Upload
yayu-sri-rahayu
View
46
Download
0
Embed Size (px)
DESCRIPTION
bahasa sunda
Citation preview
CARITA BABAD
Carita Babad/ sajarah nyaéta carita anu dumasar kana kajadian sajarah. Dongéng
Babad/ sajarah nyaéta nyaritakeun kajadian atawa jelema nu ngandung unsur sajarah.
Dongéng babad/ sajarah, unsu-unsur kasajarahanana téh henteu jelas jeung teu bisa dicekel
faktana, sabab ngandung unsur pamolahan téa.
1. Pancakaki
- Anak, turunan kahiji
- Incu, turunan kadua
- Buyut, anakna incu
- Bao, anakna buyut
- Udeg-udeg, anakna janggawareng, incuna bao
- Janggawareng/ canggahwareng , anakna bao
- Kait siwur/ gantung-siwur, anakna udeg-udeg
- Bau sinduk, anakna gantung-siwur
2. Istilah séjénna dina pancakaki
- Bapa, lalaki nu boga anak, salaki indung
- Indung, awéwé anu boga anak, pamajikan bapa
- Aki, bapana indung atawa bapa
- Nini, indungna bapa atawa indung
- Adi, dulur sahandapeun
- Lanceuk, dulur saluhureun
- Emang/ Amang/ Paman, adina bapa/ indung (lalaki)
- Bibi, adina bapa atawa/ indung (awéwé)
- Ua, lanceukna bapa/ indung
- Alo, anak lanceuk
- Suan, anak adi
- Kapiadi, snskns emang/ bibi
- Kapilanceuk, anakna ua
- Adi beteung, adina pamajikan/ salaki
- Dulur teges, dulur enya saindung sabapa
- Indung téré, pamajikan bapa tapi lain nu ngalahirkeun urang
- Bapa téré, salaki indung tapi lain nu ngalantarankeun urang lahir.
- Anak téré, anak sampakan ti salaki/ pamajikan
- Dulur patétéréan, anak indung téré/ bapa téré
- Cikal, anak panggedéna
- Pangais bungsu, anak pang leutikna.
- Baraya, sakur anu aya pakuat-pakaitna pancakaki
- Karuhun, luluhur, jalma-jalma nu kungsi aya urang, nu ngarundaykeun urang.
- Dahuan, lanceuk salaki/ lanceuk pamajikan