongéng kacida pentingna pikeun masarakat anu masih
kénéh nyekel pageuh tradisi. Dongéng henteu bisa di pisahkeun tina upacara ritual
manusa nurutkeun kapercayaanana. Pungsi dongéng ti jaman ka jaman robah.
Dina jaman masarakat buhun, dongéng téh henteu bisa dipisahkeun tina asal-usul
upacara-upacara ritual manusa nurutkeun kapercayaanana.
Faturohman (1983:4) nétélakeun yén dumasar kana basa kirata, dongéng téh
sok dihartikeun alat pikeun ngabobodo budak céngéng. Tapi mun seug dipaluruh
28
leuwih jero, kalungguhan dongéng téh lain wates keur ngabobodo budak céngéng
hungkul, tapi ngabogaan tujuan séjén lamun ditetelakeun ieu di handap.
1) Ngarah anak incu urang nyaho kana turunan;
2) Ngarah anak incu urang nyaho kana pancakaki;
3) Ngarah anak incu urang nyaho kana asal muasalna tempat;
4) Ngarah anak incu urang nyaho kaayaan lemburna boh kaayaan alamna boh
kaayaan tali parantina;
5) Ngarah anak incu urang manggih luang tina pagawean karuhun pikeun bekel
hirupna, jeung;
6) Ngarah pagawean beurat karasa leuwih hampang.
Dumasar hasil panalungtikan anu dilakukeun ku Bambang Sudarmoyo dina
taun 1975 (Sukada, 1987:112) tetela yén dongéng mampuh ngaronjatkeun
Itelegence Question ( I.Q ) budak. Budak kakeunaan ku “Virus n Ach” (need for
Achievement) nyaéta virus nu ngamotipasi budak sangkan miboga cara mikir
jeung paripolah anu leuwih épisién pikeun ngahontal hasil nu leuwih alus ti
samemehna tur salawasna bisa ngahontal prestasi kalayan optimal. Panalungtikan
sejen nu ngebrehkeun yén dongéng téh penting, ditetelakeun ku Mustapa (2002:
47-54),yén ngaliwatan dongéng bisa mere kani’matan, kasugemaan batin jeung
ngaronjatkeun kacerdasan pikeun nu macana. Éta hal dibuktikeun ku
panalungtikan di Amerika, anu nétélakeun yén barudak turunan Asia di Amerika
leuwih cerdas tibatan barudak turunan urang Amerika, sabab warga Asia nu cicing
di Amerika teu ninggalkeun tradisi karuhunna, utamana macakeun dongéng-
dongéng ngeunaan karuhunna ka budakna.
29
Dumasar kana pedaran di luhur dongéng téh loba mangpaatna, lian ti méré
hiburan, dongéng bisa méré atikan ngeunaan kasabaran, silih asih, silih tulungan,
silih ajenan, nuwuhkeun rasa kawani jeung sajabana. Tetela dongéng téh gede
mangpaatna keur psikologi budak. Luyu jeung pamadegan psikiater Bruno
Bettelheim dina Made Taro (www.cybersastra.com) yén dongéng téh mangrupa
kabutuhan vital barudak. Ku kituna, dongéng perlu pisan dipikawanoh sarta
ditepikeun ka barudak.
Dumasar kana pedaran di luhur tetela yén dongéng téh kacida pentingna,
miboga pungsi atikan, pungsi hiburan, jeung pungsi sosial.
2.4 Unsur Budaya dina Dongéng
Kecap kabudayaan asal tina basa Sansekerta buddayah, nyaéta wangun
jamak tina buddhi nu hartina budi atawa akal. Jadi kabudayaan secara harfiah
ngandung harti sagala rupa hal anu patalina jeung akal.
Kabudayaan mangrupa hasil tina pikiran jeung paripolah balarea, boh di
kelompok masarakat nu tangtu boh ku sakabéh bangsa. Ku kituna sistim sosial
budaya mibanda unsur-unsur nu sarua (universal) dina sakabéh kabudayan nu aya
di dunya.
Pikeun nalungtik unsur budaya nu nyampak di hiji masarakat, bisa
dipaluruh ngaliwatan hasil karya sastrana. Hasil karya sastra umumna mangrupa
ébréhan pikiran dina mangsa digelarkeunana éta karya. Tangtuna baé di jerona
miboga unsur-unsur budaya anu dipaké di masarakatna harita. Ieu hal luyu jeung
pamadegan Sukada (1987:101) anu nétélakeun yén
30
“dongéng nyaéta hiji hasil sastra lila (folktale) anu sacara lisan hirup
leuwih jero, atawa mangrupa bagian dina hiji kabudayaan daérah sabudeureunana.
Tetela ngaliwatan karya sastra bisa kapanggih unsur budaya anu aya di
masarakat.”
Sastra lisan dina hal ieu dongéng mangrupa salah sahiji hasil karya sastra
anu gelar di masarakat, bisa dipaluruh ngeunaan unsur budaya anu nyampak dina
kahirupan masarakat nu ngagelarkeunana. Ku kituna dongéng mangrupa bagian
tina sistim kabudayaan anu miboga ajen-inajen anu luhung dina hiji masarakat.
Ieu hal luyu jeung nu diebrehkeun ku Semi (1984:69) yén “carita masyarakat
mangrupa hiji kabeungharan balarea anu lahir dina dasar dorongan pikeun
komunikasi jeung sasama.” Dina jero sastra masarakat atawa sastra lisan,
ngahasilkeun kréatipitas basa pikeun ngawujudkeun ajen-inajen nu aya di jero
masarakat.
Dongéng mangrupa bagian tina kabudayaan. Ku kituna, ngaliwatan
dongéng bisa dipaluruh unsur-unsur budaya nu nyampak ti mimiti jaman
digelarkeunana éta dongéng. Salian ti éta, dongéng mangrupa sarana atawa média
nu bisa dipaké pikeun ngawariskeun ajen-inajen budaya nu aya di hiji masarakat.
Unsur-unsur budaya nu universal mangrupa eusi tina sakabéh kabudayaan nu
aya di dunya. C.Kluckholn dina Simantjuntak (1999:24) nétélakeun yén unsur-
unsur budaya anu lumaku disakabéh budaya aya tujuh ieu di handap.
1) Sistim kapercayaan atawa religi;
2) Sistim kakerabatan jeung organisasi sosial;
3) Sistim pakasabah;
31
4) Sistim téhnologi jeung pakakas;
5) Sistim basa;
6) Sistim kasenian;
7) Sistim élmu pangaweruh.
Nurutkeun B. Malinowski dina Sulaeman unsur kabudayaan nu aya
didunya nyaéta saperti ieu di handap :
1) Basa;
2) Sistim téhnologi;
3) Organisasi Sosial;
4) Sistim pakasabah;
5) Sistim élmu pangaweruh;
6) Religi;
7) Kasenian.
Tina tujuh unsur budaya di luhur, dina ieu panalungtikan dipaluruh lima
unsur budaya, saperti anu ditetelakeun ieu di handap.
1) Sistim kapercayaan atawa religi
Sakabéh aktipitas manusa nu aya patalina jeung kapercayaan/réligi, nu
didadasaran ku hiji geteran jiwa nu disebut emosi keagamaan atawa religious
emotion. Aya nu boga sawangan yén réligi téh nyaéta agama, pikeun nu
ngagemna, tapi aya ogé anu nyebutkeun yén agama nyaéta sakabéh sistim
religi nu sacara resmi diakui ku nagara.
32
2) Sistim kakerabatan jeung organisasi sosial
Sistim sosial nyaéta sistim kelompok sosial dumasar kana umur, jenis
kelamin, jeung hubungan kakerabatan. Sedengkeun organisasi kamasarakatan
nyaéta patalina indipidu atawa kelompok indipidu dina kahirupan nu geus
matok, puguh aturanana.
3) Sistim pakasaban
Nurutkeun para ahli antropologi dina Simanjuntak (1999:27) sistim
pakasaban tina sakabéh kabudayaan ieu di handap.
a. Moro jeung ngaramu;
b. Nernak;
c. Nandur di kebon;
d. Newak lauk; jeung
e. Nandur jeung neteup sareng irigasi.
4) Sistim téhnologi jeung pakakas
Sistim téhnologi jeung pakakas di dieu nyaéta sakabéh pakakas anu
digunakeun pikeun nyumponan kahirupan sapopoé. Mimiti manusa nyieun
pakakas pikeun kapentingan sapopoé estu basajan pisan. Biasana éta pakakas
dijieunna tina batu jeung kai.
5) Sistim kasenian
Kasenian dibagi jadi tilu bagian nyaéta:
a. Seni rupa (patung, relief, rias, lukis jeung gambar);
b. Seni pertunjukan (tari, drama, vocal jeung instrumental);
c. Seni satra (prosa jeung puisi).
Recommended